Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokRebo, 31 Oktober 2012 22:17

Nu Butuh Panyaluuhan

Ku Rahayu Utami
SN
Ilustrasi [Potret: Turi Syahdarina]

Ukur diuk bari ngahurun balung, neuteup ka palebah nu keur ngagolér. Rénghapna kadéngé ku manéhna antaré pisan, bangun nu lemah. Ngawirahma jeung sora tensiometer dina méja.

Éstu teu nyangka sacongo buuk, horéng nu diimpleng ku manéhna saméméh indit ka rumahsakit téh nyalahan pisan. Sok padahal taya sawangan nepi ka dinya. Ku panyangka mah gering biasa wé. Da kapan manéhna gé apal, yén bapana téh nyandu kana inuman. Tambah-tambah boga mag kronis.

Ari pék basa tadi ditelepon ku indungna, anu harita keur tugur, teu burung manéhna ngaranjug. Éta omongan indungna anu singget téh patri pisan karasa ku manéhna mah. Asa teurak kana karumasan anu pangjerona.

“Nu leres, Mah?” Pokna, halon. Dadak sakala haténa lééh. Padahal cikénéh mah manéhna entang-entangan nyebut alim jeung moal. Malah werat nyarita rada hohoak sagala.

Harita basa mimiti dibéjaan bapana gering téh, manéhna mah teu singna reuwas. Taya sari-sari sedih deuih. Biasa wé, siga euweuh kajadian nanaon. Ukur nyarita datar nakeranan: “Sing énggal-énggal damang wé. Nita mah moal tiasa dongkap,” cénah.

Teu, taya niat hayang datang manéhna mah, najan enya kasebutna ka bapa. Boro-boro hayang manggihan, ngadéngé ngaranna atawa ngabayangkeun beungeutna gé geus matak murel keur manéhna mah. Da unggal inget ka bapana, nu ngalangkang téh nyaéta kajadian-kajadian heubeul anu kulawu. Lain gambaran hiji bapa anu geus rarémpo, anu hayang patepung deui jeung anakna. Kaceuceub anu geus nyaliara mangtaun-taun téh dumadakan halirup deui

“Sudi najis! Teu butuh aing mah! Mun érék gé baheula,” kitu babasaanana téh saupama digelendut ku dulur-dulurna. Nu ngagelendutna mah tibang ngusap dada, teu bisa kukumaha. Teu bisa nyalahkeun deuih. Maphum lebah dinyana mah. Kangaranan raheut dewang geus nahun, anu kawas-kawas moal lita deui. Ongkoh deuih lebah gurat batuna mah sarua jeung bapana.

Manéhna sok rus-ras ka mangsa tukang. Lalakon lawas manéhna, ti mimiti inget nepi ka sawawa. Lalakon anu manéhna sorangan hayang mupus.

Ti baheula gé saenyana mah geus remen aya pacéngkadan, ti basa manéhna keur leutik kénéh. Geus lain hal nu anéh deui, saupama manéhna balik sakola, disampakeun indungna keur ceurik balilihan, bari dina pipina ngagaralang tapak dampal leungeun. Geus tara nanyakeun ku naon, ku naonna deui. Gék baé diuk bari nangkeup indungna. Duaan paungku-ungku. Mun geus kaciri aya manéhna, kakara tatanggana rabul datang. Enya, da pastina gé atuh sora hog-hag di imah manéhna téh parat nepi ka luar.

Tatanggana nu sok haat nulungan téh. Ti mimiti ngubaran nepi ka milu disirurukan. Da lamun keur harénghéng kitu, moal téréh-téréh tiis ku sapoé dua poé. Da isukna pasti bapana balik téh keur dina kaayaan teu éling. Malah sok langlang lingling walahwah-weuleuhweuh sorangan di tengah imah. Tuluy u-o utah.

“Sarniiii! Geuwat ka dieu, anjing! Aing hayang nginum!” Parat sorana nepi ka luar, tangka kadéngé ku tatanggana.

Ngan untungna téh tara tuluy mapaykeun nénéangan. Sigana téh sabodo anak pamajikanana rék nyangsang di mana waé ogé. Lakar bisa nyacapkeun hawa napsu, bari taya nu ngaharu biru.

Komo sanggeus manéhna geus nincak balég mah. Sidik da geus ngarti, beuki karasa nalangsana. Témahna, manéhna geus tara pirajeunan liar kaluar ti imahna. Kajeun ngaringkeb manéh di kamar. Da dina pareng ngaliwat balik sakola gé, sok aya tatangga sakomplékna anu kalah neuteup uleng, siga nu nganaha-naha. Bari pok diémbohan ku haréwos atawa ku isarah ka papada baturna, “Budakna Pa Bambang, étah.”

