Bagikeun ka Lapak Facebook

Saha ÉtaJumaah, 28 Maret 2014 03:33

Épot Grup, Satia Matéakeun Seni Calung

Ku Yus R. Ismail
SN
Kang Epot, pimpinan calung Epot Grup [Potret: Maruta Bayu]

SENI calung masih kénéh dipikaresep ku sawatara masarakat. Minangka kasenian asli Sunda, tangtu baé kalumangsunganna kudu tuluy dipiara. Karya seni calung teu meunang saat ti mangsa ka mangsa, sangkan kahirupanna leuwih manjang, tur leuwih mekar di lingkungan masarakat. Kilang kitu, nurutkeun E. Koestarman, hirup-huripna seni calung lain baé gumantung ka seniman calung, tapi ditangtukeun ogé ku masarakat. Seni calung bakal terus kapiara lamun masarakatna micinta kana éta kasenian. Wujud kacinta masarakat kana seni calung, diantarana méré kasempetan ka para seniman pikeun manggung.

”Kiwari seueur para inohong atanapi masarakat anu mngedalkeun rasa kacinta kana kasenian Sunda. Tapi dina mangsana hajatan, kasenian anu ditanggap téh kalah kasenian deungeun-deungeun. Tangtos sanés ulah, tapi anu wijaksana mah sajabina ti nanggap kasenian deungeun téh masihan lolongkrang ogé ka seniman Sunda, boh calung, jaipongan, atanapi naon baé. Ku cara kitu, seniman Sunda tiasa hirup...” kitu ceuk E. Koestarman, basa ditepungan di palinggihanna, Jl. Nagrog No. 31, RT. 02, RW. 07, Kel. Pasirjati, Kacamatan Ujungberung, Bandung.

E. Koestarman téh leuwih dipikawanoh ”Kang Épot”. Lamun di wewengkon Nagrog nanyakeun imahna ogé, moal bireuk deui kana ngaran Épot mah. Pasti bakal langsung naruduhkeun ka hiji imah anu ngadeg gigireun Masjid Miftahul Falah. Kang Épot katelah ahli seni, anu ngaluluguan grup angklung, anu dingaranan Épot Grup. Nya, ti saprak ngadeg grup calung Epot, ngaran Sutarman mah geus ampir kapopohokeun, da leuwih nelah Kang Epot.

Kang Épot téh aslina mah urang Sumedang. Lahir di Buahdua, Sumedang, 19 Februari 1960. Lahir di lingkungan kulawarga seniman. Ibu-ramana, Pa Usman jeung Bu Entar, harita ngarojong pisan ka Kang Épot pikeun neuleuman dunya kasenian. Lantaran réa diantara barayana ogé anu aub dina kasenian Sunda. Contona mah uwana ahli penca, akina ahli tari serimpi, bibina ahli nyawér, jeung sajabana. Ku kituna, ti leuleutik, Kang Épot mindeng pisan diajakan ulin dina panggung. Ti mimiti ngagoongan nepi ka ngendangan, geus loma pisan dina kahirupan sapopoé. Matak, kana gending téh geus teu bireuk deui, da puguh jadi bagian tina kahirupan sapopoéna.

Aya dua pangaresep Épot ti bubudak anu nepi ka kiwari tetep napel, nyaéta ngadalang jeung nyalung. Baheula, keur jaman budak, Épot sok ngabantuan bapana ngagaru di sawah. Bari ngagaru téh, Épot teu eureun hahariringan atawa dadalangan, nurutan rupa-rupa sora badis dalang wayang golék.

Sakali mangsa, tatanggana aya nu nanggap Dalang Abah Sunarya. Épot mah lain lalajo siga batur, tapi milu naék kana panggung awahing ku resepna kana wayang. Tug nepi ka ku bapana disérénkeun ka Abah Sunarya, sangkan diatik ngadalang di Giri Harja. ”Tapi, pun biang harita lolongséran payuneun hawu, alimeun papisah sareng Épot...” kitu ceuk Kang Épot ngumbar panineungan jaman keur budak. Kiwari mah dua sepuhna tos ngantunkeun.  

