Bagikeun ka Lapak Facebook

Warta SundaUmumJumaah, 28 Maret 2014 03:23

Ay Rokayah Sumirat, Panineungan Guru Jaman Baheula

Ku Dhipa Galuh Purba
SN
Hj. Ay Rokayah Sumirat (1938-2014) [Potret: Istimewa]

(SundaNews) Dikawinkeun ka  guru téh baheula dianggap jadi  salahsahiji ancaman anu kawilang pikasieuneun pikeun  kaum wanoja, lantaran karaharjaan guru tacan pati kaperhatikeun. Kitu lalakon anu kungsi dipedar ku Ibu Ay Rokayah dina sakali mangsa, basa ngadadarkeun kahirupan  guru antara taun 1950-1970-an. Mémang, dina jaman harita mah karaharjaan guru téh teu pati meunang panitén ti pamaréntah, anu antukna profesi guru jaman harita teu pati dirérét. Arang langka aya anu kataji pikeun jadi guru, lantaran tinimbanganna tina sisi ékonomi bisa dipastikeun kurang.

Béda jeung jaman ayeuna, profési guru téh teu sirikna pada mikahayang. Lantaran karaharjaan guru geus undak ku ayana panitén ti pamaréntah. Gajih guru jaman kiwari bisa diandelkeun pikeun nyumponan bubutuh sapopoé. Komo deui ku ayana sértifikasi. Ku kituna, geus sawadina gajih guru téh diperhatikeun ku pamaréntah. Malah kudu terus ditingkatkeun deui, Sabab, nu nyiptakeun generasi kapamingpinan téh kapan guru pisan. Guru kudu raharja, sangkan leuwih laluasa mikiran cara nhatik murid-murid. Ku ayana panitén siga kiwari ogé, anu dalaptar ka sakola kaguruan téh saban taunna teu weléh ningkat.

Dina jaman baheula mah guru téh teu pati kaperhatikeun. Malah sabagéan masarakat di tatar Sunda biasa ngageroan “Jang Guru” atawa “Nyi Guru” ka guru téh. Mangka, upama aya nu milih jadi guru, sasarina mah sok ditentang ku kulawargana. Lantaran, milih profési jadi guru, dianggap lain jalan pikeun muru kana kahirupan anu raharja.  Ku kituna, pikeun anu harita milih jadi guru, umumna mibanda  motivasi anu ihlas pikeun babagi élmu, sarta milu berjoang pikeun nyerdaskeun kahirupan bangsa. Pokona mah upama ngandelkeun hirup tina gajih guru jaman harita, rada pamohalan bisa kacumponan. Wajar upama anu mibanda cita-cita hayang beungar,  bakal nyingkahan pikeun kawin jeung guru, komo deui jadi guru.

            Kurang populérnya profési guru jaman harita, dilantarankeun  masarakatna ogé anu tacan pati nganggap  penting kana nyorang atikan ka tingkat  nu leuwih luhur. Cukup bisa maca,nulis, jeung ngitung. Teu kudu sakola luhur-luhur.  Komo di padésaan mah barudak wanoja anu umurna kakara  12 taun geus langsung dikawinkeun. ”Nanaonan awéwé sakola luhur-luhur, da ahirna mah bakal lumpat ka ka dapur…” kitu biasana mah caritaan anu mindeng dikedalkeun dina jaman harita.

            Ay Rokayah (l. 15 Maret 1938), salah saurang wanoja anu harita nekad  milih jadi guru. Ti umur  17 taun, geus ngajar di SDN Indihiyang, Tasikmalaya. Ay ogé mibanda tékad pikeun nyakolakeun budakna nepi ka paguron luhur, sarta milu narékahan pikeun ngalelempeng anggapan masarakat kana  sekolah. Ku cara ngawangkong maké  pendekatan kakulawargaan, dimimitian masarakat di sabudeureunna, ngécéskeun yén sakola téh kalintang penting.

            Dina taun 1975, Ay Rokayah dipindahkeun ngajar ka SMPN Cibinong, Bogor. Nya harita salaki jeung budakna  milu pindah ka Bogor, kalayan tumetep di wewengkon Citeureup, Bogor. Dina waktu harita, masarakat di Citeureup, Bogor réa diantarana anu tacan pati nganggap penting pikeun nyorang atikan ka tingkat nu leuwih luhur.  Sasarina pikeun wanoja anu kakara lulus SD, langsung dituluykeun ka  KUA (Kantor Urusan Agama).

            Ari Ay Rokayah mah teu kapangaruhan ku  kabiasaan kitu. Harita, Ay anu kabeneran budak katiluna saurang wanoja,  tetep disakolakeun ka tingkat menengah, malah nepi ka paguron luhur. Tug nepi ka hiji mangsa, aya tatanggana anu ngahaja nepungan Ay Rokayah. “Teu karunya-runyaeun éta budak geus 15 taun hayoh baé sina sakola, anggur mah geura kawinkeun…”  kitu ceuk tatanggana. Malah lain saurang dua urang anu sok nyaritakeun budakna Ay Rokayah, anu tacan dikawinkeun baé dina umur 15 taun.

            Nyanghareupan sikep tatanggana, Ay Rokayah henteu ieuh jadi bangbaluh, komo jadi pacéngkadan. Diwaler ku imut, bari tuluy ngadadarkeun pentingna nyorang atikan. Ku cara kitu, loba diantara  tatangga di sabudeureunna anu antukna  nurut kana saran Ay Rokayah. Lain sakali dua kali,  Ay rokayah milu nganteur barudak di lemburna pikeun daptar sakola. Malah lamun anu tarik hayang sakola, tapi taya waragad, Ay milu ngabantu mangmayarkeun SPP. Mangrupa kabagjaan pikeun Ay Rokayah mangsa nyaksian barudak tatanggana bisa sakola ka tingkat nu leuwih luhur..

            Lima urang budakna  Ay Rokayah,  disakolakeun nepi ka nyangking gelar sarjana Sabenarna Ay boga budak téh genep urang. Tapi budakna anu kahiji, pupus mangsa keur orok. Kiwari, diantara lima urang budakna, aya ogé salahsahijina anu nuluykeun cita-cita Ay, jadi guru di hiji sakola, di Kota Bandung.

            Nyanhareupan pangsiun,  Ay Rokayah dipindahkeun deui ka lembur matuh banjar karang pamidanganna, Tasikmalaya. Harita Ay kungsi ngajar  di SMPN Sinanggalih, Tasikmalaya tug nepi ka pangsiun. Ay Rokayah méakeun poé-poé pamungkasna  di Indihyang, Tasikmalaya, dibarengan ku carogéna, Lili Sutarli. Tug nepi ka ahirna, Ay Rokayah dipundut ku Nu Kagungan, mulih ka jati, mulang ka asal. Ay Rokayah pupus dina poé Senin, 13 Januari 2014, jam 03.20 WIB, di Pavilyun Parahyangan, Rumah Sakit Hasan Sadikin, Bandung. Layon Ay Rokayah dimakamkeun di Désa Sukamaju Kaler, Indihyang, Tasikmalaya. Innalillahi Wa Inna Ilaihi Roziun. Mugia arwah almarhumah Ibu Guru Ay Rokayah, diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Allah SWT, Amiien yaa robbal alamiien.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...