Bagikeun ka Lapak Facebook

Warta SundaJumaah, 28 Maret 2014 04:43

Kadaharan Sunda Ngaraja di Kota

Ku Agah Nugraha
SN
Bandung kakoncara rea kadaharan ngeunah [Potret: Maruta Bayu]

(SundaNews) Bandung ti jaman Walanda mula, kasohor ku réana réstoran nu nyadiakeun pasakan Eropa. Diantara réstoran nu sok pada ngadareugdeug ku para Preangger Planter (tuan- tuan kontrak perkebunan) téh ;“Moison Borgerijen,” nu husus nyadiakeun menu idangan Perancis, pernahna di Bragaweg, ayeuna mah, Jl. Braga. Lian ti éta aya deui restoran “Moison Boin,” nu pernahna di Naripanweg,(Jl. Naripan), “Moison Smith di Schoolweg ( Jl. Merdeka), “Rumah Makan Capitol,” di Bragaweg, jeung “Paradise Restourant” di Pangeran Soemedangweg ( Jl. Pasar Baru). Aya deui restoran Cina nu sadia ogé menu pasakan Eropa, katelah “Indisch Restourant “anu satutas proklamsi diganti ngaranna jadi “Restoran Naga Mas,” lokasina di Grote Posweg (ayeuna Jl. Asia Afrika).  Hanjakal wangunan antik maké aristektur Cina klasik, Eropa jeung tradisional Sunda (model pendopo kadaleman) téh, nu kontruksina  leuwih réa ngagunakeun balok kai geus diruag, lantaran teu ngarti kana nilai sajarah jeung seni, diganti ku gedong  BRI Tower.

Dayeuh Bandung  baheula, henteu ngan ukur ngawowoy para sudagar, kaum ménak pribumi jeung inohong gubernemen Hindia Walanda nu laloba duit, tapi ogé euyeub ku dagangan kadaharan anu hargana murah, nu bisa kahontal ku golongan somah. Tempat anu sok ngajualan dahareun atawa jajanan murah, sumebar di réa tempat. Tapi anu paling kaceluk mah lapangan Alun-alun, puseur dayeuh Bandung. 

Ulin ka Alun-alun, naha rék méngbal,  ngadu  langlayangan, ningali nu lélang kuda, jeung ningali karaméan lianna, bari bekel duit paling saeutikna ukur sabénggol, tapi beuteung bisa seubeuh. Bisa meunang kupat tahu sapiring metung, és goyobod sagelas, bari  masih nyésa sababara sén deui,  nya payu kana ruab-raéb, sarupaning kurupuk blék, atawa kacang asin. Kitu carita kolot-kolot anu kungsi ngalaman “jaman normal” (jaman sarwa marurah). Nu jarualan téh aya nu ditanggung, maké roda, atawa aya baé ema-ema anu ngais boboko gedé, dieusi sangu timbel jeung deungeunna, kayaning gepuk, goréng lauk asin, pais lauk emas, tumis sayuran jeung sambel bajag.

Atuh keur ruab-raébna, nu ceuk urang Jawa mah “cemilan,” di Bandung jaman harita barieukeun ku rupa-rupa nu amis-amis atawa nu asin-asin. Misalna, nu kasohor peuyeum, nu dijual teu maké gula, atawa aya ogé nu nyadiakeun peuyeum anu dibeuleum luhureun areng terus dikincaan, katelahna colénak (dicocol enak). Nu Lianna kayaning awug, gemblong, jalabria, koya, sasagon, papais, putri noong, jrrd. Kadaharan lianna anu jadi trade mark dayeuh Bandung, sanggeus peuyeum nyaéta nu katelah “oncom milo.” Oncom dikeureutan segi tilu, tuluy dianclomkeun kana adonan tipung anu meunang nyambaraan ku uyah, bawang bodas, cikur, jeung bumbu lianna, tuluy digoréng nepi ka garing. Lamun di dahar téh mani ngerekes, awahing ku rangu. Ari disebut “Oncom Milo,” saur pun biang, “Milo” téh ngalap kana MULO wancahan tina Meer Uitgebreid Lager Onderwijs, sakola menengah keur anak ménak bangsa pribumi. Dipapandékeun lir tuangeun kaum ménak awahing ku pelem.