Basa kelas opat di SDN Buahdua, Sumedang, Épot geus bisa nyalung. Saban aya acara samen, pasti di sakolana nanggap calung Épot jeung sobat-sobatna. Malah kacintana kana seni calung téh henteu kungsi pareum nepi ka Épot nuluykeun sakola ka tingkat nu leuwih luhur. Harita, Kang Épot nuluykeun sakola ka SMPN Buahdua, Sumedang, sarta ka STM Merdeka, Bandung.

Sanajan getih seni mah tetep nyaliara dina diri Kang Épot, tapi kasenian tacan bisa dipaké ngabayuan kahirupan. Ku kituna, Kang Épot kungsi digawé di pabrik tiwu, wewengkon Kadipatén, Majalengke. “Di tengah leuweung digawé téh. Akang teu kuat, nepi ka antukna kabur, milu kana mobil treuk anu ngangkut tiwu.” Kitu ceuk Kang Épot. Sanggeus kaluar ti pabrik tiwu, Kang Épot katarima digawé di PT. Dirgantara Indonésia (DI). Nepi ka kiwari, Kang Épot masih kénéh mancén di PT. DI.

Sanajan digawé di PT. DI, tapi Kang Épot tetep henteu poho kasenian. Komo deui sanggeus ngadahup ka Mulyati, S.Pd., anu salawasna ngarojong Kang Épot dina prosés kréatif kasenian. ”Harita akang nikah taun 1983. Ayeuna mah tos gaduh putra lima urang, incu genep urang...” pokna Kang Épot. Sanajan kitu,  sumangetna dina matéakeun seni calung teu kungsi pareum. Sajabana ti nyalung, Kang Épot ogé mibanda kaahlian ngalukis wayang jeung ngukir wayang. Sawatara ukiran wayang beunang Kang Épot ngajajar di rohangan tamu.

Henteu kapalang ngaléngkah, Kang Épot kungsi medalkeun sababaraha album calung. Taun 2010 grup Epot diadegkeun, dina taun kaduana geus bisa asup dapur rékaman. Salian ti lagu ciptaanna, aya ogé lagu-lagu calung anu dijieun ku pencipta lagu sohor, Uko Héndarto. Diantara album-album calungna aya anu dijudulan ”Halimun Gunung”, ”Sosoloyongan”, jeung sajabana. Kungsi duét jeung biduan Nani Triantini.

Nurutkeun Kang Épot, kasenian téh kudu pikalucueyun jeung pikasoleheun, sarta bisa méré mangpaat. Jadi, pikeun Kang Épot, milih nyorang kasenian téh bisa dijadikeun salahsahiji ibadah, upama diniatan ku kaihlasan. Bisa ngahibur masarakat jeung muka pacabakan ka anggota grupna, kitu diantarana. Atuh nu leuwih legana, tina karya seni téh Kang Épot miharep sangkan bisa ngageuih haté masarakat pikeun leuwih ningkatkeun katakwaan ka Nu Maha Kawasa. Tangtu baé Kang Épot mibanda pamiangan siga kitu, ku lantaran saméméh aub kana seni angklung, di Nagrog téh kungsi aktip di masarakat, misalna jadi Ketua DKM, RW, jeung bendahara LPM widang kasenian.

Calung Epot Grup kungsi diondang ka sawatara wewengkon pikeun manggung. Misalna di daérah,  Sumedang, Ciwidey, Karawang, Subang, Pagadén, jeung réa-réa deui. Kang Épot miharep sangkan calung kahareupna bisa leuwih ditarima ku kalangan generasi ngora. Ku kituna, rupaning torobosan ditarékahan ku Epot Grup, sangkan calung leuwih dipikalandep ku balaréa.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...