Bagikeun ka Lapak Facebook

Warta SundaSenén, 31 Maret 2014 22:19

Wafat Poe Ieu

Panineungan Dalang Kakoncara: Asep Sunandar Sunarya

Ku Agah NugrahaMaruta Bayu
SN
Asep Sunandar Sunarya [Potret: Istimewa]

(SundaNews, Bandung) Dalang wayang golék sohor, Asep Sunandar Sunarya, wafat poé ieu, Senén, 31 Maret 2014. Moal bireuk deui ka Dalang Asep Sunandar. Dipikawanoh di kota jeung pilemburan, tug nepi ka mancaranagara. Urang Sunda kaleungitan deui hiji seniman tradisional anu geus nyeungitan tatar Sunda.

Dina Sapanjang taun 1950-an atawa dina mangsa-mangsa  pemancar jeung pesawat  télévisi tacan asup ka nagara urang, aya tilu tontonan anu pangdipikaresep ku masarakat Sunda harita, nyaéta kasenian wayang golek purwa, réog  jeung kendang  penca. Kaharti ari kitu téa mah, sabab masarakat urang harita can manggihan rupa-rupa pilihan hiburan kawas jaman kiwari anu ceuyah ngaliwatan rupa rupa média, hususna éléktronik. Jadi munasabah mun hiji-hijina hiburan téh, nya lalajo kasenian tradisional. Jadi, teu héran mun tilu jenis kasenian kungsi jari primadona tongtonan masarakat Jawa Barat.  

Anu pangpopulérna pintonan wayang golék. Lantaran kasenian wayang mah mangrupa pintonan multihiburan. Aya caritana, igelan, adegan gelut, bobodoran panakawan, palasipah kahirupan katut  haleuang éksotis Nyai Sindén. Ngan tangtu baé anu jadi faktor pangirutna nepi ka bisa nyedot panonton ngabrul hareupeun panggung téh  kudu nohonan dua sarat. Ka hiji, saha  cenah dalangna? Kadua, saha sindénna? Tah, sapanjang taun 50-an téh, aya dua ngaran dalang anu kawentar, R.U. Partasuanda jeung Abah Soenarya (ramana dalang sohor entragan ayeuna, Asep Sunandar Sunarya). Ari sindén pangbekénna harita, saha deui lamun lain Upit Sarimanah jeung Titim Fatimah.

Geus bisa dipastikeun, mun kadéngé béja bakal aya pintonan wayang di hji tempat dinu kaul kariaan ngawinkeun,  bari jeung dalangna R.U. Partasuanda atawa Abah Soenarya, sindénna Upit atawa Titim, wah, lain sisiwo, nu lalajo téh daratang ti unggal madhab, nepi ka noyék hareupeun panggung.

Karesep kana pintonan wayang golék, réog jeung kendang penca, mimiti reup-reupan basa nagara urang geus wawanohan jeung téknologi télévisi, awal taun ’60-an. Loba  acara dina TV anu dipikaresep para pamiarsa, misalna film-film Barat, hiburan band jeung  komedi. Tapi teu ngabibisani, nya ngaliwatan média TV ogé, kasenian wayang golék mucunghul deui, pada mikaresep, utamana ku generasi barudak ayeuna.

Dalang Asép Sunandar Sunarya harita dina taun 1985 mintonkeun kaparigelanana di hareupeun kaméra TVRI stasion pusat dina raraga miéling HUT proklamasi kemerdikaan RI. Ku kréasi anyarna,  golék jadi mingkin “hirup”, lantaran inyana geus ngadumaniskeun rupaning kréasi anyar. Kaasup nambahan sababaraha  pakakas anu nyamuni dina jero awak sababarah tokoh wayang, siga okoh si Cépot jeung  barisan buta.

Inovasi Asép téh dianggap “revolusioner” dina dunya pawayangan mah,  lantaran wayang mah apan geus dianggap kasenian kabuyutan. Puguh resep ningal kréasi Asép  téh. Tingali wé Si Cepot jeung tokoh buta bisa cacalawakan, kawas enya wé  keur nyarita. Cepot Bisa ngigel jaipongan atawa penca silat, bari najong ka luhur. Atuh buta térong, panona bisa delak-delék, cawakwak mun keur cumarita, utah getih (cai gincu beureum), malah utah emih sagala mun ditonjok beuteungna, bencar sirahna jadi opat bagian bari baloboran getih, jsté. Asep sadar kana wujud dasar wayang golék anu tilu diménsi, nya  tidinya pamiangan ngumbar kréasina.