Jaman harita mah ménak téh sok dikonotasikeun kana hal-hal anu sarwa alus, sarwa  kasép, geulis atawa pelem mun dina dahareun. Gening baréto mah, mun heug budakna ceurik, kajeun terah cacah, si indung téh sok ngalelemu “Yap ménak ! kadieu ka Ema!”

Jajanan khas séjénna mangsa Bandung  baheula, seperti nu dilaporkeun dina buku “Semerbak Bunga Di Bandung Raya” yasana Haryanto Kunto, diantarana di lapang Alun-alun Bandung,  kasohor saté Mang Api nu daging sapina kandel. Lian ti saté, tangtu aya guléna. Aya deui nu dagang kupat tahu, soto Bandung, jrrd.  Masih teu jauh di Alun-alun, aya  wangunan paragi jajan, kelas restoran, nelah, café Paradijs, gigireun bioskop Radio City (taun 60-han ganti ngaran jadi Bioskop Dian, ayeuna geus tutup). Éta café, nu konsuménna kelas menengah ka handap, jadi sohor lantaran ngajual “ubar hanaang” nu  nelah,“Es Syanghai Dream.” Nyaéta  campuran bungbuahan, ager, jeung hunkué, anu ditumpuk dina mangkok. Diwengku ku keureutan danas, ager, cangkaléng nu dibeureuman, kerokan kalapa ngora, kacang goréng, buah leci, sakoteng, hunkué héjo, alpuket jeung sirsak. Tuluy diawuran és batu meunang marud. Lebah punclut és, dikucuran susu sapi kentel jeung sirop warna beureum.

Aya deui nu ngarana  “kacang atum,” kacang anu dibulen ku tipung  maké adonan endog, tuluy digoréng. Masih éksis nepi ka taun 50-han, sok dijarualan ku emang-emang, laleumpang bari  nyonyorén blék dikacaan, dieusi kacang atum, meunang mungkusan ku kertas endog warnas bodas hérang. Mun ayeuna mah tangtuna dibungkus palastik. Taun 1950-han mah masih ngagunakeun kertas endog kénéh. Kacang atum téh rasana pelem, rangu, karasa aroma bawang bodas jeung cikurna. Hargana antara keketipan nepi ka talénan.

Kadaharan murah séjén jaman penjajahan Walanda, nurutkeun Kunto deui, nyaéta tempat paragi macangkrama kaum cacah kuricakan, bari nyuruput cikopi jeung lalawuhna, samodél kuéh-kuéh tradisional Sunda. Tempat ngareureuhkeun bangsa somah, tina kacapé balas kuli. Kawentar  ngaran “Kopi Suruput Manyun.”  Mangkalna di émpér toko. Mimiti buka ti peuting, tutas toko-toko tarutup. Perenahna  di sabudeureun Jl. Otista ayeuna. Anapon tempat jualanana ukur masang meja jeung bangku panjang. Nu jarajan, dariuk dina bangku panjang, bari sarila tutug. Matak disebut “Kopi Suruput Manyun” téh cenah, lantaran. nalika rék ngarot cikopi panas kénéh, sok dicaricikeun heula  kana pisin, tuluy ditiupan, atuh katingal  mani maranyun,  geus kitu kakara disuruput.

Jaman geus lila robah, tapi Bandung nepi ka kiwari masih  kawentar jajanan murahna. Kiwari mah sok  disebut “kuliner,”  Dipopulérkeun ku reportase tayangan tv. Trén antukna mah,  ampir unggal setasion tv boga acara kuliner. Ku euyeubna jajanan di Bandung, jeung loba anu ngadeugdeug, utamana ti luar kota,  dayeuh Bandung téh boga jujuluk anyar “Kota Kuliner”.

