Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaUnak-anikSenén, 04 Novémber 2013 05:00

Sastra Jendra Hayuningrat

Ku Dhipa Galuh Purba
SN
Sendra Tari "Runtuhna Alengkadirja" [Potret: Maruta Bayu]

NEPI ka kiwari ogé tacan kapaluruh, naon sabenerna eusining kalinuhungan nu ngancik dina Sastra Jendra Hayuningrat. Ari mimiti wanoh kana Sastra Jendra Hayuningrat téh taya lian tina  lalakon pawayangan Ramayana. Kalintang luhungna anu disebut Sastra Jendra Hayuningrat téh. Teu sagawayah jalma bisa neuleuman eusina. Sabab lamun Sastra Jendra Hayuningrat dibuka sambarangan, pinasti bakal ngabahayakeun kahirupan alam dunya. Pangna kitu, ku lantaran eusining Sastra Jendra Hayuningrat téh disebut-sebut mangrupa rusiah nu kalintang rusiahna. Rusiah tina sagala rupa rusiah. Rusiah ngeunaan satungkebing langit jeung satangkaraking jagat. Di sisi séjén, Sastra Jendra Hayuningrat ogé ditétélakeun minangka serat karahayuan nu bisa nyalametkeun alam dunya. Lebah dieu nu matak ngondang kapanasaran téh, Sastra Jendra Hayuningrat, serat karahayuan nu ngabahayakeun upama diguar sambarangan.

Ki Jatnika suwargi, pangarang Sunda nu keur jumenengna kalintang produktif nulis lalakon pawayangan, tangtu wé henteu kaliwat nulis lalakon Sastra Jendra Hayuningrat. Salahsahijina dina Carita Tilu Bagian anu dijudulan ”Serat Karahayuan”, dimuat dina Majalah Manglé. Bubuka éta Cartibag téh, Ki Jatnika ngotrétkeun tulisan yén Sastra Jendra Hayuningrat téh serat suci rahayuning bumi langit, rusiah eusining alam, aya saméméh aya, aya saméméh euweuh, euweuh saméméh aya, euweuh saméméh euweuh, Saha nu boga aya? Saha nu boga euweuh? Hamo kabaca!

Lamun dihartikeun saban kecap, kurang leuwih hartina ”Serat” nyaéta ajaran, ”Sastrajendra” élmu ngeunaan raja, sarta ”hayuningrat” nyaéta karahayuan atawa kasalametan. Tapi lamun nilik kana déskripsi Ki Jatnika, raja anu dimaksud didieu sigana lain raja dina harti kepala nagara atawa nu ngawasa hiji karajaan. Raja didieu leuwih nyoko kana jiwa, nu ngaraja dina sagara jiwa. Haté. Bisa jadi, élmu Sastra Jendra Hayuningrat téh bisa nuncleb kana mamaras rasa, ngarakrak karajaan jiwa, nembus lulurung kalbu.

Dina Cartibag ”Serat Karahuan”, ditétélakeun ogé yén upama sakali mangsa Sastra Jendra Hayuningrat diwiridkeun, mangka éta jalma nu kaancikanana bakal mibanda harkat ngaluhuran paradewa, kawasa béh ditueun kawasa, jadi rara-rajaning-raja, raja pangraja-rajana. Pangna kitu téh ku sabab éta jalma bakal apal kana pibakaleun, bakal bisa nganjang ka pageto, sarta awas kana pinasibeun manusa. Cindekna weruh sadurung winarah.

Di Jawa, élmu Sastra Jendra Hayuningrat dianggap puncakna élmu kejawén. Malah ditambahan ku kalimah ”Pangruwating Diyu”. Pangruwating hartina ngamulyakeun, demi ”Diyu” hartina raksasa, buta, nu ngalambangkeun kadurjanaan. Jadi, ”Pangruwating Diyu” téh kurang leuwih ngamulyakeun perkara durjana, atawa ngarobah kagoréngan kana kahadéan.

Musibat (lamun rék disebut musibat) anu tumiba ka Resi Wisrawa ogé dilantarankeun anjeunna sambarangan muka rusiah Sastra Jendra Hayuningrat ka hiji wanoja, nyatana Déwi Sukesi. Ari Déwi Sukesi téh putri geulis tanding widadari, putrana Prabu Sumali, papayung agung karajaan Aléngkadirja. Harita, Resi Wisrawa kapaksa ngawirid Sastra Jendra Hayuningrat ku lantaran kajurung ku rasa deudeuh ka putrana, Prabu Danapati, Raja Lokapala. Danapati katarik ati kapentang asmara ku Déwi Sukesi. Ari Déwi Sukesi méré tanjakan ka Danapati, yén manéhna daék jatukrami asal diajarkeun élmu Sastra Jendra Hayuningrat. Puguh baé Danapati muntang tulung ka ramana, Resi Wisrawa, pikeun nyumponan paménta Déwi Sukesi.

