Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingRebo, 31 Oktober 2012 21:43

Nyiar Élmu ka Nagri Cina

Ku Dhipa Galuh Purba

 

Ceuk hiji papatah Arab, pék siar élmu nepi ka nagri Cina. Puguh baé matak panasaran, naha maké jeung kudu nyiar ka nagri Cina sagala? Tapi sabada dicukcruk mah manahoréng geuning jawabanna natrat. Jauh saméméh ajaran Islam dilungsurkeun ku Allah SWT, bangsa Cina geus ngahontal peradaban anu kawilang luhur. Harita, masyarakat di nagri “Tirai Bambu” téh geus nyangking rupaning kabeungharan élmu pangaweruh jeung peradaban. Diantarana anu kakoncara téh élmu katabiban, keretas, bubuk mesiu jeung sajabana. Kapunjulan jeung luhurna peradaban Cina geus dipikawanoh ku nagri Arab saméméh taun 500 M.

Nya ti harita,  para sudagar jeung pelaut ti nagri Arab ngayakeun hubungan dagang jeung `Middle Kingdom' –susuluk Cina. Pikeun bisa anjog ka Cina, para pelaut jeung sodagar Arab kudu meulah lautan, miang ti Basra di Teluk Arab jeung kota Siraf di Teluk Persia, muru ka lautan Samudra Hindia. Saméméh anjog ka Cina, ngaliwatan Srilanka jeung ngarahkeun kapalna ka Selat Malaka sarta anjog ka palabuan Guangzhou anu ku urang Arab disebut Khanfu. Guangzhou mangrupa puseur niaga jeung palabuan pangjolotna di Cina.

Mangsa Islam sumebar sarta Rasulullah SAW ngadegkeun pamaréntahan di Madinah, di peuntas lautan Cina geus nyorang periode ngahijikeun rahayat jeung ngawewegan pertahanan. Nurutkeun catetan sajarah awal Cina, masarakat Tiongkok ogé geus apal kana agama Islam di Timur Tengah. Maranéhna nyebut Al-Madinah ka pameréntahan Rasulullah SAW. Urang Cina mikawanoh Islam ku sebutan Yisilan Jiao, anu hartina 'agama anu murni'; nyebut Mekah minangka tempat kelahiran 'Buddha Ma-hia-wu' (Nabi Muhammad SAW).

Aya sawatara versi ngeunaan awal Islam sumebar di dataran Cina. Vérsi kahiji nyebutkeun yén ajaran Islam munggaran disebarkeun di Cina ku cara dicandak ku sahabat Rasul anu hijrah ka al-Habasha Abyssinia (Ethopia). Sahabat Nabi hijrah ka Ethopia pikeun nyingkahan amarah kaum Quraish Jahiliyah. Aranjeunna téh diantarana; Usman bin Affan sareng bojona, Ruqayyah (putra Nabi), Sa'ad bin Abi Waqqas, paman Rasulullah SAW, jsté. Para sahabat anu hijrah ke Etopia téh ditangtayungan ku Raja Atsmaha Negus di kota Axum. Seueur diantara para sahabat anu ahirna milih matuh tur henteu mulang deui ka Arab. Nya, aranjeunna anu saterusna balayar tur anjog di daratan Cina dina mangsa kakawasaan Dinasti Sui (581 M nepi ka 618 M). Sumber séjénna nétélakeun yén ajaran Islam anu munggaran diwanohkeun ka Cina téh nyatana dina mangsa Sa'ad Abi Waqqas jeung tilu sahabatna balayar ka Cina ti Ethopia (taun 616 M). Sabada anjpg ka Cina, Sa'ad mulang deui ka Arab, sarta 21 taun ti harita balik deui ka Guangzhou bari mekel kitab suci Al-Quran.

Aya ogé anu nyebutkeun yén ajaran Islam munggaran diwanohkeun ka Cina téh dina 615 M – kirang-langkung 20 taun sabada pupusna Rasulullah SAW. Taya lian anu boga jasana Khalifah Utsman bin Affan, kalayan nugaskeun Sa'ad bin Abi Waqqas pikeun nyebarkeun ajaran Illahi ke Cina. Sa’ad dibagéakeun ku Kaisar Yung Wei ti Dinasti Tang. Éta kaisar maréntahkeun sangkan ngawangun Masjid Huaisheng atawa masjid Memorial di Canton—masjid munggaran anu ngadeg di Cina. Dina mangsa kakawasaan Dinasti Tang, Cina ngahontal kapunjulan tur jadi kosmopolitan budaya. Antukna, ajaran Islam bisa sumebar tur dipikawanoh ku masarakat Tiongkok. Sa'ad pupus di Cina taun 635 M, tur makamna dipikawanoh minangka Geys' Mazars.

