Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokSalasa, 04 Juni 2013 03:59

Diheulang Kalangkang Bulan

Ku Dhipa Galuh Purba
SN
Ilustrasi Carita Pondok [Potret: M-Zaen]

Hareupeun panto kamar Nomer 19 ngajanteng sakedapan. Ter, karasa awak ngageter. Héab amarah minuhan satungkebing rasa. Tanaga ngadadak asa rosa, namper kana peureup, kana dampal suku. Geus teu bisa dikadalikeun. Teu antaparah deui, jebrod! Panto ditajong satakerna. Blak, muka. Bréh, nu keur solat berjamaah, kakara awéhsalam. Duanana curinghak bari ngan sakilat cararengkat.

Astaghfirullah…!” kadéngé sora nu geus teu bireuk deui dina dua cepil. Sora nu mangtaun-taun teu weléh marengan dina mangsa nyorang bagja jeung tunggara. Sora nu sasarina ningtrimkeun ati. Sora nu teu weléh dipikasono saban mangsa. Sora nu kiwari karasana bet ngadadak béda.

Saminggu katukang kadéngé ku ceuli sorangan, sora manéhna nu tandes dibarung rupaning kaanéhan dina dirina. “Ibu badé tobat, Kang. Ti ngawitan ayeuna ibu badé langkung nyaketkeun diri ka Nu Maha Kawasa. Tos cekap urang milampah dosa nu kacida seueurna. Ibu ngarasa hina pisan di payuneun Nu Maha Kawasa…” kitu pokna bari neuteup ka jauhna.

Rék tobat? Hadé pisan. Bungah ngadéngéna ogé. Mémang kiwari geus wancina pikeun leuwih ngaraketkeun diri ka Nu Maha Suci. Sabab, beuki atra saban mangsa téh geuning teu weléh dikukuntit pati. Bisa baé ayeuna, isuk, atawa pagéto, pati mapagkeun diri. Muga baé manéhna kahudang kasadaranna ku lalakon anu karandapan Ustad Jepri upamana. Sabab tina pupusna Sang Ustad, beuki nuduhkeun yén pati mah henteu bisa diukur ku umur. Nu leuwih penting, muga baé manéhna kahudang pikeun nulad ahlak Ustad Jepri, anu teu weléh nyambuang mapaésan kahirupan. Ngaran Sang Ustad téh apan tetep panjang umur, sanajan kiwari geus pungkas umur.

Kilang kitu, ari kapanasaran mah teu weléh aya. Bet hayang nyaho, kajadian naon nu ngalantarankeun manéhna ujug-ujug boga itikad nu kalintang mulya. Atawa, saha jalmana nu geus sanggup ngageuing kereteg atina. Puguh baé penting kacida. Lantaran, manéhna geus jadi pamajikan.

Kajurung ku panasaran téa, léngkah kahiji téh mariksa facebookna. Sabab, kadieunakeun manéhna mindeng anteng hareupeun layar monitor bari mukaan jejaring sosial facebook. Tapi banget ngaranjug ku lantaran paswordna salah. Dicobaan deui, bisi salah ngetik. Angger teu bisa asup. Nepi ka sapuluh kalina dicobaan, angger kénéh teu bisa. Jadi, kacindekanna mah pasti paswordna diganti.

“Badé naon mukaan facebook nu sanés? Akang mah mani teu ngahargaan pisan kana privasi téh…” kitu pokna, basa ditalék ngeunaan pasword facebook.

“Jadi, mémang dirobah ku Ibu?”

“Muhun. Tos, ulah hoyong terang kana urusan nu sanés. Ti ngawitan ayeuna mah akang mending kénéh langkung husu ngurus diri akang nyalira…” pokna.

Héab, amarah minuhan dada, naék kana embun-embunan. Tapi ditahan. Sabab geus apal kana perwatekna. Diajak paséa mah moal pibenereun.

