Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingRebo, 12 Séptémber 2012 00:30

Tilu Rupa Karugian, Balukar Ngajauhan Ulama

Ku Rudi H. Tarmidji
SN
Ilustrasi [Potret: Dokumentasi Teater Senapati]

 

Dawuhan Alloh Swt. dina surat Al-Araf ayat 96 : Walao anna ahlal quuro aamanuu wattaqao lafatahna 'alaihim baarokatim minassama'i wal ardi, walakin kaddabu faahodnahum bimaa kaanu yaksibun. Nu hartosna kieu : "Cacakan pangeusi éta nagri ariman sarta takwa, tanwande Kami maparin kurnia ka Maranéhna rupa-rupa berkah ti langit jeung bumi, tapi Maranéhna ngabohongkeun. Nya kami nibankeun siksaan ka Maranéhna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku Maranéhna".

Kitu deui Kangjeng Rosul kantos ngadawuh : "Baris datang ka umat kaula hiji jaman di mana Maranéhna ngajauhan para ulama jeung ahli fiqih (hukum agama). Mangka Alloh nurunkeun cocoba ka Maranéhna ku tilu cocoba, nyaéta : hiji, Alloh ngaleungitkeun berkah tina kasab (gawe) Maranéhna. Dua, Alloh ngawasakeun ka Maranéhna salah saurang pangusaha nu dolim. Tilu, Maranéhna kaluar ti ieu dunya (maot) dina kaayaan teu aya iman".

Kiwari, mangsana Miéling kamerdekaan nagara nu ka 62, tetela yén kamerdekaan hirup kumbuh hiji bangsa, bakal mangaruhan pisan kana batin, sikep, lampah, jeung hasil perbuatan urang. Anapon kitu sangkan paripolah urang teu ponteng ka nu koneng cueut ka nu hideung, senang susah moal wawarehan, dina ngajalankeun hirup kumbuh téh kedah dipilari kaadilan nu mantak mamur sejahtera téa, sakumaha nu jadi angen-angen kamerdekaan, baldatun toyyibatun warrobul gofuur. Naon atuh ukuranana? Pidawuh Alloh, aamanu wattaqao, ku iman sareng takwa. Ari iman sareng takwa téh apanan hiji pondasi nu mantak wewegna kahirupan. Teu tiasa disebat sampurna hirupna upami pondasina rapuh.

Kitu deui, kasauran Kangjeng Rosul, upama disandarkeun kana kahirupan kiwari, hususna palebah nempatkeun ulama, malaurkeun geus ninggang waktu, nyatana umat geus ninggalkeun ulama. Padahal nu disebat pejuang, pahlawan dina ngusir penjajah ogé teu tiasa dileupaskeun tina peran ulama, sapertos KH. Zenal Mustofa di Jawa Barat, Raja Ali Haji, KH. Achmad Ri'fai, Syeikh Sulaiman Ar-Rasuly di Ranah Minang, Kiyai Haji Hasyim Asy'ari,  kalebet Moh. Hatta ogé kalebet ulama.

Kumaha tah umat ayeuna merankeun ulama? Sanes ninggalkeun sacara pisik, ninggalkeun pasantren atanapi lembaga kaagamaan, tapi umat geus teu malire deui kana fatwa sareng da'wahna para ulama. Amar ma'ruf nahyi mungkar nu jadi tugas para ulama geus dipengparkeun ku paripolah nu patojaiah. Alatan globalisasi jeung informasi upama, geuningan kiwari ayat al-qur'an  nu haqul yakin, gampang pisan ditengtang alatan informasi sareng kabebasan. Naha paripolah saperti ieu sami sareng umat geus ninggalkeun para ulama? Al-ulama warosatul Anbiya, apanan para ulama téh pewaris para nabi.

Ku margi kitu dina Miéling kamerdekaan RI, hayu urang eusian ku kato'atan sakumaha da'wahna para ulama. Sabab upama nagri Indonesia ninggalkeun ulama, sakumaha saur Kangjeng Rosul, moal dilila-lila deui, Alloh baris nibankeun ku tilu cocoba. Diantara, leungitna berkah, munculna pangusaha dolim, jeung leungitna khusnul khotimah.  Sanajan loba jalma beunghar, pendapatan nagara naek, ekonomi ningkat, tapi ari pangeusina jauh tina agama, mahabuna hubbud dunya, zakatna tara dikalurkeun, éta téh kalebet ahlal quura nu kaddabu, ngabarohong. Alatan éta, faahodnahum bimaa kaanu yaksibun. Nya kami nibankeun siksaan ka Maranéhna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku Maranéhna. Alatan éta munasabah pisan sareng pidawuh Rosul nu nimbulkeun kaayaan jadi jauh tina agama alatan pangeusi nagara geus ngajadikeun dunya jadi tujuan utama. Rosululloh Saw. ngadawuh: "Bakal datang ka umat kami hiji jaman nu dina éta jaman bakal loba manusa anu mikacinta lima perkara turta mopohokeun lima perkara sejenna...." Naon lima perkara dipikacinta kabina-bina ku umatna jeung naon lima perkara anu dipopohokeun téh? Rosulullah ngadawuh : "Mikacinta dunya tur mopohokeun aherat, mikacinta gedong hirup tur mopohokeun maot, mikacinta gedong sigrong poho kana kubur, mikacinta harta banda tur mopohokeun hisabna sarta mikacinta mahluk manan kholikna". (HR. Bukhari Muslim).

