Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaPedaran Basa SundaSaptu, 22 Désémber 2012 23:56

Kamekaran Basa Sunda dina Karawitan jeung Musik

Ku Nano. S
SN
Kahirupan basa Sunda dina Karawitan [Potret: Maruta Bayu]

SATEUACAN ngahabas ngeunaan kamekaran basa dina karawitan, sigana bakal langkung anteb upama ngawincik sabara istilah jeung harti di sabudeureun karawitan. Sacara umum, harti karawitan téh nyaéta seni sora, sarua jeung istilah musik. Tapi sacara husus, karawitan boga harti nu mandiri, nyaéta seni sora nu ngagunakeun tangga nada (laras) saléndro jeung pélog. Karawitan biasa ogé disebut tangga nada Péntatonis (sistim lima nada), demi musik mah biasa disebut tangga nada diatonis (berjarak dua). Waditra (instrumen) karawitan Sunda, saperti: kacapi, suling, calung, angklung, gamelan, jrrd. Ari alat-alat musik, diantarana piano, gitar, Biola jrrd.

Kumaha atuh keur ngabedakeunana upama aya lagu nu maké lirik (rumpaka) basa Sunda, naha éta téh lagu karawitan, atawa lagu musik? Saliwat mah sakapeung sok rada hésé ngabedakeunana. Tapi upama diwincik tina tangga nadana, biasana mah gampil maluruhna. Contona baé, lagu panon hideung, bubuy bulan, éta téh lagu musik nu maké lirik basa Sunda.

Anu paling pertela mah upama urang cutat sabagian lirik Mars Siliwangi, anu rumpakana (lirik) saperti kieu :

 

Sok kajeun teuing kuring keur ngabagong

Nu narénjokeun montong réa omong

Kieu sotéh miceun tineung

Ka leuweung gé kuring ludeung

Barisan Siliwangi saeutik gé mahi

 

Lagu lagu nu maké kecap basa Sunda sapertos kieu téh seueur pisan, pang pangna lalaguan anu didamel ku pencipta lagu (juru sanggi komposer) urang Sunda, tapi kasangtukang seni swarana ngagunakeun tangga nada jeung alat musik. Sanaos kitu, teu sakedik deuih alat-alat musik barat anu ngahaja dipalitekkeun ku seniman Sunda (karawitan), sapertos alat biola janten rebab, gitar janten kacapi. Alatna angger, tapi tangga nadana, téhnis nabeuhna, jeung lalaguanana tos robih janten lalaguan karawitan. Upama téa mah aya patarosan, kunaon atuh bet siga jadi pabaliut, upama musik jeung karawitan béda mah? Terus terang baé rada sesah ngajawabna téh, margi salian mibutuh katerangan nu rinci sacara tioritis, unsur perasaan gé kalintang mangaruhanana. Diguar sotéh ieu mah kanggo sakadar babadingan, anu nandeskeun yén dina hirup kumbuhna, antara karawitan sareng musik téh gaduh cara sareng rasa séwang-séwangan. Namung sacara bahasa, boh musik atanapi karawitan, mibanda jiwa anu sami; universal; sanajan béda sélér bangsa, urang bisa ngarasakeun kaéndahan anu dipibanda tina lagu, sok sanaos teu ngartos kana bahasana.

 


