Bagikeun ka Lapak Facebook

Saha ÉtaAhad, 23 Désémber 2012 00:08

Ngaheuyeuk Barudak Ngora ku Seni Budaya

Ambu Aas jeung Greha Bubat 66

Ku Maruta Bayu
SN
Ambu Aas Partaatmadja [Potret: Maruta Bayu]

Sapanjang Jalan Terusan Buahbatu, Bandung, kungsi ubyag ku rupaning kamonésan kasenian buhun, dina gelar acara “Mulung Tanjung di Buah Batu”. Ari anu ngayakeunna téh taya lian sanggar seni “Gréha Bubat 66”, anu diluluguan ku Ambu Aas Partaatmadja.

Nepi ka kiwari, Ambu ngokolakeun éta sanggar, kalayan ngaping barudak ngora anu hayang diajar neuleuman kasenian Sunda, saperti seni tari, karawitan, jeung téater tradisional. “Tangtos henteu nyalira, da kamampuh ambu mah seueur kakirang…” kitu saur Ambu, basa ditepungan di palinggihanana, Jalan Sékélimus Barat 66, Buah Batu, Bandung. Pikeun ngalatih anggota “Gréha Bubat 66”, Ambu dirojong ku sababaraha seniman séjén anu luyu jeung kamampuhna. Demi Ambu mah, langkung nyoko kana seni tari, luyu sareng kaparigelan tur pangalamanana. Anu matak narik ati, “Gréha Bubat 66” langkung ngutamakeun unsur kakulawargaan. Tetebiheun tina komérsil, da taya iuran wajib anggota. Écésna, saha baé anu hayang diajar kasenian, kantun kersana baé.

Sanajan umur “Gréha Bubat 66” kaitung ngora kénéh (ngadeg taun 2002), tapi kagiatanana geus kaitung euyeub. Tangtosna ogé ku ayana pangaping Ambu Aas. Sajabana mintonkeun kasenian buhun, Ambu Aas kungsi ngeprak anggotana pikeun midangkeun pagelaran longsér di sabudeureun Bandung jeung Garut. Puguh deui ari pintonan tari mah, mindeng pisan ditanggapna téh, boh di lingkungan masarakat atawa di kampus paguron luhur.

Sanaos yuswa Ambu tos ngalangkungan angka sawidak (l. 04-11-1945), tapi sumangetna masih kénéh ngabebela, hayang ngawanohkeun seni budaya Sunda ka barudak ngora. Dina widang seni tari, lalampahan tur pangalaman Ambu Aas kaitung euyeub. Kungsi ngagabung jeung pakumpulan Graha Budaya Sekar Kadaton (1964), Siloka Nanta (1965), Indraloka (1965). Teu kaleuleuwihi upama Ambu Aas téh disebat salahsahiji Béntang Panggung taun 60-an atanapi 70-an, da mangsa harita mindeng mintonkeun kaparigelanana dina panggung.  Saperti dina taun 1972, ngarojong karya tari “Semalam di Parahyangan” di Taman Ismail Marzuki (TIM); taun 1973 mintonkeun sendratari “Sangkuriang” di TIM.

Nyawang Ambu Aas nuju rumaja, tangtos kacida tanginas tur pinuh sumanget. Sajabana ti resep maca jeung miara kembang, pangaresep Ambu téh apruk-aprukan unggah gunung. Malah nepi ka kiwari ogé, Ambu masih kénéh nyempetkeun waktosna ngajak anggota “Gréha Bubat 66” pikeun tadabur alam ka sawatara gunung. “Upami hoyong neuleuman kasenian Sunda, murangkalih téh kedah diraketkeun sareng alam…” kitu saur Ambu, basa ngalalakonkeun anggota “Gréha Bubat 66” anu ngabring ti Buah Batu ka Lémbang, kalayan henteu kaci numpak kandaraan. “Alhamdulillah, murangkalih téh resepeun, malih katagihan hoyong tadabur alam…” saur  ieu seniwati anu ngidolakeun Atik Sopandi, Wahyu Wibisana, jeung Ajip Rosidi.