“Ibu téh lain batur. Lain jalmi sanés! Ibu téh pan bojo akang. Naha teu gugur teu angin ujug-ujug dirobah paswordna?” ukur kitu nu kedal téh. Ras inget, basa keur mimiti ramé usum facebook. Harita manéhna ménta dipangnyieunkeun, ku lantaran rada gapték. Penting cenah, keur ngarojong usaha. Jeung dina enyana deuih, facebook pamajikan dipaké bisnis. Sakur dagangan pamajikan dipromosikeun ngaliwatan facebook. Pakéan, asésoris, jeung kaperluan nu patali jeung cuntal-centil ibu-ibu, didagangkeun ngaliwatan facebook.

Mangtaun-taun, taya pasualan nanaon. Sumanget pamajikan dina ngajalankeun bisnis  téh  tangtu baé dirojong pisan. Lain baé facebook, kaasup blog gratis jeung website anu berbayar ogé dipangnyieunkeun, demi ngarojong pamajikan. Kari-kari ayeuna ujug-ujug dirobah paswordna. Aya naon ieu sabenerna? Ti saha diajar ngarobah pasword?

Diilikan kronologi dina facebookna. Basa poénan milangkala, réa pisan babaturanana nu ngawilujengkeun ku rupaning kecap nu reumbeuy pasieup. Pangpangna lalaki. Malah aya diantarana anu diréspon kaleuleuwihi ku manéhna. Asa peurih maca koméntarna ogé, muji-muji lalaki séjén nu saukur ngawilujengkeun milangkala. Asa kakara harita manéhna muji lalaki séjén dina facebook, bari bisa kabaca ku balaréa. Salila ieu, tara aya nu dianggap leuwih istiméwa batan salaki. Tacan kungsi kacaturkeun kataji ku lalaki séjén. Malah lamun sakali mangsa aya nu ngaheureuyan, pamajikan sok langsung malik ijid. Lamun aya kawawuhan anyar, boh wanoja komo lalaki, pasti dicaritakeun. Tara aya nu didinding kelir sindang siloka. Saumur hirup babarengan, kecap “privasi” kakara harita kedal tina biwirna.

“Bu, nuju dimana?” sakali mangsa ngasms manéhna. Pangpangna mah wanci sareureuh kolot tacan kénéh mulang.

“Tiap jalmi gaduh urusan. Naha meni sagala hoyong uninga? Teu sagala rupi hal akang kedah uninga kana sagala rupi kagiatan ibu. Ayeuna mah mending urus diri akang nyalira. Urang salami ieu tos seueur teuing milampah dosa. Tos waktosna urang tobat,” témbalna. Héab deui amarah amuk-amukan jeroning dada. Aya naon ieu téh sabenerna? Naha bet siga kieu anu ngaran tobat téh, ngundakeun kasoléhan dirina bari teu miduli kana jeroning rasa ka jalma nu salila ieu satia marenganana. Ngalobaan kagiatan, tug nepi ka kolu mindeng ninggalkeun anak jeung salaki. Anéh. Asa teu wajar parobahan pamajikan téh. “Panutan, na kunaon anjeun téh?”

Panutan. Sebutan husus keur manéhna. Lantaran rupaning kahadéanna nu hamo bisa kaukur. Lantaran kasatiaanna mangtaun-taun anu teu kudu dihamhamkeun deui. Lantaran perjoanganna dina ngabantu salaki. Dug hulu pet nyawa istilahna, ngabantu nyumponan bubutuh hirup, bari tacan kungsi kacaturkeun ngarasula. Ukur hiji paméntana anu mindeng diharéwoskeun mangsa ngumbar kacinta. “Akang, mugia akang satia salamina. Ibu deudeuh pisan ka akang…” kitu cenah. Salian ti kecap éta, asa taya paménta séjén.

