Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanHutbah Basa SundaJumaah, 21 Séptémber 2012 14:29

Merenahkeun Cinta ka Rosululloh

Ku H. Agus Halimi

Hadirin Rohimakumulloh!

Kanggo kalengkepan khutbah, mangga urang sami-sami muji ka Nu Kagunganana, nyaéta Alloh SWT, tina pirang-pirang ni’mat anu parantos dipaparinkeun ka urang sadaya. Dipirig ku panyaksi yén teu aya deui nu haq pikeun diibadahan, anging Alloh wungkul.

Nya kitu deui sholawat miwah salam, mugia dilungsurkeun ka Rosul-Na, ka para sahabatna anu nuturkeun tapak lacak Rosul-Na. Amin.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Rupina kacida pisan loyogna upami sim kuring dina khutbah anu ayeuna ngadugikeun hiji Hadits Rosululloh SAW anu aya patula-patalina jeung mahabbah ka Rosululloh SAW. Anu bisa nganteurkeun urang kana darajat iman anu sampurna. Rosululloh SAW ngadawuh, anu hartosna:

“Teu (sampurna) iman hiji jalma diantara aranjeun, nepika kaula leuwih dipikacinta ku dirina batan  nu jadi bapana, anakna jeung manusa sakabéhna”.

Éta dawuhan Rosululloh SAW téh kudu dilenyepan kalawan asak-asak nepi ka urang bisa ngalarapkeun kacinta urang ka Rosululloh SAW, kalawan hadé tur bener. Demi, kacinta éta bisa moékkeun haté manusa. Dina papatah Arab atawa basa urang ditétélakeun, “Cinta itu buta”. Lamun cinta geus ngababi-buta, bisa jadi baris ngarumpak kana watesan anu geus ditetepkeun ku anu dipikacintana.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Dina hirup kumbuh sapopoé, loba pisan pihak-pihak anu geus méré jasa ka urang, saperti indung bapa, guru, jeung jalma-jalma anu maparin kahadéan ka urang. Kaasup wajar lamun urang micinta ka jalma atawa kana perkara anu geus méré kahadéan, mangpaat, jeung kamaslahatan. Anu jadi anak, kacida wajarna micinta ka nu jadi kolotna, margi kolot geus masrahkeun nu panghadéna pikeun dirina saperti ngarumat bari pinuh ku kanyaah, ngagedékeun dirina, ngatik ngadidik nepi ka mangsa sawawa.

Saban ayat anu ngajarkeun babakti jeung ihsan ka nu jadi kolot, utamana indung, remen nyabit-nyabit kana jasa aranjeunna. Saperti ngandung dina kaayaan susah payah, ngalahirkeun nepi ka pet nyawa, nyusuan, jeung ngurus nepi ka déwasa. Alloh ngadawuh dina surat Luqman: 14, anu hartosna:

 

“Jeung satemenna Kami geus maréntahkeun manusa sangkan milampah kahadéan (ihsan) ka indung bapana, indungna geus ngandung dina kaayaan héngkér bari lungsé kacida, jeung nyapih salila dua taun. Prak geura salukuran aranjeun ka Kaula jeung ka indung bapa aranjeun, ngan ka Kaula tempat aranjeun balik”.

Nya kitu deui dina surat al-Isro ayat 23, Alloh ngadawuh, anu hartosna;

 

“Jeung Pangéran anjeun geus maréntahkeun sangkan anjeun teu nyembah salian ti Alloh, anjeun kudu hadé ka indung bapa kalawan sahadé-hadéna. Lamun salah sahiji di antara duana atawa dua-duana geus nepi kana umur kolot dina pangurusan anjeun, mangka poma anjeun ulah ngedalkeun ucapan “Ah”, poma anjeun ulah nyentak aranjeunna jeung pok geura ucapkeun ku anjeun ucapan nu mulya”.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Dina surat al-Ahqof ayat 15 Alloh oge ngadawuh, anu hartosna:

 

“Kami maréntahkeun ka manusa sangkan milampah hadé ka indung bapa, indung geus ngandung dina kaayaan hésé capé, ngalahirkeun ogé dina kaayaan lungsé. Ngandung nepi ka nyapih salila 30 bulan, nalika manéhna geus déwasa tur nepi kana umur 40 taun manehna ngadu’a: ‘Nun Pangéran abdi, mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sangkan abdi syukur kana ni’mat nu dipaparinkeun ku Gusti ka abdi sareng ka indung bapa abdi, ogé sangkan abdi bisa milampah amal sholéh nu dipikaridlo ku Gusti, mugi Gusti maparin kahadéan ka abdi ku dipaparin kahadéan ka anak incu abdi. Satemenna abdi tobat ka Gusti jeung satemenna abdi kaasup jalma-jalma anu sumerah diri ka Gusti”.