Ari nu ditaréangan ku urang Jakarta jeung nu ti kota lianna  téh sarupaning kadaharan nu has Bandung, anu teu manggih di kotana. Saperti “baso tahu Bandung.”  Di Jakarta gé aya baso tahu, nu katelah “somay,” bari bumbuna ukur ku saos beureum nu meunang meuli ti pasar, dibungkusan plastik, ari tahuna, calépér. Anapon baso tahu Bandung mah maké bumbu kacang, karasa lekoh jeung pelem. Tahu bodasna deuih, karasa peungkeur jeung kandel. Jajanan lianna, nu katelah batagor, géhu, ciréng, cilok, basréng (baso ikan goreng) bacil (baso daging sapi dicolok, dibungbuan kacang, kawas bumbu baso tahu.) Nu lianna nelah comét (combro lemét), mismet (misro lemet), emih kocok, soto, loték, karédok, kupat tahu, léngko, kari ayam, gulé jeung saté.

Kuliner khas Bandung lianna nyaéta bubur ayam. Salah sahiji anu kajojo, anu tempat mangkalna di émpér deukeut kantor  Pikiran Rakyat, di Jl Asia Afrika.  Katelah “ Bubur PR.” Dingaranan kitu téh, lain ti si nu dagangna, tapi jujuluk ti para langgananna. Nu taruang éta bubur, sawaréh dariuk na  jojodog palastik, aya ogé nu  ngahénén dina jero mobil. Cohagna mah, éta jajanan nu ditatan di luhur, pikeun urang Jakarta mah (mayoritas nu nyaraba ka Bandung) disebut murah. Dadakuna mah matak ngahagalkeun ngadareugdeug kota Bandung  téh, lian ti paktor harga nu murah, ogé kulantaran kuliner di Bandung karasa  leuwih pelem.

Amis-amis asal Bandung teu éléh kasohorna, saperti, aya brownies kukus, brownies panggang, rupa-rupa bolen, eusi cau, kiju, kismis jsb.  Acan snack tradisional atawa nu didaharna disada ngerekes, saperti kiripik. Rupa-rupa pisan kiripik  buatan urang Bandung téh, nu séntrana  di Pasar Baru jeung di pasar Kosambi. Aya kiripik témpé asin, kiripik témpé amis, kiripik cau asin, kiripik cau amis, kiripik bayah, kiripik taleus, kiripik bayem, kiripik tahu, simping, otok owo, sukro, japilus, emping asin, emping lada,  emping amis, rupa-rupa goréngan, saperti nu diawuran kacang taneuh, teri, jeung kacang kadelé, jrrd. Éta kabéh kadaharan garingan , jeung sarupaning brownies, rupa-rupa bolen, ku urang luar kota mah sok dijadikeun oléh-oléh.

Urang Bandung teu weléh aya waé ideu-na. Lain baé dina kreasi widang fesyen, saperti produk t-shirt jeung calana jeans, atawa karajinan tangan anu ngandung ajén seni, tapi ogé kreasi anyar dina widang kuliner. Misalna aya kadaharan nu disebut “nasi kalong,” padahal  teu maké daging kalong. Disebut kitu, pédah warna sanguna hideung, lir awak kalong. Éta pasakan téh dijieun tina sangu beureum anu  bumbu utamana kelewek jeung parud kalapa goreng, katut bahan séjénna. Ana didahar, mani nikmat.

Aya deui nu disebut “nasi gila,” nasi édan,” jeung réa deui pasakan nu dingaranan arunik. Malah aya nu disebut “kiripik sétan” sagala. Ku barudak ngora mah sok disingget ngarah kadéngéna légég, kawas basa Inggris: “pikset” cenah, Dijieun tina sampeu, rasana lada liwat saking. Aya deui nu katelah “Tahu Hot Jeletot” Maksudna ”panas” jeung “jeletot,”  pasti lada deui baé. Dieusian sayuran, saperti togé, engkol, wortel, jeung bihun, tur dieusian siksikan céngék. Puguh dipikalandep ka barudak ngora, utamana barudak awéwé nu resep kana lada.  Masih réa keneh jajanan versi anyar di Bandung teh, diantarana bae nu matak kerung taar, katelah: “és krim goréng!, jeung sajabana.

