Bagikeun ka Lapak Facebook

Beber LayarJumaah, 28 Maret 2014 04:02

Pangalaman Ngarang

Ku Dadan Sutisna
SN
Dadan Sutisna [Potret: Dhipa Galuh Purba]

Itung-itung sukuran medalna novel ”Sabalakana” anu diterbitkeun ku Pustaka Jaya, uing rék medar lalakon ngarang. Teu ngimpi-ngimpi acan bakal resep kana nulis. Keur budak, nya kitu wé, cicing jeung kolot nu jarauh tina buku. Pun bapa tukang melak jeung ngeureut bako, selang-selang tina nyawah, melak sayuran, atawa mun keur usum halodo dagang korsi awi ka kota. Tara miwarang maca pun bapa mah, paling gé mapagahan nyieun boboko jeung tolombong, atawa nitah ngala suluh, ngarit, nyacar jarami, sakumaha kailaharanana di lembur. Pun biang nya kitu kénéh. Tayohna resepeun kénéh uing ngangon domba di astana ti batan maca mah. Tapi anéh keur SD uing bet ditakdirkeun resep maca buku.

Ari lembur uing, taun 1989 téh enya-enya dusun meledug. Hayang indit ka pasar gé, ari lain keur Agustusan mah tara kaparengkeun. Jaba kudu tumpak mobil dolak bari jalanna taringgul. Jaba mayarna mahal. Asa nyingkur pisan tuda. Hiji-hijina SD, tempat uing sakola, ayana di tengah sawah, di antara dua walungan, anggangna kira-kira 1 km ti lembur. Teuing kumaha sajarahna, bet nyieun sakola di tempat hara-haraeun kitu. Ngan cenah éta sakola geus ngadeg ti jaman gorombolan kénéh.

Tah, basa kelas 4 SD, taun 1989, uing kungsi laha-loho ka perpustakaan sakola. Weuh éta mah, teu béda ti sayang beurit. Boa teu nitih sataun sakali aya nu asup ka dinya téh. Tah, di éta perpustakaan ngabugbrug buku bacaan, basa Indonésia. Réa nu napel kénéh carita-caritana, tapi teu perlu di pedar sigana di dieu mah. Nya sok nginjeum dibawa ka imah, sawaréh teu dipulangkeun deui (asa mending kénéh dirawatan batan ku béak ku beurit mah). Kepala sakola harita nyahoeun yén uing resep maca. Anjeunna nyarios: “Di imah bapa réa buku mah!” cenah. Hiji mangsa ameng ka bumina, peuting-peuting mawa obor, da can aya listrik. Enya wé réa naker, pangpangna buku Sunda nu maké labél “milik negara”.

Mimitina mah pun biang atoheun ningal uing getol “ngapalkeun”. Da nya kitu, sakur nu maca buku téh, di lembur uing mah harita, sok disebut keur ngapalkeun. Lila-lila mah tayohna sareukseuk pédah uing jadi kalékéd—sok medenghel pisan mun keur anteng maca kalah ka dititah néangan jukut keur domba, komo bari dibarung hujan mah.

Salila resep maca, teu kungsi aya kereteg hayang ngarang. Maca mah, maca wé. Kakara basa kelas hiji SMP aya cita-cita hayang bisa ngarang téh. Tapi lain ngarang carpon, sajak, komo novél mah. Ieu mah hayang ngarang naskah dongéng radio. Ti bubudak uing resep pisan ngadéngékeun dongéng Mang Bahar, Bah Selud, Arman Wijaya, jeung Wa Képoh. Uing hayang nurutan Ki Leuksa, Ahmad Afandi Asgar, atawa béh dieuna Yat R, nu tapis pisan ngarang dongéng radio. Tapi semet kahayang, uing teu nyaho kumaha carana.

Kelas dua SMP (1992), uing kungsi cilaka, leungeun kénca misalah basa keur maénbal di kebon awi. Lila rék cageurna téh. Tapi aya berkahna, pagawéan ngarit jeung ngala suluh peré saheulaanan. Berkah séjénna, uing mimiti resep nulis. Tapi teu boga keretas jeung pulpén, da lebar buku matématika dipaké ngarang mah. Nya néangan keretas urut, nu kosong kénéh. Gutrut wéh ngarang. Sapoé meunang 8 lambar.