 

Pihak-pihak séjén anu geus maparin jasa ka urang, nyaéta guru. Guru mangrupa kolot atawa bapa “spirituil” anu geus nganteurkeun muridna sangkan wanoh jeung “dunya” ngaliwatan baca tulis jeung paélmuan séjénna anu diajarkeun. Jalaran kitu, kumaha kira-kira pameunteun urang, lamun aya murid anu teu mibanda rasa hormat jeung kacinta ka nu jadi guru, nu gedé jasana nganteurkeun dirina jadi manusa anu “terhormat” Tinangtu, jawabanana téh “teu nyaho balas budi”. Saterusna kedal deui pananya séjén, saha anu geus mibanda jasa ka guru urang? Tangtuna ogé guru ti guru urang. Kitu jeung kitu, nepi ka ahirna guru ti sakabéh guru nyaéta Rosululloh SAW, anu parantos mibanda jasa. Lain baé nganteurkeun manusa pikeun ngahontal kabagjaan di dunya, tapi mawa manusa pikeun ngahontal kabagjaan engké di akhérat.

Sipat-sipat Rosululloh SAW minangka guru, dijelaskeun ku Alloh dina surat at-Taubah ayat 128, anu hartosna:

 

 “Satemenna geus datang ka aranjeun hiji Rosul ti kaom anjeun sorangan, beurat kacida dirasakeun ku anjeunna katunggara aranjeun, kacida miharep kaimanan jeung kasalametan pikeun aranjeun, kacida welas asih jeung mikanyaah ka jalma-jalma mu’min”. 

 Dina ieu ayat, Alloh ngécéskeun yén Rosululloh téh mibanda sipat:

Kahiji, “Aziizun ‘alaihi maa ‘anittum (ngarasakeun kana kasangsaraan aranjeun/émpati ka murid).

Kadua, Hariishun ‘alaikum (miharep kahadéan pikeun murid-murid), jeung

Katilu, Rouufun Rohiimun (mikanyaah jeung welas asih ka nu jadi murid-murid).

Pikeun kasalametan umatna, Rosululloh kersa nandangan katungara pikeun ngada’wahkeun risalah Alloh ka ummatna. Malah panglélécé, hinaan, nepi ka pasuliwerna batu pamalédog, remen katampi ku anjeunna ti kaum nu nentang ka anjeunna. Saking nyaah tur welas asihna Rosul, kaum nu nentang ka anjeunna téh didu’akeun ka Alloh. Demi ku du’ana  nyaéta:

Allohumma ihdi qaumii fa innahum laa ya’lamuun”

(Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti maparin pituduh (hidayah) Gusti pikeun kaum abdi, maranéhna (ngalakukeun laku lampah kitu  téh) alatan henteu nyaho (kana misi anu dibawa ku abdi).

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Dina mangsa 23 taun, anjeunna tos tiasa metik hasil ngabina ummat, nepi ka meunang panglandi “khoiru ummah” (panghadé-hadéna ummat).

Dumasar kana guaran éta, hiji muslim bakal nyaho balas budi jeung pinter syukuran kana jasa anu ditarima ku dirina, baris micinta Rosululloh SAW leuwih gedé batan ka jalma-jalma anu mibanda jasa ka dirina, malah ka dirina sorangan.

 

Hadirin rohimakumulloh!

Kumaha wangun kacinta urang ka Rosululloh SAW? Sakumna jalma bakal némbongkeun kacintana ka Rosululloh SAW ku cara nu béda-béda. Aya anu miéling kajadian-kajadian penting, anu aya pakuat-pakaitna sareng diri Rosululloh SAW, ogé aya anu ngadon ceurik balilihan dina kuburanana, bari ngusap-ngusapkeun sorbanna kana pager panghalang kuburan Rosul, jeung réa-réa deui.

Numutkeun pamendak khotib mah, “Rasa sono jeung kacinta” nu buncah nalika nempo kuburan jalma anu mibanda gedé jasa pikeun ummat manusa nyaéta Rosululloh SAW, anu ajaranana ku urang diaos, dipahamkeun jeung diamalkeun di lemah cai, mungkin dianggap wajar. Teu saeutik jalma-jalma nalika jarah ka makam nabi luuh, bari nyurucud cipanon alatan didorong ku rasa kacintana. Leuwih jauhna, urang kudu tetep ati-ati, saringsing pageh kancing sariksek pageuh iket sangkan bisa nyinglarkeun diri tina ngultuskeun Rosululloh SAW.