Lain. Lain teu inget kana palintangan nu geus diguratkeun. Resi Wisrawa kalintang sadar, yén ngaguar rusiah Sastra Jendra Hayuningrat ka Déwi Sukesi téh mangrupa laku nu kalintang dipahing. Tapi ari ningali nu jadi anak kagégéloan ku Déwi Sukesi mah, antukna léah. Resi Wisrawa nékad ngajarkeun Sastra Jendra Hayuningrat ka Déwi Sukesi. Najan papalimpang jeung satungkebing rasa, tapi haté geus léah ku alatan hayang nyaksian nu jadi anak nyorang bagja, mangsa Danapati panganténan jeung pupujaning ati Déwi Sukesi nu sakitu geulis camperenik. Resi Wisrawa udar jangji, sulaya carita dina ngajaga Sastra Jendra Hayuningrat.

Pamiangan nu salah. Ukur niat ngagugulukeun kahayang nu jadi anak, bari ngarempak jangji nu geus diguratkeun dina ngajaga Sastra Jendra Hayuningrat. Matak, teu anéh mun tumiba mamala. Mangsa Resi Wisrawa kakara mapatkeun bubuka Sastra Jendra Hayuningrat, ahéng kabina-bina kaayaan nu tumiba. Tina asalna neutep Déwi Sukesi salaku pimantueun, bet ujug-ujug jorojoy aya duriat. Resi Wisrawa kaeunteupan asmara mangsa nyawang Déwi Sukesi. Malah lain asmara samanéa, da bogoh kabina-bina, taya binana kaum rumaja nu katarajang asmara.

Pon kitu deui sabalikna, Déwi Sukesi nu saméméhna asa adu hareupan jeung pimitohaeun, bet saruana pisan ujug-ujug kaeunteupan asih. Silih pikacinta. Silih pikadeudeuh. Galura asmara adug-adugan jeroning dada séwang-séwang. Birahi ngagulung jeroning dada.

Teu bisa kumaha deui. Taya nu bisa ngahalangan. Euweuh hiji ogé nu mampuh ngabendung dua manusa nu katarajang asmara kamalinaan. Antukna, taya deui pilihan Prabu Somali iwal ti ngawinkeun anakna ka sobat dalitna anu saumur jeung manéhna. Hiji putri geulis tanding widadari réndéngan jeung aki-aki. Matak éra parada kulawarga karaton. Matak jadi bahan geuhgeuyan rahayat Aléngkadirja. Tapi da kumaha deui, Prabu Somali ogé sadar, kaayaan anu tumiba téh tangtuna ogé akibat tina laku Resi Wisrawa nu ngarempak palintangan: wani-wani rék ngawirid Sastra Jendra Hayuningrat anu kalintang dipahing.

Tangtu bisa kasawang kumaha hanjelu jeung murkana Prabu Danapati ka nu jadi bapana sorangan, Resi Riswara. Muntang tulung ka Sang Resi pikeun nyanding ka Dewi Sukesi, ari pék kalah dikawin ku Resi Wisrawa. Murka leuwih-leuwih ti murka. Céda rasa nu taya papadana. Hiji bapa nu asalna dipikaajrih, antukna jadi musuh utama. Dendam rohaka nu bangga mareumanna.

Resi Wisrawa nyandingkeun putri teureuh Aléngkadirja. Nyeuseup madu si geulis tanding widadari. Nu matak, ari pikeun Resi Wisrawa mah asa lain musibat. Rék disebut musibat kumaha? Sidik pisan manggih milik nu hamo kaukur ajén-inajénna. Teu ngimpi-ngimpi acan sigana bakal panganténan jeung Déwi Sukesi anu umurna ganjor jauh naker, leuwih pantes jadi incuna.

Minangka nu kasebut musibat mah sigana mangsa Déwi Sukesi ngalahirkeun budak kahiji,  taya lian Rahwana alias Dasa Muka. Rahwana nu digjaya, tapi kasakténna digunakeun keur ngalajur napsu, nyebar angkara, nindes ka sasama. Sagala rupa kahayang Rahwana kudu cumpon. Teu bisa henteu. Lamun aya anu henteu tinekanan, Rahwana bakal ngamuk nguwak-ngawik sagala rupa nu aya di sabudeureunna. Mangsa Rahwana naék tahta, réa karajaan nu serah bongkokan ka Aléngkadirja ku lantaran ngarasa gimir ku Raja Rahwana.

