Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokSalasa, 04 Juni 2013 03:53

Katresna Kemba

Ku Dede Suherlan
SN
Ilustrasi Carita Pondok [Potret: M-Zaen]

Sabréhan anjeun katingali siga nu maling-maling rindat. Asa wawuh, ceuk kereteg lelembutan. Ngan saha atuh? Kungsi panggih di mana? Sakedapan kuring ngahuleng. Can kakobét saeutik-eutik acan.

Umurna kira tilupuluh lima taun. Jangkung leutik. Kulit bodas, irung mancung, jeung rambut galing muntang. Keureutan beungeut ngaharib-harib wanoja ti nagri Sakura. Kuring angger uleng, naha manéhna siga nu wawuh? Bari ngarérét, jeung imut ayeuna mah manéhna téh. Nempo imutna nu kareueut, bray-bray... mimiti ingetan téh ngudag-ngudag nu geus kalarung.

“Mangga Pa, Bu, taruang heula...,” ceuk salah saurang calagara hajat ngagareuwahkeun lamunan.

“Muhun atuh, Pah, Ngarah jongjon, urang kalebet sakantenan nepangan pangantén,” sora pamajikan, kadéngé lamat-lamat di antara ngagederna sora degung nu lir ngabagéakan sakabéh tatamu.

Enya, ieu téh pan keur ngahadiran resepsi kawinan anak dunungan. Sanajan di nu hajatan sakitu paciweuhna ku nu daratang, pikiran mah manco ka éta si geulis nu diuk di korsi jajajaran tilu ti hareup. Ti barang paadu teuteup jeung manéhna, jeung pamajikan mah teu ngomong sakemék-kemék acan. Ngabetem.

Basa kuring jeung pamajikan cengkat arék parasmanan jeung manggihan pangantén, panon paadu teuteup deui jeung manéhna nu imut ngagelenyu dipapaés ku kempot palebah pipina. Seblak..., haté jeung uteuk lir nu ngambah ka mangsa lawas. Enya, moal salah manéhna téh Ningrum. Adi angkatan keur kuliah.

“Pah... geuning kalahka hulang-huleng. Enggal, meungpeung teu rame teuing,” pamajikan metot leungeun. Panon mah angger wé rundat-rindat, maling teuteup nenget-nenget si camperenik, Ningrum.

Sapanjang masamoan, panon anteng neuteup ka jajaran korsi ka tilu hareup. Halah... geuning si geulis téh euweuh? Mata ngulincer néangan manéhna? Haaarr... na ka mana? Jantung tutunggulan, leungiteun raratan. Ah... aya-aya waé. Karék gé lelembutan ngumpul nginget-nginget mangsa ka tukang, nu manéhna kalah ngejat teuing ka mana.

Can waka hayang balik. Alesan ka pamajikan mah, hayang diuk heula ngalenyepan sora degung nu ngungkung di panggung. Padahal mah lelembutan kuring masih kasirep ku nu rundat-rindat nu diuk dina jajaran korsi katilu ti hareup. Pamajikan nurut, diuk gigireun.

Di antara sora nu nembang nu ngayunambingkeun rasa, sawangan mah ngalayang deui jauh ka mangsa ka tukang.

Moal salah éta téh Ningrum. Keureutan beungeutna teu beda jeung mangsa tujuh welas taun ka tukang. Enya, harita téh kuring keur mangsana méréskeun skripsi.

Najan harita kuring kaasup mahasiswa nu geus teu pantes icikibung dina organisasi, ari aya kegiatan di himpunan mahasiswa jurusan mah, kuring angger sok Ilubiung ngaramékeun kagiatan. Basa aya orientasi keur mahasiswa anyar, keur sibuk-sibukna bulak-balik bimbingan skripsi gé angger waé ari ketua himpunan mahasiswa jurusan ngondang para senior keur ngareuah-reuah kegiatan mah, kuring teu wasa nolak. Bakuna mah ku resep téa. Resep ningalian mahasiswa anyar nu keur sumanget-sumangetna ngamimitian kuliah. Komo kuring mah sok dibéré agénda keur ngomong di hareupeun mahasiswa anyar. Wajar kituna mah. Kieu-kieu gé, urut ketua himpunan mahasiswa jurusan.