Mimitina mah anu pangréana ngagem agama Islam di Cina téh nyaéta para sudagar ti Arab jeung Persia. Urang Cina anu munggaran ngagem Islam nyaéta suku Hui Chi. Ti harita, anu ngagem Islam di Cina beuki nambahan. Mangsa kakawasaan Dinasti Song, umat Muslim geus ngawasa industri ekspor jeung impor. Malah, dina éta periode kalungguhan direktur jenderal pelayaran dicangking ku urang Muslim. Saterusna, dina  taun 1070 M, Kaisar Shenzong ti Dinasti Song ngulem 5.300 Muslim ti Bukhara pikeun matuh di Cina. Tujuanana pikeun ngawangun hubungan antara Cina jeung Kakaisaran Liao di Timur Laut. Urang Bukhara matuh di antara Kaifeng jeung Yenching (Beijing), kalayan diluluguan ku Pangeran Amir Sayyid alias 'So-Fei Er'.

Mangsa kakawasaan Dinasti Mongol Yuan (1274 M -1368 M), jumlah nu ngagem Islam di Cina beuki réa. Mongol, minangka minoritas di Cina, méré kasempetan ka imigran Muslim pikeun naék status jadi Cina Han. Puguh baé pangaruh umat Islam di Cina beuki weweg. Ratusan rébu imigran Muslim ti kulon jeung Asia Tengah dirékrut ku Dinasti Mongol pikeun ngabantu ngalegaan wilayah jeung pangaruh kakaisaran. Bangsa Mongol ngagunakeun jasa urang Persia, Arab jeung Uyghur keur ngurus pajak jeung urusan duit. Harita, réa Muslim anu ngaluluguan korporasi dina awal periode Dinasti Yuan. Para sarjana Muslim neuleuman astronomi jeung nyusun kalénder. Iwal ti éta, para arsitek Muslim ngabantu ngadesain puseur dayeuh Dinasti Yuan, Khanbaliq.

Dina mangsa kakawasaan Dinasti Ming, Muslim masih mibanda pangaruh nu kuat di pamaréntahan. Malah anu ngadegkeun Dinasti Ming ogé apan Zhu Yuanzhang, jenderal Muslim kakoncara, kaasup Lan Yu Who. Taun 1388, Lan ngaluluguan pasukan Dinasti Ming pikeun nalukeun Mongolia. Teu lila, nguniang Laksamana Cheng Ho - pelaut Muslim kakoncara. Harita, imigran ti nagara-nagara Muslim mimiti diwatesanan. Muslim di Cina mimiti ngagunakeun dialék basa Cina. Arsitéktur Masjid ogé nurutkeun tradisi Cina. Dina mangsa éta, Nanjing jadi pusat studi Islam anu penting. Tapi dina mangsa harita, hubungan pangawasa Cina jeung Islam mimiti kurang akur, pangpangna mangsa kakawasaan Dinasti Qing (1644-1911). Rélasi Muslim jeung masarakat Cina beuki hésé. Dinasti Qing mahing rupaning kagiatan kaislaman, saperti  meuncit sato qurban dina Idul Adha, ngawangun masjid, tur ngalaksanakeun ibadah haji.

Anu pangparnana, taktik adu domba dijalankeun ku pamaréntah pikeun ngadukeun umat Islam anu diwengku ku bangsa Han, Tibet jeung Mogol. Akibatna éta tilu suku anu sarua ngagem Islam téh jadi silih musuhan. Kalakuan Dinasti Qing ngalantarankeun baruntakna Panthay di provinsi Yunan ti taun 1855 M nepi ka 1873 M. Sabada runtuhna kakawasaan Dinasti Qing, Sun Yat Sen ngadegkeun Republik Cina. Rahayat Han, Hui (Muslim), Meng (Mongol) jeung Tsang (Tibet) aya dina kakawasaan Republik Cina. Taun 1911, Provinsi Qinhai, Gansu jeung Ningxia aya dina kakawasaan Muslim, nyaéta kulawarga Ma.

