Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokRebo, 30 Oktober 2013 02:17

Delman

Ku Yus R. Ismail
SN
Geuning [Potret: Dhipa Galuh Purba]
Sae

Hujan ngaririncik. Adan Isya kakara lima menit. Tapi mani jempling. Sora jangkrik, cihcir, gaang, caricangkas, patémbalan. Tapi kalah matak simpé. Taya sora-sora jalma. Maksakeun kaluar ti balkon loténg, ukur tingkaretit lampu di hareupeun imah. Imah anu paanggang, jararauh. Garduh ronda mucicid katirisan. Abong di kampung.

“Saleresna mah sanés pédah di kampung, Pa,” ceuk Mang Dhipa, tatangga pangdeukeutna, kira-kira dua ratus méter anggangna, tadi isuk basa dianjangan saméméh manéhna ka kebon.

“Abdi téh tos tilu dinten di dieu, tapi unggal wengi mani tiiseun enya-enya tiiseun.”

“Biasana mah, Pa, garduh ronda gé ramé waé. Abong di kampung, ngaronda téh henteu saukur ngaronda. Sakapeung bari ngaliwet. Atawa kukuluban. Kulub sampeu, kulub hui, kulub suuk, henteu hésé milari bahanna. Sakapeung anu henteu jadwalna ngaronda mangngoborkeun ka sawah. Atuh ngaronda téh bari siduru, ngaliwet, ngariung cobék belut, terus ngadu bako sagala diobrolkeun.”

“Naha atuh salami abdi di dieu mah henteu sapertos biasana?”

“Nyaéta, tos ampir sasasih kaayaan sapertos kieu téh, Pa. Sok aya anu ngalanglang ka lembur téh. Saha atuh anu wantun ka bangsa anu kitu. Ronda patingbalecir ngupingna ogé.”

“Anu ngalanglang? Saha?”

“Délman.”

Nepi ka sabada Isya ngadaweung di balkon loténg, teu ngarti naon anu dicaritakeun ku Mang Dhipa téh. Tapi basa nutupkeun panto balkon loténg, terus ka kamar, rék neruskeun hanca dongéng anu acan anggeus, kakara ngarti naon anu dimaksud ku Mang Dhipa.

Hawar-hawar aya sora délman. Kotoplak talapok kuda, hiem kuda, huss... huss... kusir, jeung kling-klong kling-klongna beuki atra. Rey téh sabulu-bulu. Lain délman samanéa ieu mah. Puguh lembur ieu téh apan ayana di tutugan gunung, jalanna nanjak mudun, matak mopo atuh lamun patalimarga ngagunakeun délman mah.

“Kling-klong kling-klong... husss... husss... hhiiieeemmm...!” Beuki atra beuki geueuman. Sora jangkrik, cihcir, gaang, caricangkas, duka kamana. Sato gé meureun ngarasakeun aya anu anéh. Laptop anu geus dihurungkeun gancang dipareuman deui. Tungtungna mah ngagojod dina simbut bari ngadédéngékeun.

“Kling-klong kling-kling... husss... husss... hhiiieeemmm...!” Palebah hareupeun imah délman téh siga anu ngendoran. Beuki ratug ieu jajantung. Teu sabaraha lila délman téh sada anu narikan deui. “Kling-klong... kling-klong... husss... husss... hhiiieeemmm...!” Sada anu ngurilingan lembur.

Kahayang mah noong, nétélakeun aya henteuna délman. Tapi boro-boro. Tuur mani nyorodcod kieu. Rumasa borangan. Hanjakal geuning ayeuna mah henteu diajar jampé panyinglar ka ustad Wahyu. Padahal aya ku mindeng ustad Wahyu ngelingan. “Jurig nyiliwuri sétan marakayangan téh aya di mana-mana, Kang,” cenah basa kuring nepungan saentas anjeunna tawasulan.