Mangsa nu ngabalukarkeun manusa katalimbeng, kasered ku gogoda setan, geuning nincak di hiji mangsa nu sakabeh manusa geus muhit sikep hirup anu materialistis (hubuddunya) bari mopohokeun kana urusan aherat. Geus leungit sikep zuhud anu diteruskeun ku istiqomah. Sabab maksud lima perkara anu dimaksud tadi téha éta-éta keneh, : leuwih mikacinta dunya manan aherat.

Kapungkur dina merjuangan kamerdekaan Republik Indonesia para pejuang kalebet para ulama, nu jadi benteng kakuatan, parantos berjuang. Naon koncina? para ulama nepikeun jeung ngamalkeun bebeneran, lain mentingkeun dunya nu mantak katalimbeng, tapi berjuang demi aherat nu jadi tujuan hirup sagemlengna, sarta mertahankeun  jiwa raga, bangsa sareng agama téh dasarna parentah agama, al-maqosidusysyari'ah.

           

Rohmat Alloh Swt.

Miéling ku rupa-rupa kagiatan, kayaning olah raga sareng hiburan, sanes teu lepat, tapi medar sajarah para ulama nu jadi pejuang, leuwih hadé sareng mangpaat keur ka hareupna. Teu saukur saharitaeun. Tafaul ka para pahlawan nu jadi udagan baris ngalap mangpaat pikeun ningkatkeun kataqwaan sareng kaimanan ka Alloh Swt. "Yaa ayyul ladziina aamanu, ati'ulloha war rosul, wa ulil amri minkum". Yeuh jalma-jalma nu ariman, masing toat ka Alloh jeung ka Rosul katut ka pamaréntah maranéh (nu ariman). Geuningan dina Miéling kamerdekaan ogé, tujuanana mah, masing to'at ka Alloh, ka Rosul jeung ka pamarentahna. Bangsa nu geus bebas tina penjajah, lain hartina urang bebas migawé naon waé tanpa aturan. Migawé tanpa aturan mah bakal nyered urang kana hawa syaitoni. Pidawuh Alloh: Yaa ayyuhal ladziina aamanuu laa tattabi'u  khutuwaatisy syaitoni, wamay yattabi khutuuwatisy syaiton, fainnahu ya'muru bil fahshaa'i wal mungkar. Walao laa fadlullohi 'alaikum warohmatuhuu maa jakaa mingkummin ahadin abadaw walaakinnalloha yuzakki mayyasyaa'u wallohu sami'un 'aliim. "Yeuh jalma-jalma anu ariman! Maranéh ulah nurut kana lengkah-lengkah setan karana sing saha anu nurut kana lengkahna setan, nya saenyana manéhna geus nitah batur ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung lamun seug teu aya kurnia ti Alloh katut rahmat-Na ka maranéh moal aya nu beresih saurang ogé. Tapi Alloh ngabersihkeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna, jeung Alloh Maha Ngadangu, Maha Uninga." (QS. An-Nur ayat 21)

Kiwari sanggeus kasaksen rupa jeung paripolah pangeusi nagara, teu aya sanes urang ngemutan deui, naon ku kedah dipilampah ku pengeusi nagri téh. Alloh Swt. nu Maha Uninga tur Kawasa, nuduhkeun sangkan manusa ulah nurut kana langkah-langkah setan. Da, naon hartosna urang merdeka ceuk ukuran yuswa, upama paripolah pangeusi nagara urang masih dieundeuk-eundeuk setan, malahan milu kabaud ku paripolahna.

