Bagikeun ka Lapak Facebook

Beber LayarSenén, 31 Maret 2014 22:24

Ngawayangkeun Dalang

Ku Miftahul Malik
SN
Miftahul Malik [Potret: Maruta Bayu]

DALANG jaman ayeuna kurang gaul. Kitu di antarana anu ditepikeun ku Sastrawan Godi Suwarna dina acara Santikaning Dalang anu digelar di Gedong Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Jl. Naripan, Bandung, ti tanggal 1-3 Nopember 2007.  "Malah mah sok asa licik, kuring mah gawé ngan lalajo wayang, tapi mun kuring maca sajak, tara aya dalang nu datang," pokna dibarung ku seuri.  

Kurang-leuwih aya 54 dalang ti  Kota Bandung, Kab. Bandung, Kab. Bandung Barat, Kota Cimahi, Cianjur, Garut, Sumedang, Kota Tasikmalaya, Kab. Tasikmalaya, jeung Majalengka. Para dalang mangrupa peserta Santikaning Dalang.

Naon ari Santikaning Dalang téh? Santikaning Dalang asal kecapna tina santika, hartina élmu kasatriaan. Jadi, santikaning dalang hartina élmu keur ngatik dalang sangkan masagi lir sinatria. Ku kituna matéri anu ditepikeun ogé nu dibutuhkeun ku dalang. Di antarana jejer "Sawangan Padalangan Kiwari" ditepikeun ku H. Uu Rukmana, "Élmuning Padalangan"  ditepikeun ku H. Anang Permana, "Karawitan"  ditepikeun ku H. Nano S, "Sastra Padalangan" ditepikeun ku Godi Suwarna, "Dramaturgi" ditepikeun ku Bambang Arayana, jeung "Guar Pangalaman" ditepikeun ku dalang kakoncara Cécép Supriyadi, Asep Sunandar Sunarya, jeung Dédé Amung Sutarya.

Anu nanaratas acara Santikaning Dalang téh nyaéta H. Uu Rukmana. Uu nyebutkeun yén dina jaman kiwari dalang diperedih leuwih motekar batan taun 70-an. "Eta ku lantaran dina jaman kiwari pameredih jaman ogé leuwih rohaka. Mun dalang  kurang kréatif  alamat cilaka, dunya padalangan baris kaléléd," kitu pokna Uu. Hiji-hijina jalan, ceuk Uu kénéh, nyaéta ngalegaan wewesén. "Dalang kudu bisa ngigelan jaman, boh dina bagbagan dalang, pon kitu deui dina wewesén pengetahuan umum. Ku cara kitu ngadalang téh moal tiggaleun jaman. Ku cara kitu dunya padalangan baris tetep mekar."

Nurutkeun seniman Nano S., kahengkeran dalang téh nyaéta kurang gaul. Dalang tara kabéjakeun lalajo dalang séjén ngawayang. Atuh teu anéh saupama wewesénna kurang mekar, da teu apal perkembangan padalangan. "Dalang téh seniman nu béda jeung seniman sejen, jarang gaul. Mun dina riungan seniman atawa budayawan, nu jarang katingali téh dalang.  Dalang jaman ayeuna mah kudu loba maca, loba tatanya," ceuk Nano S.

Upama dibandingkeun jeung seniman séjén, dalang mémang kudu ngawasa loba widang seni, saperti sastra, drama, tari, karawitan, atawa kawih. Dina ngadalang, éta sakabéh widang seni téh bisa dipaké. Dina dunya padalangan aya nu disebut tetekon, nyaéta antawacana (kamampuh ngarobah-robah sora), renggep (mampuh nyirep nu lalajo ku pintonan nu hade), engés (bisa ngahudang rasa), tutug (kamampuh dramaturgi), banyol, sabet (kaparigel molahkeun wayang), kawiradya (kamampuh kakawén tokoh-tokoh wayang), paramakawi (apal basa Kawi), amardibasa (mahér ngagunakeun basa), paramasastra (kamampuh sastra), awicarita (pangaweruh carita wayang), jeung amardawalagu (weruh kana lagu).

"Dalang kudu bisa nu dua belas tetekon éta. Mun henteu mahér, minimal apal, rék kumaha ngadalangna," ceuk dalang senior H. Anang Permana. Intina mah dalang téh kudu sagala bisa, sagala nyaho sangkan ngadalang jadi nyari. Dalang  gé kudu apal naon nu keur ngetrend di masarakat, naon nu keur jadi karesep jeung nu dipikabutuh ku masarakat.

Patali jeung tokoh-tokoh dina pawayangan, Nano S. nyebutkeun yén ti mangsa ka mangsa masarakat mikaresep tokoh nu béda. Upamana wae dina taun 20-an, tokoh nu dipikaresep téh Arjuna. Dina jaman kamerdékaan Indonésia, tokoh nu dipupuja téh Gatotgaca. Dina taun 70-an mah punakawan. Ari mangsa ayeuna mah buta.