RUMPAKA

Rumpaka téh nyaéta kekecapan dina lagu. Dina basa Indonesia mah sok ilahar disebat lirik atanapi syair. Salian istilah rumpaka, aya ogé nu nyebatkeun dangding atanapi guguritan. Biasana wangunan basa dina rumpaka mah bénten sareng wangunan prosa (basa lancaran), tapi langkung ngawirahma, dugi ka aya kesan puitis. Kesan awal upama urang ngadangukeun lagu, anu bakal muntang kana rasa téh aya dua, nyaéta mélodi sareng rumpaka. Mélodi sareng rumpaka gumulung dalit ngahiji, anu ngahudang rasa éndah ka nu ngadangukeunana. Ku ayana rumpaka, nu ngadangukeun langkung kaanteur dina neuleuman eusi lagu, ngaliwatan basa/kekecapan anu disusun dina rumpaka éta lagu. Gumulungna antara mélodi, rumpaka, laras, témpo, irama dina hiji lagu anu disanggi (dicipta) biasa disebat komposisi. Kilang kitu ari kanggo sawatara urang mah, mélodi tanpa rumpaka ogé tetep tiasa dilenyepan, didangukeun kalawan anteb teu ngirangan ajénna sapertos anu nganggo rumpaka. Upamana urang ngadangukeun instrumentalia kacapi suling. Anéh, bet bréh baé suasana pasawahan, cai nu cur- cor canembrang hérang, alam nu ngemploh héjo, jeung lembur matuh di tanah Parahiangan. Tungtungna mun urang keur ngumbara di lembur batur, bet aya rasa kasono hayang balik deui ka lembur, atawa teu pupuguh jadi saredih.

Demi lagu nu nganggo rumpaka, (disebat vokal, sekar, kawih, tembang) nempatkeun kekecapanana téh, aya dua kamungkinan. Ka hiji ngarumpakaan lagu, nyaéta lagu anu tos aya, teras dipasihan rumpaka. Contona, sapertos dina lagu-lagu pupuh. Kadua, ngalaguan rumpaka, nyaéta nyanggi/nyipta lagu tina rumpaka anu aya, diluyukeun rasa sareng jiwana dina komposisi anu anyar. Contona dina lagu-lagu kawih anyar ciptaan Mang Koko. Dina ngarumpakaan lagu, kekecapan téh kedah luyu sareng mélodi, utamina dina jumlah engang (suku kata) sareng jumlah jajaranana (pada). Upami nganggo wangunan pupuh, kedah puguh ogé guru laguna (aturan tungtung sora dina tiap padalisan). Ari dina ngalaguan rumpaka mah, rumpaka téh tiasa bébas, teu kauger ku jumlah engang, atanapi guru lagu. Aya kalana éta rumpaka téh kunu nyipta lagu sok dikirangan atanapi ditambihan, diluyukeun sareng kompisisi nu dipiharep ku nu nyipta laguna. Tangtos wé sateuacana pencipta lagu téh aya kompromi heula sareng nu ngadamel rumpaka, upama éta rumpaka téh ciptaan nu sanes. Ku kituna, aya saéna upama nu nyipta lagu téh ngagaduhan aprésiasi nu saé ngeunaan basa sareng sastra, supados dina nyiptakeun laguna tiasa ngadu-maniskeun ekspresi jiwa, pedotan, sareng ekpresi nu kahudang dina komposisina. Hal sanésna, ngalangkungan lagu sareng rumpaka, sing tiasa masihan rasa apresiasi nu saé ka masarakat, margi pangaruhna kalintang ageung, boh ka barudak, rumaja, sareng para sepuh.

 


PANTUN

Dina seni pantun, salian unsur carita jeung sastrana, ogé aya lagu anu ngagambarkeun hiji suasana, digalindengkeun ku Ki Juru Pantun, dipirig kacapi, saperti dina rajah (bubuka), ngagambarkeun nu indit, dangdan, ngapung jrrd. Di handap ieu urang cutat sabagian tina kabinangkitan basa Ki Juru Pantun, anu ngagambarkeun Léngsér indit.

 

Eta panakawan angkat

Angkat sakalumpat lampét

Buah birit hapa balas kababukan keuneung

Plak plek plak plek kawas cangklek tinggaraplék

Mani éar cecekolan

Mani éar palangkakan

Liang irung kikidungan

Kélékna tatarompétan

Liang ceuli sosondarian

Bulu birit tingkirinting

Kanjut éta (……) héhéotan

Bawaning ku lumpat tarik

Mani gubal éta gabél

Éta guplak éta gaplok plak plék plok tuang kagungan

Keupat kapit neunggeulan pingping.

