Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaPedaran Basa SundaKemis, 28 Maret 2013 02:17

Revitalisasi Peran jeung Fungsi Lembaga & Pusat Kajian Budaya

Ku Dingding Haerudin
SN
Festival Drama Basa Sunda dipikaresep ku rumaja [Potret: Maruta Bayu]

A. Basa , Sastra, jeung Aksara Daerah dina Papayung Hukum

Basa cicirén bangsa. Basa ogé minangka gerbangna budaya. Basa jeung budaya teu bisa dipisahkeun, lantaran basa salah sahiji unsur anu ngawangun budaya hiji bangsa. Wajar upama aya kekecapan ‘leungit basana leungit budayana, leungit budayana leungit bangsana’.  Sangkan basa, sastra, jeung aksara daérah nu aya di Jawa Barat henteu musnah,  perlu dipiara jeung diriksa.

Basa daérah mangrupa jati diri bangsa nu leubeut ku ajén-inajén palasipah hirup jeung ciri sélér bangsa, di sagédéngeun pakakas komunikasi masarakat jeung lingkunganana katut alam (lemah cai), sarta pakakas komunikasi jeung Nu Maha Kawasa.

Dina UUD ‘45 Bab XIII Pasal 32, Ayat 2, tétéla pisan yén nagara ngahormat tur miara basa daérah salaku kabeungharan budaya bangsa. Kitu ogé saupama urang niténan salah sahiji “tékad” nu aya dina “Sumpah Pemuda” nu unina ngajungjung lungguh basa persatuan basa Indonesia nuduhkeun ayana kasang tukang basa daérah. Hartina, di sagédéngeun basa nasional (b. Indonesia) minangka basa persatuan masarakat Indonesia sa-nusantara, ogé aya basa daérah anu wajib dipiara sakumaha ditetepkeun dina UUD ’45 di luhur.

Ditegeskeun ogé dina “Politik Bahasa Nasional” yén basa daérah ngabogaan kalungguhan jeung fungsina. Ari kalungguhanana salaku: 1) lambang kareueus daerah; 2) lambang identitas daerah; 3) pakakas komunikasi di kulawarga katut masarakat daérahna. Sedengkeun basa daérah miboga fungsi pikeun: 1) pangdeudeul basa nasional, 2) basa pengantar di sakola, katut 3) alat mekarkeun sarta pangrojong budaya daérah.

UNESCO, minangka Organisasi Pendidikan, Ilmiah, jeung Kebudayaan di Perserikatan Bangsa Bangsa (PBB), dina bulan November 1999 netepkeun tanggal 21 Februari “Hari Bahasa Ibu Internasional”.  Éta hal nuduhkeun yén kawilang pentingna basa indung (b. daerah) pikeun masarakatna.

Di Jawa Barat aya Perda No. 5 taun 2003 ngeunaan “Pelestarian bahasa, sastra, dan aksara daerah” jeung Keputusan Gubernur Propinsi Jawa Barat No. 423.5/Kep.674-Disdik/2006 tertanggal 25 Juli 2006 ngeunaan Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar serta Panduan Penyusunan Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda TK/RA – SMA/MA/SMK.

Kitu ogé Kongrés Basa Sunda (KBS) nu dilaksanakeun unggal lima taun, di antarana KBS IX nu dilaksanakeun Taun 2011di Bogor ngahasilkeun putusan yén basa Sunda dijadikan salah sahiji mata pelajaran di SD/MI, SMP/MTs, SMA/K/MA/K.

Leuwih tandes deui dina Al Quran Surat Ar Rum Ayat 22, Allah Swt. ngadawuh: “jeung di antara tanda-tanda kakawasaan-Na nya éta nyiptakeun langit katut bumi sarta ruparupa basa jeung warna kulit. Saéstuna éta hal téh nuduhkeun ayana tanda-tanda pikeun jalma nu nyaraho.

Basa raket patalina jeung bangsa salaku masarakat panuturna. Basa daerah dalit pisan jeung etnis/suku bangsana, sakumaha kauni dina Al Quran Surat Al Hujurat, Ayat 13, Allah Swt. ngadawuh: “Héy manusa, saéstuna Kami nyiptakeun aranjeun ti saurang lalaki jeung saurang awéwé jeung ngajadikeun aranjeun jadi rupa-rupa suku bangsa supaya aranjeun silih pikawanoh …”

 

B. Lembaga jeung Pusat Kajian Budaya

Di Jawa Barat teu saeutik lembaga jeung pusat kajian budaya anu kiwari masih ’eksis’ dina galurna pikeun ngaraksa jeung ngariksa basa, sastra, katut aksara daérah. Malah bisa jadi nambahan jumlahna. Ieu nuduhkeun yén masih kénéh aya anggota masarakat anu gedé kénéh raga katineungna (rasa memiliki) kana budayana.

