Bagikeun ka Lapak Facebook

Warta SundaSosial BudayaSalasa, 10 Désémber 2013 19:22

Bupati Wiranatakusumah V, Panaratas Film Carita di Indonesia

Ku Maruta Bayu
SN
Loetoeng Kasaroeng, film munggaran di Indonesia [Potret: net]

(SundaNews, Bandung) Dina raraga mapag Festival Film Bandung 2014, FORUM FILM BANDUNG baris ngagelar Seminar anu jejerna “Bupati Wiranatakusumah V, Perintis Film Cerita Pertama di Indonesia". Acara baris lumangsung poé Rebo, 11 Desember 2013, Jam 10.00 nepi ka 15.00 WIB, di Aula Paguyuban Pasundan, Jl. Sumatera No. 41, Bandung.

Para panyatur dina éta seminar  diantarana Armantono (Dekan Fakultas Film dan TV Iinstitut Kesenian Jakarta), Otong Toyibin Wiranatakusumah, Eddy D. Iskandar (Ketua FFB), kalayan Moderator: Abdullah Mustappa (Budayawan/ Wartawan Senior). Nurutkeun rarancangna, sawatara artis bakal milu hadir dina ieu acara, saperti Nani Wijaya, Adipati Dolken, jeung sajabana.

Kungsi kacaturkeun dina tapak-lacak wartawan Sri Poestaka (1921), anu nulis laporan pentas Tunil Loetoeng Kasaroeng, kalayan nyaritakeun adegan  mangsa sawatara  déwa turun ti kayangan, mawa sakur kaperluan pikeun manén paré. Saurang-saurang deku sinembah kalayan tartib. Rébuan nu lalajo éta tunil ngadadak simpé, ku lantaran milu teuleum kana éta adegan. Pentas tunil Lutung Kasarung 1921 minangka pintonan  munggaran di Indonésia anu diluluguan ku Wiranatakusumah V, kalayan lumangsung kalayan suksés. Lima taun ti harita, Wiranatakusumah V jadi panaratas film cerita munggaran di Indonésia, kalayan ngagarap Film Loetoeng Kasaroeng.

Forum Film Bandung rampak gawé jeung Paguyuban Pasundan ngagelar seminar anu jejerna “Bupati Wiranata Kusumah V, Perintis Film Cerita di Indonesia” di Aula Pascasarjana Universitas Pasundan, Jl. Sumatra 41, Bandung (11/12/2013). Bupati Bandung, Wiranata Kusumah V, anu katelah ogé Dalem Haji, kalintang loyog meunang pangajén minangka tokoh nu jadi panaratas film cerita di Indonésia. Lantaran, ku ayana tarékah Raden Adipati  Aria Muharam Wiranatakusumah atawa Wiranata Kusumah V, film cerita “Loetoeng Kasaroeng” digarap pikeun anu munggaran di Indonésia, taun 1926.

Jadim Wiranatakusumah lain baé panaratas film indonésia, da puguh  pantes disebut panaratas drama modern di Indonésia. Sakumaha anu ditétélakeun di bagéan saméméhna, dina taun 1921, Muharam nu ngaluluguan ngagelar drama modern Sunda dina lakon Loetoeng Kasaroeng. Tunil Loetoeng Kasaroeng digelar dina raraga ngaramékeun  Kongres Java Instituut di Bandung. Éta drama kolosal téh dipintonkeun dina panggung raksasa, anu diwangun  di  pendopo kabupaten, kalayan dilalajonanan ku rébuan urang.  Pentas terbuka siga kitu téh harita kakara jadi trend di Eropa. Wiranatakusumah suksés mintonkeun  di Bandung, kalayan kolaborasi jeung bupati Bandung, Kartabrata, DK. Ardiwinata, sarta Yudadibrata.

Kwiet de Jonge jeung Mr. Pleyet milu ngagarap éta carita klasik Loetoeng Kasaroeng pikeun ngajanggélékeun kana pintonan drama modérn.  Ieu pintonan anu méakeun waragad cukup rongkah téh  meunang pangbagéa positif ti para peserta kongres jeung para pengamat. Malah ngaliwatan éta pintonan, Tembang Sunda jadi populer. Sabab, Wiranatakusumah geus mikawanoh Tembang Sunda klasik ti jaman nyangking kalungguhan  Bupati Cianjur

