Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyRebo, 31 Oktober 2012 22:20

Séksulitas Si Kabayan

Ku Atep Kurnia
SN
Si Kabayan dina pintonan Gending Karesmen [Potret: Dok. Cangkurileung]

Taun 1911 medal Pariboga: Salawé Dongéng-Dongéng Soenda. Ieu buku disusun ku Cornelis Marinus Pleyte, wedalan Kantor Tjitak Goepernemen. Aya nu nganggap, ieu téh buku munggaran nu ngamuatkeun dongéng Si Kabayan.

            Tapi, sabenarna tarékah keur ngumpulkeun dongéng-dongéng Si Kabayan téh geus dimimitian saméméh buku Pleyte dipedalkeun. Dina hal ieu mah, aya peran orientalis Walanda, Snouck Hurgronje (1857-1936).

Antara taun 1889-1891, babarengan jeung Haji Hasan Mustapa (1852-1930), panghulu besar Bandung jeung nu geus dipiwanoh di Mekah ti mimiti 1885, ngayakeun panalungtikan sabudeureun kahirupan urang Islam jeung dongeng rayat nu aya di Pulo Jawa.

Ti antara carita rayat nu dikumpulkeun Snouck téh dongéng-dongéng Si Kabayan. Tina kumpal-kumpul dongéng Si Kabayan téh, aya nu nyieun disertasi doktoral. Nyaéta Lina Maria Coster-Wijsman.

Saha ari Lina Maria Coster-Wijsman? Ngan kaungkab saeutik baé riwayat hirupna téh. Lina lahir di Leiden sarta dianggap wanoja munggaran nu meunang gelar doktoral dina widang foklor. Sedengkeun numutkeun data wikipedia, dina tanggal 26 Pébruari 1919 Lina kawin ka Dirk Coster (1889- 1950), fisikawan Walanda nu milu nimukeun unsur Hafnium (Hf) dina taun 1923. Buah rumah tanggana boga budak lalaki dua jeung dua budak awéwé (Hendrik, Ada, Éls, jeung Hérman).

 

Disertasi Wijsman

 

Disertasi Nyonya Coster-Wijsman téh dijudulan Uilespiegel verhalen in Indonesie: in het Bizonder in de Soendalande. Éta disertasi hasil dipertahankeun ku manéhna di Universitas Léiden, Walanda dina poé Jum’aah jam 4 soré, 7 Juni 1929.

Ieu disertasi téh tuluy dibukukeun taun éta kénéh. Pamedalna Santpoort: Mees. Kandelna 170 kaca. Ayeuna disertasi Wijsman nu ngababar dongeng-dongeng Si Kabayan nu dikumpulkeun Snouck ti wewengkon Banten Kidul téh geus diindonesieukan. Judulna Si Kabayan: cerita lucu di Indonesia terutama di tanah Sunda. Nu narjamahkeunna Koesalah Soebagyo Toer. Pamedalna PT. Pustaka Jaya gawé bareng jeung lembaga ilmiah Walanda, Koninlijk Instituut voor Taal-, Land- en Volkenkunde (KITLV-Jakarta), dina Désémber 2008.

Bukuna disusun jadi opat bab. Bab I: Daftar Isi dan Catatan; Bab II: Teks; Bab III: Masyhudulhak; dan Bab IV: Abu Nawas. Dina Bab I, Nyonya Wijsman nyatet jeung nyingget 134 dongeng Si Kabayan nu dikumpulkeun Snouck. Ditambah sabagian leutikna ti RA. Kern, jeung ti R. Satjadibrata. Dina Bab II, Maria ngamuat 80 téks basa Sunda nu eusina dongéng Si Kabayan.

Si Kabayan mémang kawentar jalma panglucuna sa-Tatar Sunda. Ngan, tina sajumlahing carita Si Kabayan nu ditalungtik ku Nyonya Coster-Wijsman téh sihoréng aya dongéng-dongéng nu nyabit-nyabit sisi séksualitas Si Kabayan.  Dina Bab I, aya 42 tingkesan nu di jerona ngandung sisi-sisi séksualitas Si Kabayan. Ari dina Bab II, dimuatkeun 33 téks nu aya kakaitanana jeung séksualitas Si Kabayan.

Naon jeung kumaha séksualitas carita Si Kabayan digambarkeun dina ieu buku, naha asup ka kolom pornografi atawa henteu? Jeung kumaha cara nyawangna?