Ciri Bangsa

Tétéla tina kadaharan téh mampuh ngangkat ngaran kota. Bandung ti jaman kolonial, kaceluk ku kadaharan hasna. Atuh kiwari Bandung kaceluk ku jujuluk “Kota Kuliner.”  Kota séjén anu kajojo kuliner-na, saperti Jogja, nu kaceluk gudegna, nepi ka sok disarebut “kota gudeg,” Malang, sohor baso Malang-na, Makasar  kamashur ku coto Makasar-na atawa és polu butung-na, Lampung, Médan, Acéh, ténar ku kopina nu lekoh. Padang  kawéntar rendang-na, ayam pop-na, gajeboh, nasi kapau, saté Padang-na, jrrd.  Acéh,  kawentar emih Aceh-na. Atuh Surabaya, kaceluk ku nasi rawon-na, Madura pelem ku saté hayamna, gahar sotona, Kota Kudus, Lamogan sarua sohor  ku  sotona. Palembang, kaceluk pémpék-na.

Atuh wewengkon di Tatar Sunda gé, mibanda kuliner kalawan ciri has séwang-séwangan, saperti Sumedang  kakoncara ku tahu-na, Banten, Serang sohor ku  empingna, Garut kakoncara ku dodolna, baheula mah jeruk-na. Kiwari di Garut aya olahan dodol anyar nu nelah “cocodot,” dodol nu di jerona dieusi coklat, dingaranana, cocodot,” apan “coco”  téh wancahan tina cocoa, basa latin tina coklat, ari “do”  nya tina dodol. Majalaya kaceluk ku borondongna.  Ciamis kawentar galéndo-na. Banjar kakoncara ku dagéna jeung ranginangna nu rarubak, bari semu beureum ku tarasi, karasa rangu jeung gurih.   Mangunreja, kajojo kupat tahuna, pelem ku bumbu kacangna, béda jeung kupat tahu Padalarang, anu maké kuah dicipatian, di bawang daunan, tomat jeung togé. Majingklak, kaceluk tarasi hideungna, Cirebon, kawéntar nasi jamblangna, tahu gejrot-na, émpal gentongna, jrrd.

Masih réa kénéh kuliner atawa anu jadi trade mark  hiji kota. Kabéh boga ciri has, nu hésé diturutan ku kota séjén, Masing bisa gé, rasana moal sangeunah nu aslina. Contona baé,  nu geus nyoba tahu sumedang, di kota séjén, da aya waé bédana. Cenah mah matak tahu Sumedang hésé ditarurutan, kulantaran unsur cai di wewengkon Sumedang, paragi ngeueuman kacang kadélé, bahan utama tahu, cocog jeung unsur cai di daratan Cina, tempat bibit buitna tahu Sumedang, anu karasan jadi pelem.        

Sohorna kuliner henteu ngan ukur jadi trade mark kota, atawa propinsi, dalah mampuh nyohorkeun ngaran nagara jeung bangsa.  Atuh tina dipikawanohna kuliner di hiji nagara, sacara teu langsung, geus ngirut kapanasaran wisatawan, pikeun ngadeugdeug éta nagara. Tangtu bae aya kakaitanna kana bisnis, anu temahna ningkatkeun panghasilan masarakat, leuwih jauhna deui income keur kas nagara.

Rendang kungsi diaku minangka pasakan pangeunahna sadunya versi CNN. Atuh nasi goréng dina event séjén, kungsi kapeto jadi juara kadua kuliner pangngeunahna sadunya. Kumaha ari kuliner  Sunda? Pasakan Sunda, hanjakalna  arang diwanohkeun kana lomba atawa festival kuliner Asia atawa komo tingkat dunya internasional. Alesanana kuliner Sunda, tacan dipikawanoh di even Asia atawa internasional, kawasna  tina kurang promosi jeung sponsor.