"Asa anéh, naha masarakat ayeuna resep kana buta. Bisa jadi éta téh réfléksi tina kahirupan bangsa urang nu keur loba muhit  ririwa. Tah, mun dalang teu apal éta kamekaran, rék kumaha bisa nyumponan pangabutuh masarakat. Tepi ka ayeuna mah wayang sajaba jadi tontonan téh ogé masih kénéh jadi tuntunan," kitu ceuk Nano S.

Dalang  Adé K. Sunarya ti Tasikmalaya nétélakeun yén di daerah mah dunya padalangan téh béda jeung di Bandung. Di Tasik, dunya padalangan tetep hirup, ngan teu kawas di Bandung. Adé ogé sok ngarasa anéh mun ngadalang hargana puluh-puluh juta sakali manggung téh. Manéhna mah sakali manggung  paling lima juta, ngadalang gé lolobana mah ukur di pakidulan Tasik. Ceuk Adé, tingkat pergaulan dalang nu aya di daérah mémang  éléh ku urang kota.

Ku kituna nu diperedih dina jaman kiwari téh nyatana kréativitas. Dalang ti mana waé jolna, rék ti kampung rék ti kota, asal kréatif, moal burung  payu. Ngarah kréatif saratna kudu leukeun tatanya jeung bucu-baca. Mun teu bisa ngigelan jaman,  padalangan pasti baris ditingalkeun ku masarakat.

Niténan ngaran-ngaran dalang nu aya dina buku tamu Santikaning Dalang di YPK, asa karasa anéh. Tina 54 peserta, méh satengahna ngaran dalang teh ditungtungan ku "Sunarya"  jeung "Sutarya".  Geus bisa ditebak éta muridna Asep Sunandar Sunarya jeung Dede Amung Sutarya. Keur dalang, ngaran guru téh sarua jeung jimat. Hayang meunang éta ngaran ogé henteu samanéa, jeung teu bisa nyomot kitu wae. Kudu guru nu méréna, sarta éta "gelar" baris dibikeun ka muridna lamun dianggap geus nyumponan sarat pikeun maké éta ngaran. Lebah dieu mah kaharti, sabab nandonkeun citra jeung wibawa guruna. Ku kituna, geus bisa kabaca yén dalang loba nu tacan sanggup mandiri. "Ku cara nambahkeun ngaran guru, hartina acan percaya diri. Kuduna mah tonjolkeun idéntitas sorangan," ceuk Nano S. Nu matak jejer acara Santikaning Dalang téh "Nuwuhkeun Kapanceg, Kamotékar, jeung Kamandirian Para Dalang nu Milaras Jaman". Lamun dalang loba nu tuhu teuing (taklid) ka guru, kaharti. Di dunya padalangan, guru téh sakral, bener-bener kudu digugu jeung ditiru. Cilakana saupama guruna salah, ka handapna ogé tuluy salah. Loba pisan kasalahan para dalang nu tepi ka ayeuna tetep dikukut. Éta téh kusabab guruna salah.

Upama aya dalang nu nyokot popularitas guru, gedé leutikna mangaruhan kana popularitas si murid. Ku cara napelkeun ngaran guru, masarakat jadi leuwih gampang mikawanoh, atuh tungtungna mah loba nu nanggap. "Kuring satuju-satuju waé napelkeun ngaran guru. Ku cara kitu masarakat jadi boga  gambaran mun dalang nu aya ngaran guruna,  siga kumaha ngadalangna, moal jauh ti guruna. Nu teu satuju téh lamun tuluyna taklid ka guru, guru bener murid ngilu bener, tapi mun guru salah, si murid nuluy salah," ceuk Apép. Sok sanajan Apép ngundeur élmu ti para dalang kasohor, tapi manéhna teu ieuh napelkeun ngaran guruna. Hudaya téh ngaran bapana, dalang kasohor di Cikampék, Karawang. Ceuk Apép, nu pangpentingna dina pajamanan kiwari, dalang bisa ngawangun  aksés atawa muka rélasi. Apép, sok sanajan ngora kénéh, tapi tara kakurangan ondangan manggung, sabab loba jaringan nu méré order. Apép gé mindeng nyaba ka luar nagri pikeun ngadalang.