Ngaran aslina mah Muharam.  Saterusna disebut Raden Adipati Aria Muharam Wiranatakusumah.  Demi Wiranatakusumah V mah nyaéta  gelar Muharam salaku Bupati Bandung. Muharam lahir di Bandung, 8 Agustus 1888.  Tapi aya vérsi séjénna, anu nyebutkeun  lahir tanggal 23 November 1888,  putra  pasangan R. Adipati Kusumahdilaga jeung R. A. Soekarsih. Bapana  ogé bupati Bandung (1874-1893), anu wafat mangsa umur Muharam  5 taun.  Saterusna Muharam diasuh jeung diatik  ku ibuna nepi ka umur 9 taun. Sabada bapana pupus, aya tilu urang anu jadi walina, nyaéta R. Martanagara (Bupati Bandung), R. Ardinagara (Jaksa Bandung), jeung Suriadiningrat (Camat Cilokotot/ Cimahi). Ka tilu walina ogé  dipasrahkeun kawajiban pikeun ngurus sakur warisan Kusumahdilaga.

Dina umur 9 tahun, Muharam dititipkeun ka kulawarga Adams pikeun diatik  ala Barat. Sakola formal anu kungsi disorangna  ELS (1901), tuluy ka OSVIA nepi ka kelas 3, saterusna ku ayana saran dr. Snouck Hurgronje, taun 1904 pindah ka HBS atawa Gymnasium Willem III di Batavia, kalayan ngahontal diploma taun 1910. Di Batavia, Muharam ngancik di imahna inspektur sakola Hellwig. Sajabana diajar di sakolaan, unggal poé Minggu, ti jam  9.00-16.00, Muharam meunang tambahan pangajaran di imahna Hurgronje. Muharam diajar basa Prancis, Jerman, jeung Inggris. Mangsa R. Ardinagara wafat, Hurgronje nu jadi  wali pikeun Muharam. Sajabana Hurgronje, tokoh séjén nu milu ngabentuk kapribadian Muharam nyaéta Prof. G. J. A. Hazeu.

Mémang dina diri Muharam aya kabingbangan jeung guligah ngeunaan kahirupan di dua dunya Timur jeungBarat. Muharam salaku bumiputera, asa  dipaksa kudu mikawanoh budaya asing Eropa. Aya perang batin anu rongkah dina dirina, kulantaran ngarasa dipindahkeun  ti dunya Bumiputera ka dunya Eropa. Muharam leuwih micinta kahirupan jeung budaya bumiputera, tapi aya perkara nu ngudukeun Muharam pikeun neuleuman budaya barat. Nya, ahirna mah Muharam bisa ngadumaniskeun dua dunya dina dirina.

Sabada lulus HBS, Muharam diangkat jadi jurutulis di Kacamatan Tanjungsari, kalayan gajihna ƒ30. Satuluyna ku ayana putusan Residen Priangan 11 Januari 1911, nomor 829/8, Muharam diangkat jadi mantri polisi di Cibadak Sukabumi. Teu lila, Muharam diistrénan jadi camat di Cibeureum Sukapura (Tasikmalaya). Nilik kana préstasi gawéna anu hébat,  mangka taun 1912, dina umur  24 taun, Muharam diistrénan jadi bupati Cianjur. Saterusna taun  1920 kapilih jadi bupati Bandung. Sataun ti harita, Muharam ogé kapilih jadi  anggota Volksraad (dewan rakyat), ngawakilan  Sedio Moelio, perhimpunan para bupati.

Élmuna masagi. Muharam Wiranatakusumah salaku ambtenaar dihormat ku atasan sarta dipikacinta ku bawahan jeung rahayat. Salaku  muslim, Muharam ogé neuleuman kaélmuan Islam, nepi ka loyog lamun disebut ulama. Karya-karya tulisna dina kajian Islam minangka buktina. Diantarana: Islam dan Demokrasi, Arti Penting Hari-hari Besar Islam, Tafsir Surat Al-Baqarah, Riwayat Kangjeng Nabi, Mi’raj Kangjeng Nabi, Khalwat, jeung sajabana.

Posisi Bandung anu jadi salahsajiji puseur pergerakan kaum Bumiputera, henteu leupas tina peran bupati. Para pamuda meunang kalaluasaan pikeun ngamekarkeun pergerakan kalayan dirojong ku Wiranatakusumah V. Contona,  Wiranatakusumah V  sacara rutin ngondang pelajar-mahasiswa Bandung pikeun ngumpul di pendopo kabupaten. Tina riungan-riungan éta, kapaluruh jeung tingpucunghul para pamuda anu mibanda sumanget juang ngagedur saperti Sukarno.