 

Upama ngagambarkeun paripolah Léngser, sok loba dihudang ngaliwatan basa anu basajan tur loba direumbeuy ku heureuy. Sabalikna dina ngagambarkeun pangagung mah, boh basa atawa laguna béda pisan. Di handap ieu urang cutat gambaran para pangagung nu datang.

 

Burudul ménak ti kidul

Aleutan para Tumenggung

Candakna parabot degung

Tutup kendang kulit lutung

Dirarawat hoé buntung

Dipirig ku hujan subuh

Ditepak ku jarangkung

 

Kabinangkitan kecap-kecap anu disusun jeung dina nyaritakeun kaayaanana, boh ka jalma atawa kana alat, karasa pisan gemetna dina ngahudang rasa, lain baé genah macana tapi ogé kecap-kecap nu murwakanti. Dina lagu tembang, aya sababaraha lagu anu diangkat tina seni pantun, nya jadi wanda Papantunan.

 

LAGU RAKYAT / SEKAR BALARÉA

Dina karawitan Sunda, aya lagu nu hirup di lingkungan ménak, saperti lalaguan tembang Sunda, aya ogé lalaguan anu kumbuh di lingkungan rakyat (balaréa). Éta lalaguan téh sanés baé lalaguan barudak (biasa disebut kakawihan urang lembur), tapi aya sabaraha lagu tina kasenian anu séjénna, saperti ketuk tilu, réog, jrrd. Naon anu disebut lagu-lagu rayat ayeuna, kekecapanana téh geus loba anu teu kasusud deui hartina atawa maksudna. Mélodina biasana parondok, tapi kekecapanana biasana sok leuwih panjang. Di handap ieu urang cutat sabaraha lagu anu popiler, tapi harti atawa pamaksudanana teu pati jelas.

 

Cingcangkeling manuk cinkleung cindeten

Plos ka kolong bapa satar buleneng

 

Atawa

Néng nong néng cak

Toroktok embé janggotan

Pa Kuwu kariaan

Laukna lauk bilatung

Kéjona kéjo gandum

Tingtung bedog buntung

Tongtak bedog rompang

Het het embé janggotan

Kélék monyét héhéotan

Badungbangbplak ting…guuung

 

Atawa

Ayang-ayang gung

Gung goongna ramé

Ménak Ki Mastanu

Nu jadi wadana

Naha manéh kitu

Tukang olo olo

Loba anu giruk ruket jeung kumpeni

Niat jadi pangkat

Katon kagoréngan

Ngantos kangjeng dalem

Lempa-lempi-lempong jalan ka batawi ngemplong.

 

Eusi lalaguan aya nu ngadung pépéling, kaulinan, jeung sindiran. Ayeuna lalaguan saperti kieu geus langka dikawihkeun ku barudak.

 


SISINDIRAN

Sisindiran téh salah sahiji wangunan puisi Sunda, anu kalintang seueurna dianggo rumpaka dina lalaguan Sunda. Sakumaha kauninga, sisindiran téh diwangun ku opat jajar. Dua jajar mimiti disebut cangkang, dua jajar deui disebut eusi. Jumlah engangna dalapan engang (suku kata), kalawan dina tungtung sorana kudu murwakanti. Di handap ieu aya sabaraha sisindiran anu biasa dipaké dina lagu lagu kapasindénan (wayang ):

 

Kaso pondok kaso panjang

Kaso ngaroyom ka jalan

Sono mondok sono nganjang

Sono papanggih di jalan

 

Kuma suling kuma suling

Suling téh ngan silung baé

Kuma kuring kuma kuring

Kuring téh ngan bingung bae

 

Kapan abdi gaduh suweng

Naha henteu dipongpokan

Kapan abdi keur baluweng

Naha henteu dilongokan

 

Dina lalaguan jenaka Sunda, loba sisindiran anu matak pikalucueun, dikawihkeun ku sora jeung gaya anu ngahudang seuri keur nu nongton.

