Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaUnak-anikSalasa, 18 Séptémber 2012 05:53

Celempung Jeung Celempungan

Ku Nana Munajat
SN
Celempung diadumaniskeun jeung keprak sarta dogdog [Potret: Nana Munajat]

 

Nurutkeun Kamus Basa Sunda karangan RA. Danadibrata, celempung téh tatabeuhan tina awi, gombong, bitung saruas dikurung ku buku. Carana nyieun celempungan nyaéta nyadiakeun heula awina, terus disopak tur ta di tengah-tengah sopakan téh diliangan siga kohkol. Sisi sopakan hinisna kénc-katuhu dicokél, anu engkéna minangka jadi senarna, jeung sangkan disadana bisa ngeleter harus. Handapeun tungtung senarna diganjel ku rokrak minangka inangna.

Naha jaman kiwari masih kénéh aya dikieuna wanda celempung téh? Puguh baé aya. Salahsaijina bisa dipaluruh di Kampung Budaya Kolécér. Saban aya tamu nu ngadongdon ka Kampung Budaya Kolécér  Kampung Bolang, Désa Cibuluh, Kacamatan Tanjungsiang, Kabupatén Subang, sok dipapag ku kasenian celempung jeung celempungan katut rupa-rupa kulinan barudak, kayaning kokolécéran, wawayangan, ngadu panggal jeung jajangkungan. Seni celempung ditabeuhna ku barudak, demi celempungan ditabeuhna ku  rumaja jeung déwasa.

Celempungan téh husus keur ngabageakeun tatamu minangka seni keur pangbeberah manah. Nu narabeuhna barudak bolon. Kilang kitu, boh cara nabuhna, boh pola nabeuhna éstu ngalagena. Gending bubukana ku sora celempung, ditémpas ku sora keprak, dituyun wirahmana ku sora dogdog. Dina gending bubuka nu narabeuh téh ngariung. Dina waktu ngabagéakeun tamu, nabeuhna bari leumpang, ngawangun barisan, wangun garapna kawas seni helaran.

Seni celempungan mangkat laguna ku rebab, ditéma ku kacapi, dituyun ku tepak kendang, diantebkeun ku sora goong. Lebah lalaguan teu béda jeung seni kiliningan, pon kitu deui lagu nu dipidangkeun nyoko kana lagu-lagu kiliningan, kayaning Kembang gadung, Kidung, Polostomo, jeung lagu séjénna. 

Dina palataran seni karawitan Sunda istilah “celempung” jeung “celempungan” mibanda harti anu béda. Celempungan mangrupa jenis kasenian anu waditrana dijieun tina awi, ari celempungan mangrupa jenis kasenian anu piriganna maké kacapi, suling (atawa rebab), kendang, kecrék jeung goong. Nu dina pintonana méh sawanda jeung seni kiliningan. Upama nilik kana kecap asalna, asa teu kudu jadi beda. Lebah dieu ahéngna téh, ku ditambahan rarangkén tukang “an” hartina ogé milu robah, padahal asal kecapna tina celempung. 

Naon atuh celempung téh? celempung hiji alat waditra nu bahanna tina awi. Ari awi anu dijadikeun bahanna bisa tina awi hideung, awi tali, awi gombong atawa jenis awi séjénna. Awi nu rék dijieun celempung, mangrupa awi guluntungan panjangna dua buku atawa dua ruas. Bagéan puhuna dibolongan, kitu deui bagéan tengahna. Hinis bagéan hareup disebit, atawa dicokél kalayan legana hinis nu disebit kira-kira sagedé curuk kolot, Hinis nu disebit lobana dua lambar, jarakna 4 sénti. Anu tukang ditunjel bagéan tengahna, demi hinis bagéan hareup maké babantal, rubakna 4 cm, panjangna 4,5 cm, dipasang lebah liang resénator. Hinis anu tukang minangka kawat atawa senarna, ari anu hareup pungsina keur ngagoongan. Bolong bagéan puhu lebah kénca pungsina keur ngendangan.

Di wewengkon Kampung Bolang Cibuluh, seni celempung ku alpukahna komunitas “Hong” pingpinan Moch. Zaini diadumaniskeun jeung keprak sarta dieuyeuban ku dogdog. Pangna dirarangkénan ku keprak jeung dogdog nurutkeun Moch. Zaini ngarah euyeub tur leuwih dinamis. “Sabenerna ku celempung wungkul ogé geus cukup, sangkan leuwih karasa mibanda kakuatan dinamika dina lebah sora jeung wirahma direureueus ku waditra nu sawanda jeung sawarna, nu alatna tin awi jeung tina kulit,” kitu ceuk Zaini.

Seni celempung asalna mah lain seni pintonan, tapi mangrupa alat keur kaulinan atawa cocoan barudak. Méh di saban lembur dina mangsa urang Sunda masih kénéh dalit jeung dapuran awi, alat kaulinan  téh karéréanna tina awi, diantarana alat kaulinan anu sok dipaké mirig kakawihan nyaéta celempung.

“Biasana celempung dipaénkeunna ku sorangan, atawa dina wangun tunggal, eta téh mangrupa gambaran masarakat pahumaan, nu hirupna loba nyorangan. Teu anéh mun di lingkungan masarakat pahumaan medal alat-alat kasenian nu bisa dipaénkeun ku sorangan,” ceuk Zaini. Seni celempungan nu geus ditata jadi seni pintonan, teu deui dipidangkeun sacara tunggal, tapi dina wangun ensamble. Éta téh cenah mah sangkan sorana mibannda warna anu rupa-rupa. Enya baé seni celempungan nu geus diolah ku komunitas “Hong” téh bisa ngahasilkeun wanda anyar. Sakapeung sorana ngaharib-harib sora réak, sakapeung kawas nu réréogan, tapi sora celempungna kadéngé masih kénéh atra. Tapi palebah helaran, sora celempung kasilep ku sora dog-dog. Dina lebah dieu boh jumlah boh ukuran celempung kudu leuwih undak, sangkan bisa ngimbangan sora dog-dog.

Seni celempung lian ti keur pakét pintonan, ogé keur lahan atikan. Ngaliwatan seni celempung, komunitas Hong hayang méré atikan ka barudak sangkan mikawanoh kana banda budayana.”Sanajan jauh ka dayeuh, ari pangaruh budaya deungeun mah geus mahabu. Ku asupna televisi  ka padésaan, barudak geus dibibita ku rupa-rupa hiburan jeung alat kaulinan nu teu luyu jeung jati dirina. Mudah-mudahan baé ku ayana komunitas Hong, barudak lembur wanoh deui kana seni jeung kaulinan tradisi,” ceuk Tahyub, guru SMPN 1 Tanjungsiang. Ari hantem dikereuyeuh  diwanohkeun kana seni jeung kaulinan tradisi, barudak jeung kalangan kaum rumaja témbong dalit jeung bangun reueus kana banda budayana.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Roy Ruswita

Nuhun Ah, asa beuki beunghar jadi urang sundateh

Desa Cilembu

jadi makin paham soal seni celempungan yang rasanya makin redup pamornya dibandingkan dengan kesenian tradisional sunda lainnya. terimakasih informasinya, semoga pihak terkait maikn memperhatikan nasib penabeuh na. salam sehat selalu

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...