Enya, délman anu kieu mah moal jauh ti bangsa siluman. Apan ceuk dongéng, délman anu kieu téh sok dipaké mapagkeun jalma-jalma anu muhit sétan. Si jalma anu kalangsu dibéré kakayaan salaput hulu. Atuh si sétan, meunang jiwa éta jalma sanggeus waktu anu dijangjikeun. Naha di karajaan sétan téh jiwa si jalma dijadikeun babu, pesuruh, atawa cenah jadi kékéséd. Matak muringkak sabulu-bulu. Mapagkeun saha atuh si jurig nyiliwuri téh ka ieu lembur?

Kitu ceuk dongéng, dongéng anu enya-enya saukur ngabobodo budak céngéng. Kuring téh apan jurudongéng, tapi teu ngarti kana dongéng éta mah. Ti jaman nini-aki, ema-bapa, angger wé tutumpakan si jurig téh maké délman. Lamun enya mah jurig beunghar, naha henteu ganti waé kana lamborghini anu hargana miliaran. Tapi lamun jurig anu mapagkeun téh kana mobil méwah, saha anu bakal sieuneun? Sedengkeun dongéng jurig, saperti carpon ieu, salah sahiji udaganana apan anu maca sarieuneun.

Teu sabaraha lila sora délman anu ngajauhan téh ngadeukeutan deui. Beuki atra. Reg wé sada di hareupeun imah. Ngan sarénghapan... rieg... rieg..., imah loténg dua tingkat téh inggeung siga ku lini. Lampu bohlam anu ngagantung ayun-ayunan. Sora anu keketrok kana panto.

“Tok...tok... tok...!”

Boro-boro wani muka. Kahayang mah ngagajleng kana jandéla, kabur ka imah Mang Dhipa. Sora panto dibukakeun. Rekkeeettt...! Kuring ngagibrig. Salah naon atuh kuring téh? Rarasaan can kungsi jangji jeung jurig. Jangji anu inget waé mah jeung Mang Dadan, tukang céndol anu kungsi dianjukan, basa geus boga duit rék mayar teu panggih deui. Rekkeeettt...! Panto kamar ogé sada aya nu mukakeun. Rarasaan tadi téh dikonci jeung diselot. Tapi apan manéhna téh jurig. Gampang waé meureun jurig mah mukakeun konci jeung selot. Simbut dikurudungkeun salaput hulu. Ieu késang jibrug kieu.

“Huddaangng... euy! Tong nyumput guoblog...! Bisi dibenyéng ku ngaaiingng...!”

Sora anu téngé. Jurig nanahaon sorana siga kieu. Henteu geueuman, henteu pikakeueungeun. Simbut téh disingkabkeun saeutik, noong. Gebeg...! Lain ngagebeg sieun. Tapi hayang seuri. Si jurig téh samakta pakarang. Sirah dimakuta, leungeun katuhu nyekel tumbak, leungeun kénca nyekel taméng. Tapi awakna sagedé emuk, tumbak sagedé nyéré, taméng sagedé daun baluntas. Simbut dialungkeun. Goblog, hanas aing sieun, ceuk haté.

“Hayyu ngilu jeung ngngaaiingng...! Sia geus jangjian jeung dunungan ngngaaiingng...! Sia bakal dijadikeun kékéséd di karajaan ngngaaiingng...! Heuk..heuk..heuk...!”

“Teu sieun aingna ogé ayeuna mah, euy!” ceuk kuring bari diuk dina risbang. “Sia téh bangsa naon téa?”

“Ngngaaiingng bangsa yutul.”

“Tuyul meureun.”

“Yutul goblog! Lanceuk téré ka tuyul mah.”

Hayang seuri saenyana mah ngadéngéna. Tapi ku basana anu kasar, nyel wé ambek ogé. “Sakali deui ngomong kasar, ditalapung siah ku aing!” ceuk kuring bari nangtung, nyéta-nyéta Andik Vermansyah rék najong dua belas pas.

“Hey... hey... hey...! Balad-balad kararumpul... ieu jalma ngalawan...!” Si jurig kalah nyanyi nurutan buta dina wayang Asép Sunandar Sunarya. “Hayu...! Kepung wakul buaya mangap...!”