Lain teu hayang baruntak saenyana mah. Ngan lebah nyanghareupan bapana mah, manéhna teu wasa nanaon. Puguh da itu mah lalaki. Ongkoh bapa, deuih. Niat hayang ngalawan téh pareum mantén. Da geus karungkup ku sieun. Pamustunganana bati ngerik pikir dina ati. Ukur wani baruntak ku cicing, teu patanya. Salila saimah téh papaharé wé. Anteng dina dunya séwang-séwangan.

“Sing sabar, Arni. Keun sugan ka hareupna mah bisa kaoméan sipat si Bambang téh. Hujan gé aya raatna.” Cék dulur-dulur bapana, lamun indungna jeung manéhna pareng keur mangadu.

Tapi lila ti lila mah manéhna sorangan jadi bosen. Da angger nu bijil téh éta-éta kénéh, anu tuluyna direumbeuy ku kecap “sabar” jeung kecap-kecap pangbeberah séjénna. Peun nepi ka dinya. Da saréréa gé teu bisa kukumaha. Éstu geus taak ku talajak bapana téh, kaasup dulur-dulurna. Pamustunganana mah manéhna sorangan rajeun ngagerentes; yén sabar gé aya raatna.

Jeung enyana, deuih. Ahirna mah kasabaran anu leuwih tiheula raatna. Basa manéhna geus nincak SMA, rumahtangga kolotna oyag rongkah téh. Laju tungtungna mah dibérésan di KUA, lantaran indungna leuwih milih neukteuk bari anggeus.

Saprak papisah, bapana sok pirajeunan laha-loho datang nyampeurkeun. Malah maké sok runah-ranéh sagala ayeuna mah. Hayang hadé deui jeung nu jadi anak.

Tapi angger, manéhna teu gedag kaanginan. Tetep dina sikepna nu mimiti.

“Saha? Bapa? Nita mah teu boga bapa!” Pokna tandes, basa dina hiji mangsa bapana datang ngalongok. Léos indit deui, bari can ganti seragam, seragam acan.

Horéng manjang aya tuluyna manéhna mah. Teu kalis ku sikep indungna anu geus balungbang timur, -najan angger pengkuh embung diajak rujuk. Sataun, dua taun, nepi ka ahirna mah datang béja, yén bapana dirawat di rumahsakit.

“Katabrak naon cénah, Mah, nepi kudu dilongok sagala?” Pokna sari sinis, basa telepon ti indungna katarima ku manéhna. Bubuhan nu séjén mah geus taya nu bisaeun ngolo manéhna.

“Iyeuh, dosa! Burung palung pétot béngo gé bapa manéh, éta téh.”

“Enya bapa Nita. Cék saha lain. Ngan bapana, bapa nu kumaha heula? Mamah mah siga nu teu ngarasakeun waé.”

“Nita, mun ngomongkeun perasaan mah moal aya tungtungna.”

Simpé sakedapan, paheneng-heneng.

“Karasa ku Mamah gé baheula. Pirang-pirang taun sasatna asa gering nangtung ngalanglayung. Komo deuih Mamah mah katambahan ku beban ka Nita jeung ka kulawarga Mamah sorangan.” Cék indungna deui.

“Mah, pokona Nita mah moal ngalongok. Sok wé Mamah, Nita mah moal nyarék. Da éta hak Mamah.”

Jempé deui, taya nu cacarita. Ukur kadéngé sora nyegruk rada ditahan ti béh ditu. Duanana anteng dina rarasaanana séwang-séwangan.

 “Mamah gé ngarti. Ayeuna mah kuma Nita wé. Tapi saméméh telepon ditutup, Mamah rék ngabéjaan heula: Bapa hidep téh katabrakna basa rék indit jumahaan!”

Bep balem teu nyarita deui. Teu wasa nuluykeun. Sora nyegruk dina telepon beuki tarik kadéngéna.

***

Rohangan nu dihalangan ku hordéng bodas téh simpé. Nu atra kadéngé ngan sora anca tensiometer dina méja.

Manéhna angger dina tempatna mimiti, teu incah-incah ti deukeut ranjang tempat ngagolérna pasén. Angger kénéh nyuuh kana kasur, bari ngeukeuweuk leungeunna nu ayeuna keur teuleum dina hiji sagara -anu duka di mana basisirna.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...