Di Indonesia, anu kakoncara téh nyaéta Laksamana Chengho, lantaran kungsi nganjang ka Indonesia, mangsa jaman karajaan Majapahit. Chengho dilélér gelar kahormatan “Sam Po Kong”. Malah aya hiji Kuil di Semarang anu nuduhkeun karongkahan ngaran Laksamana Chengho. Harita, sikep Laksamana Chengho jeung juritna kalintang sopan tur ngajénan budaya satempat. Malah basa sawatara jurit Chengho anu rék matuh di Palembang atawa Jawa, éta muslim China téh patuh kana undang undang-undang karajaan Majapahit. Ku kituna, ti taun 1405 nepi ka1433, salila 28 taun, hubungan antara Cina jeung Asia Tenggara, pangpangna Malaka jeung Indonesia kalintang raket.

Cheng Ho téh muslim asal China anu datang ka Asia Tenggara diutus ku Emperor Cina, pikeun ngayakeun hubungan atawa diplomasi. Majalah Life nyebutkeun yén Laksamana Cheng Ho téh ngaan Islamna Muhammad Cheng Ho, diasupkeun kana tokoh dunya urutan ka-14. Cheng Ho atawa Zheng He téh turunan muslim ti Asia Tengah. Basa tentara Mongolia nyerang China, Cheng Ho dikebiri. Karirna di Dinasti Ming anu satuluyna ngalantarankeun Laksamana Cheng Ho ngayakeun misi perdamaian ti taun 1405 nepi ka 1433 ka luar nagri, saperti ka Majapahit tug nepi ka basisir kidul benua Afrika. Éta misi perdamaian téh dilakukeun saabad saméméh Vasco Da Gama balayar nimu dunya anyar.

Laksamana Cheng Ho téh nyaéta muslim yang taat. Saméméh balayar, solat heula di masjid heubeul di kota Quanzhou, wewengkon  Fujian, saméméh balayar munggaran ka Semenanjung Malaya, Sumatera, jeung Jawa. Minangka urang Hui, kumpulan étnik di Cina anu ngagem Islam, Cheng Ho geus jadi Muslim ti mimiti lahir. Pon kitu deui jurit anu milu balayar téh kabéhanana ogé muslim. Diantarana aya nu nyangkem basa Arab jeung Persia kalayan tugasna jadi penerjemah. Di antara jurit kapalna, aya nu ngaranna Hasan. Anjeunna mingpin Masjid Tang Shi di wewengkon Shan Xi. Dina catetan aejarah, Hasan gedé jasana dina ngaraketkeun hubungan diplomasi Cina jeung nagri-nagri Islam. Juritna  Chengho gedé jasana dina nyebarkeun agama Islam di tanah Jawa.

Ku ayana peran muslim sapanjang kakawasaan dinasti-dinasti Cina, puguh baé ngalahirkeun sajumlah tokoh Muslim kakoncara. Diantarana: Cheng Ho atau Zheng He (Laksamana Laut Cina anu ngurilingan dua benua dina tujuh kali ekspedisi), Fei Xin (Penerjemah andelan Cheng Ho), Ma Huan (nu nuturkeun tapak lacak Ceng Ho),  Chang Yuchun, Hu Dahai, Lan Yu, jeung Mu Ying (Jenderal anu ngadegkeun Dinasti Ming), Du Wenxiu, Ma Hualong (anu baruntak  di Panthay), Ma Bufang, Ma Chung-ying, Ma Fuxiang, Ma Hongkui, Ma Hongbin, Ma Lin, Ma Qi, Ma Hun-shan Bai Chongxi (Kelompok tentara Ma salila jaman Republik Cina), Bai Shouyi (sejarawan),  Tohti Tunyaz (sejarawan),  Yusuf Ma Dexin (penerjemah AlQuran munggaran kana basa Cina), Muhammad Ma Jian (penulis jeung penerjemah AlQuran),  Liu Zhi (penulis dina jaman Dinasti Qing),  Wang Daiyu (ahli astronomi mangsa Dinasti Ming),  Zhang Chengzhi (penulis kontemporer),  Hui Liangyu (Wakil Perdana Menteri Urusan Pertanian RRC),  Huseyincan Celil (Imam Uyghur anu dibérok di Cina), Xabib Yunic (Menteri Pendidikan Second East Turkistan Republic),  Muhammad Amin Bughra (Wakil Ketua Second East Turkistan Republic),  Noor Deen Mi Guangjiang (ahli kaligrafi),  Ma Xianda (ahli beladiri),  Ma Menta (pengurus Federasi Wushu Tongbei Rusia)

Lamun urang Arab nyarita “Pék siar élmu ka nagri Cina”, mangka urang mah teu kudu nyiar ka élmu ka nagri Cina, da urang Cina sorangan anu daratang ka Indonésia.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...