Burudul téh éta bangsa tuyul, éh yutul, arasup ka kamar. Rébuan, boa jutaan jumlahna. Sakabéhna narajang bareng.

Lima menit ti harita kuring geus aya dina délman. Leungeun jeung suku diborogod. Barisan soldadu bangsa yutul anu jutaan jumlahna téa ngabaris di tukangeun délman. Girimis masih nyéborkeun tiris. Délman maju di jalan datar, da puguh di langit.

“Kling-klong... kling-klong... husss... husss... hhiiieeemmm...!”

**

Perlu didongéngkeun saeutik bisi anu maca salah harti, terus diucah-acéh ka sasaha majar kuring muhit jurig yutul. Kieu saenyana mah. Kuring téh tukang ngadongéng. Aprak-aprakan ngitung lembur ngajajah milangan kori lain saukur babasan. Ceuk kuring, jaman ayeuna téh jaman jalma butuh dongéng. Ngarah hirup henteu sasab, henteu kalangsu tujuan. Apan di unggal lembur kuring diriung-riung. Apan wawacan Umar Maya, Lutung Kasarung, Dadap Malang Cimandiri, Mundinglaya Di Kusumah, nepi ka dongéng-dongéng modéren dina wangun carpon, novel, sajak, dibolak-balik didongéngkeun. Korédas kabéhanana didongéngkeun. Tungtungna mah kapaksa kudu ngarang dongéng sorangan.

“Keur tempat ngarang mah paké wé imah uing,” ceuk ki sobat basa kuring bébéja butuh tempat pikeun ngarang dongéng. Moal disebutkeun saha ngaranna ki sobat téh. Bisi jadi aib. Ngan manéhna téh ngajabat di ditu di dieu. Di pamaréntahan jadi kepalana, di partéy jadi ketuana, di organisasi-organisasi jadi dewan penaséhat, di perusahaan-perusahaan jadi pemegang saham.

Atuh kakayaanana lain caturkeuneun deui. Di Bali di Jawa di Sumatera di Papua, lega sawahna teu kaukur kebonna teu kaitung imahna. Kungsi ka kuring ogé nanyakeung nomer rékening, rék ditransferan cenah unggal bulan. Tapi teu ditarima. Kumaha balitunganana. Kuring meunang duit, manéhna meunang naon? Manéhna téh cenah resep kana dongéng kuring. Resep mah kana dongéng kuring, cukup ku nyawér waktu kuring ngadongéng, teu kudu transfer unggal bulan.

Moal didongéngkeun kumaha pangalaman kuring di alam siluman, di karajaan bangsa yutul, da henteu penting deui. Anu puguh mah maranéhna salah néwak. Enya ogé ciri-ciri anu ku Raja Putrayutul, raja bangsa yutul, disebutkeun kabéhanana bener. Imah dua tingkat di hiji lembur, di buruanna aya tangkal caringin hieum, tapi si raja apaleun kuring téh lain jelema anu dimaksud.

Basa kuring dibalikeun deui ka imah, peuting geus ngagayuh ka subuh. Harita kénéh nélépon ka ki sobat. Manéhna reuwaseun. Puguh cenah sapeupeuting teu daék saré. Teu puguh rarasaan. “Ka dieu atuh ayeuna, aya obrolkeuneun, penting,” ceuk kuring.

Bari nungguan ki sobat pangangguran laptop dibuka deui. Rada reuwas, geuning dongéng anu keur dihanca téh anggeus. Saha anu nganggeuskeun? Iraha ngetikna? Keun waé moal dijawab ngarah anu maca rada kahibur. Da dina carpon ieu mah nu pentingna sanés éta. Jam tujuh isuk-isuk ki sobat nguruncul kana sédan SUV anu hargana miliaran ogé.

Derekdek wé didongéngkeun kajadian peuting tadi. Manéhna ngahuleng ngaraga meneng.

