Bagikeun ka Lapak Facebook

Beber LayarKemis, 09 Januari 2014 03:38

Poténsi Wisata Jabar Selatan

Ku Sakti Budhi Astuti
SN
Sakti Budhi Astuti [Potret: Maruta Bayu]

Upama nyaritakeun basisir laut,  tangtu baé ngaran Pangandaran jeung Palabuan Ratu anu kalintang populér. Kaéndahal alam basisir Pangandaran sanggup ngadatangkeun para wisatawan domestik tur mancanegara pikeun datang. Tapi raména basisir di Jabar Selatan ukur dina poé-poé pakanci, hari besar, atawa mangsa ganti taun maséhi. Sasarina dina waktu éta mah, jumlah para wisatawan naék drastis. Hotél jeung penginapan rata-rata pinuh, pasar kuliner jeung cendera mata ogé maréma.  Kabuktian yén ku raména basisir, sacara langsung bisa ngarojong undakna perekonomian masarakat.

            Diadegkeunna Pangandaran jadi kabupatén 25 Oktober 2012, salahsahiji agénda utamana nyaéta pikeun ngarojong naékna kamampuh jeung mangfaat poténsi daerah pikeun ngalaksanakeun poténsi daérah, sakumaha anu ditulis dina  UU No 21/ 2012 ngeunaan diadegkeunna Kabupatén Pangandaran.

Pangandaran leuwih dipikawanoh minangka kawasan wisata. Malah saméméh misah ti  Ciamis, Basisir Pangandaran mangrupa destinasi wisata unggulan Kabupatén Ciamis. Sajabana  ti mibanda poténsi wisata basisir anu sakitu éndahna, Pangandaran ogé mibanda kawasan cagar alam jeung hutan lindung. Masarakat pamayang kuduna mah bisa hirup maju ku ayana  poténsi perikanan jeung kelautan anu sakitu makmurna.

            Ku ayana kitu, Pangandaran kudu leuwih ngundakeun éksisténsinya dina séktor pariwisata, kalayan ngamangpaatkeun poténsi daérah anu sakitu rongkah. Kaéndahan alam di Pangandaran geus leuwih ti  cukup pikeun ngabibita para wisatawan. Pasualanna tinggal kumaha narékahan miara, ngaberdayakeun, jeung ngamekarkeunana. Anapon konci kecap tina kasuksésan séktor pariwisata nyaéta “ramé”.

Pikeun ngaramékeun  basisir,  perelu aya tarékah anu konsistén sangkan basisir tetep ramé, henteu saukur dina poé liburan wungkul. Anapon pikeun ngayakeun éta tarékah, kudu aya  usaha simultan ti sawatara  pihak,  sacara sinergis ngalibetkeun para pengusaha jeung masarakat satempat, pangpangna para insan kreatif anu bisa ngahirupkeun rupaning sektor poténsial di Pangandaran.

Pikeun ngadatangkeun turis ka Pangandaran, kudu dimimitian ku  nyampakna infrastruktur dasar anu nyumponan sarat, saperti jalan. Mangsa tim “Jelajah Jabar Selatan” Bappeda Propinsi Jawa Barat nganjang ka Pangandaran (2/12/2013), infrastruktur jalan ruksak parna, pangpangna di wewengkon Padaherang, anu mangrupa  jalur  utama ka obyek wisata Pangandaran. Ku ruksakna jalan, mangka lalampahan ka Pangandaran kaganggu. Teu pamohalan réa anu baralik deui.

Dina kanyataanna kabuktian Basisir Pangandaran tiiseun mangsa tim ”Jelajah Jabar Selatan” anjog ka lokasi (2/12/2013). Komo tengah peuting, kagiatan ékonomi méh taya katingali, lantaran tiiseunna pengunjung. Hotél di sapanjang Jl. Pamugaran Bulak Laut masang plang anu unina: Kosong AC. Maksudna réa kamar anu  karosong jeung aya AC-an. Atuh warung-warung mah geus tarutup. Aya hiji-dua anu masih buka, tapi kudu ngaguguyah heula anu dagangna.