Ngaran Wiranatakusumah kalintang raketna jeung lalakon peradaban Sunda. Misalna ngaranna kacatet dina majalah Tjahaja Pasoendan, anu dianggap minangka majalah basa Sunda munggaran. Dina cover éta majalah dwi mingguan téh ditulis “Ditangtayungan ku Kangjeng R. T. Wiranatakoesoema Regent Cianjoer”.

Dina Kongres Kabudayaan, Wiranatakusumah jeung  J. Kunst (pakar etnomusikologi), kungsi préséntasi makalah “Een En Ander Over Soendaneesche Muziek”, hiji rintisan awal ngeunaan téori musik Sunda. Ku kituna, Wiranatakusumah mémang kalintang titén kana sagala rupa widang. Misalna ngarojong seni pencak silat, wayang golék, musik Sunda. Ngaranna kungsi kacatet salaku Panaséhat Panitia Kongrés PSSI di Bandung taun 1936. Atuh puguh teu kaliwat  milu nyeponsoran  Persib anu lahir taun 1933.

 

Panaratas Film Cerita Munggaran di Indonésia

Naratas film cerita, mémang henteu leupas ti urang Walanda. Sabab, dina mangsa harita lemah cai Indonesia keur meujeuhna aya dina sengkeran penjajah Walanda. Minangka sinéas film urang Walanda anu milu mokalan digarapna film munggaran di Indonésia nyaéta L. Heuveldorp, anu béjana geus asak pangalaman di  Hollywood. Saurang deui nyaéta  G. Kruger,  Indo-Belanda anu matuh  di bandung, kalayan geus pangalaman nyieun  film non-cerita. Maranéhna ngadegkeun pausahaan film anu ngaranna Java Film Coy, tur milih tempat  di Bandung.  Nya dina mangsa harita, Bupati Wiranata Kusumah V boga inisiatif pikeun ngawanohkeun kabudayaan Sunda ngaliwatan film cerita. Lalakon anu digarap nyaéta carita pantun “Lutung Kasarung”. Wiranata Kusumah V  ngajamin sagala rupa  fasilitas pikeun ngagarap film Loetoeng Kasaroeng, malah ngawidian budakna jeung alo-alona pikeun milu aub jadi pamaén dina garapan filn Loetoeng Kasaroeng.

                Heuveldorp jeung kruger satuju pikeun ngagarap lakon “Lutung Kasarung”, sarta tuluy digarap. Minangka hasil tna ieu garapan,  film munggaran dina sajarah Indonesia téh dianggap jadi hiji peristiwa rongkah. Ku kituna dina  iklan  film perdana tanggal 31 Desember 1926, ieu film ogé dihaturkeun ka  Gubernur Jendral, Wakil Ratu Belanda jeung Penguasa Belanda di Hindia agarap Belanda. Film Loetoeng Kasaroeng diputer  ti tanggal 31 Desember 1926 nepi ka 6 Januari 1927 di  bioskop kakoncara, nyaéta bioskop kelas hiji Elita, anu perenahna di Alun-alun Bandung, jeung  bioskop Oriental. Aya ogé sumber séjén anu nyebutkeun film Loetoeng Kasaroeng  diputer di Bioskop Metropole jeung Bioskop Majestic.

Para pamaén film Loetung Kasaroeng kabéhanana  warga pribumi, pangpangna para priyayi, anu réréana baraya Bupati Wiranatakusumah. Anu dipercaya  pikeun milih pamaén jeung ngalatih gerak jeung ékting nyaéta Raden Kartabrata, hiji guru kepala. Ku kituna  Kartabrata mibanda peran penting dina  ngarahkeun para pamaén. Anapon garapan film Loetung Kasaroeng lumangsung kalayan lancar, lantaran sagala rupa  fasilitas anu dibutuhkeun di lapangan, ditékel  ku sawatara  pihak nu milu ngarojong, kaasup ti kasatuan Zeni anu méré bantuan lampu sorot.

Peran "lutung" dipaénkeun ku  Martonana. Demi  sanggeus ngajanggélék  jadi Pangeran,

diperankeun ku Oemar. Pikeun ngagambarkeun  Kahyangan, tempat ngancikna Sunan Ambu, dipilih hiji lobang dina batu karang anu saméméhna  didinamit heula.

Ngahaja dipintonkeun malem  tahun anyar, pikeun ngondang perhatian nu lalajo. Promosi filmna ogé kaitung rongkah.  Diiklankeun dina  mingguan De Locomotief , koran Kaoem Moeda, jeung  De Indische Telegraaf. Média massa jaman harita anu kakoncara.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...