“Tah, ceuk saran uing, tuar tangkal caringin téh, ngarah si jurig sasab néanganana,” ceuk kuring. Uang-uing unta-énté geus biasa jeung manéhna mah, puguh sobat ti bubudak. Enya ogé ayeuna manéhna sagala jugala, ngabaris angka dina rékening ieu dina rékening itu, henteu mangaruhan da puguh kuringna ogé can kungsi punta-pénta atawa aya tanjakan hayang jadi itu jadi ieu. “Terus urang ka ustad Wahyu, bisi énté arék tobat. Urang sakalian tararobat, da uing gé dosa téh teu kaitung.”

Ki sobat téh ngahuleng. Paroman alum lir ceudeum usum ngijih ti isuk-isuk parat ka isuk-isuk deui. Samenit dua menit tilu menit... ampir sajam manéhna ngahuleng. Atuh kuring ogé jempé. Sakapeung neuteup anu ngahuleng, teuing keur di mana pipikiranana.

“Lamun caringin éta dituar, kiamat keur kuring mah. Kakayaan ti si jurig téh dibawaan deui,” pokna humandeuar. “Imah-imah kahuruan. Kabogoh, selir, istri simpenan, laluncatan. Mobil, kebon, perusahaan, disita ku KPK.”

“KPK Komisi Pemberantasan Korupsi? Naon hubunganana? Naha si jurig jeung KPK sakongkol?”

“Lain kitu. Sanggeus uing jangjian jeung si jurig téa, uing téh ujug-ujug diangkat jadi kepala bidang sejarah di disdik. Tah kakayaan téh harita mimiti ngocor. Proyék ieu proyék itu ngan keur kuring wungkul duitna. Pengusaha mah anu jadi jalan duit ngalir, ditipu dibobodo dibere bagian bari geus kacepeng mah duitna tinggal disépak. Atuh jabatan terus naék, proyék beuki gedé. Kakayaan beuki teu kaitung. Perusahaan jlug-jleg, perusahaan anu ngudag-ngudag proyék pamaréntah wungkul, partéy paboro-boro ku duit mah. Sanggeus perusahaan ngajajar, partéy dikuasa, populér, hayang naon hayang naon tinggal badami jeung anu satata.”

Kuring unggeuk-unggeuk teu ngarti.

“Lamun dituar éta tangkal caringin, leungit kabéh kakayaan téh. Atuh kuring malarat deui. Boa bari dibui.”

“Tapi mending dibui di dieu, di alam manusia, komo bari jeung tobat, tobat, terus tobat. Lamun éta caringin henteu dituar, tungtungna mah énté pasti kasusud ku si jurig yutul. Énté jadi kékéséd, ditincakan unggal waktu, dihina. Iiyy...!”

Manéhna ngahuleng. Nepi ka balik deui, cenah rék ka Jakarta nepungan calon presidén, teu sakemék deui nyarita. Kuring ogé terus bébérés, neruskeun lalampahan ngitung lembur ngajajah padésaan ngadongéngkeun carita anyar.

Hiji isuk keur kuring leumpang di jalan ka hiji lembur, aya mobil sédan ngaliwat. Lamborghini ka jalan pakampungan, ceuk haté. “Kling-klong... kling-klong... husss... husss... hhiiieeemmm...!” Sorana mah kitu, sada délman. Supirna didasi, rambutna kulimis rapih. Panumpangna... horéng ki sobat, ngalamun, neuteup ka jauhna, jararauh panineungan. Dasar jurig, angkutan mapagkeun anu muhit diganti, sorana poho.

Ti harita tara patanya-tanya acan jeung pa pejabat anu hartana bru di saham bro di perusahaan téa. Najan pagiling-gisik paadu irung di salah sahiji acara Ngadongéng Nasional. Da puguh ayeuna mah manéhna téh lain ki sobat deui. Enya éta ogé warugana masih ngacacang di tv-tv, di koran-koran, di radio-radio, di internét. Tapi apan jiwana mah geus dipapagkeun ku jurig yutul téa, jadi kékéséd di karajaan siluman. ***

 

Tanjungsari, 2 Oktober 2013        

 

Dimuat di Tribun Jabar, tanggal 8-10 Oktober 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...