Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaPedaran Basa SundaKemis, 10 April 2014 06:03

Sangkan Jadi Pinunjul Pasanggiri Maca Sajak; Catetan Pasanggiri Sajak “Riksa Budaya Sunda 2014”

Ku Dhipa Galuh Purba
SN
Seli Desmiarti, pinunjul pasanggiri maca sajak [Potret: Agus Bebeng]

Kahijina,  ngahaturkeun nuhun ka Hima Pensatrada UPI Bandung, salaku Panitia ”Riksa Budaya Sunda (RBS) 2014” anu geus méré kapercayaan ka kuring minangka salahsahiji juri dina Pasanggiri Maca Sajak. Sajeroning lumangsung RBS anu digelar saban taun, kuring meunang kapercayaan mancén jadi juri  RBS anu katilu kalina.

Kahiji, RBS 2008 anu digelar 7 April, Pasanggiri Maca Sajak  Tingkat SMP/ MTS jeung tingkat SMA/ MA di Gedung PKM Kampus UPI Bandung. Ngajurian tingkat SMP dibarengan ku dua juri séjénna, Ano Karsana jeung Agus Suherman. Demi ngajurian tingkat SMA dibarengan ku dua juri séjénna, Ayi Kurnia jeung Agus Suherman.

Kadua, taun 2009, anu lumangsung 19 Maret 2009 di tempat nu sarua, kalayan  tingkat patandang anu sarua, nyaéta  SMP jeung SMA, kalayan dibarengan ku dua juri séjénna,  Rizal Sabda jeung Budi Rahayu Tamsyah.

Dina taun 2009, kungsi dua kali ngajurian lomba sajak Sunda di UPI. Acara anu hiji deui mangrupa pasanggiri maca sajak keur tingkat umum anu diayakeun rampak gawé Disbudpar Propinsi Jabar jeung Hima Pensatrada UPI Bandung,  19 Februari 2009, dina raraga mapag Poé Basa Indung. Harita mah dibarengan ku dua juri séjénna,  Godi Suwarna jeung Soni Farid Maulana.

Tina sababaraha kali meunteun pasanggiri maca sajak, bisa dicindekeun yén ti taun ka taun téh umumna para patandang mibanda kahéngkéran anu sarupa. Anu diajén dina pasanggiri maca sajak téh tara leupas tina tilu rupa perkara: wirahma, wirasa, jeung wiraga. Tapi pikeun ngahontal tilu perkara éta, aya sababaraha hambalan anu kudu diliwatan ku nu rék maca sajak. Hambalan anu klacirina mindeng diliwat téh nyaéta interpretasi naskah sajak, atawa neuleuman eusining sajak, kaasup nyukcruk kasangtukang sajak.

Dina pasanggiri RBS anu para patandangna ti sakolaan, tangtu baé ngalibetkeun guru anu ngaping. Paralun teu boga maksud mapatahan guru, atawa nganggap héngkér kana pangaweruh guru basa Sunda dina ngajarkeun maca sajak. Teu pisan-pisan.

Dina Pasanggiri Maca Sajak RBS 2014 tingkat SMP, panitia nyayagikeun opat judul sajak anu bébas pikeun dipilih ku para patandang. Diantarana ”Ilapat” karya Sarabunis Mubarok, ”Lemah Cai” karya Ayatrohaedi, ”Lagu Puja Lemah Cai” karya Odji Setiadji AR, jeung ”Pitaloka” karya Teddy A.N. Muhtadin. Tina opat sajak anu diasongkeun ku panitia, lolobana réa anu milih ”Pitaloka”. Ku kituna, éta sajak rék dijadikeun conto dina ieu bahasan. Mangga tengetan eusining sajak anu judulna ”Pitaloka” karya Teddy A.N. Muhtadin.

 

PITALOKA

 

Hanyir getih sumilir katebak angin

Sora perang ngahuru saban jajantung

Tapi, mangsa lawas anu natrat

bet narémbongan.