Ti mangsa ka mangsa, Ambu Aas teu weléh konsistén nuluykeun tapak lacak luluhurna dina enggoning ngahirup-huripkeun budaya Sunda. Sumangetna teu weléh ngabebela, ibarat sumanget 45. Bisa jadi aya patalina jeung taun lahirna Ambu Aas, taun 1945. Ambu Aas ngaréngsékeun pendidikanana di Sakola Rayat (SR), SMP, jeung di SGB. Sajabana ti éta, Ambu ogé kiungsi nyungsi pendidikan non-formal; Bahasa Inggris (BHS Bandung, 1965), Kursus Ngetik (BHS Bandung, 1965), Tari Sunda (BKI Bandung, 1953-1965), Tembang Sunda (1960), Tata Rias (1964), Tata Ruang (1964).

Basa dikolongan ngeunaan pamiangan Ambu ngokolakeun “Gréha Bubat 66”, salian ti mikalandep tur micinta kasenian, Ambu ogé ngarasa hariwang nengetan budaya deungeun nu ampir ngaléléd kasundaan. Tangtos, anu dipikahariwang téh budaya anu henteu luyu sareng kapribadian urang Sunda. Kilang kitu, léngkah Ambu henteu kasebut lahuta, da rarancangna ogé ukur hayang ngaping barudak ngora anu nganjrekna di sabudeureun Buah Batu. Tapi beuki lila, loba anggota Ambu anu jolna ti luareun Buah Batu. “Tangtos dibagéakeun kalayan bingah…” kitu saur Ambu, basa nyaritakeun anggota “Gréha Bubat 66” anu lain urang Buah Batu. Pokona mah, saur Ambu, urang mana baé ogé, ari kersa sareng enya-enya mah hayang diajar kasenian Sunda, insyaAlloh moal dimomorékeun.

Iwal ti éta, masih kénéh saur Ambu, ngadegna “Gréha Bubat 66” téh minangka salah sahiji pangéling-éling kana jasa luluhur, anu salila kumelendang di alam dunya mibanda katitén kana kabudayaan Sunda. Jadi, “Gréha Bubat 66”  hayang nuluykeun tapak luluhur Sunda. Pang kitu, ngadegna “Gréha Bubat 66” ogé henteu bisa leupas tina ngadegna "Sekar Kagugat"  (1940 nepi ka taun 1953).  Ari “Sekar Kagugat” leuwih dipikawanoh minangka grup kasenian celempungan, anu kungsi ngeusian acara rutin di Radio Nirom, saprak proklamasi kamerdékaan nepi ka taun 1953. Hanjakal pisan, basa pangurusna ngantunkeun, teu aya generasi anu nuluykeun éta pakumpulan anu diluluguan ku Rd. H. Bachrum suargi, antukna mah bubar sorangan. Ambu Aas, minangka salahsahji anggota “Sekar Kagugat”, kahudang deui sumangetna kalayan ngadegkeun lingkung seni "Sekar kadaton", anu ayeuna ngaranana dirobah jadi "Gréha Bubat 66".***

 

Jenengan                     : N.A. Suarsah Partaatmadja

Nénéhna                      : Ambu Aas

Tempat/tgl lahir           : Bandung, 04 Novémber 1945

Jenengan Sepuh          : R. Ating Partaatmadja – Sukaésih Yatnikasari

Jenengan Putra            : Hari Ahmad Sumirat, SH

Pendidikan                  : Sekolah Rakyat (1955); SMP (1958); SGB (1960)

Padamelan                   : Guru INDRIA (1963); Guru cdSDA Kebudayaan Provinsi Jabar (1965); Urusan Personalia cdSDA Kanwil Provinsi Jabar (1975); Pembina Perpustakaan cdSDA SMKI Bandung (1980), guru tari di SMEA 4 Bandung jeung di SMEAN Sumedang (1974).

Alamat                                    : Jl. Sekelimus Barat No.66, RT.02 RW. 05, Tlpn: (022) 7505364, Bandung.


Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...