Sabréhan gé geus katingali, di antara mahasiswa anyar teh aya hiji mahasiswi nu katémpona lungguh timpuh andalemi. Waktu kuring kabagéan ngomong, mata mah hideng terus wé nengetan dedeg pangadeg manéhna.

“Ieu meureun nu disebut geulis alami téh. Teu kudu make kosmetik, ari nu geulis mah aura kageulisanna téh mucunghul alami pisan,”. Inget kénéh kitu gerentes haté mangsa harita.

Ngahaja, kuring teu gurung gusuh hayang wawanohan jeung manéhna. Haté dilelemu heula. Keun waé nunggu mangsa nu merenah.

Sabulan ti harita, kuring geus rada salsé. Skripsi tinggal koreksi ti pembimbing sautak-saeutik. Na ingetan, jol aya kahayang pikeun nyukcruk kasangtukang manéhna. Ampir unggal poé, kuring kukulibengan di kampus. Biasa, mun panggih jeung batur saangkatan, alesan nu dikedalkeun mah arék manggihan dosén anu atawa dosén minu. Padahal, nu puguh mah, hayang apal ka si manéhna sanggeus sabulan jadi mahasiswa.

Mun kabeneran paamprok jeung manéhna, kuring ukur wasa unggeuk. Kitu deui manéhna, bari malik unggeuk téh sok bari diémbohan imut. Tacan wani nanya... Tapi ku kitu gé haté sugema. Nu geulis teu robah. Teu unggah adat maké aksésori nu moronyony gaya kokotaan.

Dina hiji waktu, kuring pasanggrok pisan dina panto ruang jurusan. Siga nu terus rasa, kuring jeung manéhna ngajengjen. Manéhna mah tungkul. Ari kuring bati hareugeueun. Balaka wé dina urusan nu kieu mah, harita kuring mémang tacan pati pangalaman.

 “Punten Néng, ieu téh nu namina Ningrum nya...,” antukna mah ngawani-wanikeun nanya.

“Leres,” jawabna singget. Bray, dunya asa caang baranang.

“Kieu Neng... Punten ieu mah, upami Enéng émut, Akang téh nu kapungkur nyarios di payuneun mahasiswa baru téa. Ayeuna Akang nuju milarian sababaraha mahasiswa anyar nu kersa dijantenkeun bahan panalungtikan kana skripsi nu ayeuna ku Akang nuju didamel. Akang hoyong terang kumaha pamadegan mahasiswa anyar kana perkembangan pangajaran bahasa Sunda,” cék kuring. Padahal skripsi nu keur dijieun téh ampir tuntas.

Tah, ti dinya mimitina haté kuring deukeut jeung si manéhna. Alesan bahan keur skripsi mah keur lawang wungkul. Ka dituna ngaguluyur, teu maké alesan itu jeung ieu deui.

Najan haté kuring jeung manéhna geus deukeut, ari kedal ngawakcakeun katresna ka manéhna mah, asa kararagok. Ceuk pikiran, teu diomongkeun gé rasa tresna mah geus ébréh tina sikep ka manéha. Angkanan téh meureun manéhna gé geus ngarti yén kuring neundeun harepan ka manéhna.

Ieu meureun nu kapigandrung téh. Ari haté kumejot hayang ngomong, “Enéng geulis, pupujan haté. Akang téh nyidem katresna ka salira. Mugia Enéng kasinugrahan rasa nu sami sareng Akang”. Ngan hanjakal, kuring teu dibéré kawani pikeun nyarita kitu. Ukur boga kayakinan, awéwé nu tali rasana lemes pisan tangtu ngarti kana sikep kuring ka manéhna. Unggal tepung jeung manéhna ngobrol téh ngan soal nu umum waé. Kuliah, organisasi, jeung kana pangaresep nu sarua, dina kasusastran.

Keur meujeuhna deukeut jeung Ningrum, aya hawar-hawar kadéngé di kampus, dosén ngora nu kaasup pengajar nyongcolang di jurusan, nu ogé jadi pembimbing skripsi, sababaraha kali katohyan ku babaturan di kampus sok ka kosan Ningrum. Pédah ngarasa masih ngabujang téa meureun, bébas waé arek ka mana mendi gé. Keur kuring mah teu ieuh dijadikeun pikiran. Ceuk pikiran, paling gé eta mah nu niat mapanas wungkul. Mémang, éta oge kungsi ditanyakeun ka Ningrum, da mémang enya rad ngahéab.

