Bagikeun ka Lapak Facebook

Warta SundaJumaah, 28 Maret 2014 04:35

Panalungtikan Kamus Utama Basa Sunda

Ku Dadan Sutisna
SN
Padungdengan Kamus Basa Sunda [Potret: Nathan Syah]

(SundaNews) Basa Sunda baris terus mekar upama bisa nyaluyukeun jeung kamekaran jaman. Kekecapan anyar nu jolna ti deungeun-deungeun patingtorojol ngajembaran basa Sunda. Padahal loba pisan kekecapan heubeul nu geus nyampak di masarakat Sunda, bari éta téh geus jadi banda urang Sunda, réa nu tacan kakoréh deuih. Di unggal basa, kamus jadi média nu pangpentingna pikeun ngarékam sarta ngukur kamekaran jeung kabeungharan basa.

Nepi ka danget ieu, urang Sunda can mibanda kamus nu dipiara ti mangsa ka mangsa. Urang Indonésia bogaeun Kamus Besar Bahasa Indonésia, urang Inggris bogaeun Oxford, urang Amérika bogaeun Wébster, urang Perancis bogaeun Larousse urang Walanda bogaeun Van Dale. Urang Sunda? Can bogaeun kamus nu mundelna kawas kitu, nu dipiara ti jaman ka jaman, jadi rujukan balaréa dina makayakeun basa.

Urang papada terang yén tradisi léksikografi basa Sunda geus manteng ti mangabad-abad ka tukang, tapi tuluy pegat dina itungan 40 taun katompérnakeun. Hartina, kamus nu medal kiwari, méh kabéh saméméh 40 taun ka tukang. Éta gé aya sababaraha kamus anyar nu ipis, tapi medalna keur kaperluan nu praktis.

Dina kasajarahan Kamus Sunda, kamus nu pangkahotna téh A Dictionary of the Sunda Language of Java beunang Jonathan Rigg, medal taun 1862. Terus S. Coolsma nyieun kamus Sunda-Walanda taun 1884 jeung Walanda Sunda taun 1910. Kamus Sunda-Sunda mimiti disusun ku Rd. Satjadibrata taun 1948. Éringa gé milu ngeuyeuban deuih, nyusun kamus Sunda-Walanda taun 1984, jeung R. Harjadibrata nu nyusun kamus Sunda-Inggris taun 2003. Salila 40 taun, ti taun 1930 nepi ka taun 1970, Danadibrata nyusun Kamus Basa Sunda nu kakara medal taun 2006. Lian ti éta, aya Kamus Umum Basa Sunda nu disusun ku tim LBSS, mimiti medal taun 1975. Dina sajarah kamus Sunda kakara kamus LBSS nu dipigawé ku hiji tim.

Éta kamus-kamus téh bisa disebutkeun tuturus kamekaran léksikografi modéren basa Sunda. Hanjakal léngkah para léksikograf téh méh taya nu neruskeun, tina 34 juta urang Sunda, tacan aya tim nu kalayan mayeng ngamekarkeun kamus Sunda nu mundel tur lengkep.

Dina riungan tanggal 31 Januari 2012 di Perpustakaan Ajip Rosidi, Pabelan, Magelang Jawa Tengah, pentingna nyusun Kamus Sunda nu lengkep téh jadi bahan padungdengan, minangka lajuning laku tina putusan Kongrés Basa Sunda IX tanggal 11 nepi ka 13 Juli 2011 di Bogor jeung Konferensi Internasional Budaya Sunda ka-2 tanggal 19 nepi ka 22 Désémber 2011 di Gedong Merderka. Nu milu ngariung di antarana Ajip Rosidi, Étti RS, Safrina Noorman, Rachmat Taufiq Hidayat, Dadan Sutisna, jeung Eriyanti Nurmala Déwi.