Karangan munggaran dijudulan “Ngipri”—nepi ka tamatna téh kabéhna 250 lambar. Lalakon hiji jelema balaksak nu geus aral pisan, terus munjung ka siluman oray, tapi antukna kudu mumusuhan jeung budakna nu getol pisan ngaji. Éta karangan ku uing sok dibaca di kelas, hareupeun babaturan, mun keur istirahat, buruhna dibéré keretas keur ngarang. Raresepeun geuning, malah sok ngadagoan sambunganana. Antukna uing boga “pendengar setia”. Malah lain di sakola wungkul, di lembur gé uing sok ngadongéng, dibacakeun di saung lisung gigireun kandang domba tempat urang lembur ngariung.

Di antara babaturan awéwé di sakola nu sok jadi “pendengar setia” téh, aya nu haat mangetikeun, da bapana dosén tur bogaeun mesin tik. Moal disebutkeun yén ngaranna Yuyum Yumianisari. Karangan nu 250-an lambar téh anggeus diketik ku manéhna, tuluy dijilid. Tah, rada genah macana, béda jeung tulisan uing nu tipaparétot. Tapi, piraku unggal ngarang kudu ngéngkén dipangetikkeun ku batur—enya gé ituna ridoeun. Ti dinya uing boga cita-cita hayang bisa ngetik.

Basa di sakola aya pangajaran keterampilan, nu dipilih ku uing tangtu wé diajar ngetik. Resep geuning, tulisan téh jadi bérés. Harita maké jeung yakin sagala, yén dina urusan ngetik mah uing pangrapihna. Tapi taya gunana ari mesin tikna teu boga mah. Kurunyung cita-cita séjénna: hayang boga mesin tik. Ah, pamohalan, dina bébéjana gé, bapa uing hamo nedunan éta kahayang nu teu pati ilahar—dalah buku gé apan mindeng nganjuk.

Kana ngarang beuki resep. Ditulis heula wé maké pulpén. Rupa-rupa judul geus ditulis, tinggal mindahkeun kana mesin tik. Leng ngahuleng, kurunyung ilham: nginjeum wé atuh. Harita, di lembur téh mesin tik ngan aya hiji-hijina, di balé désa. Kabeneran aya tatangga nu jadi Kaur. Nya dideukeutan, “Nambut lah unggal dinten Minggu mah, pan teu dianggo panginten da balé désa libur.” Karunyaeun tah, Mang Kaur téh. Unggal Saptu burit Mang Kaur sok ngagiwing mesin tik. Senén isuk-isuk ku uing dipulangkeun. Lumayan aya waktu sapoé. Kolot uing mimiti rungsing. Komo basa hiji Senén mah uing poho, kalah indit wé ka sakola, teu mulangkeun mesin tik. Pun biang ngambek, pédah tengah poé aya aparat désa mawa mesin tik ka imah, urusan désa kateug cenah gara-gara mesin tik aya nu nginjeum. Ti harita, uing tara dibéré nginjeum deui mesin tik ku désa.

Teu pugag lampah. Uing tetelepék ka babaturan, nanyakeun saha-sahana nu boga mesin tik. Kungsi milu di imah sawatara babaturan, milu ngetik. Teu jongjon, jaba waktuna ukur sakeudeung, da teu bisa dibawa ka imah. Nepi ka hiji poé, batur sakelas (Asép ‘Lépét’ Firdaus), ngawanohkeun uing ka Donny FM, budak kasép naker tapi tara tolohéor ka awéwé. Ti dinya uing sosobatan jeung Donny, malah mindeng saré di imahna, milu ngetik. Nya ari geus jadi sobat dalit mah, teu burung dipasrahkeun mesin tik téh, bisa dibawa ka imah cenah.

Hanjakal, kolot uing teu satujueun éta mesin tik dibawa ka imah. Kumaha mun ruksak, kumaha nu dipaké ku bapana, jsté. Kawasna ngeunteung kana pangalaman mesin tik désa téa. Ku uing diyakinkeun yén ieu mah mesin tik nganggur. Teu percayaeun.

Euweuh deui cara: kudu meuli. Naék ka kelas tilu SMP, uing mimiti nabung. Rupa-rupa cara dilakonan: dagang és, kuli nanggung sampeu, nyieun boboko, mangmigawékeun PR matématika tuluy diburuhan. Tapi salila sataun téh ukur meunang 75 rébu, biheung mahi.