            Padahal lamun seug  digelar festival kuliner sadunya, kawas nu diayakeun ku CNN, wakil ti Indonesia bisa baé ngajukeun kuliner Sunda, lantaran boga ciri anu béda jeung kuliner daérah séjénna di Nusantara. Béda di dieu, lain masalah samara, da saban wewengkon gé boga ciri mandiri. Nu dimaksud, kuliner Sunda mah saluyu jeung  kompanyeu  kasehatan WHO. Nyatana masalah kasehatan jantung téa. Apan Badan Kasehatan Dunia  teu bosen-bosen kompanyeu, méré iber masarakat dunya, yén rengking kasakit nomer hiji di sakuliah dunya anu ngancam kana nyawa manusa téh, nyéta kasakit jantung, kanker, diabétés jeung saterusna. Ari panyakit jantung, apan bisa dilantarankeun ku kolestrol jahat jeung asam urat anu mana éta bibit kasakit ayana dina dugang-daging anu warnana beureum, saperti sapi, domba jeung lainna. Malah minyak kalapa, ajang gurang-goréng kaasup anu ngandung kolestrol jahat.

            Ari dina kulinér Sunda, euyeub ku bahan anu jauh tina kolestrol jahat, maksud téh samodél nu di puas-pais, saperti pais lauk emas, gurame jeung lauk lianna. Pasakan tina lauk apan, ceuk ahli gizi ngandung unsur omega 3 anu alus pikeun kasehatan jantung.   Salah sahiji lolongkrang geusan milu kana event lomba atawa festival kuliner internasional teh, misalna dina Festival kuliner Indonesia nu remen diayakeun di nagri Walanda.

Pikeun anu kasabaraha kalina, di nagri Walanda, digelar deui festival kuliner Indonesia, ping 21-23 Mei 2013 kaliwat.  jejerna. “Indonesian Culinary Days In De Bijenkorf, anu tempatna di léléwék Bijenkorf, di dayeuh Denhaag. Éta festival anu disponsoran ku KBRI téh, gawé bareng jeung beungkeutan penggemar kuliner Indonesia di Denhaag, mamérkeun rupa-rupa pasakan ti sawatara wewengkon di Indonesia. Saperti “Tumpeng Padang Kumplit” anu diwengku ku,  tumpeng, sayur kapau, rendang, pangek ikan tongkol, ayam lado mudo, kentang kering balado. Ari pasakan ti daerah lain, mangrupa  soto, asinan Betawi, kolek pisang jeung kué lumpur. Pasakan dina éta festival dijual ka publik Walanda, atuh mani saréak alias ledis.  bari maruji “sadayana gé raraos,” ceuk hiji mevrouw (nyonya) urang Walanda. Ningali minat publik kana kuliner Indonesia, salah sahiji inohong di éta kota, ngusulkeun ka KBRI, sangkan festival sarupa bisa mayeng digelar unggal taun.

Kaunturngan tina festival kuliner, sangkan turis Walanda ngalanglang ka Jawa Barat, atawa lolongrang bisnis lianna, ogé aya kauntungan lainna, nyatana tina posisi Walanda nu  minangka sarana  outlet  atawa rawayan pikeun promosi kuliner Indonesia,  ka nagara lain di Eropa.

Dina kuliner Walanda aya pasakan anu bahan utamana sabangsaning lauk laut, kitu deui lauk darat. Diantarana aya pasakan tina belut anu dipasak ku cara dihaseup. Di haseup téh salah sahiji cara ngasakan kadaharan di kalangan masarakat Eropa, lian ti di tumis, dipanggang, jeung dikulub. Saperti pasakan tina belut di kalangan masarakat Walanda anu disebut, “ gerookte paling” anu hartina belut nu dihaseup.  Cara ngolah belut wersi Walanda teh, sanggeus sirah belut dipiceun terus awakna dibesét, diberesihan, tuluy digantung luhureun pirunan seuneu. Geus karasa garing jeung seungit mah, kakara ditumis disamaraan, dicampur jeung bahan séjénna.

