Bagikeun ka Lapak Facebook

Beber LayarJumaah, 18 Juli 2014 02:24

Surat Nembrak keur Tim Berners-Lee

Ku Dadan Sutisna
SN
Dadan Sutisna [Potret: Dhipa Galuh Purba]

Amang, kumaha damang? Mugia salawasna Amang handap asor, cara méméhna. Kaayaan dunya maya, kawas nu kasaksian ku Amang, tambih haneuteun deukeut-deukeut kana harénghéng. Da jeung enyana, mun taya Amang, can tangtu aya Google, Facebook, Twitter, jeung sabangsana. Bari apan Amang mah teu ieuh hayang dipikawanoh. Amang mah teu hayang populér, najan saenyana mah bisa. Amang kawas teu hayang lubak-libuk rajakaya, najan saenyana mah bisa.

 

Ayeuna, réa pisan nu maké hasil gawé Amang téh, atawa cék cohagna, milu ngeruk untung tina kapunjulan uteuk Amang. Basa uing meunang béja yén taun kamari Mark Zuckerberg jadi donatur nu pangbéréhanana sadunya—tangtu tina ladang Facebook—uing mah bet ujug-ujug ras wé ka Amang. Kacipta étah, mun hasil karya Amang dipaténkeun, tuluy Amang netepkeun royalti ka sakur nu nyieun jeung maké website, weuh... moal teu nepi ka bulan tah gundukan duit Amang. Tapi apan Amang mah bangun teu mikiran hak cipta. “Pék baé rék diparaké mah,” kitu meureun cék Amang téh.

 

Nya kitu geuning sipat Amang mah: basajan, embung katangar, tapi teu eureun digawé. Bulan ieu uing rada ngalimba. Amang téh apan ulang taun nu ka-59, patutur-tutur jeung umur wéb nu geus nyorang dua dasawarsa. Aya sawatara média online nu ngamuat berita Amang, ngan ku urang Indonésia mah teuing dibaca teuing henteu, Mang. Da mani seuseut nu ngomén kana éta berita téh, jajauheun ka ngawilujengkeun atawa nganuhunkeun mah. Padahal maranéhna bisa muka Internét, bisa Pésbukan, bisa Twitteran, bisa ngomén jeung nepikeun uneg-unegna, sasatna mah maké hasil kaparigelan Amang. Da uing mah wani tumpangan, Mang, moal aya Facebook mun euweuh wébsite. Moal aya nu nyieun kapal mun euweuh laut.

 

Ah, kétang, da Amang mah moal mikiran nu kararitu. Henteu umangkeuh ku jasa sorangan. Padahal Amang pisan nu nyieun jalan parobahan dina tompér abad 20 téh. Ngarobah mahluk internét nu tadina éksklusif jadi prah bisa dipaké ku saha waé. Ngarobah pola komunikasi nu tadina statis jadi dinamis, nu tadina individual jadi babarengan. Nu leuwih penting, naratas gudang élmu, milyaran website jadi puseur arsip pangrongkahna sapanjang sajarah manusa. Ladang késang Amang téh teu béda ti rawayan pikeun ngamparkeun keretas, bisa ditulisan ku saha waé, bisa dieusian ku naon waé. Tangtu panjang teuing mun uing nyebutan jasa-jasa Amang dina dunya Internét. Ngan nu puguh mah, urang lembur ayeuna geus bisa update status ti pacilingan, bari awong-awongan yén nu ditulisna bakal kabaca ku saeusi dunya.

 

Nu rék ditepikeun ka Amang, sasatna ngabéjaan bulu tuur, da Amang gé tangtu milu nyaksian, boa-boa keur bari mésem, unggut-unggutan, atawa béh dituna kumecrék. Tujuan Amang nyieun wéb téh tangtu keur kamaslahatan, méré lahan nu universal geusan nembrakkeun sakur karancagéan manusa. Dua puluh taun katukang, Amang boa geus boga pirasat, yén hiji mangsa baris nepi kana puncakna: masarakat informasi. Ayeuna geus mimiti karasa héabna, pangpangna saprak réa nu nyieun média sosial dina jalan nu ditaratas ku Amang. Ti dinya geuning, Mang, réa masarakat nu saenyana teu siap ancrub kana parobahan média. Teu siap lantaran kurang maca, teu siap nyanghareupan “nu béda”. Teu siap mawa “budaya nu hadé” témbongkeuneun ka balaréa.

 

Kiwari mah apan nu disebut produksi, distribusi, jeung manipulasi informasi téh geus jadi lalab rumbah tur bisa dipigawé ku saha waé. Fungsi budaya dina masarakat informasi téh pikeun naker hadé-goréngna hiji béja, henteu langsung dilegleg kitu waé. Mun henteu asak tinimbangan, henteu dibeuweung-diutahkeun, henteu ngadék sacékna nigas saplasna, nepi ka iraha gé moal bisa ngahargaan kana eusi sirah batur. Éta téh sigana kajadian di nagara uing, Mang. Pangpangna dina usum pilprés. Uing geus hésé ngoréhan informasi nu gembleng, média sosial dipaké hog-hag marebutkeun paisan kosong—sakapeung nyebarkeun informasi palsu, ari média mainstream dipaké lahan keur ningkatkeun trafik pikeun ngeruk kauntungan.

 

Nya kitu Mang, dina bulan ieu mah, unggal uing bray muka jagatmaya, nu katémbong téh ukur dua: jalma nu digogoréng dipépéhék nepi ka tai-taina, jeung jalma nu diugung-ugung alah batan ka nu agung. Ah, da kitu cenah dina pulitik mah, ukur usum-usuman, engké gé répéh sorangan. Ngan, lantaran masarakat di urang (uing meureun) mah masih kénéh séngsérang panon ka nu ngaranna téknologi téh, katambah kedul maca jeung langka nu mikir kritis, antukna nya pabeulit kawas ayeuna. Ah, keun wé nya Mang, da apan cenah masarakat di urang mah geus palinter.

 

Saenyana mah, Mang, uing nulis ieu surat téh lain lantaran opénan kana urusan batur, ngan milu ngangres ku babaturan uing nu enya-enya maké média Internét keur kapentingan nu leuwih jembar. Pan dina lahan beunang ngamparkeun Amang téh, aya nu keur jihad budaya, jihad téknologi, nguruskeun sual atikan, jsté. Tapi tuluy ngalelep ku urusan pilprés.

 

Réa kénéh nu hayang ditepikeun téh, Mang, ngan uing kaburu tunduh. Ngan mun nyaritakeun piala dunya, sihoréng aya hiji pamaén nu ngaranna sarua di unggal tim. Uing gé kakara engeuh ka dieunakeun, sabada diharéwosan ku Mang Uja tatangga uing. Éta pamaén nu sarua téh, sok cicing waé di bangku cadangan. Ngaranna téh Si Hublot.

 

Aéh, enya, uing nepi ka poho nganuhunkeun, téknologi beunang nyieun Amang téh, sok dipaké deuih ku uing keur néangan rejeki. Alhamdulillah, najan lebaran tangéh kénéh, uing téh geus bisa mésér calana lévis kawé dua.

 

Sakitu heula, Mang, hiji waktu sambung deui.

Sisi sawah wanci janari. Uing.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...