 

Tiriliktik sora jangkrik

Toroloktok sora londok

Abdi terang ti leuleutik

Sok nambulan jawér kotok

(sok diplésétkeun jadi nambulan tai kotok)

 

oray bedul paéh dibedil

dibedol terus dibedél

hirup urang kudu adil

dodol tukeur jeung perekedél

 

Upama ku urang dititénan, aya hiji kabinangkitan anu kacida pisan éndahna dina ngulinkeun kecap, nepi ka kagambar, sora jangkrik, londok, atawa oray bedul dibedil terus dibedél, tur nyambung kana eusina.

 

SAWÉR JEUNG PUPUJIAN

SAWÉR téh mibanda dua harti. Kahiji nyandak kecap tina panyawéran; tempat turunna cai hujan tina kenténg imah ka buruan. Demi nu kaduana, minangka papatah anu dihariringkeun, pangjurung laku ka pangantén anu anyar jatukrami, sabada akad tikah. Lalaguan sawér jeung kekecapanana, biasana sok rada panjang. Wangunana puisina ogé rupa-rupa, aya anu mangrupa syair atawa pupuh.  Conto sawér baheula, unina kieu:

 

Mana istri sing rancagé

Nya ngahadep ka carogé

Dipiwarang agé-agé

Tunda keur digawé ogé

 

Masing bisa titip diri

Ambih sepuh suka seuri

Ulah lampah nganyenyeri

Sepuh sok neuleu teu ari

 

Ayeuna anu diwejang

Ka pameget anu bujang

Masing éling sapapanjang

Awon ulah katarajang

 

Ka bojo sing ngalap manah

Sakadar nu matak genah

Ulah nu matak tugenah

Ku hukum moal kamanah

 

Aya deui dina wangunan pupuh, anu dihariringkeun dina wanda tembang:

 

Adat sawér pangantén sakalih

Nu dipambrih nyantélkeun kanyaah

Pangjajap mideukeut wanoh

Eusina buah pituduh

Nuyun diri mangka rintih

Sabada akad tikah

Méméh léngkah jauh

Jejer ma’wadah warokhmah

Jadi jajar silih asah silih asih

Ginulur nyanding sakinah

(pupuh dangdanggula)

 

Di masjid atawa di pasantrén, sok aya lagu pupujian (ayeuna mah ilahar disebat Qasidahan), nyaéta lalaguan anu kekecapanana maké basa Sunda, eusina salian mépélingan sangkan iman ka Pangéran, ogé sok muji kana kaagungan Kangjeng Nabi Muhamad SAW. Di antara nu popilér diantarana nu ngariwayatkeun Nabi, anu sabagéan eusina kieu:

 

Bismillah kecap wiwitan

Nyebat jenengan Pangéran

Numawi janten kawitan

Paréntah Nu Maha Héman

 

Gusti urang sadayana

Kangjeng Nabi Anu Mulya

Muhammad jenenganana

Arab Qurais nya bangsana

 

Ramana Gusti Abdullah

Ibuna Siti Aminah

Dibabarkeuna di mekah

Wengi senén taun gajah

 

Ari étangan taunna

Lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambihna

Sareng sahiji punjulna

 

Siti Aminah misaur

Waktos babarna kacatur

Ningal cahya anu ngempur

Di bumina hurung mancur

 

Babar taya kokotoran

Orok lir kénging nyepitan

Soca lir kénging nyipatan

Wangina kembang petingan

 

Medal nabi ahir jaman

Pirang-pirang kaanéhan

Sesembahan bangsa sétan

Kabéh pada karuksakan

 

(seueurna pada aya nu dugi ka saratus pada)

 

