Bagikeun ka Lapak Facebook

Beber LayarRebo, 30 Oktober 2013 02:02

Lain Sunda

Ku Hawe Setiawan
SN
Hawe Setiawan [Potret: Maruta Bayu]

DINA lalakon Ménak Amir (2002) beunang nyaritakeun deui Ki Umbara aya buta. Éta buta téh nyulik Nyi Putri Suryawati, putrana Raja Mesir. Nyi Putri ditulungan ku Radén Putra Repat Maja, putrana Maha Raja Arab. Dibantuan ku uwana jenengan Umar Madi, Radén Putra ngaluarkeun Nyi Putri tina guha. Atuh puguh buta téh ambek lain di kieuna, sasat leungiteun anakna.

            Nu matak hélok buta téh ngambekna maké basa Batawi, lain basa Sunda. Cenah gé:

      “Si Buta nyentak, ‘Bangsat! Apah lu orang tidak takut sama gua?’

        Nu disentak tiluanana nangkarak bengkang. Tuluy tingkoréjat harudang. Si Buta seuri ngagakgak, ‘Hahahah! Hahahah! Hahahah! Humayua, lu orang brani-brani mencuri gua punya anak, baru disentak sajah sudah pada nangkarak bengkang! Haha, haha, haha!’”

 

Horéng buta téh sabangsa Mandra atawa Ridwan Saidi. Naha nya? Apan Ki Umbara téh ngadongéngna dina basa Sunda, tapi naha butana bet kawas nu teu bisaeun ngomong Sunda? Ari di Tatar Sunda taya buta kitu?

Hadéna baé aya R. Satjadibrata. Kahémeng téh rada kajawab sanggeusna maca panganteur R. Satjadibrata kana Kamus Indonésia-Sunda (1952) beunang nyusun anjeunna. “Dalang wayang dina ngaluarkeun buta, ngomongna téh kedah baé basa Malayu, da dina anggapanana, buta mah urang asing. Dina wawacan-wawacan anu ngambek sok maké basa Malayu, malah dongkap ka aya Durna kieu: Ngusap kumis tanggah barina susumbar, lihatlah gua nanti, di dalam peperangan, gua punya bicara, dan gua punya berani, menangkap raja, tiada takut mati,” kitu saur R. Satjadibrata.

Geuning “urang asing” cenah buta téh. Jadi meureun sabangsa Tuan-tuan IMF anu méré hutang ka nagara urang atawa sabangsa juragan-juragan Freeport anu ngalian Tanah Papua. Tah, lamun anggapan samodél kitu dipatalikeun jeung kaayaan jaman baheula, sebut wé lah jaman Walanda anu sok disebut “jaman normal” téa, kawasna alus pisan mun buta téh ngomongna dina basa Walanda. Tanwandé tarékah samodél kitu jadi salah sahiji pakakas nu efektif pikeun ngalawan kolonialisme. Tapi kawasna karuhun urang hariwangeun keuna ku dakwaan subversif. Sagédéngeun éta, tayohna, dibandingkeun jeung basa Malayu anu cenah geus jadi lingua franca ti baheula, basa Walanda mah teu pati komunikatif jeung balaréa Sunda.

Komo deui da kapan nu baheula sok cumarios kawas urang Walanda mah cenah bangsa ménak. Bisa jadi, lamun téa mah buta sina ngomong Walanda, karuhun urang  hariwang meunang bebendon ti para ménak.

Nu sidik, lain bangsa buta wungkul nu basana sok digambarkeun lain Sunda téh tapi ogé bangsa ménak atawa jalma-jalma anu guménak deuih. Bangsa ménak mah sok digambarkeunna téh di antarana ngaliwatan dialog-dialog anu direumbeuy ku kosa kecap Walanda. Datang ka dina Rasiah Nu Goréng Patut (Karnadi Anémer Bangkong) (1986) karangan Soekria jeung Joehana anu kawéntar téa, sawatara kosa kecap Walanda anu sasatna dijadikeun salah sahiji modal pikeun meuli haté Eulis Awang jeung ramana téh. Kosa kecap Walanda beunang mulukan ti “sakola ménak” cenah. Ku jalan ngomong Wawalandaan---bari jeung teu puguh salang surupna---Si Karnadi anu ngakukeun Dén Sumtama téa nepi ka bisa ngagelo Eulis Awang katut ramana nu guménak téa. Kitu deui dina Wira Pakoentjén (1931) yasana M.É. Nata Soekarja, Mas Wira anu guménak téa kapan katajieunna ku Aom Jaya téh di antarana pédah Aom mah capétang cumarios Walanda, nepi ka anak Mas Wira gé, Nyi Erum téa, disina diajar basa Walanda deuih. Pikeun Mas Wira mah, katapis ngomong basa Walanda téh sasat jadi salah sahiji prasarat nu kudu dicumponan sangkan bisa satata jeung bangsa ménak. “Upami ngupingkeun pun anak cas-cés-cos ngomong basa Walanda sorangan, haté téh bungangang, raos sorangan baé nu tiasa téh,” cék Mas Wira. 

Laun-laun mah jadi kapikiran, naon sababna dina sastra Sunda jaman béh ditu kawas aya kabiasaan ngabutakeun bangsa deungeun sarta ngawalandakeun bangsa ménak. Tadi saur R. Satjadibrata, ari sababna buta sok dicaritakeun ngomong basa Malayu téh ku lantaran dina anggapan karuhun urang buta mah bangsa deungeun. Tah, mun téa mah diparalélkeun ka dinya, naha kabiasaan ngagambarkeun kaom ménak cumarios basa Walanda gé miangna tina anggapan yén paripolah ménak atawa jalma nu guménak henteu luyu jeung jatining batin Sunda deuih?

Tangtu baé aya référénsi sosiologisna pang kitu gé. Da cenah ménak baheula mah ngiblatna ka urang Walanda. Ngan baé, nu jadi kapanasaran téh, kumaha disawangna paripolah samodél kitu numutkeun timbangan urang Sunda? Naha henteu aya kamungkinan yén paripolah bangsa ménak, sakumaha paripolah bangsa buta, saenyana teu pati diaku ku sakumna urang Sunda?

Duka tah. Ngan kawasna, kabiasaan ngabutakeun bangsa deungeun atawa ngawalandakeun bangsa ménak téh ciri bukti yén urang Sunda mah sok ngajinekkeun kasundaan sacara négatif. Filsafatna téh sebut wé lah “filsafat lain éta”. Misilna baé ku jalan nandeskeun yén nu disebut Sunda téh lain Malayu, lain Walanda. Lain éta. Tapi ana ditalék sacara positif, naon atuh ari Sunda téh, jawabanna téh sok rada goib: pokona mah lain éta.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...