Budak kadua jeung katilu anu lahir tina kandungan Déwi Sukesi, taya binana jeung Rahwana. Sarua wujudna buta nu kalintang pikasieuneun, nyaéta Kumbakarna jeung Sarpakanaka. Nu rada ngubaran téh, basa lahir budak kaopat, nyatana Wibisana. Béda jeung lanceuk-lanceukna, Wibisana mah tangtungan hiji lalaki nu ilahar. Malah kakoncara mibanda dedeg sampé, rupa hadé, sarta laku-lampahna ogé papalimpang jeung tilu lanceukna. Wibisana mah hiji sinatria anu micinta sasama manusa, kalayan mibanda kayakinan kana ajén-inajén bebeneran, tur ngamusuhan kadoliman.

Réa nu bisa dilenyepan tina lalakon sulayana Resi Wisrawa kana jangji enggoning ngajaga Sastra Jendra Hayuningrat. Sumber pasualan awalna ukur hiji, nyaéta: wanoja, dina hal ieu Dewi Sukesi. Lamun Déwi Sukesi henteu boga kahayang mukakeun rusiah Sastra Jendra Hayuningrat, pacéngkadan kolot jeung anak téh moal tumiba. Déwi Sukesi ogé moal ngalaman kagégéloan ku Resi Wisrawa nu umurna sarua jeung bapana. Sakapeung hiji putri téh sok boga kahayang nu lain-lain, nu dianggap pamali jeung dipahing mikahayang. Sastra Jendra Hayuningrat kaasup anu dipahing pikeun dibuka, upama tacan nepi kana mangsana. Ku alatan kahayang nu lain-lain téh, antukna Déwi Sukesi nandangan mamala nu kalintang rongkah. Kahiji, kawin jeung aki-aki. Kadua, boga turunan nu wujudna denawa.

Pasualan kadua nyaéta aya dina diri Resi Riswara. Manéhna geus katalian ku jangji, rék nyepeng pageuh rusiah Sastra Jendra Hayuningrat. Tapi kajurung ku kanyaah ka nu jadi anak, hayang nyugemakeun anak, Resi Riswara kapaksa udar jangji. Hal ieu anu réa tumiba dina jaman ayeuna. Pamingpin nu dibéré kapercayaan, réa nu lasut ku alatan kajurung ku hayang nyenangkeun nu jadi anak. Tapi lamun niatna kitu, ahirna nu Sang Resi ogé kajiret ku napsu pikeun ngumbar kasenangan pribadi. Geus jadi hukum alam éta mah, sing saha nu lasut ku hiji gogoda, sasarina sok dituluykeun ku lasutna gogoda séjén.

Kilang kitu, Resi Riswara jeung Déwi Sukesi ahirna tobat kana laku lampahna nu ngarempak palintangan. Sanajan tobat, rasa silih pikacinta geus napel pageuh dina jiwana séwang-séwangan. Tuluy lahir budak nu jadi sumber aib kulawarga karaton, sarta sumber malapetaka sabudeureun nagri: Rahwana.

Opat budak nu lahir téh mibanda wujud jeung karakter séwang-séwangan, anu sabenerna bisa ogé disebut simbol jeroning dada manusa, pangpangna nu jeneng boga kalungguhan. Satemenna dina dada manusa nu leuwih riab téh dodoja kasarakahan, kagangasan, kadoliman. Siga wujud jeung pasipatan Rahwana (buta sarakah nu pikainggiseun), Kumbakarna (buta nu bodo, satia ka Rahwana nu nyebarkeun kadoliman), Sarpakanaka (wujudna satengah buta jeung satengah manusa, nu pasipatanna méh sarupa jeung dua lanceukna, resep ngagugulukeun kasenangan. Anu béda mah ngan hiji. Si Bungsu Wibisana. Sipat kahadéan ngancik dina diri Wibisana. Mangrupa simbol yén dina dada manusa aya sipat kahadéan, sanajan bungsu bari jeung kudu ngalawan tilu pasipatan nu rohaka. Kilang kitu, sakumaha gangasna kadoliman, moal bisa ngéléhkeun bebeneran.

Muga dina jiwa para pamingpin urang, masih kénéh ngancik Sang Wibisana.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...