Hiji poé pasosoré, uing keur ngagutrut ngarang maké pulpén dina palupuh bari dadapangan. Bapa teuing keur ka mana. Ditanyakeun ka Emih, cenah isuk-isuk mah rék ngajual bako ka pasar. Di luar hujan ngagebrét. Rentang-rentang ti buruan, katémbong aya nu leumpang huhujanan. Awakna jibreg. Unggah ka imah bari rancucud. Bapa. Uing ngarénjag asa ngimpi nénjo mesin tik nu dijingjing ku bapa. “Ladang bako usum ieu mah, ku déwék dipaké meuli mesin tik!” pokna.

Basa di imah geus aya mesin tik, ngarang téh asa beuki kokomoan. Bari teu nyaho keur naon-naonna, resep wé nu puguh mah. Kelas 3 SMP uing can wawuh jeung Manglé atawa média Sunda lianna. Nu matak karangan téh tara dikirim ka mamana, mun geus dijilid sok diinjeum ku babaturan. Malah aya guru PMP nu ujug-ujug resepeun. Sok ngahaja nginjeum, hayang milu maca cenah.

Lalakon dina karangan téh rupa-rupa. Réréana mah carita jurig jeung kahirupan urang lembur. Najan uing tacan kungsi nincak Kota Bandung, tapi dina karangan mah geus aya nu ngalalakon di Kota Bandung. Ukur sadéngé-déngéna wé. “Jalan Bypass mah teu ngaliwatan alun-alun Bandung,” kitu cék nu mangmenerkeun. Harita deuih, uing mimiti resep ka batur sakelas. Moal dibéjakeun ngaranna Nining Sariningsih. Nu matak méh dina unggal karangan, aya wé éta ngaran téh, tapi teu maké papanjangna. Ari di kelas téh aya dua ngaran Nining. Geus kitu jeung NS sok susuratan. Nepi ka hiji mangsa manéhna nyarita dina surat: “Jangan lagi sebut namaku dalam ceritamu, nanti teman-teman curiga.”

Basa asup ka SMA, aya nu ngabéjaan, cenah di Tanjungsari gé aya pangarang moyan. Jenenganana Maman Ma’ruf (alm), kepala sakola SMA Muhammadiyah. Da nékad atuh ditepungan, hayang wanoh. Pa Maman atoheun pisan, teras ngajak ka bumina. Pa Maman ngadongéng yén anjeunna téh pupuhu Harupat (hilap deui singgetan tina naon, ngan tungtungna maké Pangarang Tanjungsari). Terus sok nyaritakeun Caraka Sundanologi, nyaritakeun Manglé. Anjeunna sok ngarang carpon, sajak, carita nyambung, jeung naskah dongéng radio. Uing mani rancung basa ngadéngé naskah dongéng radio. Harita ku carpon jeung sajak mah teu kabita. Uing terus nyarita, kumaha carana mun hayang ngarang dongéng. Anjeunna masihan contona, hiji naskah maké judul “Karémbong Julatjalitrong”. Lima jilid. Unggal jilid kandelna 200 kaca, diketik 1 spasi dina keretas folio.

“Ngarang naskah dongéng mah, kudu kandel. Unggal poé juru dongéng macakeun naskah nepi ka 20 kaca. Jadi mun sabulaneun téh, kudu 600 kaca!” saur Pa Maman. Teu gimir ku jumlah kaca, peutingna ngamimitian ngarang. Unggal peuting taya reureuhna. Sakapeung nepi ka tengah peuting. Pun biang gandéngeun. Sora mesin tik di lembur nu kacida simpé, éstu ngaganggu kana kulemna. Ku uing geus diakalan, pindah ngetikna ka dapur, ditilaman ku bantal, angger wé kadangueun. Nepi ka hiji peuting mah, pun biang béak kasabaran. Uing dicarékan, keur naon cenah ngetik waé, moal jadi duit. Da jeung enyana, teu jadi duit. Tapi da resep. Nu matak basa dicarék ngetik téh uing pundung ka imah nini, mondok unggal peuting. Tah, pun nini mah teu kaganggu ku sora mesin tik, resep wé cenah, asa aya nu maturan.