Éstu tembres lir gurilap matapoé

na seuseukeut pedang ajal.

 

Diri nu gelar ka alam dunya,

horéng ukur waruga

nu diwayangkeun asih bapa,

asih indung, asih kadang kulawarga.

 

Tali asih nu nalikung tambah réa paméntana.

Diajénan, diméménan,

tapi teu meunang boga pamilih.

 

Karep bapa jadi karep diri kuring,

kacua balaréa jadi kacua diri sorangan.

Hirup mangalir ti Rahim ka Tegal Bubat.

 

Sora perang mumbul ka jomantara,

tapi laju jadi réhé.

 

Kuring surti,

ayeuna,

di Tegal Bubat,

sakabéh tali asih

nu nalikung léngkah kuring geus paragat.

Tapi, moal lana.

 

“Patrem, upama kuring henteu bisa milih jalan hirup.

Ayeuna kuring seja milih jalan pati.”

 

Lélés, 6 Méi 2005

 

Anu munggaran perelu diajarkeun dina maca sajak téh taya lian dina hal wirasa atawa sebut baé penjiwaan. Pikeun nyumponan wirasa, tangtu kudu mikawanoh heula eusining sajakna. Pikeun neuleuman eusining sajak, léngkah kahiji nyaéta nyukcruk heula kasangtukang sajak anu rék dibaca.

Patali jeung sajak ”Pitaloka”, jelas ieu sajak napak dina sajarah, taya lian Palagan Bubat, anu lumangsung poé Salasa, 13 Paropeteng, Bulan Bhadrawada, taun 1278 Saka atawa 4 September 1357 Masehi. Ku kituna, perelu diguar heula sajarah palagan bubat, sakurang-kurangna ringkesanana.

Sanajan anu dicaritakeunna nyoko kana tokoh ”Citraresmi Diah Pitaloka”, tapi siswa anu rék maca ieu sajak perelu pisan diajakan ngadongéng, ku cara ngalalakonkeun éta tragédi bubat.  Kalintang hadéna upama ngalalakonkeun miangna Prabu Maha Raja Lingga Buana, Prameswari Dewi Laralisning, katut rombongan karajaan Sunda Galuh anu ngajajap calon praméswari Majapait Citraresmi Diah Pitaloka.

Nelasan pati ku diri sorangan atawa bunuh diri téh lain pagawéan anu hadé. Mangkaning dina éta sajak, natrat pisan tokoh Pitaloka nelasan dirina sorangan ku cara nubleskeun patrem ku dirina sorangan: “Patrem, upama kuring henteu bisa milih jalan hirup, ayeuna kuring seja milih jalan pati.” Kalintang melangna upama siswa nu maca ieu sajak henteu dibéré pamahaman kasangtukang pangna Pitaloka nelasan diri ku cara maéhan manéh.

            Bener, maéhan manéh lain pagawéan anu hadé. Tapi kaayaan Pitaloka harita ukur aya dina dua pilihan: serah bongkokan ka Gajahmada atawa mertahankeun ajéndiri urang Sunda, pangpangna wanoja Sunda. Ibu ramana katut jurit Sunda Galuh tos gugur. Hartina Pitaloka bakal dicerek ku Gajah Mada, tur dihaturkeun ka Raja Hayam Wuruk minangka upeti, tur mangrupa simbol talukna karajaan Sunda ka Majapait. Nya, dina kaayaan siga kitu, harita Pitaloka milih nyabut patrem tina rambutna, sarta nelasan pati ku cara nubleskeun patrem kana awakna. Patrem téh tusuk sanggul. Jadi, upama aya siswa nu nyabut patrem tina cangkéng, pasti tacan wanoheun kana lalakon palagan bubat.