Sanggeus infrastruktur dasar kacumponan, henteu cukup ukur nawarkeun kaéndahan alam Pangandaran. Perelu aya kolaburasi jeung kabudayaan, anu dijerona nanukem tradisi masarakat, kasenian has Pangandaran saperti Ronggéng Gunung, jeung séktor-séktor séjénna anu milu ngarojong pariwisata. Malah Ronggéng Gunung perelu jadi ikon seni budaya Pangandaran anu salawasna diadumaniskeun jeung kaéndahan alam Pangandaran. Sabab, tempat gumelarna kesenian Ronggéng Gunung téh di Pangandaran, ngaliwatan hiji carita legenda anu kakoncara: kisah lalampahan Dewi Rengganis atawa Dewi Samboja.

Perelu aya calender of events di saban lokasi wisata, anu antukna para wisatawan bisa milih jeung nyaluyukeun jadwal kunjungan. Misalna mangsa para wisatawan rék lalajo Ronggeng Gunung, bakal leuwih babari nangtukeun jadwal kunjungan. Sajabana ti éta, rupaning acara internasional perelu leuwih diundakeun, pikeun ngagémbang turis mancanegara, siga festival langlayangan. Rupaning tarékah anu terus-terusan baris ngalahirkeun ikon wisata anu pinunjul.

Kira 20 KM ti Basisir Pangandaran, aya hiji  basisir anu henteu éléh mibanda kaéndahan. Dipikawanoh mangrupa  Basisir Bojong Salawé, perenahna di Désa Karang Jaladri, Kecamatan Parigi. Basisir anu nyidem kaéndahan pamandangan anu tacan sapinuhna kaguar. Adumanis antara kaéndahan basisir, laut, walungan, jeung muhara walungan anu sakitu sampurna. Ngaranna ogé geus unik, salawé, anu hartina duapuluh lima (25). Mangrupa angka anu mindeng disebut-sebut dina mitos Sunda, contona dina istilah “salawé nagara”, “Leuit Salawe”, jeung sajabana. Malah dina carita pawayangan ogé, Batara Narada sababara kali disebutkeun kungsi ngeprik bala bantuan “salawé dewa”.

Leupas tina hal éta, Bojong Salawé mémang kalintang merenah jadi salahsahiji primadona wisata di Pangandaran. Pamandangan basisir nu alami, dipasieup ku  soméahna padumuk. Iwal ti éta, urang ogé bisa nengetan kagiatan para pamayang, boh di basisir atawa di tempat pelélangan ikan. Basisir Bojong Salawé salila ieu  mémang kurang dipikawanoh ku  wisatawan, lantaran kurangna promosi jeung tacan maksimal dina ngawangun infrastruktur dasar.

Kungsi aya nu banyol, boro-boro jelema, dalah lauk hiu ogé hayang nyobaan ngarasakeun sénsasi Basisir Bojong Salawé. Lantaran kungsi aya lauk hiu naga bintang di Basisir Bojong Salawe (12/9/2013). Lauk hiu sepanjang 6,5 méter, kalayan beurat ampir 2 ton ditéwak ku para pamayang, anu saterusna dileupaskeun deui ka laut.

Béjana, pamaréntah Kabupatén Pangandaran mibanda rarancang pikeun ngawangun  pelabuhan umum di Basisir Bojong Salawe. Jadi, engkéna anu bisa balabuh  di basisir Bojongsalawé lain baé parahu pamayang, tapi kaasup kapal pesiar, kapal penumpang, atawa  kapal parahu kargo.

