Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita BarudakJumaah, 14 Séptémber 2012 05:16

Lalakon Gan Aung

Ku Pipiet Senja
SN
Ilustrasi [Potret: Turi Syahdarina]

 

KOCAP carita di hiji leuweung simagonggong, Agan Aung ujug-ujug katerap kasakit ahéng. Beuteungna henteu weléh kukuruwukan, hayang baé barang hakan. Ahéngna téh, sanajan geus ngaremus sasatoan anu laleutik, beuteung Agan Aung angger kukuruwukan. Lamun geus kalaparan, Agan Aung murang-maring. Ambek-ambekan!

 “Haaauuuung…. Haaauuung!”

Agan Aung gegerem handaruan, sorana matak ngageunjleungkeun pangeusi leuweung. Sasatoan sabangsaning  marmot jeung kelenci mah kontan wé ngabalalecir. Nyarumput dina sayangna, ngaharéphép, sarieuneun kalaluar.

Sakali mangsa Aden Ajag méré paséhat, magarkeun téh, “Hayang cageur panyakit lapar mah, kudu ngaremus munding atawa sapi geura!”

“Naha bisa kitu?” Agan Aung nalengteng. Sanajan pikasieuneun ogé, ari uteukna mah rada-rada télmi alias odob téa.

“Apan munding mah awakna badag enjum, Gan Aung. Matak seubeuh popoéan geura!”

Agan Aung nurut. Kier wé manéhna balangsiar, pangpangna mah nyiar munding téa. Lumayan capéeun, bubuhan munding sakulewedet bubuarana jauh ti pileuweungan. Deukeut ka lelewek bangsa manusa.

“Haaauuung… lobaan geuningan, euy!” Agan Aung ngahuleng barang nénjo munding sakulewedet mani pasedek-sedek di kandang. Belecet wé lumpat, nyingkahan wewengkon sakadang munding. Ambek nyedek tanaga midek téa, murang-maring wé!

Antukna Agan Aung uleng mikir. Sanajan odob ogé ninggang ku kasieun mah uleng tah uteukna.

Ceuk gerentes haténa, “Lamun aing ngerewek hiji munding, tangtu anu lianna moal cicingeun. Matak malik ngerepuk aing atuh. Paéh ké aingna? Hiiih, embung teuing, deuleu!”

Adén Ajag anu nuturkeun méré paséhat deui, “Gampaaang! Téwak wé anu keur malaweung. Hég sosoranganan!”

“Bener kudu kitu, euy!” Agan Aung mani jigrah, émprak-émprakan sagala. Adén Ajag ukur seuri maur, mireng Agan Aung ngaberung deui muru wewengkon sakadang munding.

Agan Aung tuluy ngadodoho ti kajauhan. Ngileng-ngeleng sugan aya munding sosorangan bari malaweung. Awahing ku panteng nyacapkeun kahayang, antukna Agan Aung hasil. Bréh wé katenjoeun aya munding leutik sosoranganan.

Tayohna anak munding téh henteu daék guyub jeung baturna. Karesepna ulin sorangan. Hég kituna téh bari malaweung. Tah, keur panteng-pantengna ngalamun, ana gapruuuk téh… Agan Aung ngerewek pundukna!

“Ajoooouw…!” anak munding kokocéakan.

“Hauuung… beunaaang siaaah!”

Agan Aung hasil ngerewek munding leutik kalawan gampang. Diséréd wé ka nu suni, tuluy dihénggoy mani nikmateun naker. Sésana disumputkeun handapeun tatangkalan anu liuh.

“Kumaha, kasakit lapar téh, Gan Aung?” Adén Ajag nalengteng basa panggih deui jeung Agan Aung.

Bari kutap-kétap kénéh, Agan Aung ngagerem, “Heueuh, aya benerna omongan manéh. Beuteung téh henteu kukuruwukan deui, yeuh!”

“Moal méré kitu ka kuring, Gan Aung?” Adén Ajag milu kumetap, kabitaeun. Dialungan saeutik ogé geus bungaheun.

Barang sisimpenan mundingna geus béak, der deui wé beuteung Agan Aung kukuruwukan. Malah karasana téh mingkin rosa. Tangka aduglajer bari gegereman, mingkin ngeundeurkeun leuweung.

“Kudu kumaha mun geus kieu, yeuh, Jaaag?” nalék ka Adén Ajag.

“Kudu ngakan munding gedé geura,” témbal Adén Ajag.

“Munding gedé, nyah? Euh, teu wani, euy!” Agan Aung nyengir.

“Naha maké teu wani, Gan Aung?”