Institusi anu tugasna ngokolakeun basa, sastra, akasara katut budaya sacara fromal nu diwangun ku pamaréntah, nya éta Dinas Kabudayaan jeung Pariwisata (Disbudpar) jeung Balai Pengembangan Bahasa Daerah jeung Kasenian (BPBDK) Dinas Pendidikan, Balai Kajian Sejarah dan Seni Tradisonal (Jarahnitra), jeung Balai Bahasa Bandung.

Di sagédéngeun lembaga nu diwangun ku pamaréntah, masarakat Jawa Barat ogé teu saeutik nu ngadegkeun komunitas/lembaga/institusi/ panglawungan atawa ngaran-ngaran lembaga séjénna, minangka mitra pamaréntah, nu tujuanana pikeun ngahirup-huripkeun basa, sastra, aksara, katut budaya daérah nu aya di Jawa Barat, kayaning Paguyuban Pasundan,  Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS),  Yayasan Atikan Sunda (YAS), Yayasan Rancagé, Lembaga Bahasa dan Sastra Cirebon (LBSC), Lembaga Bahasa dan Sastra Melayu Betawi (LBSMB), Re-Publik Saptuan,  Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), Pusat Studi Sunda (PSS), Caraka Sundanologi,  Paguyuban Sastrawati Sunda PATREM, Teater Sunda Kiwari,  Komunitas Kampung Seni dan Adat, Bamus Sunda, Paguyuban Sundawani, Institut Nalar Jatinangor, Saung Sastra Lembang, Kelas Aksara Sunda Kuna, Laskar Panggung, Fiksimini Basa Sunda (FBS), Komunitas Rawayan, Komunitas Sunda Sawawa (KISS), Afiliasi Langensari, Komunitas Iket Sunda (KIS), Facebookna Oerang Soenda (FOS), jeung sajabana.

 

C. Ngabina Jati Diri Bangsa ku Mekarkeun Basa, Sastra, jeung Aksara Daérah

Upaya ngabina jati diri bangsa moal bisa tinekanan saupama masarakatna wanoh kana palasipah budaya lokal nu saéstuna leubeut ku ajén-inajén budaya bangsa pikeun nanjeurna budaya nasional.  Salah sahiji unsur anu perlu kiwari dipiara jeung dimekarkeun, di antarana basana.  Basa daérah bakal jadi sarana utama pikeun mikawanoh jeung mikareueus kana sakabéh unsur budaya nu sagemblengna.

Ngabelejagkeun (revitalisasi) budaya lokal mangrupa kagiatan nu dilakukeun ku hiji kelompok masarakatna pikeun nyanghareupan panéka jaman sarta mageuhan jati diri bangsa. Lajuning lakuna nya éta maluruh, miara, jeung mekarkeun deui budaya nu nyampak jeung nu kungsi aya di masarakatna.

Di Jawa Barat geus dilaksanakeun sawatara tarékah ngamumulé basa daérah (Sunda, Cirebon, Melayu Betawi) dina rupa-rupa kagiatan, kayaning

(1)   ngagunakeun basa daérah jadi basa panganteur di TK jeung SD kelas handap;

(2)   basa daérah asup kana salah sahiji mata pelajaran di unggal jenjang pendidikan;

(3)   basa daérah digunakeun pakakas (alat) pikeun publikasi cetak jeung éléktronik (koran, majalah, radio, televisi);

(4)   nangtukeun   hiji poé dina saminggu wajib ngagunakeun basa daerah;

(5)   ngalaksanakeun acara maneuh rupa-rupa kagiatan apresiasi basa, sastra, dan seni antar siswa, jeung sajabana.

(1) Basa panganteur pangajaran

Digunakeunana basa daérah salaku basa panganteur di TK jeung SD kelas awal sluyu jeung Undang-undang No 20 taun 2003, pasal 33, ayat 2 nu nétélakeun yén: bahasa daerah dapat digunakan sebagai bahasa pengantar dalam tahap awal pendidikan apabila diperlukan dalam penyampaian pengetahuan dan/atau keterampilan tertentu.