Komo deui ku ayana  Bandara Nusawiru, di Desa Kondangjajar, Kacamatan Cijulang, bisa leuwih ngundakeun daya tarik wisata Pangandaran. Bandara Nusawiru anu dianjangan ku tim “Jelajah Jabar Selatan” (3/12/2013) tacan diberdayakeun sacara maksimal. Kahareupna, perelu dibuka jalur penerbangan anu leuwih variatif ti sawatara kota di tanah air, pikeun ngagampilkeun transportasi para wisatawan. Lamun geus kitu, di  Bandara Nusawiru kari nyiapkeun para guide wisata anu ngabagéakeun  para wisatawan. Sabab, loksi wisata Pangandaran kaitung loba. Lain wungkul Basisir Pananjung, tapi réa  basisir-basisir séjénna anu teu éléh kaéndahanna. Contona Basisir Batuhiu, Basisir Karangnini, Basisir Madasari, atawa lokasi cagar alam. Upama Bandara Nusawiru geus diberdayakeun sacara maksimal, tangtu baé baris leuwih ngundakeun  séktor pariwisata, anu sakaligus ngahudang gairah ékonomi kréatif masarakat.

            Tim ”Jelajah Jabar Selatan” ogé henteu kaliwat nganjang ka Green Canyon anu leuwih dipikawanoh Cukang Taneuh, perenahna di Désa Kertayasa, Kacamatan Cijulang. Minangka objék wisata anu pinuh ku kaajaiban alam nu kalintang éndah. Teu jauh ti dinya, aya lokasi wisata Batukaras. Pokona mah di  di Pangandaran téh loba pisan lokasi wisatan anu sakuduna bisa ngangkat perekonomian masarakat.

            Hanjakal lalampahan Tim ”Jelajah Jabar Selatan” muru ka basisir anu sacara administratif aya di wilayah Kabupatén Tasikmalaya, karasana beurat pisan. Lantaran pasualanna  infrastruktur jalan anu henteu nyumponan. Jalan ruksak parna. Sabagéan keur meujeuhna dioméan.

            Kagiatan anu kacirina pakepuk  sapanjang basisir Kabupatén Tasikmalaya justru lain dina séktor pariwisata, tapi pertambangan keusik beusi. Wajar upama jalan babarian ruksak, lantaran treuk-treuk anu ngangkut keusik beusi pulang-anting ngaliwat kadinya. Saperti anu didadarkeun ku Direktorat Pengembangan Poténsi daerah BKPM, Kabupatén Tasikmalaya mémang mibanda poténsi sumber daya alam keusik beusi anu kalintang rongkah di Indonesia. Saprak kapanggih taun 2012, éksploitasi keusik beusi dilakukeun kalayan giatna, pangpangna di Cipatujah jeung Cikalong. Padahal, kaéndahan basisir Nusamanuk atawa Karang Tawulan bakal leuwih ngaraharjakeun masarakat, upama dimekarkeun sacara maksimal pikeun séktor Pariwisata.

Tim Jelajah Jabar Selatan nganjang ka Basisir Nusamanuk jeung Karang Tawulan. Sajabana ti mibanda kaéndahan alam, éta lokasi ngandung ajén sajarah. Di Karang Tawulan contona, tempat dikurebkeunna tokoh Syeckh Abdul Rohman, anu masih raket patalina jeung  sajarah lalampahan Syech Abdul Muhyi Pamijahan.

            Tim Jelajah Jabar Selatan anjog ka  Hotel di Basisir Rancabuaya, Desa Purbayani, Kacamatan Caringin, Kabupatén Garut, wanci peuting. Hiji-hijina hotél di Rancabuaya anu bisa nambung rombongan wisatawan nu jumlahna réa. Di éta hotél, Tim Jelajah Jabar Selatan ngayakeun FGD, sarta saterusna ngéndong di Hotel Rancabuaya. Mangsa tengah peuting, ampir taya  aktivitas nanaon di basisir. Kaayaan réhé combrék.

            Isukna (4/12/2013), Tim Jelajah Jabar Selatan bisa nengetan kaéndahan basisir Rancabuaya. Lokasi wisata Ranca Buaya ogé mibanda pasualan anu sarupa  jeung  Basisir Pangandaran: ukur ramé pengunjung dina poé peré.