Lamun dibanding-banding, antara kuliner Sunda jeung kuliner Walanda, horéng aya nu sarua, nyéta lebah pasakan belutna. Mun masarakat Walanda resep kana pasakan belut nu dihaseup, ari urang Sunda mah sedep kana belut nu digoreng garing, nu dicobek jeung nu dipais. Saha nu nyaho pasakan belut, bagian tina kuliner tradisional Sunda, bisa milu difestivalkeun di Walanda. Ngan tangtu cara nampilkeunana  olahan belut ti urang téh, kudu aya variasi lebah mernahkeunana dina piring. Nu dimaksud téh papaesna, misalna ditambahan lalaban warna-warni, jeung keureutan jerok lemon, atawa jeruk nipis, jeung sajabana. Tangtu éta mah bagian pakar pasakan jurusan perhotelan. Anu dina mata kuliahna aya bagéan anu disebut garnis atawa papaés atawa hiasan  kuliner.

Bangsa séjén anu mikalandep kana belut lian ti urang Walanda, nyaéta bangsa Jepang, Hongkong, Cina, Taiwan, Korea, Malaysia, Singapura, jeung Australia. Manakomo masarakat Jepang mah, kaceluk resep pisan kana pasakan lauk, idangan belut kaasup menu istimewa. Ku resepna urang Jepang kana belut, da éta wé, mun rék dahar  belut di restoran, mani kudu ngantri. Tina animo masarakat Jepang kana belut,  ngabalukarkeun stok belut di Jepang nyirorot. Kapaksa Bandar kudu ngimpor ti luar. Diantarana ti Indonesia, anu keceluk  hadé kualitas belutna.

Mimitina mah para patani  di urang jigrah, narima order ngumpulkeun belut ti sawah. Tinggal ngodokan tina tumpukan jarami urut dibuat, atawa ngabubu jeung diurek.  Tapi lila-lila kawalahan ogé, ari ukur ku cara ngala ti sawah mah, lila-lila korédas, ngadagoan indung belut arendogan heula. Ari pamenta Bandar di Jepang, sasangkleng, targetna butuh 10. rébu ton belut hirup per minggu!  Ari rék ditarékahan ku cara budi daya belut dina balong, waragadna deuih, da perlu semén, keusik jeung sajabana. Tacan parab, ngarah belut gancang lalintuh. Saperti umumna usaha masarakat leutik, ninggang di mentok modal, atuh teu mampu nohonan paménta  bandar belut di Jepang. Paling bisa kurang ti target paménta, kadang-kadang ukur mampuh saton per bulanna.

Nagara séjénna ogé sarua, ngan henteu sarokaha Jepang, misal Hongkong butuh 350 ton, Cina 300 ton, Malaysia 80 ton, Taiwan 20 ton, Korea 10 ton, Singapura 5 ton, éta téh per minggu. Nyaéta kabéh gé tacan kacumponan, padahal éta téh sumber panghasilan anu lain saeutik. Béda deui jeung Australia. Pihak praktisi kuliner di Nagri Kangguru mah, teu perlu belut hirup ti Indonesia téh, tapi butuh belut nu geus dikéré, ajang cemilan atawa ditambul bari nginum bir di bar. Bandar belut di Australia, geus biasa ngimpor kéré belut ti Sukuharjo, Jawa Timur. Éta wewengkon mémang kaceluk ku  kuliner hasna,  kéré belut! Salah saurang importir kéré belut anu geus biasa ngekspor produk kéré belutna ka Australia, Sutarto, warga Sanggrahan, Kalurahan Joho,  Sukoharjo. Inyana nétélakeun kawalahan narima order ti pihak sudagar belut di Australia, da  butuh saton kéré belut perbulanna, atawa sarua jeung sakontainereun. Sutarto  teu bisa nohonan, nya bagi-bagi rejeki, réréongan jeung para patani lianna, sangkan ngarumpulkeun kéré, nepi ka bisa cumpun saton kéré belut per bulanna. Tapi angger teu mampu, paling kurang ti saton.

Tétéla tiap kota,  leuwih jauhna deui nagara jeung bangsa, mibanda  signature disk kulinerna, anu bisa ngadatangkeun kauntungan.  Para paniten kuliner di Barat remen muji kana pasakan Indonesia, cenah  beunghar ragamna, moal manggih babandinganana. Pasakan Indonesia gé, cenah paling beunghar ku samara, moal manggih kabeungharna samara dina masakan Indonesia mah,  mun dibandingkeun jeung pasakan lainna di beulahan dunya lianna.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...