Sabulan leuwih, naskah 600 kaca anggeus. Leungeun asa sasanggaleun. Cinggir nyeri da mindeng nyelap dina lolongkrang tuts. Éta dongéng ngeunaan carita silat jeung élmu-élmu kadugalan, dijudulan “Félis Ragapeteng”. Ieu téh ngaran jurus ucing nyakar nu ahéng pisan, lantaran nu kacakar awakna bakal ngadadak jadi hideung lestreng. Dina dunya persilatan mah, ieu jurus kaasup aliran hideung, kudu dibasmi ku para jawara nu mélaan bebeneran.

Sanggeus bérés, éta naskah dibikeun ka Pa Maman. Teuing dibacakeun di radio mana, da teu kungsi kasusud. Ngan harita uing dibéré honor 20 rébu—cukup keur ngagantian urut meuli keretas burem mah.

Sabada dipikir-pikir, nulis naskah dongéng mah matak rugi bandar. Kudu ngetik ratusan kaca tapi honorna teu kurup, malah mun diitung-itung, kalah matak béak modal. Kelas 2 SMA, taun 1995, uing sakelas jeung Annete Dwi Kencana nu bapana langganan majalah Manglé. Tuluy boga deui babaturan, Déwi ngaranna, lanceukna jadi agén Koran Galura. Uing kungsi ulin ka imah Annete, hayang nyaho eusi Manglé. Enya wé mani ngabugbrug réa naker.

“Bawa wé kabéh,” cék Annete. Uing tuluy mawa Manglé sapanggulan. Ti Déwi uing dibéré Galura satambruan. Dibaca unggal poé, ti cover hareup nepi ka cover tukang. Anéh, ujug-ujug kurunyung obsési teu pati ilahar: uing kudu bisa nulis sakabéh rubrik nu aya di Manglé. Teu nyaho yén saenyana rubrik Lawang Sakéténg (tajuk rencana) jeung Lempa Lempi Lempong (sabangsaning catatan pinggir)—mutlak wewenang redaksi, teu narima tulisan ti luar.

Nu mimiti téh uing nulis carpon. Sapoé meunang tilu judul. Geus aya 20 judul, nékad indit ka Bandung balik sakola, maké kénéh saragam, néangan kantor majalah Manglé. Inget kénéh, harita poé Rebo. Kapanggih, sanggeus ngoprot ngésang da leumpang ti Soekarno Hatta (lebah parapatan Buah Batu) ka Jl. Lodaya bari ngélék map beureum dieusi naskah. Basa nyorang Jl. Macan, ger hujan. Map kabaseuhan.

Munggaran asup ka Manglé, ngadégdégna kabina-bina. Di rohangan hareup aya Bu Ai Suryati nu sok narima naskah. Anjeunna miwarang sangkan langsung disanggakeun ka redaktur fiksi, Bah Duduh Durahman. Uing beuki kokompodan basa asup ka rohang redaksi. Aya sawatara urang keur nérékték ngetik, sawaréh geus maké komputer. Aya lalaki keur ngaguher dina korsi panjang (Kang Cécép Burdansyah), terus aya Téh Hana RS keur nyorétan keretas. Méja Bah Duduh di juru, kahalangan ku lomari. Song wé naskah dibikeun. Teu pati carita, buru-buru wé amitan, tuluy balik da bisi kaburu ngalenggerek. Harita uing ngadadak asa jadi budak bau lisung sasab ka kota nu pinuh ku kasinanglingan.

Éta mah uing, isukna balik sakola geus ngingkig di terminal pasar, hayang ningal Manglé (di pasar aya tukang koran nu sok dagang Manglé). Manglé anyar (medalna unggal Kemis) dibukaan salambar-salambar bari dipirit. Ah, teu dimuat. Beu, mun inget ayeuna mah, hayang nyarékan diri sorangan. Nya heueuh atuh, da kakara gé sapoé. Boa naskahna gé can dibaca-baca acan. Éta uing maké jeung terus nélépon (maké télépon koin) deuih ka redaksi Manglé, nanyakeun naskah. Inget wé, cék nu narima télépon (Budi Riyanto Karung), naskah rupina nuju dibaca kénéh. Beu, isin kacida mun diinget-inget ayeuna mah, maké jeung naléngténg urusan naskah sagala.