UNESCO ngadéklarasikeun yén pendidikan nu dimimitian ku ngawanohkeun basa indung atawa basa daérah nu dipaké sapopoé ku siswa di lingkunganana mangaruhan kana: (1) aspék psikologis, nya éta siswa bakal leuwih raket sacara emosional jeung basa indung atawa daérahna;  (2) aspék sosiologis, nya éta siswa bakal leuwih wanoh kana kasang tukang social budayana; (3) aspék edukatif, nya éta siswa baka leuwih lancar sarta cerdas narima narima matéri pangajaranana, lantaran wanoh kana basa nu dipaké sapopoéna.

Ku cara ngawanohkeun jeung ngagunakeun basa daérah leuwih awal ka siswa dipiharep timbul kareueus jeung kahéman kana basana, wanoh kana jati dirina, cerdas kamampuh konséptual, jeung mekar daya nalarna dina ngama’naan lingkungan sabudeureunana.

Siswa ogé leuwih awal bakal maham sistem basa daérahna. Sabab  budak (siswa) nu paham kana basa daérahna bakal jadi bekel dina narima pangajaran  boh basa nasional boh basa asing. Di sagédéngeun éta, siswa anu wanoh kana basa daérahna bakan leuwih loyal kana budayana, sarta mekar sikep toleransina dina nyanghareupan kaanékaragaman budaya nu aya di sabudeureunana.

(2) Mata pelajaran Muatan Lokal (Mulok)

Mata pelajaran mulok basa daerah mangrupa kagiatan kurikulér pikeun mekarkeun kompetensi nu diluyukeun jeung ciri khas katut poténsi daerah, kaasup kaunggulan daérah, anu matéri pokona mandiri.

Substansi pelajaran mulok basa daérah ditangtukeun ku satuan pendidikan ngaliwatan pamaréntah daerah (Disdik provinsi/kota/kabupatén), nu satuluyna ngabogaan pungsi pikeun: (1) sarana pikeun ngabina sosial budaya regional Jawa Barat, (2) sarana pikeun ngabina sikep dina raraga mikawanoh, ngamumulé jeung mekarkeun budaya, (3) sarana pikeun ningkatkeun pangaweruh,  kaparigelan mekarkeun élmu pangaweruh, téhnologi, jeung seni.

(3) Basa panganteur publikasi

Kiwari geus kabandungan sawatara média cetak jeung éléktronik nu midangkeun informasi nu ngagunakeun basa daérah (Sunda). Média cetak wangun Koran/majalah nu ngagunakeun basa Sunda, kayaning Giwangkara, Galura, cupumanik, manglé, Sunda Midang, Sora, dan Cahara Bumi Siliwangi. Sawatara media éléktronik wangun stasiun radio/telepisi nu midangkeun acara-acara husus nu ngagunakeun basa daerah, kayaning RRI, TVRI Jabar Banten, Bandung TV, Pajajaran TV, STV, dan MJTV.

Tapi masih kénéh langka papan pangumuman kayaning spanduk, baligo, papan perusahaan, instansi pamaréntah jeung swasta atawa rambu-rambu séjénna acan ngagunakeun basa daérah. Padahal, strategis pisan upama di sagédéngeun basa nasional atawa basa asing, éta sarana pengumuman  téh ngagunakeun ogé basa daérah. Pikeun ngawujudkeunana, tangtu kudu aya gawé bareng anu sinérgi antara masarakat jeung pamaréntah. Pamaréntah  perlu netepkeun aturan husus, disagédéngeun nepikeun pamahaman ka masarakat jeung pengusaha ngeunaan pentingna ngagunakeun basa daérah.

Digunakeunana basa daérah dina papan pangumuman kayaning spanduk, baligo, papan perusahaan, instansi pamaréntah jeung swasta atawa rambu-rambu séjénna téh penting pikeun sarana advokasi budaya daérah ka masarakat séjén (pendatang ataw turis lokal/asing).

(4) Nangtukeun poé wajib ngagunakeun basa Daerah

            Upaya anu dilakukeun ku pamaréntah Jawa Barat boh di tingkat provinsi boh kota/kabupatén pikeun ngaronjatkeun raga katineung (kepedulian) masarakat kana basana nya éta nangtukeun poé wajib ngagunakeun basa daérah. Sok sanajan éta aturan can bisa dilaksanakeun ku sakumna anggota masarakat.