Ku lantaran kurang gaul tea, antukna rélasi ogé jadi heureut. Hal ieu bisa jadi alatan kurangna informasi. Tapi ceuk Godi Suwarna, éta téh teu salawasna bener, matuh di daérah ulah dijadikeun alesan. Kapan koran, tivi, jeung internét téh ayeuna mah geus tepi ka pasisian. "Kahéngkér para dalang umumna di daérah téh nyaéta gaul kurang lega. Mun loba tatanya mah tangtu bakal béda hasilna," ceuk Godi. Sababaraha dalang nyebutkeun ngarasa bingung   kudu kumaha mekarkeun grupna. Babakuna mah kumaha sangkan payu. Loba nu meredih sangkan pamaréntah  nyieun lolongkrang nu lega pikeun kahirupan padalangan.

Tatang Hidayat LA Sunarya ti Banjaran Bandung nyebutkeun, "Ayeuna mah répot pisan, bénten sareng kapungkur, nu ngulem téh sering, ayeuna mah paling sakali dua kali dina sabulan téh. Saur abdi mah kedah aya tarékah ti pamaréntah sangkan seni wayang dilebetkeun ka sakola-sakola," Tatang nu geus ti taun 70 ngadalang téh ngarasa béakeun akal pikeun ngamekarkeun grupna. "Kapungkur mah ngawayang téh tiasa diandelkeun, maké jeung tiasa nyakolakeun sagala, ayeuna mah répot pisan. Untung wé barudak tos malandiri," kitu pokna Tatang. Dalang Adé K. Sunarya ti Lingkug Seni Putra Sukapura, Kawalu Tasik, nyanghareupan pasualan nu sarua, jarang nu ngondang. "Untung wé sok aya ondangan ti Radio Sturada," ceuk  Adé. Untung Adé boga usaha nyieunan sendal. Ceuk Tatang jeung Ade mah kuduna dina Santikadning Dalang téh aya materi manajemén seni. Ku cara kitu paradalang téh bener-bener masagi antara élmu padalangan jeung élmu manajeménna. Salila ieu, paradalang, hususna di daérah, cara masarkeun téh masih ngandelkeun cara tradisional, nyaéta béja pabéja-béja, atawa paling onjoy sistem broker (calo) panggungan. Tapi dina jaman ayeuna, kasenian pop saperti éléktun keur dipigandrung ku masarakat. Dalang kudu boga strategi séjén dina hal  promosi.

Pupuhu Panitia Santikaning Dalang, Gugun Gunardi nétélakeun, "Mémang kudu aya materi manajemen seni. Ngan hanjakal waktuna samporet pisan. Sugan ké dina Santikaning Dalang satuluyna bisa diancokeun," Peserta ogé manghanjakalkeun pelatihan  nu loba teuing tiori. Sok sanajan penting, tapi kurang élmu praktisna. "Kahoyong téh siga workshop, peserta langsung prakték. Upamana waé kumaha cara maénkeun wayang nu sap," ceuk Nana S., Kasi Seni Budaya Disbudpar Ciamis nu maturan para dalang ti Ciamis.

Santikaning Dalang taun ieu leuwih notog kana bagbagan ngadalang, tacan nodél sual manajemén. Tapi naon waé tarékah YPK, gedé mangpaatna pikeun kamekaran dunya padalangan. Tinggal kumaha carana pamaréntah nyiptakeun rohang nu lega pikeun ngetrukkeun kamampuhna. Tina 54 peserta Santikaning Dalang, méh kabéh tumanya ka Asép Sunandar Sunarya kumaha sangkan ngadalang alus. Malah peserta ti Cianjur mah nanyana téh kieu: "Ari Pa Asep mah upami ngabodor téh nu lalajo ger seuri. Ari abdi mah upami ngabodor téh ces, jempling, tiis. Kumaha carana ngarah ngabodor nyari," pokna.

Asép Sunandar nétélakeun, "Ngabodor téh kudu dilatih unggal poé. Ngabodor mah kudu dibiasakeun. Geura pék dina lingkungan imah, peletuk-peletuk ngabodor. Mun nu ngadéngékeun sareuri hartina nyari, mun jarempé hartina bodor urang tiis," kitu pokna. Lebah ngabojeg, Asép mémang jagona. Sagulak-sagilek téh sok jadi pikaseurieun. Nurutkeun Asep, jadi dalang mah kudu remen nengetan kahirupan sapopoé, manusa, sasatoan, atawa tutuwuhan nu bisa jadi sumber inspirasi.

Kalawan daria, Asép nyebutan kahéngkéran-kahéngkéran dalang. Di antaran dalang téh sok ngaruksak lalakon sorangan. Upamana waé keur aya adegan sedih, kurunyung Si Cépot. Teu meunang kitu téh, sabab imajinasi nu lalajo bakal ruksak. Mun suasana keur sedih, antep nu lalajo sina teuleum, mun bisa mah tepi ka milu ceurik. Mun ngadalang hayang alus, nu diudag téh lain waé tempat-tempat tatapa, tapi nu paling penting mah média jeung buku. Hartina kudu réa maca sangkan lega wawasan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...