Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingSalasa, 18 Séptémber 2012 06:34

Haté Dipiara, Hirup Bakal Sugema

Ku Rudi H. Tarmidji

Mangga urang sami-sami mulasara takwa urang ka Gusti Nu Maha Suci, sabab ngan jalma nu takwa anu baris pinanggih jeung katengtreman hirup boh di dunya boh diaherat. Takwa dina harti anu gemleng milampah sakur parentah jeung nyegah sakur larangan Gusti. Takwa ogé dina harti milampah amal soleh anu mangpaat keur dirina ogé keur anu sejenna. Margi, satiap manusa anu waras tur normal akalna tangtu salilana miharep sangkan panggih jeung kabagjaan, hayang hasil anu dimaksud, hayang senang, hayang aya dina kasugemaan hirup. Embung cilaka, embung gagal, embung susah, embung hirup teu sugema. Éta sadaya cita-cita urang sadaya. Rek nu beunghar rek nu masakat, yakin ari dina hatena mah, kabeh ogé hayang hirup sugema, bagja dunya bagja aherat.

            Hirup téh pamadegan jeung perjuangan. Kitu kituna umat Islam ogé kudu boga pamadegan sarta berjuang pikeun ngalaksanakeun tugas manusa di alam dunya. Dawuhan Alloh, "wama kholaktul jinna wal insan illa liya'budun." Tugas manusa di alam dunya ieu, teu aya sanes mung pikeun ibadah ka Alloh. Digubragkeunana manusa ka alam dunya téh, supaya jadi khalifah, pamingpin pikeun ngama'murkeun jeung ngaraharjakeun saeusi alam. "Wahuwal ladzii ja'alakum kholaaifal ardi warofa'a ba'dhokum faoqo ba'din darojaatin liyabluwakum fii maa 'ataakum, inna robbaka syari'ul 'iqob, wainnahu lagofuururohiim". Hartosna: "Jeung nya Anjeunna anu ngajadikeun aranadika khalifah di bumi, jeung Anjeunna munjulkeun darajat sabagian ti antara arandika batan anu sawarehna deui, pikeun nguji arandika perkara saniskara anu geus didatangkeun ka arandika. Saéstuna pangeran andika téh gancang pisan nyiksa-Na, jeung Saéstuna Anjeunna téh Mahajembar Pangampura tur Mahaasih. (Al-An'am ayat  165).

            Pikeun ngajalankeun tugas mulya éta, manusa ogé dipasihan anugrah jeung nikmat, nyaéta manhaj al-hayat (aturan hirup) jeung wasilah al-hayat  (sarana pikeun hirup). Ni'mat manhaj al-hayat, nu diturunkeun ku Alloh ka manusa ngalangkungan Al-Qur'an jeung Sunnahna, aya nu bentukna kudu dilakukeun, atawa nu ulah dilakukeun, atanapi istilah lain aya nu ngaranna wajib, haram, sunah, mubah jeung makruh.

            Maksudna aya manhaj al-hayat téh, iwal pikeun ngajamin kasalametan manusa sangkan sugema sugih mukti dialam dunya ieu ieu. Salamet tina jiwa ragana, salamat tina kayakinanana, salamet tina akalna, katurunana, atawa salamet tina bekel hartana. Jeung éta pisan nu ngaranna al-haajat al-dlaruriyyah, kabutuhan pokok dina kahirupan sapopoe.

            Kumargi kitu, sangkan urang Saéstuna miharep kabagjaan sareng hirup sugema bari napak dina aturan hirup sareng syukur ni'mat dina ngagunakeun sarana hirup, Rosululloh SAW ngajarkeun du'a ka urang sadayana. Sakumaha kaunggel dina hadits riwayat Tirmidzi : Allohuma inni as'alukash shabata fil amri wa as'alukal 'ajimah firrusdi wa as'aluka sukro ni'matika wahusna 'ibadadatika wa as'aluka lisanan soodiqo waqolban saliima. Ya Alloh, Abdi nyuhunkeun ditetepkeun hate abdi mayunan saneskanten urusan, mugi abdi dipasihan katetepan dina pituduh mugi abdi sing tiasa syukur kana ni'mat Gusti, mugi abdi sing tiasa sae dina ibadah ka Gusti, mugi Gusti masihan lisan anu bener, sareng mugi Gusti nengtremkeun hate abdi."

            Upami dititenan tina pidawuh Rosulullloh di luhur, aya genep rupi nu kedah diemutan.

            Kahiji, Mugi dipasihan hate anu panceg dina mayunan sagala urusan.