Didagoan sabulan, lebeng. Dua bulan, taya raratan. Tapi uing kalah ka beuki ngabarungsinang. Lain kapok, kalah der nulis deui. Ayeuna mah maké stratégi, teu waka nulis carpon (nu beurat), tapi dimimitian ti nu parondok heula. Pan di Manglé aya rubrik hahaha, carita barudak, pangalaman para mitra, jsté. Tah, nulis éta wé saheulaanan mah. Sapoé bisa nyieun 20 judul hahaha. Teu mikiran pikaseurieun henteuna mah. Inget waé, asana nu mimiti dimuat téh nu ieu:

------------

KADUHUNG. Balik digawé, bari ngalageday dina korsi ngareureuhkeun kacapé, Mang Engkos ngahuleng. “Aing digawé di Bandung téh geus 20 taun. Unggal poé tumpak beus kota jeung angkot, ongkosna béak opat rébu. Ditambah roko sarébu, jadi lima rébu. Lamun dikumpul-kumpul, sataun gé geus béak sajuta satengah. Dua puluh taun jadi 30 juta. Beu, gedé geuning, bisa dipaké nyieun imah gedong. Kaduhung pisan aing mah, bet digawé di Bandung!”

------------

Mimitina hahaha téh dimuat sajudul. Ti dinya mayeng unggal minggu. Honorna Rp 2.500 sajudul, sok dikirim kana wésel. Karangan séjénna nu sok dimuat téh carita barudak dina Manglé Alit jeung dina Mupu Kembang (Galura, harita “jabrik”-na Kang Tatang Sumarsono). Tapi angger ari carpon lebeng taya nu dimuat—padahal geus ngirim deui. Padahal uing kabita hayang nurutan sawatara pangarang nu harita karya-karyana remen dibaca. Pangarang favorit uing harita: Godi Suwarna, Hadi AKS, Holisoh ME, Usép Romli HM. Uing resep deuih kana carpon-carpon Dédén Abdul Aziz nu karya jeung cara nyaritakeunana asa rada nenggang.

Dina kurung-karang mah, harita uing ngarasa taya batur pakumaha. Teu bisa nanyakeun kumaha carana nyieun carpon. Pangarang nu sok narulis di Manglé, éstu pikasérabeun wungkul—pangpangna mah bingung ka mana mun hayang nepungan gé. Antukna uing “ngagayem” deui buku-buku Sunda nu ngamuat carpon, nu sok dibaca jaman SD. Tuluy ngabanding-banding jeung karangan sorangan. Uing kakara ngarti yén ngarang téh butuh kamus.

Hiji poé, balik nyokot honor ti Manglé, uing leumpang ka Toko Buku Palasari. Néangan kamus. Bréh manggih kamus konéng beunang LBSS. Malah aya leuwihna, uing manggih buku “Diajar Ngarang Carita Pondok” beunang Adang S.  Uing maca kamus kawas maca novél, dibaca ti A nepi ka Z. Buku DNCP gé geus lecek pisan. Dina karangan saterusna, uing jadi resep ngulinkeun diksi. Malah ampir sakur kecap nu ditulis dina karangan, diakurkeun heula jeung kamus. Uing mah mikiran ajén carita, nu penting karangan genah heula dibacana. Perkara éjahan, uing teu diajar tina téori tatabasa. Ukur ngundeuran tina karangan batur. Upamana, kumaha nuliskeun kekenteng, di mana merenahkeun titik jeung koma, jsté. Geus kitu, uing ngirimkeun deui naskah carpon.

Hiji poé, balik méré lés privat matématika (harita bari buburuh ngajar matématika ongkoh ka barudak SMP), uing nyimpang ka wartél, rék nélépon babaturan. Bérés nélépon, basa rék babayar, nu jaga wartél teu kasampak, sigana keur kaluar heula. Ngan dina méja ngagolér majalah Manglé panganyarna. Pangangguran dibukaan. Ngarénjag lebah daftar eusi: aya carpon uing! Carpon nu harita mimiti dikirimkeun. Nya éta pisan kabungah uing salila ngarang. Teu engeuh nepi ka ajrag-ajragan sorangan di wartél. Bungangang leuwih-leuwih ti ditarima cinta ku hiji mojang.