“Eta mah mung ukur gosip Kang. Abdi mah mahasiswa enggal. Bujeng-bujeng wantun wawanohan sareng dosen favorit di kampus,” ceuk manéhna.

Plong, haté rada ngemplong. Mémang kuring gé sok uleng mikiran diri, naha kuring wajar mun hayang apal hubungan manéhna jeung éta dosen? Pan antara kuring jeung manéhna gé tacan aya nanaon? Kuring can wakca ngedalkeun rasa, sarta kuring gé teu apal naha manéhna boga rasa nu sarua.

Kabéhdieunakeun, kuring jadi jarang manggihan Ningrum. Teu disangka-sangka, skripsi nu diirong bakal lulus banglus téh jadi pugag katungtungnakeun. Pembimbing skripsi, dosén favorit nu nyongcolang di jurusan, teuing kunaon sok sering ngoréhan kasalahan skripsi. Mimiti métodologi penulisan, data nu dianggap kurang valid, nepi ka basa nu dipaké dina skripsi, sering diutak-atik. Loba nu kudu dibebener deui cenah.

Narékahan mah kurang kumaha, kuring méh saban usik ngoméan skripsi, tapi angger diobrak-abrik ku pembimbing, bari alesanana asa teu logis. Pamustunganna, pembimbing embung néken skripsi. Mandég tungtungna mah.

Tadina mah, hiji waktu, sanggeus sababaraha minggu teu tepung jeung Ningrum, aya kahayang pikeun nepungan deui manéhna. Pangpangna keur ngabrangbrangkeun pikiran. Teu disangka-sangka, kakara rék ngetrokeun panto kamar kost, kadéngé di jero aya nu gutreng ngobrol.Asa wawuh kana sorana. Enya, wanoh pisan.

“Dasar...!” ukur bisa kekerot. Ambek nyedek tanaga midek. Napsu ngagugudug. Kuring ngajéngkat, teu hayang nempo beungeut maranéhna. Nyeri haté, hésé diubaranna.

Ti harita, pret wé komunikasi jeung Ningrum pegat. Kuring milih abur-aburan mawa kapeurih. Skripsi gé geus teu dipikiran. DO gé teu nanaon. Teu hayang teuing kudu mamandapan ménta tékenan ka dosén nu geus ngararajét haté kuring.

“Pah, hayu ah wangsul. Tos siang teuing. Karunya si Adé di bumi. Tos waktosna uih sakola....” pokna pamajikan. Kuring ngaranjug, ngabuyarkeun rupaning lamunan. Waktu ngalieuk ka kéncaeun balandongan, teu dinyana Ningrum katingali cicing sorangan kawas nu arék mulang. Panonna mencrong ka lebah tempat diuk kuring. Sugan téh manehna geus mulang ti heula.

Teuing ku naon, kapeurih nu baheula téh asa nyérését deui. Jengkat nangtung,  tuluy seselendepan nyampeurkeun si lungguh timpuh andalemi.

“Damang, Ibu Dosén?” kitu nu kedal téh.

Manéhna ngahuleng. Aya nu ngembeng dina kongkolak panonna. “Kang, geuning leres hirup mah mung ukur anjang-anjangan. Teu nyangki abdi bakal nandangan hirup sapertos kieu. Kapungkur abdi kersa ditikah ku anjeunna, jalaran pameget nu dianti-anti teu kedal waé. Saleresna abdi ngantos pisan kasauran ti Akang...” témbalna. Ngadéngé kitu mah, haté ngadadak léah.

“Tos nasib abdi panginten kedah kieu. Abdi alim didua haté. Ti sataun kapengker, abdi tos lalagasan...” kitu pokna. Leketey, haté nu saméméhna dilimpudan timburu mingkin léah, kasilih rasa kingkin marengan saban keclakna cimata Ningrum. Bet milu mangnyerikeun. Bet milu mangtunggarakeun.

Astaghfirullahal adzim...” bari ngusap beungeut téh satékah-polah mangpengkeun rupaning rasa nu ngaguruh dina jeroning dada. ***


Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...