Tanggal 3 Maret 2012, sawatara kalangan nu milu niténan kamekaran basa Sunda, madungdengkeun deui perluna urang Sunda ngayakeun panalungtikan kamus Sunda, tempatna di rohangan Serbaguna Unpad Dipatiukur. Ti dinya tuluy nyusun tim nu dialpukahan ku Yayasan Kabudayaan Rancagé, Universitas Padjadjaran, Pusat Studi Sunda jeung Penerbit Kiblat Buku Utama.

Ieu kamus dingaranan Kamus Utama Basa Sunda atawa KUBS. Saméméh prung nyusun KUBS, tim nyieun heula aplikasi Sundaling, nyaéta téknologi Komputansi Linguistik pikeun nalungtik jeung ngolah kekecapan basa Sunda. Ieu aplikasi bisa nyusun kecap jeung kalimah dumasar kana tata basa Sunda, minangka tatapakan dina nyusun définisi kamus.

Aya genep hambalan dina nalungktik jeung nyusun ieu kamus.

Nu kahiji, maluruh bibliografi. Sumber kamus ngawengku buku-buku basa Sunda nu medal saabad katompérnakeun, média citak, transkripsi naskah, carita pantun, jeung sajaba ti éta. Dina maluruh sumber kamus, tim nganjang ka pabukon, milihan arsip tina dokumén pribadi, jeung wawancara ka sawatara tokoh.

Kadua, mindahkeun bibliografi kana wangun digital. Sakabéh sumber kamus disekén, dirobah kana format digital, tuluy diasupkeun kana aplikasi. Sundaling baris macaan sakur naskah, dipisahkeun sakalimah-sakalimah, tuluy dipisahkeun deui sakecap-sakecap. Dina ieu prosés Sundaling nyieun leuit kecap nu dikaitkeun jeung sumber-sumber kalimah.

Katilu, ngawilah léma jeung subléma. Leuit kecap nu geus dikumpulkeun téh tuluy dipilihan deui, dipisahkeun jadi léma jeung subléma. Dina ieu prosés, tim bari mastikeun yén kecap nu rék diasupkeun kana kamus téh kungsi atawa eukeur digunakeun ku masarakat Sunda, boh dina lisan boh dina tulisan.

Kaopat, nangtukeun labél jeung atribut kecap. Sakur kecap boga ciri séwang-séwangan. Dina ieu prosés, léma jeung subléma baris ditandaan dumasar kana warna kecap, ragam basa, widang paélmuan, asal basa, jeung rujukan kana léma séjén. Dina ieu prosés bakal kapanggih deuih, mana waé kekecapan nu perlu mké ilustrasi.

Kalima, nyusun définisi jeung ilustrasi. Léma jeung subléma nu geus disusunkeun téh, saterusna dihartikeun déwan redaksi jeung tim ahli. Dina nyusun définisi, tim nangtukeun heula palanggeran, kitu deui sakur conto kalimah dicutat tina sumber-sumber kamus nu nyampak dina bibliogafi.

Kagenep, nyieun dami. Sanggeus sababaraha kali dikoréksi, Hasil définisi tuluy dipapantes dina wangun kamus citak, nya ngajanggélék jadi dami Kamus Utama Basa Sunda.

Nepi ka danget ieu, tim geus nyumpulkeun leuwih ti 300 rébu éntri jeung subéntri. Keur babandingan, Kamus Besar Bahasa Indonésia édisi kaopat taun 2008 ngan ukur ngamuat 90 rébu éntri jeung subéntri. Ari kamus Sunda nu ayeuna dianggap panglengkepna nyaéta Kamus Basa Sunda Danadibrata ngan ukur ngamuat 40 rébu éntri.

Ancer-ancerna, dina ahir taun 2014 dami Kamus Utama Basa Sunda réngsé. Ku medalna ieu kamus, mugia baé matak ngaronjatkeun ajén-inajén basa indung, basa Sunda. Lian ti éta baris jadi picontoeun sélér-sélér lianna dina miara, ngamumulé jeung ngadokuméntasikeun basa indung dina wangun kamus. Nya ayeuna waktuna, urang Sunda kudu ngamimitian nyieun tradisi nyusun kamus nu mayeng, lengkep, jeung nuturkeun kamekaran jaman.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...