            Ti Kabupatén Garut, Tim Jelajah Jabar Selatan maju ka basisir wilayah Kabupatén Cianjur. Lokasi anu munggaran dianjangan téh Basisir Cigebang, anu perenahna di Kampung Batu Béntang, Désa Karangwangi, Kacamatan Cidaun. Ti jalan utama, kudu leumpang ngaliwatan jalan batu, lantaran mobil rada bangga nyorang kadinya. Bisa kabayang kumaha parnana infrastruktur jalan muru Basisir Cigebang. Padahal, éta lokasi  mibanda poténsi nu rongkah pikeun dimekarkeun jadi lokasi wisata. Basisir éndah, anu sakaligus jadi saksi sajarah lalampahan ritual Raden Kian Santang. Di Basisir Cigebang, aya hiji batu anu disebut Batu Kukumbung, dipercaya minangka patilasan Raden Kiansantang jeung Prabu Siliwangi.

            Masarakat pamayang di Basisir Cigebang keur meujeuhna kingkin, lantaran pacabakanna kaganggu ku pertambangan keusik beusi jeung Stone Crusher. Nurutkeun para pamayang, ti mimiti aya kagiatan  penambangan, hasil  lobster nurun drastis. Masarakat kalintang miharep sangkan Basisir Cigebang dimekarkeun jadi lokasi pariwisata batan dieksploitasi ku kagiatan penambangan keusik beusi jeung Stone Crusher. Masarakat pamayang di Kampung Batu Béntang geus siaga 1 ngahadang treuk anu ngangkut keusik beusi. Sabalikna para pangusaha keusik beusi ogé henteu cicingeun. Kalayan dibékingan ku aparat satempat, jeung béjana nyéwa préman pikeun nyingkahkeun masarakat. Antukna mah angger rahayat leutik anu dirugikeun téh.

            Ti Basisir Cigebang, tim Jelajah Jabar Selatan muru ka Basisir Jayanti, anu geus dipikawanoh minangka lokasi wisata. Tapi kondisi di Basisir Jayanti ogé keur meujeuhna dibebenah, sarta henteu pati réa para wisatawan. Ti Basisir Jayanti, lalampahan ditulykeun ka Basisir Ujung Genténg, Kabupatén Sukabumi. Rombongan anjog ka  Hotel  Pondok Hesta, anu perenahna pas pisan hareupeun Basisir Ujung Genteng.

Peutingna tim Jelajah Jabar Selatan nganjang ka pelestarian penyu, di Pangumbahan, Ujung genteng. Éta satwa titinggal jaman purba téh nepi ka kiwari masih kénéh kapiara. Salahsahijina ku alatan tarékah diadegkeunna Balai Konservasi Penyu. Lokasi éta kawilang  cocok dianjangan ku para pelajar ti mimiti  tingkat SD, pikeun nambahan wawasan kaélmuan anu patali jeung  kalautan. Leuwih jauhna sangkan nuwuhkeun rasa cinta kana satwa.

Isukna (5/12/2013), tim Jelajah Jabar Selatan nuluykeun lalampahan muru ka Basisir PalabuanRatu. Tapi nyimpang heula ka sawatara  lokasi wisata anu dianggap poténsial pikeun dimekarkeun. Contona Curug Cisolok Sukabumi, Panéjoan, jeung Puncak Habibie. Saterusna Tim Jelajah Jabar Selatan muru ka Hotél Augusta palabuan Ratu, pikeun ngayakeun FGD, sakaligus meuting di éta hotél..

Désa Citepus, Kacamatan Palabuan Ratu, mangrupa aréa wisata anu kebek ku  kaéndahan basisir. Panorama basisir anu salawasna dipatalikeun jeung Nyai Roro Kidul. Basisir Citepus kakoncara ku galura anu kalintang motah, ngalantarankeun arang langka aya  wisatawan anu ngojay.

Basisir Citepus jeung sawatara wewengon séjénna  saperti  Cimaja, Cibangban, jeung Tenjo Resmi kalintang cocok dijadikeun destinasi wisata ékologi berbasis budaya.  Palabuan Ratu dipikawanoh  ogé ku ayana  tradisi Pesta Laut, minangka wujud sukur para pamayang. Dina upacara pesta laut, aya acara “Labuh Saji”, anu ditandaan ku  ngalarung atawa ngalungkeun hulu munding ka laut. Upacara pésta laut salawasna diramékeun ku prosesi seni, anu ngahadirkeun rupaning kasenian di Kabupatén Sukabumi. Tari Nelayan jadi salahsahiji ciri  dina saban  acara pésta laut.