            Tina lalakon Palagan Bubat, bisa dicokot kacindekan yén lalakon ”Pitaloka” téh mangrupa tragédi. Ku kituna, nu rék maca sajak geus boga bekel enggoning ngajiwaan éta sajak Pitaloka. Tina wirasa, tangtu baé bakal ngaléngkah kana wirahma atawa téhnik macana. Maca sajak teu béda jeung nyanyi, ngandung wirahma. Aya mangsana ngagalindeng, aya mangsana ngagorowok ka luar diri nu maca sajak, atawa ngagorowok ka jero dirina. Naék atawa turun nada sora, gumantung kana kecap-kecap anu nyampak dina sajak. Ku lantaran sajak mah eusina pepek, mangka saban kecap perelu diteuleuman. Contona dina kalimah”Sora perang mumbul ka jomantara”. Nu maca sajak bisa ngagorowok ku sora nu harus, lantaran mubul ka jomantara tangtuna ogé kacida harusna. Tapi dina kalimah saterusna: ”tapi laju jadi réhé”, kurang merenah lamun masih kénéh ngagorowok, lantaran patukang-tonggong jeung kecap ”réhé” atawa simpé. Intina, naon rupa anu dikedalkeun ku panyajak, kudu wanoh kana hartina jeung maksudna. Coba sakali-kali diteuleuman upama, misalna, cara maca sajak Godi Suwarna, Ayi Kurnia, atawa Iman Soléh. Rék ngaharéwosm rék ngagalindeng, rék ngagorowok, artikulasina tetep kajaga.

            Para patandang maca sajak RBS umumna geus mibanda bekel nu hadé dina ngolah vokal. Malah aya diantarana anu mibanda power atawa kakuatan vokal anu hébat. Ku kituna, lebar pisan palebah dina ngalarapkeunna kurang merenah. Anu kuduna ngagalindeng kalah ngagorowok, atawa sabalikna. Hal ieu téh ku lantaran henteu nyangkem kana eusining sajak tur aya ogé diantarana anu teu pati ngarti kana naon anu diucapkeunana. Ngagorowok ku sora nu harus bari teu miduli artikulasi (écésna atawa kajelasan ngedalkeun kecap), malah jadi henteu kahontal dina nepikeun  eusining sajak.

            Sabada nyangkem wirasa jeung wirahma, kakara ngaléngkah kana wiraga. Teu bisa henteu, ieu mah kudu latihan olah tubuh. Ngadalikeun awak mangsa maca sajak lain pagawéan énténg. Leungeun nu nyepeng lambaran sajak, naha rék saterusna panceg nyepeng keretas atawa bari pepeta. Rék kumaha suku? Beungeut rék malik ka hareup saterusna atawa mangsana ngalieuk ka kénca atawa katuhu? Tug nepi ka sorot panon ogé bisa mangaruhan. Antara neuteup, mencrong, melong, molotot, muncereng, peureum, tangtu kudu diluyukeun jeung eusi sajak. Tina wirasa jeung wirahma bakal ngalahirkeun ekspresi, anu bisa digambarkeun tina paroman jeung ketak. Urang mindeng ngadpngé kecap ”Ekspresi Jiwa”. Nu kumaha ari ekspresi jiwa téh? Mémangna jiwa bisa kaciri? Tangtu baé nu bisa ngawakilan éksprési jiwa téh sora, paroman, jeung ketak awak.

            Pikeun anu tacan pati kalatih awakna, leuwih hadé ulah réa ceta. Sabab, anu tacan kalatih mah biasana tara bisa dikadalikeun, tur antukna kalah ngaganggu kana wirahma. Leuwih parnana, gerakan anu teu penting malah ngalantarankeun ningnang nyaksianana atawa nimbulkeun kesan over ékting. Komo deui lamun sajakna henteu ngajurung pikeun réa ngobahkeun awak.

Dina Pasanggiri Maca sajak Tingkat SMA, panitia RBS ogé nyayagikeun opat judul sajak Sunda anu bébas pikeun dipilih ku para patandang. Diantarana ”Rampé Astana” karya Rizal Sabda, ”Perugia” karya Acép Zamzam Noor, ”Jantung-jantung Nu Jarogéd” karya Eriyandi Budiman, jeung ”Karéta Nu Terus Kebat” karya Hadi AKS. Para patandang lolobana milih sajak ”Karéta Nu Terus Kebat”. Ku kituna, ieu sajak rék dipaké conto pikeun bahasan dina ieu catetan.

