Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaUnak-anikKemis, 10 Januari 2013 00:02

Serat Ngabarungsinangan: Kahatur Mentri Pendidikan dan Kebudayaan

Ku Dadan Sutisna
SN
Akibat basa daérah dileungitkeun tina Kurikulum 2013 [Potret: Dadan Sutisna]

Sampurasun!

Ki Menteri, dina ieu surat, uing mah moal nanyakeun cageur henteuna. Da geus kajudi, kangaranan menteri, tinangtu bisa ngarawat kaséhatan, dokter pribadi di mana mendi. Béda jeung tatangga uing nu meusmeus nyeri sirah, meusmeus nyeri cangkéng jeung titingkuheun—malah uing sorangan, kakara cageur nyeri suku. Teu nanaon, da urusan cageur jeung gering mah lain hal nu penting dina ieu surat.

Ngahaja deuih ieu surat ditulis dina basa indung uing, basa Sunda. Éta mah rék kaharti, sukur. Henteu gé keun baé. Atuh bisi keukeuh panasaran hayang nyaho eusina, nepi ka Ki Menteri néangan nu narjamahkeun, mangga téh teuing. Moal diulah-ulah. Ah, kétang, Ki Menteri mah, boro-boro nu hésé dibacana, dalah nu pikahartieun gé apan sakapeung mah sok kasilihkeun ku rupaning kapentingan, sanés?

Uing nyuratan Ki Menteri téh, rék nepikeun perkara kurikulum. Lain, lain rék ngajak debat. Komo ieu mah urusan kurikulum. Urusan pendidikan, nu ayeuna nuju dikawasa ku Ki Menteri. Teu pisan-pisan ngajak debat uing mah. Jeung dina enyana gé kudu debat, Ki Menteri pasti terus unggul. Lain pédah uing pantar anak patani. Lain pédah uing teu kungsi jadi réktor-réktor acan. Lain. Tapi dina urusan ieu mah, mun Ki Menteri debat jeung sasaha gé—iwal ti jeung atasan, meureun—pasti hayang meunang waé. Jeung bakal ngusahakeun sangkan terus meunang. Kitu nu kasakséni ku uing.

Nu rék ditepikeun ku uing, siga nu geus kajudi ku Ki Menteri, ngeunaan teu ditulisna mata pangajaran basa indung (basa daérah) dina kurikulum 2013. Urusan jam pangajaran Matématika nu ditambahan—enya gé uing resep Matématika, atawa IPA jeung IPS nu dihijikeun, ku uing moal ditanyakeun di dieu. Keun éta mah bagéan nu séjén. Uing gé moal nanyakeun, naha Ki Menteri sok maca undang-undang jeung rupaning aturan? Moal. Da ti anggalna geus katara pan, dina nyusun Kurikulum 2013, sasatna aturan dirarud undang-undang dirempak.

Aya genep puluh tujuh rupa nu rék ditepikeun téh. Tapi saheulanan mah, opat rupa wé heula.

(1) SKÉNARIO UJI PUBLIK

Cék Ki Menteri: “Tidak Ada yang Menolak Kurikulum 2013”. Éta téh dumasar kana uji publik daring (online) dina Web Kemendikbud. Ku lantaran éta papakas daring téh dimoderasi, atuh ngan koméntar nu haradé wungkul nu dipidangkeun téh. Nu séjénna mah, siga koméntar uing ngeunaan basa indung, ngahiang duka ka mana. Geus kitu, sabada uji publik ditutup, sakabéh koméntar kana Kurikulum 2013 diteuayakeun. Rieut uing mah ngabandunganana gé. Dina usum bruk-brak siga ayeuna, nu kitu-kitu baé masih kénéh disumput-salindungkeun.

(2) JURUS NGUSAPAN BARI NÉKÉ

Sapoé mangkukna (3/1/2013), méh sakabéh média midangkeun berita: "Bahasa daerah tetap ada dalam kurikulum 2013”. Di Google jumlahna nepi ka welasan rébu—tangtu réréana mah copy-paste pangpangna média/blog nu teu barisaeun nulis. Cék uing mah nu kitu téh ngusapan bari néké. Jeung ahéngna téh, euweuh deuih média nu nyieun judul siga kieu: “Bahasa daerah tidak tertera dalam kurikulum 2013”. Da apan eusi éta berita téh atung énéh-atung énéh. Angger Ki Menteri mah nganggap yén basa indung teu penting, lantaran “tetap ada” sotéh mun aya nu haat ngasupkeun éta pangajaran kana kelompok Seni Budaya, bari méméhna kudu silih bintih heula jeung pangajaran séjénna nu aya di lingkungan Seni Budaya jeung Prakarya. Malah, Basa Inggris gé pan, cék Ki Menteri, bisa kénéh dibebeskeun ka dinya.