(5) Ngalaksanakeun Kagiatan Apresiasi Basa, Sastra, jeung Aksara antar Siswa

Materi anu digelar dina kagiatan Apresiasi Basa, Sastra, jeung aksara  nya éta: ngadongéng (bercerita), maca sajak (membaca sajak), biantara (berpidato), maca warta (membaca berita), ngarang (mengararang), jeung tembang pupuh (macapat) ti tingkat SD nepi ka SMA sa-Jawa Barat. 

Ieu kagiatan dipiharep bisa ngahontal: 1) ningkatna kacerdasan intelektual, emosiaonal, moral, sosial, jeung kaparigelan siswa sakumaha nu aya dina tujuan pendidikan;  2) sikap positif siswa kana basa daerah  anu leubeut ku ajén budaya.

Kagiatan anu dilaksanakeun ku Disdik Jabar minangka upaya pikeun ngevaluasi hasil pangajaran basa daérah nu dilaksanakeun di sakola katut katineung lembaga atikan nu aya di tingkat kota/kabupaten, utamana nu patalina jeung  waragad kagiatan.

Pihak anu kalibet dina éta kagiatan di antarana murid; guru; kepala sekolah; MGMP, Disdik provinsi, kota, dan kabupaten; para pengawas bidang studi basa daérah Sunda; lembaga pendidikan tinggi UPI jeung Unpad; lembaga jeung organisasi budaya séjénna, kayaning LBSS jeung PPSS.

 

D. Révitalisasi Lembaga jeung Pusat Kajian Budaya

Pikeun ngaronjatkeun peran jeung fungsi lembaga jeung pusat kajian budaya pikeun ngamumulé basa, sastra, jeung aksara daerah teu bisa dilakukeun sacara parsial. Pamaréntah, lembaga swadaya masarakat (LSM), kelompok masarakat, pemerhati budaya, akademisi, jeung pangusaha kudu sinérgi pikeun gawé bareng sacara konstruktif dina mekarkeunana.

Upaya révitalisasi moal bisa laksana saupama leupas tina panalingaan pamaréntah. Ku lantaran kitu, pamaréntah kudu ngarojong lembaga jeung pusat kajian budaya dina ngahirup huripkeun basa, sastra, katut budaya daérah, di antarana

1)      ngainventaris sakur komunitas atawa lembaga jeung pusat kajian budaya nu sumebar di Jawa Barat;

2)      jadi fasilitator sakur kagiatan anu dilaksanakeun ku komunitas atawa lembaga jeung pusat kajian budaya;

3)      ngawangun forum komunikasi jeung pusat informamsi pikeun meungkeut jeung ngarojong sakur program komunitas atawa lembaga jeung pusat kajian budaya;

4)      méré panghargaan ka komunitas atawa lembaga jeung pusat kajian budaya anu geus némbongkeun préstasina;

Daftar Pustaka

Alwi, Hassan dan Dendy Sugono. 2003 Politik Bahasa. Jakarta: Pusat Bahasa

Depdiknas. 2005.  Standar Nasional Pendidikan. Jakarta: Peraturan Pemerintah No. 19 Tahun 2005.

Diknas Pemprov Jabar, 2006. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar serta Panduan Penyusunan Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Haerudin, Dingding. 2004. Meningkatkan Kesadaran Berbahasa Sunda (artikel). Harian Umum Pikiran Rakyat.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, 2005. Putusan Kongres Basa Sunda VII-Subang, 28-30 Juni  2005. Bandung:LBSS.

Moeliono, Anton M. 2000. “Kedudukan dan Fungsi Bahasa Indonesia dalam Era Globalisasi” Dalam Hasan Alwi, Dendy Sugono, dan A. Rozak Zaidan (Ed.). Jakarta: Pusat bahasa.

Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 1980. Politik Bahasa Nasinal. Jakarta: Balai Pustaka

 

 

Ditepikeun dina acara “Ngundakeun Aprésiasi Masarakat Kana Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda”, di Hotél Panorama, Jl. Tangkuban Parahu No. 29, Bandung Barat, Senén (25/03/2013), anu diayakeun ku Setda Provinsi Jawa Barat, Bagian Pendidikan dan Kebudayaan

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...