Mun diinget-inget ayeuna, enya asa euweuh kaéra, lantaran uing mindeng ngajingjing mesin tik ka sakola. Der ngetik di ruang OSIS, mun keur istirahat. Komo basa aya acara pasantrén kilat, kabéh barudak dikerem (nyieun kobong di sakola) teu meunang kaluar salila saminggu. Uing mah anteng wé ngetik. Kungsi dicarékan ku guru lantaran babaturan mah gerak jalan, ari uing kalah nérékték—da nya kitu, sora mesin tik mah teu beunang disumput-sumput.

Di antara nu matak sumanget nulis téh: para mojang. Taun 1996 mah, ngarang téh (sigana) enya-enya réa nu maca. Dimuat dina média lain baé méré kareueus, tapi jadi réa “penggemar” deuih. Harita sok ngirimkeun karangan téh ka Manglé, Galura, jeung Tabloid Kudjang. Nulis dina PR Kecil jeung Bobo deuih, pédah honorna rada gedé—tapi langka dimuat. Unggal poé, sok aya waé nu ngirim surat ka sakola, sabada maca karangan uing. Ampir kabéh, awéwé wungkul, réréana mah barudak sakola nu saentragan. Ukur kitu wé, susuratan silih dongéngan kaayaan, bari maké basa Sunda deuih.

 

Ladang susuratan téh, aya opat mojang nu kungsi tepung. Urang Banjar, Tasikmalaya, jeung Ciamis. Di antarana aya nu tepung deui sabada usum Facebook. Nu rada kerung mah aya urang Jakarta, sakolana di SMA 24 Jakarta, teu hir teu walahir kana basa Sunda, ngan bapana langganan Manglé, jadi budakna maksakeun maraca basa Sunda.

Balik deui kana urusan ngarang. Tah, obsési téa, hayang ngeusian sakabéh rubrik dina Manglé téh, angger ngagulung dina sirah. Sakur tulisan diteuleuman. Uing remen ngaderes kumaha carana Kang Cécép Burdansyah nulis réportaseu, kitu deui berita-berita dina Galura. Harita kapikir nu katimbang pangénténgna téh, nulis profil. Babaturan awéwé nu jadi foto modél, bisa nyanyi, diwawancara. Tuluy dikirimkeun. Dimuat. Nepi ka hiji mangsa mah kungsi huhujanan néangan imah Rossa di Sumedang (béda sataun jeung Rossa téh), nya panggih jeung bapana. Dimuat wéh di Manglé.

Ceuli uing teu weléh rancung, ngadédéngékeun naon nu sakirana bisa ditulis. Basa aya tatangga babaturan nu keur kamusibahan, ku uing diwawancara keur rubrik “Katurug Katutuh”. Budakna umur 4 taun kaserang kangker, nepi ka teu bisa cengkat da mastakana ngaageungan. Gulang-guling di imah panggung nyanggéyéng, di hiji lembur nyingkur, matak ngangres da kolotna jelema teu mampuh. Uing nginjeum kaméra ka Si Jéjé (ayeuna geus jadi tentara), jeprét dipotrétan. Peutingna tuluy ditulis, diwawaas maké gaya carpon. Isukna nyitak foto, tuluy ngingkig ka Manglé mikeun éta tulisan. Harita pareng aya Ceu Hana RS. “Bérés Dan, tulisan téh!” cék Ceu Hana RS. Minggu hareupna langsung dimuat (ka dieunakeun karék nyaho, horéng di média Sunda mah remen kasaatan naskah, pantes wé téréh dimuat gé).

Éta tulisan katurug katutuh téh, bet nyumangetan uing, ujug-ujug hayang jadi wartawan. Alesanana mah basajan, horéng tulisan téh bisa mangaruhan jalma séjén. Sabada dimuat di Manglé, patingkurunyung nu ngalongok éta budak nu kangker téa. Malah antukna mah aya méré waragad keur operasi. Nepi ka ayeuna teu tepung deui.