 

Sawangan Mang Ayat

Ayatrohaédi (1939-2006) dina buku nu dijudulan Seks, Teks, Konteks: Tubuh dan Seksualitas dalam Wacana Lokal dan Global (2004: 121-140) nu ngajawabna. Di dinya Almarhum gurubesar Universitas Indonesia (UI) ieu téh nulis prasaran nu judulna Si Kabayan: Cawokah atau Jorang?     

Mimitina Ayatrohaédi nyalusur hartining pornografi. Bari nyutat Ensiklopedi Nasional Indonesia (1990.13:337-40), Mang Ayat nerangkeun, “pornografi nyaéta pidangan tulisan, patung, gambar, foto, gambar hirup (film), atawa rékaman sora anu bisa ngahudang nafsu birahi tur nyigeung rasa susila masarakat.”

            Satuluyna ieu sastrawan Sunda jeung Indonésia nerangkeun ngeunaan  dua kekecapan Sunda nu ngacu kana séksualitas, ngan dina makéna remen pagalo, nyaéta kecap cawokah jeung jorang.

Cék sawangan Mang Ayat, aya nuansa nu béda tina éta dua kecap téh. “Cawokah digunakeun keur ngedalkeun kekecapan anu “terlarang” atawa kudu dibalibirkeun jadi hiji hal anu ilahar.” Ku sabab gelar ti “masarakat anu henteu pati weweg merhatikeun jeung mertimbangkeun kasopanan ngagunakeun basa di kalangan maranéhna” nyaéta lingkungan masarakat padésan nu  pendidikanna rada handap. Ku kituna, “maranéhna ngedalkeun kekecapan, anu dianggap tabu, tanpa beban jeung ku kituna henteu kungsi nimbulkeun pacéngkadan antara maranéhna.”

Sedengkeun kecap  jorang, cék pangarang buku Hujan Munggaran (1960), Kabogoh Téré (1967) jeung Pamapag (1972), ieu leuwih merenah mun asup kana kolom pornografi. Kalawan kayid, mun aya hal-hal nu “dibarengan jeung ngagambarkeun anu nimbulkeun (jalma lian) kamungkinan rada karangsang atawa kahudang gairahna.”

Walhasil, cék Mang Ayat mah, dongéng-dongéng Si Kabayan téh kaasup cawokah tapi teu  jorang. Hal ieu bisa kaharti mun seug téks-téks dongéngna dipakaitkeun jeung kontéks nu ngagelarkeunna. Sakumaha nu dicaritakeun di luhur, dongéng Si Kabayan dina disertasi Nyonya Coster-Wijsman téh asalna ti wewengkon Banten Kidul. Ieu wewengkon téh cék Mang Ayat mah, “mangrupa daérah anu sama sekali henteu kungsi kakeunaan pangaruh boh peradaban pon kitu deui kabudayaan Jawa anu diantarana mawa ‘kalemesan budi’ dina wujud basa.”

“Kalemesan budi basa” ngandung harti ayana undak-usuk basa atawa lemes-kasarna basa Sunda nu kapangaruhan budaya Jawa. Dina hal ieu mah, dina masarakat Banten Kidul, “méh henteu aya kekecapan lemes atawa ‘halus’. Sanajan aya di antara maranéhna anu mikawanoh kekecapan lemes, ampir bisa dipastikeun pangaweruh éta dicangking ngaliwatan lembaga sakola atawa lantaran kapangaruhan ku basa jeung anu nyarita ti tempat séjén.”

Ku kituna, “di lingkungan masarakat Banten Kidul anu masih “polos” siga kitu, ngedalkeun kekecapan pikeun ka séjén ku cara dibalibirkeun téh dianggap henteu perelu.” Kitu kacindekan Mang Ayat nu ngantunkeun di Sukabumi, 18 Pébruari 2006.

Walhasil, Si Kabayan téh teu malulu kesanna lucu. Sabab aya sisi séjén nu bisa jadi kudu digali deui ku urang, nyaéta sisi séksulitasna. Atawa sisi sufismena, lantaran dina éta disertasi gé aya dongéng-dongéng Si Kabayan nu sipatna sufistik deuih. Tapi nu pentingna mah sikep nu sawawa enggoning nyanghareupanana. Nya, saperti Ayatrohaédi nyanghareupan disertasi Nyonya Lina Maria Coster Wijsman di luhur.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...