Sawangan manjangan deui ka mangsa katukang. Tuluy diamprokeun jeung kaayaan anu ayeuna keur disorang. Pagedrug. Papalimpang. Patukang-tonggong pisan. Saméméhna mah justru pamajikan anu saban usik sok ngasms: Kang, nuju dimana? Nuju sareng saha? Nuju naon? Jeung pananya séjénna anu terus mangjang tetelepék. Lamun sakali mangsa katarajang timburuna, pasti baé pas waktuna amprok kudu paséa. Manéhna pasti ménta sangkan ngajelaskeun naon hubunganna jeung si anu atawa si minu. Tug nepi ka manéhna ngarasa yakin taya wanoja séjén nu ngarebut haté salakina. Tapi tara lila papaséaanna ogé. Sanggeus paduduaan di jero kamar, lampu dipareuman, kaayaan simpé, rénghapna beuki atra, rupaning pasualan bisa réngsé taya sésana. Nu matak, sikepna anu ayeuna-ayeuna mah sidik pisan henteu wajar. Kabina-bina teu wajarna ogé.

“Aya naon ieu téh saleresna, Bu?” tanya téh sakali mangsa.

“Teu aya nanaon. Abdi mah mung hoyong tobat. Hoyong langkung nyaketkeun diri ka Nu Maha Kawasa,” témbalna.

“Saé pisan éta mah. Akang ogé ngarojong pisan. Rumaos akang salami ieu kurang taat ngajalankeun paréntah Pangéran. Jadi, hayu urang sasarengan tobat. Tapi, naha ayeuna sikep ibu janten robih? Akang téh salaki ibu. Naha meni teu aya ajénna pisan ka salaki téh?”

“Tos, tos, Kang…. Teu kedah intervénsi kedah kitu, kedah kieu ka ibu. Mending kénéh masing-masing baé ayeuna mah. Urus diri akang nyalira. Salami ieu akang katingalina teu disiplin kana waktu. Akang sering ngamomorékeun padamelan. Akang sering ngalalaworakeun kapercayaan batur. Ahirna akang ayeuna teu jelas masa depanna. Naha akang teu ningali ibu anu dug hulu pet nyawa didamel ngabélaan kulawarga, kanggo masa depan. Naha ari akang mah siga nu nyapirakeun kana kahirupan téh?” kitu pokna.

Asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Aya nu nyentug kana jeroning dada. Nyeri pisan. Peureus pisan. Raheut, gudawang.

“Teu lepat nyarios téh, Bu?”

“Naha bet lepat sagala? Mémang kitu kanyataanana? Akang kedah tos ngawitan ngabiasakeun disiplin. Akang kedah nyiapkeun masa depan. Akang kedah tobat ka Nu Maha Suci…” pokna deui bari ngabalieur, sarta terus nonggongan. Saumur hirup babarengan. Kakara harita manéhna wani nonggongan. Najan amarah geus nyéak tingsulusup nepi ka tulang sungsum, tapi satékah-polah nyambat kasabaran.

Nu jadi pertimbangan rasa sabar téh taya lian lalakon nu mangtaun-taun geus kasorang. Moal poho. Amprok jeung manéhna téh mangsa keur meujeuhna dirungrum kasusah. Manéhna datang dina kahirupan, ibarat widadari nu ngahaja diturunkeun ti kahyangan. Ngabantu nungkulan rupaning kasusah hirup jeung ngabedahkeun rasa nyaahna. Kadeudeuh, kaasih, kacinta manéhna dikorédaskeun jeung kerak-kerakna, lir anu henteu nyésakeun keur sing saha baé.

“Panutan, upami teu aya salira, hirup akang téh duka kumaha. Salira anu ngajalmakeun akang. Salira nu ngajait hirup akang. Salira nu ngagedurkeun kacinta dina dada akang. Teu aya deui wanoja nu bakal jadi panutan akang, iwal ti salira panutan…” mindeng pisan nyarita kitu téh. Pangpangna lamun manéhna geus nyangsaya kana dada, bari ngusapan awak. Karasa tingtrimna. Karasa éndahna. Kapanggih hartining asih anu sayakti téh. Mangsa ieu haté geus teu hayang mukakeun panto keur wanoja mana baé. Leuwih ti cukup ku manéhna saurang. Moal. Moal aya deui.

“Teu kedah nyarioskeun perkawis éta baé, Kang. Ibu ihlas ngalakukeun naon baé kanggo akang. Tos kawajiban sasami jalmi kedah silih tulungan. Komo deui ibu nulungan jalmi anu dipikadeudeuh,” kitu sok némbalna téh.