Mimitina mah kréasi Asép téh teu wudu nimbulkeun heula polémik dina surat-surat kabar Bandung. Ceuk salah saurang kritikus, éta dalang ngora téh geus ngaruksak tetekon jeung pakem wayang golék purwa. Ku Asép dijawab, da nu dirobah téh ukur tokoh si Cépot jeung barisan buta wungkul. Ari tokoh-tokoh séntralna mah saperti para raja jeung sinatria tetep waé nurutkeun tetekon jeung pakeum buhun.

Inovasi Asép pikeun ngaronjatkeun deui pamor wayang golek purwa téh luyu jeung téori massa penonton jaman kiwari, yén masarakat ayeuna mah leuwih dinamis, terus-terusan ngarasa hanaang ku tarékah inovasi/ kréasi anyar ti para seniman. Kréasi pintonan wayang golék purwa ala Asép, lain baé kabuktian ngahudang deui minat lalajo pintonan wayang, tapi geus  mincut kapanasaran  para seniman deungeun.

Sataun ti saprak Asép “ngageunjleungkeun” TVRI, dina taun 1986 Asép diondang ka Perancis. Hanjakal harita pitonan wayang Asép ukur dipirig ku sora gamelan tina kasét. Tapi teu wudu penonton di nagri parfum téh parogot naker nyaksian kumaha golék-golék ngaliwatan dua leungeun Asép jadi  bisa ngaréngkénék jeung gelut papuket. Ngan, saperti kondisi penonton wayang generasi anyar, réa nu resepeun ku kalakuan si Cépot batan kagagahan  Gatotgaca. Urang Perancis kacida raresepeunana ka Si Cépot. Kakara gé Si Cépot ngigel, nu lalajo geus éak-éakan. 

Taun 1989, Asép ka luar nagri deui,  ngalanglang kota-kota di nagri Paman Sam. Untung dina kasempetan nu ieu mah  Asép datang lengkep jeung rombongan nayaga ti Giri Harja. Kota anu didatangan ku rombongan Asép téh diantarana Los angeles, Santa Cruz, Seattle, New York, Philadelphia, San Francisco,  jeung Honolulu, Hawaii. Salila ngalanglang kota-kota Amérika,  Asep mentas 24 kali, beurang jeung peuting,  kalayan durasina sajam.

Rombongan Asép datang ka Amerika  téh bareng jeug grup tari Sunda pimpinan Irawati Durban. Pikeun kalancarana mentas, dua rombogan kasenin Sunda diorganisir ku Endo Suanda, penari-pangrawit anu geus lila jadi dosén tamu di Universitas Washington. Husus di Seattle, Asép jeung grup Irawati mentas salila dua minggu di even Boeing Chataqua Festival.”

Di  New York, Asép mentas ngan sapoé, di Sympony Space. Kapasitas tempat diuk anu jumlahna 900 korsi téh, kabéh kaeusian ku penonton. Asép mintonkeun golékna, némbongkeun kaparigelanna ngigelkeun sawatara tokoh golék. Ngahaja digerakeun  ku Asep, nurutan  gerak tari para penari grup irawati Durban, anu mentas ti heula. Penonton  hookeun waktu  ningali golék  bet bisa nurutan gerak, sampur,  jentikan,  sépakan jeung  miceun sampur ku  gerak sirah.

Puguh gé golék mana di ieu dunia, anu bisa diigelkeun  sakitu  luwesna, kawas  wayang golék Asep? Waktu lalakon dipedar. penonton  ngabandungan bari kerung, meureun  teu ngarti téa kana basa Sunda. Tapi basa Asép midangkeun tokoh  Si Cépot jeung si Dawala, kakara penonton  curinghak, mimiti gur-ger saleuseruian, da puguh apan igelan Si Cepot mah matak pikaseurieun.