Mangga diuningaan sajak ”Karéta Nu Terus Kebat” karya Hadi AKS

 

KARÉTA NU TERUS NGEBAT

 

Naha ieu karéta bet terus nyemprung

dina peuting hideung meredong? Kapan urang geus gilig

indit bari mikul pangharepan. Miang jeung tanaga panyésaan

jeung késang nu saat kari tapakna. Urang nyingkah

nyiar lembur nu ngempur kénéh ku bulan. Nyusul taneuh

nu beueus juuh cinyusu. Di dieu di lelemahcai pangancikan

geus euweuh lahan satapak jeung langit satiung

pikeun nyenghap sarénghapan

 

Tapi terus mangprung ieu gerbong, ngahudangkeun

kakeueung nu tingjuringkang. Beurang deui peuting deui

nyeák ka ditu ka tebéh wétan kawas rék muru balébat.

Lebah mana ari halteu pangeureunan? Taya nu bisa nuduhkeun

da puguh henteu kaimpleng lebah mana urang reureuh.

Balok demi balok, sasak beusi nu ngadingding

torowongan nu manjangan, lulurung-lulurung waktu

jeung sinyar-sinyar abad nu hurung

geus kalarung kaliwatan

 

Karéta terus ngahégak mapay rél ka tepis wiring,

gumuruh nyorang lembur demi lembur nu arahéng.

Di saban jandéla, urang ngan bisa reuteum nénjo bumi

panineungan. Pakebonan tingrunggunuk jadi beton

Pasawahan tinggurilap jadi waja. Walungan mudal ku sarah,

bangké orok reujeung rungkang tatangkalan. Jalma-jalma

rajeg ngarelun jadi haseup nu harideung, anteng nyakaran

pasir gudawang jeung gunung-gunung nu daroyong.

Rék kebat ka mana ieu karéta?

Taya nu nyoara!

 

2010

 

Sakumaha anu dilakukeun kana sajak ”Pitaloka”, léngkah kahijina kudu ngabedah ieu sajak. Ieu sajak henteu dikaitkeun sacara husus kana hiji lalakon sajarah, tapi tetep ieu sajak mangrupa sajarah potrét réalitas kahirupan, anu nepi ka kiwari masih tetep aktual. Karéta dina ieu sajak, lain karéta nu ngandung harti saujratna. Bisa jadi simbol tina kahirupan. Karéta nu terus ngebat, métafora tina kalumangsungan lalakon hirup. Lajuna karéta, lajuna lalakon kahirupan. Rék kamana kebatna karéta, rék dibawa kamana ieu lalakon kahirupan.

Écés mangrupa kritik sosial kana kaayaan jaman,  protés ka nu pamaréntah anu henteu  adil dina ngokolakeun kahirupan. Panyajak motrét kahirupan tahayat leutik, anu disilokakeun numpak gerbong karéta. Rahayat nu katideresa dina satungkebing kahirupan anu ti poé ka poé méh taya robahna.

Pangna milih gerbong karéta, bisa jadi ku lantaran karéta kaasup angkutan masal anu sasarina dimangpaatkeun ku masarakat kelas handap, paling copélna kelas menengah. Tangtu baé karéta kelas ékonomi anu pasesedek hésé usik. Sabab ari kelas eksekutif atawa kelas bisnis mah, nu narumpakna bisa jadi réa jelema jegud. Intina ieu sajak mangrupa jumeritna rahayat leutik nu katiderasa ku kaayaan jaman. Bisa kingkin, tapi ogé ngandung amarah.

Sabada nyangkem maksudna, tangtu nu rék maca sajak bisa ngajiwaan. Léngkah saterusna sarua baé, nyaéta kana wirahma. Kumaha cara macakeunana. Luyukeun nada sora jeung kecap atawa kalimah anu dibacakeun. Atuh dina wiraga ogé sarua baé prakprakanna jeung anu ditulis saméméhna.