“Kumaha ké mun batur-baturna ngerepuk? Béak meureun awak téh digadil tanduk maranéhna,” Agan Aung humandeuar.

“Atuh ulah dina kandangna, Agan Aung…”

“Gancang nyaritana, bisi dikerekeb ké!” Agan Aung henteu sabaran deui.

“Mun keur marandi di wahangan geura,” Adén Ajag deui-deui méré paséhat. Da hayang dibéré daging munding pasésaanana.

“Euh, enya nya…!”

Agan Aung ngabelenyeng ka sisi wahangan. Der wé ngadekeman munding anu keur ngarinum jeung marandi. Kapireng aya munding bikang mandina mandeurikeun manéh. Éta cenah genah kénéh kokojayan. Padahal ku babaturanana geus diwanti-wanti, sangkan ulah pajauh tinu lian.

Dasar wé hayang mawa karep sorangan!

“Hauuung….”

Gabrug, gudal-gadil, gudal-gadil, kerejet, héékkk… hoos wé!

Siga méméhna, munding téh ku Agan Aung dihénggoy sawaréh. Sésana disumputkeun keur isukna deui. Adén Ajag siga kamarina dialungan saeutik. Sakapeung manéhna ngabongohan, ngeteyep lalaunan hég milu ngadekeman pependemanana… Happps wé, dipalingan!

Hiji, dua, tilu… sapuluh wé munding anu geus dikerewek ku Agan Aung. Abah Tani anu boga munding puguh wé ambekeunana mah. Hiji peuting mah badami wé jeung anak pamajikan.

“Meni hayang ngajedor wé tah maung sétan téh!” Abah Tani murang-maring.

“Enya, tapi urang teu boga bedilna, Abah,” ceuk Ambu Tani.

“Sugan Nyai boga ideu? Da Nyai mah nyakola,” Abah Tani meredih ka anak hiji-hijinya, nyaéta Si Nyai.

Sabada uleng nyiar piakaleun, belenyéh wé Si Nyai imut. Puguh Abah Tani jeung Ambu Tani ku karék mireungeuh imutna ogé geus bungaheun. Bubuhan Si Nyai mah di sakolana ogé apanan réngking baé.

“Urang eupanan ku landak geura, Abah, Ambu. Maksud téh kieu, landakna urang bulen ku aci jeung tarigu, niron-niron daging…”

“Hadé pisan akal téh, Nyai!” Abah Tani reueus.

“Anak saha heula atuuuh, anak Ambuuu!” ceuk Ambu Tani milu reueus.

“Apan jeung abah ngajieunna… hayoh…!”

Caritana Abah Tani néwak landak, tuluy dibulen ku aci jeung tarigu beunang nyipuh. Ti kajauhan mah nyeplés daging. Ari mundingna disumputkeun dina kandang anu tohaga. Tara diiangkeun deui ka wahangan.

Kocapkeun Agan Aung geus kalaparan deui baé. Aya popoéan manéhna tara manggihan deui munding ngulampreng di wahangan. Tapi poé éta Agan Aung mireungeuh… Lakadalaaah!

“Daging munding, yeuh! Pasésaan aing kitu?”

Awahing lapar, landak bulenan téh kontan dicapluk, disakalikeun… kreeeek, kreeekkk!

Agan Aung reuwas kabina-bina. Panonna molotot buncelik, jaban mimiti karasa rungseb dina sungutna. Bulu-bulu landak nyarocogan létah, lalangit, huuuaaah, kabéh wé!

Adén Ajag anu osok ngiclik nuturkeun, kabarérang. Agan Aung adug songkol, mabét-mabétkeun awakna, jebréééd wé ngababét Adén Ajag. Gulitik, gulitik, gujubaaaar… Adén Ajag ngagujubar kana wahangan, kabawa cai anu keur sumedeng ngagulidag.

Isukna Abah Tani, Ambu Tani jeung Si Nyai ngahaja néang ka wahangan. Kasampak maung téh geus ngajurahroh sisi wahangan. Sungutna calangap baloboran getih. Landakna mah duka ka mana.

“Geus paéh tatéh, Abah?” Ambu Tani naléngténg, sieuneun kénéh. Si Nyai ogé undur-unduran tukangeunana.

Abah Tani mariksa maung kalawan gemet. “Bener, paéh béakeun getih sigana mah…”

“Alhamdulillah…” ceuk Ambu Tani bareng jeung Si Nyai.

Ti harita mah leuweung téh aman. Tara kadéngé deui sora maung gagauran, kalaparan teu euih-euih. Éta oge aya kénéh Agan Inga, ngan geus teu beukieun daging. Bubuhan geus kolot, kari nganti-nganti wancina dipundut ku Anu Agung.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...