“Tapi akang sok ngaraos isin. Akang mah sakieu buktosna, jalmi taya kagaduh, nu masa depanna suram. Béda sareng ibu nu tos sakitu mapanna. Ari ibu teu hanjakal milih akang?”

“Ibu bakal hanjakal mun teu pendak sareng akang. Bujeng hingga anu dipigaduh ku ibu, dalah anu teu aya ogé tangtos bakal diaya-ayakeun demi kabagjaan akang. Margi, kabagjaan akang téh sami sareng kabingahan abdi. Teu kedah seueur émutan akang mah. Jalani wé saayana. Nu penting urang teu lirén nyiar tarékah, piraku teuing Nu Maha Kawasa henteu maparin jalan,”

“Leres ibu teu hanjakal?”

“Henteu! Pokona mah henteu! Ibu bagja aya di gédéngeun akang. Ibu hoyong salamina sasarengan sareng akang. Akang teu kénging ngobrolkeun deui masalah kakirangan akang. Sagala rupi nu nyampak dina diri akang, ibu mah tetep bakal nyaah ka akang. Badé kumaha baé akang ayana, moal luntur kanyaah ibu ka akang…”

“Duh, panutan… manah salira mani sakitu mulyana. Paralun akang mun wantun nganyenyeri salira. Akang jangji, salamina bakal ngajaga cinta urang…”

“Akang ogé panutan ibu…” wangkongan sok dipungkas ku langgéor awakna, ngabeulit pigeulang leungeunna, ngarangkul pageuh kabina-bina tug nepi ka manéhna humarurung dibarung gandrung. Mangtaun-taun siga kitu téh. Tacan kungsi aya pasualan nanaon nu dianggap parna. Mangtaun-taun.

**

 

Gering pikir nu nyanding na diri tangtu kalintang lumrah. Asa diheulang bet kaleungit diri manéhna nu baheula. Robahna bet dadak-dadakan, kalayan taya pasualan nanaon. Éstuning taya kajadian nanaon. Karisi beuki meulitan diri. Karémpan marengan saban léngkah nu mimiti ingkud-ingkudan. Digawé ogé geus teu manggih kahusuan. Rék ngalakukeun nanaon ogé, nu kabayang téh ukur manéhna. Dina dada, dina panon, manéhna teu weléh narémbongan.

Antukna mah kapikir pikeun ngabuntutan manéhna ti mimiti miang ti imah. Hayang nyaho, ka tempat mana baé anu sok dijugjug ku manéhna tug nepi ka bisa ngarobah sikep jeung caritanana. Robahna geus nyumponan pisan sarat, 180 darajat. Boh sikepna, pon pilalagi omonganana.

Sakali mangsa kungsi nuturkeun mobilna. Hanjakal pisan kudu pungkas di panto tol. Mobilna asup ka jero tol. Lantaran nuturkeun téh maké motor, kapaksa ukur melongkeun mobilna anu ngabiur meulah jalan tol, teuing kamana. Nu jelas mah kabayang téh manéhna pasti indit ka luar kota.

“Ibu tos ti luar kota?” tanya téh, sabada manéhna mulang.

“Naha bet naros kitu?”

“Pédah wé lebet ka jalan tol,”

“Oh, akang ngabuntutan ibu? Mémangna ibu téh tahanan? Meni dikawal sagala! Saur ibu gé ti samet ayeuna, akang teu kedah hoyong uninga naon baé kagiatan ibu. Ibu mah badé tobat. Ibu hoyong umroh,” témbalna.

“Muhun, saé pisan. Tapi naon hubunganana umroh sareng ka luar kota?”

“Na saha nu ka luar kota?!” manéhna nyeuneu.

“Akang sanés nuduh. Akang mung naros, dupi ibu téh ka luar kota?”

“Teu kedah tataros sagala! Teu kénging usil! Mending urus wé diri akang nyalira…” pokna bari ngabantingkeun panto kamar. Jeprét, kadéngé panto téh sora dikonci ti jero.