Loba nu kabelejog, Ki Menteri, ku éta berita mah. Uing gé nu geus surak, asa hayang tuluy ngajejek tivi. Keur usum rungsing kieu mah, saklek wé Ki Menteri. Tong maké upah-apéh sagala.

(3) LAIN MERI MAPAGAHAN MENTERI

Jadi naon atuh kahayang di dinya téh? Moal, Ki Menteri, uing mah moal nanya kitu. Da uing mah teu sieun basa indung (Sunda) bakal ilang najan euweuh dina kurikulum. Uing mah geus kayid, najan basa indung teu diaku ku pamaréntah, ka anak incu mah rék nyieun wasiat sangkan maranéhna jeung turunanana terus maraké basa indung. Jeung deuih basa indung moal ujug-ujug tumpur gara-gara kurikulum. Komo ieu mah, kurikulum dadakan, nu can tangtu lila umurna, boa isuk-géto gé geus ganti deui. Atuh babaturan uing, nu jaradi pahlawan basa ku ngawulangkeun basa indung di sakola, moal sarieuneun leungiteun rejeki. Da masalahna mah lain di dinya, Mén.

Uing mah minangka warga désa Kadakajaya, di pasisian Tanjungsari Sumedang, nu cenah kabeungkeut kénéh ku NKRI, ngarasa ngahelas wé ku kawijakan Ki Menteri dina sual kurikulum. Pangpangna mah, lebah teu ngahargaanana kana kabinékaan linguistik jeung multilingualisme. Mangsa bangsa séjén gogorowokan kana pentingna atikan multilingual, nu didadasaran ku dipakéna basa indung di lingkungan atikan, Ki Menteri bangun nu ngahucuhkeun ka nu dipikamelang ku David Crystal dina “Language Death”.

Lain hartina uing teu nganggap penting kana basa nasional, basa Indonésia, nu ayeuna jam pangajaranana nambahan. Tapi pan mun disalusur mah, Kamus Besar Bahasa Indonésia nu sakitu kedewilna, eusina mah tina karageman basa indung di Indonésia—najan réréana mah teu disebutkeun sumberna alias aku-aku angga. Geura wé, mun dina éta kamus kecap tina daérah didudutan, terus dudutan deuih kecap serepan ti basa deungeun, komo mun dibetot jeung kecap Malayu-na mah, boa tinggal galatak-géléték sabaraha ésé. Nu haneut kénéh wé, nepi ka kiwari uing can manggihan média nu dina tulisanana narjamahkeun kecap ‘blusukan’ nu jolna ti Jawa kana basa Indonésia.

Ku kituna, réngkolna basa indung dina kurikulum téh, penting keur ngawangun idéntitas bangsa, jadi konci Atikan keur Balaréa (Education for All) jeung Tujuan Pangwangunan Abad Milénium (Millenium Development Goals), tur ngaronjatkeun kacerdasan jeung atikan nu linuhung. Cék UNESCO éta téh. Sanés cék uing.

(4) BASA INDUNG WEWENANG DAÉRAH?

Cék UUD 1945 pasal 32 ayat 2: “Nagara ngajénan jeung miara basa daérah minangka kabeungharan budaya nasional.” Kecap “daérah” di dinya téh, tangtuna gé lain ditujukeun ka wewengkon administratif (siga pamaréntah daérah provinsi, kabupatén, jst). Di hiji provinsi bisa waé diwengku ku sababaraha basa daérah, atawa aya sawatara provinsi nu basa daérahna sarua. Atuh dina hiji basa daérah gé, aya sababaraha variasi basa dialék deuih. Ku kituna Basa daérah teu bisa disaruakeun basa di provinsi/kabupatén. Ari nu disebut “wewenang daérah” ku Ki Menteri mah, tangtuna nuju ka pamaréntahan daérah, pan? Siga provinsi atawa kabupatén. Ngan, apan basa mah teu bisa diwatesan ku wilayah. Teu bisa dicirian ku gapura atawa walungan siga wates provinsi. Tangtu ulah nepi ka aya basa daérah nu ngarasa dijieun anak téré lantaran teu kaaku ku itu ku ieu. Nu kieu mah, cék uing, lantaran bagian tina kabinékaan téa, nya kudu dicangreud heula ti luhurna. Prak-prakanana, kakara sérénkeun ka daérah.

Réa kénéh nu hayang ditepikeun. Najan ieu surat teu yakin nepi. Ngan terus terang peuting ieu uing asa dicoo gado ku PLN. Listrik teu kaur hurung. Cag.

 

5 Januari 2013

Pun Uing.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...