 

**

 

Tina lalampahan nyusud sapanjang basisir Jabar Selatan, bisa dicindekeun yén kalintang loba basisir-basisir anu tacan kagéroh poténsina sacara maksimal, pangpangna anu patali jeung  séktor pariwisata, anu sacara langsung atawa teu langsung bakal milu ngarojong kana kahirupan ékonomi kréatif. Sajabana ti basisir, Jabar Selatan ogé beunghar  ku  kaéndahan alam séjénna, saperti gunung, curug, situ, komoditas perikanan, pertanian, jeung anéka budaya anu patali jeung alam sabudeureunna.

Umumna masarakat kalintang miharep ayana kagiatan pamekaran pariwisata berbasis poténsi lokal. Tapi dina ngalaksanakeunna  perelu aya pembinaan SDM. Sabab, sanajan masarakat kalintang miharep, tapi masarakat katingalina tacan mibanda kamampuh pikeun nataharkeun diri jadi tuan rumah pikeun para wisatawan

Hal éta kudu disiapkeun kalayan mateng, sangkan para wisatawan meunang kasugemaan mangsa nganjang ka hiji lokasi. Upama geus ngarasa sugema, tangtu bakal katagihan, sarta ngajak baraya katut sobat-sobatna. Dina jaman téknologi digital jaman kiwari, informasi sumebar kalayan gancang nerekabna. Upama aya saurang nu ngarasa sugema, teu kudu dititah ogé manéhna bakal nyebarkeun pangalamanna. Pon kitu deui sabalikna, upama henteu sugema, bakal gancang nerekabna ngaliwatan média online pangpangna jejaring sosial.

Sigana masarakat ogé geus sadar yén pamekaran dina widang  pariwisata leuwih ramah lingkungan, boh lingkungan sosial pon kitu deui alamiah. Sapanjang basisir Jabar Selatan bisa dimekarkeun pikeun rupaning aktivitas  pariwisata, ti mimiti nu saukur  arulin (leisure tourism), pariwisata petualangan (adventure tourism), pariwisata alternatif (alternative tourism), pariwisata alam (geo-tourism atawa eco-tourism), jeung pariwisata sosial (ethnic and cultural tourism).

Sajabana ti pembinaan dina ngokolakeun pariwisata, masarakat ogé perelu meunang pencerahan anu patalina jeung kagiatan ékonomi kréatif berbasis poténsi lokal. Réa hal anu bisa dimekarkeun pikeun jadi lahan kagiatan ékonomi masarakat di satengahing kamajuan pariwisata.

Masarakat kalintang penting pikeun dilibetkeun dina ngamekarkeun pariwisata, anu antukna bisa nyiptakeun pariwisata anu berbasis komunitas atawa masarakat. Ku kituna ngamekarkeun  kapariwisataan perelu diarahkeun kana pangwangunan komunitas sacara utuh, Community are regarded as the vocal point of the tourism planning exercise, not the tourist. (Murphy, 1985). Saterusna, Murphy nulis yén  pariwisata berbasis masarakat kudu terntegrasi jeung salawasna aya koordinasi, ogé ngalibetkeun masarakat, nyiptakeun pasar anu terseleksi, ngolah kabeungharan budaya satempat, perelu digiatkeun investasi jeung muka lapangan pagawéan pikeun masarakat setempat, ngali dampak positif tina demonstrasi kabudayaan, ayana daya dukung anu mibanda pungsi sacara majemuk, jeung bisa nyiptakeun sinergi antar sumberdaya poténsial.