Tapi minangka tambahanna, nu rék maca sajak ieu sakurang-kurangna kudu wanoh kana karéta. Kungsi ningali karéta maju. Leuwih hadé deui lamun kungsi naék karéta. Sabab, sanajan karéta dina ieu sajak mangrupa métafora, tapi tetep baé dina ngaéksprésikeunna kudu nyaluyukeun jeung karéta dina harti saujratna. Ieu panyajak kalintang seukeut milih karéta pikeun simbul lalakon kahirupan. Sabab, karéta maju ngabelesat lir lajina kahirupan anu ti wanci ka wanci méh teu karasa. Nyaho-nyaho geus sakola. Nyaho-nyaho geus réngsé kuliah. Nyaho-nyaho geus boga anak. Nyaho-nyaho geus pikun.

Sanggeus nyaksian atawa ngarasakeun numpak karéta, panyajak ogé kudu bisa ngukur gancangna laju karéta dina ieu sajak. Naha bisa diukur? Bisa pisan. Dina bait kahiji, karéta majuna gancang. Anggap misalna 200 KM/ jam. Lantaran aya kalimah ”nyemprung”. Dina bait kadua, leuwih gancang batan bait kahiji. Anggap wé misalna jadi 300 KM/ jam. Lantaran aya kecap ”leuwih mamprung”. Hartina, leuwih gancang batan nyemprung. Tapi dina bait katilu mah lajuna karéta téh pasti ngalaunan. Bisa baé jadi 100 KM/ jam atawa kurang. Lantaran aya kalimah ”Karéta terus ngahégak”. Omat, najan ngahégak, ieu karéta henteu eureun. Ilikan baé kalimah saterusna: ”mapay rél ka tepis wiring, gumuruh nyorang lembur demi lembur nu arahéng...” Maju, tapi laun. Salaun-launna karéta, tangtu moal leuwih laun ti beus kota.

Pereluna ngukur kagancangan karéta téh patali jeung cara maca katut nyaluyukeun ketakna awak. Contona dina awal bait kadua: ”Tapi terus mangprung ieu gerbong...” tangtu macana kudu rada gancang. Bakal ningnang karasana lamun dibaca kalayan antaré. Ongkoh mangprung tapi  macana antaré. Hartina éta sajak teu dijiwaan. Bisa rada antaré mah dina awal bait katilu: ” Karéta terus ngahégak mapay rél ka tepis wiring..”

 

Ngahariring Dina Maca Sajak

Naha kaci lamun dina séla-séla maca sajak ngahariring atawa nyanyi? Kaci pisan, ari luyu jeung sajakna mah. Malah hadé pisan lamun ku ngahariring bisa leuwih ngawewegan karakter sajak anu dibacakeun. Rék halimpu rék silung, ari luyu mah jeung sajak anu dibacakeunna, kaci tur hadé. Sabab, éta mah bagéan tina improvisasi atawa kréativitas panyajak. Leuwih kréatif, nya tangtu baé leuwih hadé satungtung mawakeunna nyari mah.

Pasanggiri Maca Sajak RBS Taun 2008, di tingkat SMP, anu kapilih jadi pinunjul kahijina nyaéta Setra Pramudita ti SMPN 1 Balééndah. Inget kénéh, kapunjulan Setra dina maca sajak téh utamana dina palebah wirasa atawa penjiwaan jeung wirahma. Dina séla-séla maca sajak, aya sababaraha kalimah anu ditembangkeun. Kabeneran galindengna keuna pisan tur ngawewegan sajak anu dibacakeunana. Sigana harita Setra kelas 3 SMP. Sabab, dina taun 2009, Setra miluan deui pasanggiri Sajak RBS, kalayan ngawakilan SMKN 10 Bandung. Dina taun 2009, kualitas Setra dina maca sajak teu pati robah. Sigana kurang latihan jeung kurang anu ngaping. Kilang kitu, modal dina dirina geus kaitung cukup, ditambah ku némbongkeun kamonésan séjén dina nembang.