            Ayana aturan hirup, sapertos élmu mu'amalah, syiasah, akhwalussyahsiyah jeung sajabana, hakikatna mah sangkan manusa téh tias hirup nu hayatan thayyibah. Dawuhan Alloh:, "Man 'amila solihan min dakari wa unsa wahuwa mu'minun, falanuhyiyyannhu hayyatan toyyibatan, walanaj jiyannahum ajrohum biahsani maa kaanu ya'malun." Hartosna : "Sing saha anu ngalampahkeun amal soleh, boh lalaki boh awewe sarta manéhna keur dina kaayaan iman, nya Saéstuna Kami bakal ngahuripkeun manéhna dina kahirupan anu hadé, jeung Saéstuna Kami bakal maparin ganjaran ka Maranéhna ku ganjaran anu leuwih hadé batan anu diamalkeun ku Maranéhna."

            Naon sababna? margi dina hirupna manusa pasti bakal pinanggih jeung rupa-rupa urusan. Ari datangna urusan henteu kudu waé jadi presiden, dalah jadi ketua RT ogé apan kurang kumaha urusan téh geuning loba waé. Éta téh urusan nu aya patalina jeung jalmi lianna, dalam urusan nu pangbeuratna saleresna urusan jeung urang sorangan. Sadaya jalmi moal pegat jeung hiji urusan.

            Ku kituna dina nyanghareupan sagala urusan diperlukeun sikep hate anu anteb, hate anu panceg, anu kuat tur kokoh atanapi istiqomah téa. Kitu deui, nu namina urusan henteu kaalaman jaman kawas ayeuna, tapi kapungkur ogé sami jaman Rosululloh ogé teu petot-petot jeung sagala urusan. Saur utusan kaum Quraisy ka Kangjeng Rosul : "Muhammad lamun seug anjeun nyebarkeun agama anyat téh lantaran hayang harta nu loba, ku kami rek diangkat jadi pamingpin asal anjeun ngeureunan nyebarkeun éta agama, atawa anjeun hayang awewe anu geulis, ku kami rek pangneangankeun sa kota Mekkah, asal anjeun ngeureunan usaha anjeun.

            Di luhur tadi hiji conto, yén tilu gogoda dina sagala urusan, kayaning harta tahta jeung wanoja éta téh geus ditawarkeun ka Kangjeng Nabi. Tapi Kangjeng Rosul nu istiqomah, hatena panceg nepikeun da'wah Islam nu karasa nepi ka urang ayeuna. Jadi, intina mah urang kedah salawasna panceg dina kaislaman sareng kayakinan ka Gusti Alloh Swt.

Kadua, élmu jeung kapinteran anu mangpaat. Dawuhan Rosululloh SAW : Man aroda dunya fa'alaihi bil'ilmin waman arodal akhiroti fa'alaihi bil 'ilmi waman aroda huma fa'alaihi bil'ilmi. Sing saha anu hayang dunya kudu boga elmuna, sing saha jalma nu hayang aherat kudu boga elmuna, sing saha jalma nu hayang dua-duana ogé kudu ngabogaan élmu.

            Ngan nyakitu dina prak-prakana mah tolab élmu téh aya nu mangpaat aya nu mantak madarat. Al-Qur'an negeskeun, saha jalma nu hayang diluhurkeun darojatna mangka kedah luhur elmuna. Hartina darojat dina palebah deui téh darojat nu mangpaat, nya elmuna ogé anu mangpaat.   

            Katilu, Syukuran kana ni'mat Gusti. Manusa Mémang wajib syukuran ka Gusti Nu Mahasuci.  Manusa nu geus dipasihan aturan hirup, dipasihan deui ku Alloh nu ngaranna wasilah al-hayat, nyaéta ieu alam dunya, langit, cai, laut, tutuwuhan, sasatoan, jeung sajabana. Naon kawajiban manusa kana éta wasilah al-hayat, ngurus jeung ngama'murkeun éta alam pikeun syukuran ka Alloh.  "Huwal ladzii kholaqolakum maa fil ardi jami'an tsummas tawaa ilas sama'i fasawwahunna sab'as samawaati wahuwa bikulli shaein 'aliim." Hartosna : "Nya Anjeunna nu ngayugakeun saniskara anu aya  di ieu bumi pikeun maranéh, tuluy Anjeunna ka luhur, tuluy Anjeunna ngayugakeun langit tujuh. Jeung Anjeunna maha uninga kana sagala perkara."

            Kitu deui, masalah harta banda, éta ogé sadayana kalebet wasilah al-hayat amanah Alloh, mangrupa titipan, 'as a trust'. Manusa mung sakadar nyekel amanah, sabab manusa teu bisa nyieun harta banda. Harta banda ogé sakadar hiasan hirup wungkul. Manusa bisa sombong atawa agul alatan boga harta banda. Tapi manusa ogé bakal toat, syukuran, alatan harta banda. Gumantung kana iman jeung takwana manusa ka Alloh. 