*

PUPUH


PUPUH boga dua harti. Nyatana lagu jeung wangunan puisi. Dina wangunan puisi, puguh aturanana, boh dina guru laguna, atawa guru wilanganana, pon kitu deui dina karakter atawa pasipatan éta pupuh. Contona aya nu gagah, sedih heureuy/guyon, atawa asih/kasmaran. Kacatet aya tujuh belas lagu pupuh anu aya dina satra Sunda jeung karawitan Sunda. Tapi tina tujuh belas pupuh téa, ngan aya sabara pupuh baé anu popiler, diantaraana KSAD, Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Dina taun dua puluhan mah, seueur sastrawan anu ogé cepeng damel jadi guru, numawi seueur guguritan (dangding), anu témana mangrupa pépéling, sumebar ngalangkungan pendidikan di sakola-sakola, saperti:

 

Asmarandana

 

Eling eling mangka éling

Rumingkang di bumi alam

Darma wawayangan baé

Raga taya pangawasa

Lamun kasasar lampah

Napsu nu matak kaduhung

Badan anu katempuhan

 

Maskumambang

 

Éh barudak kudu mikir ti leuleutik

Manéh kahutangan

Ku kolot ti barang lahir

Nepi ka ayeuna pisan

 

Pucung

 

Utamana jalma kudu réa batur

Keur silih tulungan

Silih titipkeun nya diri

Budi akal lantaran ti pada jalma

 

Pupuh anu sanésna, pangpangna KSAD téa, seueur dianggo dina tembang Sunda, saperti guguritan Laut Kidul dina pupuh dangdanggula, lauk empang dina pupuh sinom, srrd. Salian jiwa pupuh anu jiwana ngahudang kasmaran, pépéling, cinta lemah cai, aya ogé pupuh anu karakterna téh sok dianggo guyon atawa heureuy, contona sapertos guguritan di handap ieu:

 

Pangkur

 

Barisan nu mapag perang

Patih Seureuh Bangbang Cengkéh Radén Gambir

Ditéma ku Rangga Apu

Aria Lemo Kapolaga

Pangpayuna Patih Seureuh anu pamuk

Raja Huntu makalangan

Terus perang mandi getih

 

Radén Cengek Rangga uyah

Papatihna Aria Demang Tarasi

Ramé galungan jeung mutu

Jigrah jigrah beuleum ketan

Dicoélkeun belewek seuhah gumulung

Ngalageday ngabaheuhay

Lenggerek kabawa ngimpi

 

Balakbak

 

Informasi datang dari orang pinter: yang bekén

Anu ngali dimandoran ku Pa Mentri: gegedén

Konon kabar sebelumnya telah mendapatkan restu: presidén

 

Harta karun nu ditéang geuning kosong: ngabohong

Bapa Mentri ahirnya kena batunya: titajong

Boro boro mayar hutang kalah bingung jeung wiwirang:brang bréng brong.

 

Najan ngaran jeung laguna Sunda, tapi ti kapungkur geus aya kabinangkitan nyieun guguritan anu henteu baé dina basa Sunda, tapi ogé dina basa Indonesia. Saleresna upami ningali kana jiwa jeung karakter laguna mah, éta kabinangkitan seueur anu tiasa ditampi ku masarakat, margi jiwana heureuy, namung jiwa pupuh nu sanésna mah teu acan tangtos tiasa kitu, margi jiwa sareng karakterna ogé tos sanés. Dina lalaguan kawih, Mang Koko sanés baé ngalebetkeun basa Indonesia, tapi ogé basa Jepang, Inggris sareng Walanda. Éta basa jeung kecapna téh ngahaja disanggi (didamel lagu), diluyukeun, dipasieup luyu sareng karakter laguna. Kapungkur mah seueur pajabat, boh dina biantara atanapi seseratan sok nganggo ugeran pupuh. Ku émutan naon lepatna ayeuna upami dihudang deui. Carios-carios anu diserat/dibukukeun ngalangkungan pupuh, disebatna wawacan. Ari nu disebat nembang wawacan nyaéta maca wawacan bari dilagukeun.


Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Yana Taryana

Puji syukur kanu agung masih aya seke seler urang unda nu nyaah tur merhatuskeun kana adat katut budaya sunda, mugia masing teras mayeng..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...