Kelas 2 SMA, uing ditepungkeun ku guru Basa Sunda waktu SMP jeung wartawan Kudjang. Kabeneran urang Tanjungsari, ngan dinesna di Majalengka. Uing diajak ka kantor Kudjang di Jl. Buah Batu No. 3. Ditepungkeun jeung Kang Aas Suwangsa, Kang Dédé Rukman (Dederuk), Kang Zénal, jsté. Nepi ka antukna, uing ditawaran jadi loper Kudjang. Diladangan wé, da urusan dagang mah kungsi diajar jaman keur SD.

Langganan téh aya 50 urang di sabudereun Tanjungsari. Unggal poé Rebo indit ka Bandung, nyokor koran. Isukna balik sakola diiderkeun. Tah, mindeng pisan rék balik kapegat hujan, atawa wanci kaburu peuting. Tungtungna mah sok milu mondok. Nya harita mimiti wanoh jeung Mang Tata, pasapon di kantor Kudjang. Sok ngawangkong di gowokna, luareun kantor lebah wangunan leutik nu kawas kandang japati. Éta Mang Tata, mun uing mondok téh ngagelendut wé mapagahan, nyaritakeun peurihna hirup. Uing mah ukur unggeuk-unggeukan, can ngarti urusan kapeurih, da asa lugina wé sapopoé téh. Tapi, réa dongéng Mang Tata nu dipulungan keur bahan tuliseun.

Keur kelas 2 SMA mah, boga panghasilan 150 rébu sabulan, mani asa medah-meduh. Rata-rata meunang sakitu ladang nulis, loper koran, jeung méré lés matématika. Harita pangaji rupiah ka dolar keur 1.900. Harga sangu goréng Rp. 500 saporsi. Cita-cita salajengna: hayang boga komputer. Uing kungsi milu kursus Wordstar, dBase jeung Lotus nepi ka tapisna ngetik, tapi taya gunana, da komputerna teu boga.

Hiji poé uing panggih jeung Juragan Kaén. Mimitina mah, kawas sasari, unggal Rebo tumpak beus kota. Nu rék dijugjug téh Galura, Manglé, jeung Kudjang. Turun di Kebon Kalapa, tuluy leumpang mapay Jl. Déwi Sartika bari nempoan buku. Sabot leumpang, aya nu noél. Lalaki geus rada umuran. Cenah nyaritana mah tadi bareng dina beus kota. Manéhna ngaku urang Tanjungsari, imahna deukeut bioskop. Boga usaha jual-beuli pakéan, pangpangna lévis (jeans téa). Tuluy pancakaki. Manéhna wawuheun ka guru uing nu imahna lebah dinya.

“Kacirina Ujang mah pinter utang-itung,” pokna. “Bapa téh keur butuh pagawé, purah ngajumlah-jamléhkeun duit. Sugan Ujang daék, balik sakola wé digawéna mah. Ké ku bapa dibéré motor paranti balik ka lembur. Gajih 500 rébu sabulan!” Uluh, leuwih ti ngarang éta panghasilan. Uing giak. Manéhna milu ka Galura, nungguan di luar. Tuluy ngajak néangan pakéan bari mawa daftar balanjaan aya jutana. Ider-ideran néangan lévis. Leumpang teuing ka lebah mana (bureng harita mah kaayaan di Bandung téh).

Basa nepi ka hiji toko pakéan, manéhna nyarita, geus meunang cenah lévis téh. Sakitu jutaeun. Ngan duitna kurang saeutik. Manéhna nanya sugan uing nyekel. Naha da éta mah, uing ujug-ujug ngaluarkeun duit nu rék ditabungkeun, teuing sabaraha, ngan kabéh wé dibikeun. Sup deui manéhna ka jero toko. Ku uing ditungguan di luar. Geus sajam can bijil kénéh. Maju ka magrib lebeng. Tungtungna uing ngageremet: “Katipu!” Kasebelan jelema téh, sakitu uing maké saragam sakola. Uing bingung. Duit ludes, euweuh keur ongkos-ongkos acan. Jaba teuing aya di mana. Jaba peuting. Tungtungna lewa-lewé bari leumpang mapay trotoar. Natanyakeun Jl. Lodaya ka unggal jelema. Sanggeus leumpang aya dua jamna kakara kapanggih. Uing milu saré di mushola Manglé, maturan Kang Budi Rahmat. Méméh subuh nginjeum duit keur ongkos, biur wéh balik kana beus kota nu pangisukna: di sakola aya ulangan matématika keur ngadagoan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...