Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokSaptu, 10 Novémber 2012 01:36

Ilangna Mira Muslimah Malayanti

Ku Rachmat Hidayat
SN
Ilustrasi [Potret: Turi Syahdarina]

BEUKI teu kapikir ku kuring salaku urang kampung bau lisung. Naha pangaruh sakola luhur di kota bet sanggup ngarobah hiji jalma. Méh sagala bawa ti lembur ilang, salin jinis maké adat anu duka ti jurusan mana. Éstu  papalimpang tina tatanan agama.

            Masih kénéh inget, harita kuring nganteur Mira daftar ka hiji paguron luhur di kota. Tangtuna ogé Mira hayang nambahan élmu pangaweruh pikeun pibekeleun hirup nyorang rumah tangga.  Nyuprih élmu mémang lain kawajiban keur lalaki wungkul, tapi ditibankeun ka sakabéh manusa muslim. Angkanan téh sugan ari boga pangarti leuwih mah jagana bisa ngatik budak leuwih hadé.

            “A, abdi mah hoyong neraskeun heula sakola, meumpeung sepuh kiateun ngawaragadan...” kitu jawabanan, basa kuring ngajak laki-rabi. Atuh kuring ogé nyaluyuan paniatanana. Malah bagja, waas, pacampur dina rasa, boga  pipamajikaneun anu bakal boga pangarti ti sakola luhur.

Nya ti harita panggih beuki arang da manéhna kos di kota. Balik ukur dua minggu sakali, éta ogé diimah téh ukur sapoé. Kuring ngama’lum, da ceunah mahasiswa mah sibuk, loba tugas. Tapi nu matak héran, méh unggal balik, aya baé anu robah.Tina cara cumarita katut tingkah lakuna. Mimitina kuring surti, boa kitu cara hirup mahasiswa sapopoé.

            “Mira, iraha sumping?” Ceuk kuring dina hiji peuting, bada Isya. Papanggih di toko lebah pertélon.

            “Kamari. Kunaon kitu?” témbal Mira, ngajawabna semu nu sangheuk.

            “Hayu atuh ngahadiran pangaosan, ajenganana saé ti kota?” ajak kuring.

            “Ah cararapé, jig waé sorangan...”

            Sajongjonan kuring mikir. Ongkoh capé, tapi naha ulin mah kaburu, lain reureuh di imah.Kabiasaan urang kampung mun nyebut lungsé téh bari nyarandé.

            Kaanéhan beuki nambahan. Harita, Mira maké calana pondok, kaos merecet ngepas awak, témbong bujal, buukna pirang siga walanda kajajadén, teu ngimbangan kana irung anu depek. Suku ogé maké génggé siga sapi kabur. Katempona teu ngarasa éra ditempo ku batur, jadi tongtonan méh unggal panon lalaki. Asana, sakainget, tacan aya di lembur mah, awéwé anu wani barang paké modél Mira. Aya ogé taun kali, para pembantu rumah tangga anu baralik ti kota salebaran sakali.

“Anjeun tetep Mira, kuring yakin, anjeun tacan poho kana papagon agama, ngan mopohokeun naon rupa atikan agama...” ceuk kuring bari ngaléngkah, mawa jingjingan dahareun.

            Bréh dina lamunan, tangtungan Mira saméméh kuliah. Dimimitian waktu sakola, maké baju nutup aurat. Sapopoé éstu béda jeung batur anu sapantar, arang gaul, tara ruang-riung atawa tingalabring bari juta-jeté. Éstu sarwa éra jeung lir anu sieun jadi omong batur. Carang-carang baé mah osok kénéh ka masjid, mana komo ari usum tarawéh mah, méh unggal peuting tara tinggaleun. Kitu deui ari aya kagiatan di masjid Al-Ikhlas, Mira masih kénéh sok ngahadiran.

            Asana harita kuring siga manggih mutiara dina tumpukan runtah. Kageulisan lain pupulasan, méncrang ku ahlak nu punjul. Disaksian cahya bulan, Mira Muslimah Malayanti, bener-bener némbongkeun ciri muslimah. Kuring beuki pageuh meungkeut nawaétu pikeun ngahijikeun haté ku laki-rabi maké cara Islami. Simpay katresna beuki manteng.

            Ayeuna pribadi Mira nu baheula geus ilang duka ka mana. Éstu salin jinis bawa ti kota. Duka kumaha atikan sakola luhur? sugan téh tadina mah beuki luhur sakola, bakal mingkin jembar pangarti. Beuki ngawewegan tafakur, tasyakur, takorrub ka Allah Swt. Ieu mah kakara jadi mahasiswa ogé, geus wani ngobral orat, malah siga nyontoan ka urang lembur yén anu kitu ngarana mode. Duka kumaha lamun isuk pagéto Mira kaparengkeun nyekel pancén jadi mentri peranan wanita. Naha dék nitah sakabéh awéwé di ieu nagara sangkan lésot tina budaya jeung paréntah agama, diganti ku pamér bujal?

            “Mira, naha teu isin nganggé raksukan kitu?” ceuk kuring, nyoba ngageuing deui.

            “Ah... bet suka-suka saja! Barina didinya pirajeunan pisan geureuhan. Ieu mah hak asasi, awak-awak urang, pakéan nu urang, nu penting teu ngahésékeun batur...” témbalna, asa beuki bedang baé.

            **

            Panon poé karasa beuki nyongkab. Sababaraha kali kuring ngelap késang nu luut-léét maseuhan awak. Maculan taneuh kebon, melakan sampeu jeung mantang. Kitu pacabakan sapopoé, sebut baé tani.

            “Assalammu’alaikum. Punten ngaganggu, kang, dupi ieu sampeu naon?” aya sora wanoja tukangeun. Puguh baé kuring ngarénjag, kalayan buru-buru malik bari cengkat. Bréh, aya lima urang budak ngora anu ngajaranteng. Maranéhna rengkuh, sopan naker. Lalaki duaan jeung wanoja tiluan. Bajuna sarua, seragam.

            “Wa’alaikum salam... Sampeu biasa, Néng. Duka teuing naon namina mah, pokona pulen. Aéh punten, dupi ieu téh ti Dinas Pertanian?”  kuring malik nanya. Pangna nanya kitu téh pédah ningali nu awéwé  nempoan areuy mantang, dicekel, disidik-sidik.

            “Sanes kang, abdi mah sarjana penggerak pembangunan désa...” témbalna.

            Leng, ingetan ngalayang ka Mira anu geus salin jinis.  Béda pisan jeung tilu wanoja nu aya hareupeun kuring, anu sarua nyuprih pangarti di kota. Keur geulis téh jaba pakéanana mani buni, soméah, daréhdéh. Malah  teu asa-asa barang cekel dina taneuh, teu sieuneun belok, teu baueun deukeut kuring anu keur mandi késang.

            “Kang, badé permios... Assalammu’alaikum...” Ceuk nu lalaki, ngaganggareuwahkeun kuring nu keur anteng ngahuleng. Mikiran mun seug kabéh generasi muslim, geulis, kasep, pinter, weweg agamana, sigana ieu nagara bakal gancang nyorang karaharjaan.***

           

Muktisari,  8 Fébruari 2007

 

Rachmat Hidayat,  padamelan sadidintenna wiraswasta, kiwari nganjrek di Jl. Pahlawan No. 234, RT. 04/ 03, Babakan, Muktisari, Banjar, Jabar, 46343

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...