Ruksakna infrastruktur jalan di Jabar Selatan henteu leupas tina konflik kapentingan antara pengusaha keusik beusi jeung masarakat. Patalimarga treuk anu ngangkut keusik beusi, ngalantarankeun jalan babarian ruksak. Ieu perkara perelu gancang ditéangan solusina. Sanajan jalan dioméan, tapi bakal babarian  ruksak deui upama taya aturan atawa batas beurat angkutan. Lamun perelu, dijieun jalur husus pikeun transportasi kandaraan nu ngangkut keusik beusi jeung batu. Malah leuwih hadé lamun aya  moratorium eksploitasi keusik beusi jeung batu. Sabab, éta kagiatan usaha téh ukur nguntungkeun sawatara urang pengusaha jeung sababarahaa urang masarakat. Demi anu jadi korbanna nyaéta masarakat. Ulah diantepkeun konflik antara pengusaha jeung warga. Pemberdayaan poténsi lokal lain hartina ngeruk sumberdaya alam.

Kudu dipikiran ogé yén  kalah kumaha ogé perencanaan pangwangunan pariwisata mibanda tujuan pikeun  ngahijikeun  kapariwisataan minangka industri jasa (hospitality industry), anu tetep titén kana karakteristik masarakat lokal jeung kaayaan spesifik anu patali jeung dengan kondisi alam. Mangka, dunya pariwisata nyaéta  bisnis (business), anu sacara téoritis bisa dihartikeun Commercial activity engaged in for again or livelihood,  Activity or enterprise, for gain, benefit, advantage or livelihood,  and enterprise in which person engaged show willingness to invest time and capital on future outcome.

Kagiatan tina bisnis kudu bisa ngamakmurkeun masarakatna. Sabab orientasi tina bisnis nyaéta kauntungan. Tapi, perelu aya ditétélakeun yén dina nyiar kauntungan téh teu kudu bébéakan nepi ka ngaruksak  alam sabudeureunna. Sabab, nyiar kauntungan ku cara ngaruksak alam sabenerna malah karugian anu kapapanjangan. Dina bisnis kapariwisataan, bisa ngamekarkeun rupaning kagiatan nu nyadiakeun jasa (services) anu dibutuhkan wisatawan, seperti jasa perjalanan (travel) atawa transportasi (transportation), Penginapan (accommodation), jasa boga (restaurant), Rekreasi (recreation), jeung Jasa jasa séjén anu patali jeung kapariwisataan, seperti jasa informasi, télékomunikasi, hiburan (entertainment), jeung sajabana.

Lokasi pariwisata di Jabar Selatan kalintang taket patalina jeung  kabeungharan  alam. Mangka, pangwangunan perelu dipuseurkeun kana  “wisata alam” atawa “wisata lingkungan” (ecotourism). Anapon ciri-ciri umum anu ditémbongkeun dina widang kagiatan éta, dina Global Ecotourism Policies and Case Studies (2003) suntingan Michael Lück jeung Torsten Kirstges, dicatet sajumlah karakteristik wisata lingkungan (ecotourism), nyaéta  : (1) Kagiatan wisata lumangsung dina latar alam anu rélatif heunteu kaganggu; (2) Dampak-dampak goréng pariwisata diminimalisasi; (3) Pariwisata turut ngabantu tarékah miara warisan alam jeung kabeungharan budaya; (4) Ngayakeun kagiatan wisata lingkungan sacara giat kalayan ngalibetkeun warga masarakat satempat dina prosesna, jeung méré kamaslahatan ka masarakat; (5) Wisata lingkungan milu ngarojong pangwangunan jeung mangrupa kagiatan bisnis anu nguntungken; (6) Komponen kependidikan/ apresiasi/ interpretasi (boh patali jeung  warisan alam atawa kabeungharan  budaya) kudu aya dina  wisata lingkungan.

            Gairah pariwisata alam jeung ékonomi kreatif bakal mulang deui kana kecap konci: ramé ku pengunjung, bari henteu mopohokeun  pentingna miara alam. Mangka tarekah-tarekah anu perelu dilakukan nyaéta kumaha  sangkan ramé para pengunjung.  Pengunjung bakal datang  pikeun nganjang ka hiji lokasi  wisata upama infrastruktur dasarnya nyumponan. Lokasina  unik, diadumaniskeun jeung soméahna padumuk nu mapag para  tamu. Soméah dina harti kaasup  aman jeung tingtrim.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...