Lebah dieu, témbong kapunjulan Asép batan dalang entragan anyar lianna. Asép sadar yén penonton moal ngarti mun kapapanjangan ngalalakon, bari dialogna dina basa Sunda.  Anu matak geuwat  ku inyana dipintonkeun  bobodoran si Cépot jeung si Dawala.  Sakaligus Asép gé ngetrukeun deui inovasina,  si Cepot jeung si Dawala  ngadadak jadi bisa  nyararita dina basa Inggris. Dina hiji adegan, si Cépot jeung si Dawala arocon,  silih élékéték, silih dengkék, nepi ka sirah si Cepot bisa ditindihan ku  bujur si Dawala. Nu lalajo mani ager-ageran. Cepot ugal- ugil hayang lésot tina tindihan. Manéhna boga akal ku… cara hitut. Puguh Dawala ngejat bari luncat, da teu kuat ngambeu bau hitut  lanceukna.  Cépot seuri, pok  nyarita ka adina :” Do you want again?  Cenah “No! Thank you. Next time! jawab Dawala bari  mengkek  irung tuluy ngabrét,  da sieun dibekok deui..  Ngadéngé dialog kitu, penonton  Néw York  téh  ngabarakatak deui, nepi ka  akey-akeyan.  

Mungkas mentas téh di Honolulu,  Hawaii. Di kota ieu mah, méh waé Asep béakeun golék-golékna, da saban anggeus mentas di unggal kota, golékna dijual ka nu nongton, pangajina 100 dolar AS. Atuh giliran manggung di Honolulu, ampir béakeun tokoh-tokoh wayangna, da ti lembur téh ukur  mekel 100 golék. Tapi bubuhan Asep mah tara béakeun akal, ku ngan sababaraha golék ogé, teu wudu pagelaranana meunang pangbagéa nu nyugemakeun.  Beritana dimuat  dina “New York Time “ édisi 8 0ktober 1989 dina  review -na  dijudulan,  “Puppets And More from Java  (Wayang Golek jeung sajabana ti Pulo Jawa). Nu nulis éta review (resénsi) John Rockwell.  Lebah ngabahas pagelaran wayang golék purwa nu didalangan ku Asép, Jhon Rockwell nulis kieu, “Pintonan malem Saptu nu kaliwat téh éstuning matak nyugemakeun kuring, bener-bener éksotik! Turta ngahibur naker. Lain baé para penonton anu awam kana seni tradisional  anu kataji  ku wayang golék téh, tapi  kaasup para pengamat kasenian Timur.”

Aya angen-angen Asép anu tacan kalaksanakeun, nyaéta, kumaha carana kasenian wayang golék purwa  bisa dipikaresep ogé ku  étnik séjénna di lemah cai.  Harepan Asép,  dalang-dalang  generasi anyar, sawadina kudu  nyoba  ngagunakeun  basa Indonésia dina dialog-dialog wayang. Ku tarékah kitu, dipiharep wayang golék Sunda bisa dipikawanoh sacara nasional.

Tapi ceuk sakaol, mun paguneman dina wayang ngagunakeun basa Indonésia, asa ningnang kadéngéna. Asép  teu panuju kana  koméntar éta, “Lebah mana ningnangna? Meureun ningnang  sotéh  bané wé dalangna teu kréatip. Ulah milu kana surupan atuh, coba adaptasi gaya dialog dina pertunjukan drama atawa téater anu dialogna maké basa Indonésia, Mana komo mun  dalangna pinter basa Inggris mah,“ kitu  pamadegan Asép.  

Harepan Asép tangtu sapagodos jeung harepan nu mikadeudueh kasenian Sunda, utamana kasenian wayang golék. Anu cek para pengamat  wayang ti Barat  mah  seni wayang téh  mangrupa “téater pangbadagna sadunya.” Sabab, dalangna nu multibakat,  paham kana seni musik tradisional, kawih, pangrawit, téknik gerak ibing,  seni drama, sakaligus jadi sutradara, jadi juru da’wah, pendidik, turta  mampu ngabodor. Ah, pokona mah, wayang téh mangrupa seni anu adiluhung.

Asep Sunandar, seniman , kalahiran Jelekong, Kab. Bandung, 5 Mei 1955, kiwari tinggal panineungan. Kilang kitu, karya-karyana bakal tetep hirup marengan wanci nu piligenti ti poé ka poé. Réngréngan Redaksu SundaNews, ngiring bélasungkawa nu taya papadana. Mugia arwah almarhum kénging tempat nu mulya mungguhing Allah SWT, amiien.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...