Asa beuki kamalinaan kalakuanna. Ku kituna geus taya pilihan deui kajaba ngajak ngawangkong nu daria. Najan rada bangga néangan wanci nu mustari, tapi teu burung ahirna mah ata kasempetan pikeun ngedalkeun sakur nu ngaganjel dina jeroning dada.

“Bu, upami mémang ibu tos bosen ka akang, mangga baé balaka. Atanapi bilih aya pameget anu tos ngarebut haté ibu, akang ihlas. Mangga carioskeun sing jujur. Akang pasti bakal nampi. Akang rumaos sakieu buktosna. Ti kapungkur ogé akang tos sadar yén akang sareng ibu téh jauh tanah ka langit. Bilih ayeuna ibu tos mendak anu sabeusi sawaja, mangga baé balakakeun. Akang badé amit saupamina ibu tos henteu suka ka akang…” langsung wé nyarita kitu, meungpeung manggih kasempetan nu kaitung hadé.

“Dasar haté akang mah sok dilimpudan suuzon. Sagala rupi téh anu dipayunkeun suuzon. Na teu aya deui obrolan sanés salian ti éta?”

“Akang sanés suuzon. Akang mah naros…”

“Nu kitu mah namina suuzon,”

“Ibu kapungkur sok tetelepék ka akang. Sagala rupi ku ibu ditaroskeun. Tapi akang teu nganggap ibu suuzon,”

“Teu kedah ngobrolkeun jaman kapungkur sagala. Nu jelas mah akang ayeuna tukang suuzon,” pokna bari ngajéngkat. Kop, kana konci mobil. Léos indit ka luar. Panto digablogkeun.

“Bu…! Ibu…! Badé kamana?!”

Manéhna teu némbalan. Diudag nepi ka garasi, tapi mobilna kaburu ngabiur meulah peuting. Amarah geus muncak. Kop kana konci motor. Siga nu katumpangan, ukur sakolébat geus diuk dina jok motor bari ngan sakilat ngabiur ngudag manéhna.

Kira duapuluh méter ngajaga jarak jeung mobilna. Rék dituturkeun kamana baé ogé. Malah lamun asup ka jalan tol, kajeun rék nyéwa taxi, nuturkeun mobilna. Mobil téh méngkol ka Carrefour geuning. Rék meupeus keuyang kitu kitu? Ku cara balanja sakahayang. Motor milu dipéngkolkeun ka Carrefour. Ti kaanggangan nyérangkeun.

Manéhna turun tina mobil. Tuluy ngaléngkah muru ka hiji mobil sédan nu geus diparkir ti saméméhna. Panto mobil sédan muka. Manéhna naék. Beuki ngagolak rasa timburu. Beuki ngahéab amarah jeroning dada.

Mobil sédan ngabiur ninggalkeun palataran parkir Carrefour. Langsung diberik kalayan tetep ngajaga jarak. Plat nomorna geus kacangkem. Puguh deui ciri-ciri séjénna mah. Mobil sédan milu pabeulit dina pajeujeutna patali marga. Ku macét mah teu pati bangga nyérangkeunana. Kaangaangan tetep dijaga bisi kaburu katohiyan.

Anu dipikahariwang téh bet jadi kanyataan. Mobil sédan méngkol ka hiji hotél. Sakedapan mikiran cara nyerekna. Motor ngabiur ka lebah ATM. Nyokot heula duit samahina. Geus kitu, balik deui ka hotél. Sanggeus diparkirkeun, buru-buru ngaléngkah muru ka méja résépsionis.

“Mangga, Pa… badé milih kamar mana…” pokna patugas résépsionis.

“Nu ékonomi wé,” témbal téh bari ngilikan pangajina. Tuluy dibayar harita kénéh.

“Éh,  geuning itu aya mobil réréncangan. Di kamar sabaraha ngéndongna?” tanya téh bari nunjuk kana mobil sédan anu diparkir di buruan hotél.

“Oh, di kamar 19, Pa,” témbalna.

