Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingJumaah, 28 Maret 2014 04:04

Badéga jeung Raja

Ku Dhipa Galuh Purba

Kacaturkeun di jaman baheula aya hiji raja anu ngaluluguan karajaan Islam. Éta raja téh bogaeun badéga anu kalintang getol ibadahna. Dina kaayaan kumaha baé ogé, badéga téh salawasna sukuran ka Allah SWT. Tara kungsi kacaturkeun éta badéga ngarasula. Sanajan nandangan musibah, manéhna tetep ngucapkeun “Al Khair Mukhtarallah” anu hartina “nu panghadéna nyaéta kersaning Allah”.

Dina hiji,  basa raja keur tuang kalayan ngagunakeun péso, teu kahaja ramona kakeureut. Malah awahing ku seukeutna éta péso, ramona  raja téh kacaturkeun nepi ka rampung sabuku. Badéga anu salawasna satia marengan raja, gentak nyarita “Al Khair Mukhtarallah....” kitu pokna.

Ngadéngé omongan badéga, éta raja kalintang murka. Lantaran, raja mah nganggap badégana kalah bungah ku ayana musibah anu kaalaman ku dirina.

”Teu salah nyarita téh!” kituna téh bari jung nangtung, sarta méré isarh ka para ponggawa sangkan nyampeurkeun.

”Henteu, pangersa... mémang leres pisan, kersaning Allah mah tangtos anu pangsaé-saéna…”

”Gélo sugan! Téwak ieu jelema! Jebloskeun ka pangbérokan!”

Teu loba carita deui, badéga dicerek, tuluy digiringkeun ka pangbérokan. Blus, ka rohangan jaruji beusi.

“Al Khair Mukhtarallah....” kitu pokna éta badéga.

”Enyaan, nu geus sédéng ieu mangkeluk. Diasupkeun panjara kalah sukuran...!” ponggawa kutuk gendeng bari jeprét ngonci jaruji beusi.

Selang sabulan sanggeus badéga dijebloskeun ka pangbérokan, dina hiji poé raja ngajak kaum paninggaran istana pikeun moro sasatoan ka leuweung. Puguh baé raja dikawal ku sababaraha urang jurit pinilih nu samakta ku pakarang. Moro téh mangrupa kalangenan raja, anu kalintang dipikaresepna. Lamun mangsana raja keur moro, sasarina sok lat poho kana wanci. Nyaho-nyaho kaayaan geus poék.

Dina poé harita mah, sajabana ti poho kana wanci téh, raja ogé bet poho kana tapelwates karajaan. Raja jeung para paninggaran katut jurit istana ngasruk ka hiji leuweung anu kacangkem ku karajaan séjén. Cilakana, karajaanna téh lain karajaan Islam. Sabab éta karajaan majusi anu muhit ka déwa seuneu jeung nyembah seuneu. Puguh baé, raja sabalad-balad téh dicerek ku jurit karajaan majusi, lantaran geus ngarempak tawelwates wilayah anu geus ditangtukeun. Raja jeung para pangawalna dijagragkeun ka hareupeun raja majusi.

”Sakumaha anu geus jadi katangtuan, kalayan disaluyuan ku sakumna manusa, sing saha anu ngarempak batas wilayah karajaan, mangka hukumanna diluyukeun jeung aturan anu digunakeun di éta karajaan...” kitu pokna raja majusi.

”Kuring téh raja. Ieu pasukan karajaan. Piraku rék disaruakeun jeung rahayat biasa? Bisi perelu ditebus ku emas, sok bakal disayagikeun, asal bébaskeun kuring jeung kabéhanana...” raja nyoba-nyoba ménta tinimbangan.

”Di dieu mah taya bédana antara rahayat jeung para pangagung kaasup raja. Lamun nyieun kasalahan nya tetep ditibanan hukuman anu geus ditangtukeun. Sanajan pangagung, sanajan raja, hukum di ieu nagri tara pipilih. Upamana hiji mangsa kuring ngalakukeun kasalahan, kuring ogé bakal dihukum. Kaduana, hukum di ieu nagri teu bisa dibeuli, komo saukur ditukeuran ku emas. Sanajan ditukeuran ku sakuliah legana karajaan anjeun, ieu hukuman moal bisa dibedokeun...” témbal raja majusi kalayan tandes.

”Naon hukumanana?”

”Kudu dipaténi!”

Lir dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan ngadéngé omongan raja majusi anu sakitu tandesna. Geus teu bisa ditawar deui, raja katut rombonganna bakal dipaténi tur disébakeun ka para déwa. Malah éta hukumanna téh henteu dililakeun dei, da harita kénéh langsung dipigawé.

Sakumna rombongan raja dipaténi saurang-saurang, tug nepi ka anu pamungkasna giliran raja. Tapi saméméh raja rék dipaténi, sakumaha sasari sakujur awakna dipariksa heula.

”Ampun Gusti, geuning nu ieu mah cacad...” kitu pok algojo ka raja majusi.

”Cacad kumaha?”

”Ramona rampung sabuku....”

”Lamun kitu carana mah, ieu jelema teu bisa disébakeun. Sabab para déwa moal daékeun dibéré séba jalma nu cacad,”

”Janten kumaha saéna, Gusti?”

”Bébaskeun wé!”

Raja teu jadi dihukum pati ku lantaran ramona rampung sabuku. Dina adat bangsa maranéhna, sakur jalma anu disébakeun kudu walagri kaayaan awakna, teu meunang aya cécél bocél komo cacad. Ku kituna, harita kénéh raja mah dibébaskeun, kalayan dimeunangkeun mulang ka nagarana.

Anjog ka karajaan, raja buru-buru nepungan badégana ka pangbérokan, sarta maréntahkeun para sipir pikeun ngabébaskeun badéga.

”Hampura kuring... enya geuning sagala rupa nu dikersakeun ku Allah téh mangrupa perkara anu panghadé-hadéna....”

”Timbalan, kaulanun, sadaya-daya... mémang kitu sayaktosna...”

”Tapi kuring panasaran, naon kahadéan nu karasa ku anjeun mangsa dijebloskeun ka pangbérokan? Sabab basa dibérok ogé anjeun tetep ngucapkeun ngucapkeun Al Khair Mukhtarallah...”

”Upami jisim abdi henteu dijebloskeun ka lebet pangbérokan, tangtos ayeuna tos ngemasing pati dipaténi ku bangsa majusi. Margi jisim abdi salawasna sok diajak moro ku pangersa kaulanun...” témbalna.

”Aéh, enya bener... Ti poé ayeuna, anjeun dibébaskeun, kalayan mulang deui ka istana karajaan. Kuring rék méré pangajén ka anjeun.” kitu saur raja bari imut ngagelenyu.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...