            Ari ngaran syukur upami digariskeun badagna mah ka bagi kana dua bagian, ni'mat fitri anu datangna mangrupa ni'mat anu dibawa ti barang lahir ka alam dunya kayaning awak sapuratina anu lengkep. Anu kadua nyaéta ni'mat anu geus nyampak di ieu alam dunya nalika manusa hirup, mangrupa fasilitas sarana téa. Ku kituna kana rupaning ni'mat nu tos dipaparin ku Gusti, urang téh kedah sukuran. "Yaa ayyuhal ladziina aamanu anfiqu min toyyibati maa kasabtum." (Yeuh jalma-jalma nu ariman, geura dermakeun sabagean tina hasil usaha maranéh anu hadé). Ngokolakeun harta banda, nu jadi barokah, bakal jadi tengtrem pikeun manéhna sorangan, lamun harta éta didermakeun deui kana perkara nu hadé, éta ogé sukuran. Kitu deui, usaha-usaha nu bakal nengtremkeun manusa, nyaéta usaha nu hadé, usaha nu sapagodos sareng manhaj al-hayat, éta ogé kalebetna sukur ni'mat.

            Kaopat, ibadah anu ngadatangkeun kahadéan. Dawuhan Alloh SWT, Walladziina djahaduu fiina lanahdiannahum subulana wa innalloha maal muhsiniin. Hartosna: Jeung jalma-jalma anu digawena tihothat dina urusan Kami, Saéstuna Kami baris mere pituduh ka Maranéhna kana jalan Kami, jeung Saéstuna Alloh marengan jalma-jalma anu milampah kahadéan.

            Sakumaha dawuhan Alloh di luhur, yeh nu ngarana nyareat atawa usaha bari keyeng, tangtu Alloh ogé bakal marengkeun. Ngan jelas usaha nu diparengkeun mungguh Alloh téh nya éta usaha nanjeurkeun kahadéan. Bebela ka nagara, usaha sangkan aya kamajuan dina urusan kulawarga atawa dina nyuprih élmu, nya ukuranana usaha dina kahadéan. Dina kalimah "dina urusan Kami, tangtu dina perkara nanjeurkeun agama Alloh. Naon dasarna, nyaéta iman téa. Margi Iman ka Alloh tiasa disebat prima causa. Hiji ukuran dijieun salamet atawa henteuna manusa hirup di dunya atawa engke di yaomil aherat, gumantung kana kayakinana. Rek usaha naon waé dina urusan kamaslahatan agama, moal leupas ogé tina kamaslahatan dirina. Éta nu ngaranna ibadah nu ngadatangkeun kahadéan.

            Kalima, lisan atawa ucapan anu bener.  Pidawuh Rosululloh, man salimal muslimuna millisanihi wayadihi, nu namina muslim téh nyaéta jalmi nu salamet tina lisanna jeung salamet dina leungeunna.

            Lisan téh kaasup salah sahiji kurnia Alloh anu kacida pitalna. Ku kisan manusa bisa nangtukeun salamet atawa cilaka. Ku kituna pantes upama dina Islam kedah leres-leres tiasa mulasara lisan sahadé-hadéna. Sabalikna jalmi nu teu bisa ngajaga lisanna mangka sarua jeung hirupna kawas jalma nu teu waras. Nu dikedalkeun téh teu aya mangpaatna.

            Kagenep, hate nu mantak tengtrem. Sagala amal manusa ditangtukeun ku hatena. Ruksak jeung henteuna amal manusa gumantung kana hatena. Alaa wainnal jasadi mudgotan ida aslahat solahal jasadu kulluhu waida fasadat fasadal jasadu kulluhu, alaa wahiyal qulbu. "Inget! Saenyana dina awak téh aya sakeupeul daging, upama éta sakeupeul daging téh alus mangka baris alus sakabeh awakna, jeung upama éta sakeupeul daging téh ruksak mangka baris ruksak sakujur badanna, inget éta téh hate."

            Ari hate, numutkeun sabagian katerangan kabagi kana opat. Kahiji, hate nu beresih herang  gagenclang, nu kiut nu disebut hate nu ariman. Kadua hate anu hideung, nyaéta hatena jalma-jalma nu kalapir. Katilu hate anu rumeuk, nyaéta hatena jalma-jalma anu munafik, ati mungkir beungeut nyanghareup téa. Kaopat, hate anu kacau nyaéta hatena jalma-jalma anu nyampurkeun antara iman, kufur jeung nifak. Ku kituna, hayu jaga hate urang sangkan beresih, hate nu ayem tengtrem dieusian ku kaimanan ka Gusti Alloh Swt. Yaoma laa yangfa'u maaluw walaa banuuna illa man ataalloha biqolbin saliim. Dina poe kiamat teu aya gunana harta jeung anak kajaba manusa anu datang ka Gusti Alloh bari mawa hate anu ayem tengtrem. (As-Syu'ara: 88-89). Mudah-mudahan Alloh Swt. salawasna masihan putuduh ka urang sadayana. Amin ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...