Kawilang cukup ku informasi sakitu ogé. Geus kitu mah langsung muru ka kamar anu geus diséwa. Di jero kamar, ngababétkeun awak kana kasur. Neuteup lalangit bari kekerot. Dina lalangit bet siga aya nu keur papuket ngumbar birahi. Amarah geus teu kawadahan. Koréjat hudang. Teu loba mikir nanaon deui, kaluar ti jero kamar, sarta tuluy ngalanglang panto-panto kamar hotél, maluruh kamar nomor 19.

 

**

 

Nu jadi imam solat téh lalaki tengah tuwuh, pangawakan bayuhyuh. Ngan sakilat dikerewek kerah bajuna bari diasongan peureup. Malah teu antaparah deui, jebrod ditonjok palebah irungna.

“Ampuun…. Nanaonan ieu téh!” lalaki tengah tuwuh téh ngagorowok bari nyepengan irungna.

“Akang…! Nanaonan, Akang! Sok, ibu badé ngageroan pulisi!” manéhna metot awak nu geus katumpangan amarah. Amarah nu ngabebela.

“Sok, geroan pulisi! Geroan ayeuna kénéh!” antukna wani nyentak ka sang panutan nu salila ieu kalintang dipuja saban mangsa.

“Nanaonan akang… ibu nuju diajar tobat ka anjeunna. Ibu hoyong ngubur tapak… mulang ka Nu Maha Suci…” pokna halon. Aya nu merebey tina juru panonna.

“Nu kieu ngaranna tobat téh? Nu kieu?! Geura papaykeun ka sakabéh ulama, naon hukumna hiji awéwé sakamar jeung lalaki nu lain muhrim di hotél!”

“Ibu teu ngalakukeun nanaon. Akang ningali nyalira pan…”

“Enya,  keur solat. Tapi saméméh atawa saenggeus solat rék ngalakukeun nanaon di jero kamar hotél paduduaan?”

“Akang tos kaleuleuwihi! Dina diri akang pinuh ku rasa suuzon! Ayeuna kénéh, akang kudu ingkah ti jero kamar! Indit ayeuna kénéh! Kaluar…!” pokna bari neuteup seukeut.

“Kumaha?! Kaluar?! Ibu téh pamajikan akang! Piraku akang rék ninggalkeun pamajikan paduduaan di jero kamar?!”

“Lain! Ibu lain pamajikan akang! Diantara urang taya hubungan nanaon! Urang kakara kawin siri. Kolot urang ogé henteu nyahoeun kana hubungan urang! Ti samet ayeuna, geus taya hubungan nanaon! Indit…!” manéhna beuki nyeuneu. Saharita karasa leuleus satulang sandi. Lir anu disuntrungkeun ti tempat nu kawilang luhur. Ngoléang teuing rék nyangsang dimana. Tapi teu lila, bet manggih piomongeun.

“Ibu ayeuna mung gaduh dua pilihan…” pok téh rada halon.

“Kumaha? Pilihan naon?” tanyana.

“Akang tos siap nguburkeun cinta akang, sakaligus diruang jeung diri akangna sakalian. Pilihan ibu kahiji, antepkeun akang nyiksa ieu lalaki bangsat nu dikedok ngajak tobat. Pilihan kadua, akang moal ngalakukeun nanaon, malah bakal lunta ayeuna kénéh, tapi saratna…”

“Naon saratna? Sok sebutkeun! Lalaki siga akang mah paling ogé hayang dibéré duit. Sabaraha butuhna? Sok, sebutkeun! Gancang! Geus cua ningali beungeut akang didieu!”

“Saratna… ciduhan beungeut akang ayeuna kénéh…” kitu pok téh.

Manéhna ngaranjug. Tuluy ngahuleng bari angger neuteup. Tapi karasa teuteupanna henteu pati seukeut.

“Énggal ciduhan beungeut akang, Bu. Akang bakal lunta. Akang moal ngaganggu deui ibu. Salamina ibu moal mendakan deui akang…” pok téh. Angger halon. Manéhna angger neuteup. Tapi aya nu karasa robah tina teuteupna.***

 

Larizka, Mungkas April 2013

 

 

Dimuat di Koran Tribun Jabar, 14,15, jeung 16 Mei 2013


Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...