Setra Pamudina, nyajakna henteu leuwih hadé ti taun saméméhna, anu antukna kudu sugema jadi pinunjul kadua. Kilang kitu, pangaweruhna dina widang tembang Sunda, karasa leuwih asak, najan nembang ukur sakolébatan. Dina hiji poé, taun 2013, panon manco kana layar TVRI Jabar, anu keur nayangkeun acara tembang Sunda. Disidik-sidik, teu salah, nu keur nembang dina tivi téh Setra Pramudita, anu tangtu baé ceuk itungan mah geus lulus ti SMKN 10.

Salian ti Setra Pramudita, anu masih nganteng dina ingetan patali jeung hariringna dina séla sajak, nyaéta Seli Desmiarti. Ieu panyajak, bisa dipastikeun bakal ngagalindeng tembang Sunda dina satengahing maca sajak. Calakanna Seli palebah milih sajak anu rék dibacakeunna. Diluyukeun jeung karakter sora vokalna, sarta milih sajak anu merenah lamun diselapan hariring tembang Sunda.

Seli Desmiarti leuwih senior ti Setra Pramudita. Dina dua kali pasanggiri, Seli geus jadi mahasiswa UPI, Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonésia. Teuing sabaraha kali Seli miluan pasanggiri maca sajak. Tapi ari anu dijurian ku kuring mah dua kali. Kahiji, taun 2008 (18 Februari) di GGM, anu diayakeun ku Disparbud Jawa Barat. Harita kuring ngajurian kalayan dibarengan ku Yusef Muldiana jeung Dian Hendrayana. Harita, Seli jadi pinunjul kadua. Saterusna dina taun 2009, pasanggiri anu Disparbud Jabar anu diayakeun di UPI: kuring, Godi Suwarna, jeung Soni Farid Maulana, sapuk milih Seli Desmiarti minangka pinunjul kahiji. Kadieunakeun kakara nyaho, yén Seli téh budakna Neneng Dinar, juru tembang Sunda anu kasohor. Paingan atuh Seli kabawakeun nembang atuh.

Tapi nyelapkeun tembang dina maca sajak, lain hiji-hijina kamonésan nu matak narik ati. Nu leuwih penting mah tilu hambalan anu kudu dilakonan saméméh prung maca sajak: Ngajiwaan sajakna, merenahkeun wirahmana, jeung ngatur wiraga. Contona, dina Pasanggiri Maca Sajak Tingkat RBS taun 2009, tingkat SMP, kuring kataji pisan ku kapunjulan maca sajak Sri Guntari, anu harita ngawakilan SMPN 1 Lémbang. Sri Guntari Teu nyelapkeun tembang. Harita, kuring, Budi Rahayu Tamsyah, jeung Rizal Sabda sapuk pisan milih Sri guntari jadi pinunjul kahiji. Sababaraha taun ti harita, kuring nyaksian deui Sri Guntari maca sajak di hareupeun Gedong Saté jeung Gedong DPRRI, dina démontrasi ngagugat Kurikulum 2013. Tapi harita mah Sri Guntari lain siswi SMP, da geuning geus maké jas almamater UNPAD. Teu karasa lajuna waktu, siga karéta dina sajak Hadi AKS. Sri Guntari nu kamari ieu budak SMP, kiwari mah geus meujeuhna dibogohan.

Ieu catetan bakal dipungkas ku hiji pananya: Para jawara maca sajak téh rék diarantepkeun kitu baé? Seli, Setra, Sri Guntari, jeung jawara-jawara lianna,  kuduna réa dibéré ruang pikeun mintonkeun maca sajak dina rupaning acara kasundaan. Lamun para juara maca sajak diantepkeun, nya antukna maca sajak téh ukur sawates dina pasanggiri.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...