Dina al-Quran, Alloh SWT maparin tungtunan ka nabi-Na sangkan tetep nétélakeun ka ummatna, yén anjeunna téh manusa biasa, teu béda ti manusa sakumna. Dina surat Al-Kahfi ayat: 110, Alloh ngadawuh, anu hartosna:

 

“Satemena kaula mah manusa biasa saperti aranjeun, anu diwahyukeun ka kaula: ‘Satemenna Pangéran aranjeun téh nyatana Pangéran nu hiji’. Sing saha jalma anu ngaharepkeun pikeun amprok jeung Pangéranna, mangka kudu milampah amal sholéh, ulah nyakompétdaunkeun Alloh jeung mahluk-Na nalika ibadah ka Mantenna”.

Dina surat al-Fushilat: 6, Alloh ngadawuh, anu hartosna:

 

“Satemenna kaula mah manusa biasa saperti aranjeun; diwahyukeun ka kaula: ‘Satemenna Pangéran aranjeun téh nyatana Pangéran nu hiji, aranjeun kudu tetep dina jalan nu lempeng ka Mantenna jeung aranjeun kudu ménta hampura ka Mantenna. Jeung kacilakaan nu gedé pikeun jalma-jalma nu nyakompét daunkeun Matenna”.

Panétélaan saperti anu kaunggel dina ayat-ayat diluhur tadi, kantos dikedalkeun ku Rosululloh ka hiji jalma anu nyium panangan anjeunna minangka panghormatan ka anjeunna. Anjeunna narik panangan anu dicium, lajeng ngadawuh: “Laku lampah saperti kieu téh biasa dilakukeun ku jalma-jalma séjén ka raja-rajana!” (anjeun teu pantes ngalakukeun laku lampah saperti kitu, sabab kaula mah saukur manusa biasa saperti aranjeun!”)

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Aya riwayat anu kudu jadi bahan lenyepaneun urang saréréa ti hiji sahabat jeung bujang nabi SAW, nyaéta Tsauban. Saking cintana ka Nabi SAW, padahal tos teu sasarengan deui sareng anjeunna, badan Tsauban jadi begang, kuru, bari rarayna ogé sepa, teu bina ti mayit alatan nandangan kasedih anu taya dikieuna, jauh ti Rosululloh SAW.

Nalika paamprok, Rosululloh SAW nalék ka Tsauban ngeunaan kaayaan dirina. Tsauban ngajawab: Dirina begang saperti kitu téh alatan kacintana ka Rosululloh SAW. “Lamun abdi ngémut akhérat, abdi hariwang kumaha lamun abdi teu paamprok deui sareng Rosul. Demi kanjeng Nabi lebet ka sawarga, tinangtu bakal aya jeung ngumpul bareng sareng para Nabi, abdi moal tiasa nepangan rosul deui”, kitu waler Tsauban. Lajeng Alloh nurunkeun wahyu ka Rosululloh SAW, nu kaunggel dina surat An-Nisa: 69, anu hartosna:

 

“Sing saha jalma nu taat ka Alloh katut Rosul-Na, mangka satemenna éta jalma bakal bareng jeung jalma-jalma nu dipaparin ni’mat ku Alloh, nyaéta para Nabi, para shiddiqin (jalma nu pengkuh kapercayaanana kana bebeneran ti Rosul) jeung jalma-jalma nu maot syahid, ogé jalma-jalma sholéh. Maranéhna kaasup panghadé-hadéna sobat”.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Ciri-ciri hiji jalma mibanda kacinta ka Rosululloh bari bener, nyaéta;

Kahiji, taat ka Rosululloh Saw minangka bukti tina kataatan dirina ka Alloh SWT.

Kadua, ngalakasanakeun sagala paréntah Rosululloh jeung ngajauhan sagala rupa nu dipahingna.

Dawuhan Alloh dina surat Ali Imron ayat 31-32, anu hartosna:

 

“Lamun aranjeun bener-bener micinta Alloh, prak tuturkeun kaula, tanwandé Alloh baris mikanyaah tur ngahampura kana sagala dosa-dosa aranjeun”. Alloh Maha Pangampurana tur Maha Asih.

 

Katilu, ngucapkeun sholawat miwah salam ka anjeunna, sakumaha Alloh katut para malaikat-Na sholawat ka anjeunna minangka tuladan pikeun urang. Dawuhan Alloh dina surat al-Ahzab ayat 56, anu hartosna:

 

“Satemenna Alloh katut para malaikat-Na sholawat ka Nabi. Yeuh jalma-jalma nu ariman, prak aranjeun kudu sholawat ka nabi jeung pok ucapkeun ku aranjeun salam panghormatan ka anjeunna”.

 

Hadirin Rohimakumulloh!

Mugia urang kaasup golongan jalma anu micinta Rosululloh SAW bari bener, luyu jeung papagon katut aturanana, henteu tigebrus kana laku lampah syirik, nepi ka urang bisa paamprok jonghok tur sasarengan sareng anjeunna, engké dina poé kiamah. “Satemenna hiji jalma bakal babarengan jeung jalma anu dipikacinta ku dirina”. Kitu dawuhan Rosul dina salah sawios haditsna.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...