Geuning karaos pisan, seueur jalma-jalma nu ngabalieurkeun ayat-ayat Alloh. Papagon agama mung sakadar simbol. Karicuhan atawa kamudorotan sanes kanten éta téh nu mantak sumpingna mamala ka urang sadayana. Kapan kitu, dawuhan Alloh ogé dina surat As-Sajdah ayat 22, Waman adhlamu mimman dukkiro bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo 'anha, innaa minal mujrimiina mingtaqimuun. "Jeung naha lain taya anu leuwih dolim batan jalma-jalma anu diwawadian ku aya-ayat Pangeranana, tuluy Maranéhna ngabalieur ti dinya? Saéstuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat." Dawuhan di luhur, sanes waé pikeun jalma nu iman, tapi jalma nu munapek tur pasek ogé, pasti bakal kenging wawales alatan jalma jarahat.

Aya ibroh nu dilungsurkeun ka kaum Nabi Musa a.s., Alloh geus ngancurkeun kaumna nu dolim ka Alloh jeung Rosulna. Kaunggel dina surat Al-Araf ayat 95, "Tsuma baddalnaa makaanas sayyiatil hasanah hatta 'afao waqooluu qod massa aabaa 'a nadhdhorroo'u wassarro'u faahodnahum bagtataw wahum laa yasy'uruun." Nu hartosna : Tuluy Kami ngaganti kajahatan ku kahadéan nepi ka Maranéhna jadi ngarekahan. Jeung Maranéhna nyarita : "Saéstuna kamadaratan jeung kasenangan téh geus tumiba ka bapa-bapa urang". Tuluy Kami nibankeun siksaan ka Maranéhna kalawan dadakdumadakan, sedengkeun Maranéhna henteu saladar.

Ku margi kitu, mangga urang muhassabatun nafsi, ceuk basa ayeuna mah 'intropeksi diri'  tos dugi ka mana urang tiasa masihkeun du'a ka para pejuang? Tos dugi ka mana urang tiasa masihan kamangpaatan ka nagara sareng agama? Alloh ngadwuh : "Afaa min ahlal quuroo ayya tiyahum ba'sunaa bayaataw wahum naa'imuun. Awalam min ahlul quroo ayya tiayhum ba'sunaa dhuhaw wahum yal'abuun. "Ku kituna naha pangeusi éta nagri téh ngarasa aman katibanan siksaan Kami ti peuting waktu Maranéhna keur sarare? Atawa, naha éta pengeusi nagri téh ngarasa aman katibanan siksaan Kami isuk-isuk waktu Maranéhna keur arulin?" (QS. Al-Araf ayat 97-98). Wama wajadnaa li aksarihim min ahdin waiwwajadnaa aksarohum lafaasiqiin. "Jeung Kami henteu manggih kalolobaan Maranéhna anu nyumponan jangji, tapi saenyana Kami manggih kalolobaan Maranéhna parasek."

Anapon kitu mah, lerespisan saur para pahlawan ogé kamerdekaan téh estuning rohmat Alloh Swt.

 

Fastabiqul Khoerot

Ir. Soekarno sareng pejuang sanesna teu kendat-kendat nepikeun sangkan dina ngeusi kamerdekaan téh masing pahadé-hadé dina ngabaktikeun ka nagara, fastabiqul khoerot, pahadé-hadé dina pigawe kahadéan. Sabab hadé goréngna nagara kumaha kana pangeusi nagarana. Alloh Swt. ngadawuh: "Innaloha laa yugoyyiru maa bi kaomin, hatta yugoyyiru maa bi angfusihim". Saéstuna Alloh, moal ngarobah nasib hiji kaom, lamun kaomna sorangan teu ngarobah nasibna. Salaku umat bangsa, atuh urang téh ulah cicingeun. Sanajan jiga geus merdeka, tapi tetep kudu caringcing pageuh. Sabab nu ngaranna penjajah mah teu mung saukur katingal pelor jedor-jedor disada, adu tembak jeung sajabana. Tapi sakumaha saur Kangjeng Rosul nalika mulih di medan perang Badar. Saéstuna aya deui musuh nu leuwih beurat tinimang perang, nyaéta merangan hawa nafsu urang sorangan. Sangkan urang kalebet umat nu salawasna istiqomah sareng hatena mutmainnah, nya urang kudu satekah polah berjuang ngalawan hawa nafsu syaiton saperti panyakit hubbud dunya, munapek, dengki, takabur, riya, lanca-linci luncat mulang, ingkar jangji, maksiat, sirik pidik, gawena mitenah, curang jeung sajabana, pidorakakeun wungkul. Kaddabal ladziina min qoblihim faataahumul 'adaabu min haesu laayas'uruun. Dina surat Az-sumar ayat ka 25 disaurkeun jalma-jalma nu saheulaeun maranehnana geus ngabarohongkeun ku lantaran éta tumiba siksaan ka Maranéhna, sajeroning Maranéhna henteu sadar.

Nyegah paripolah tadi sabari urang jihad sakumaha dawuhan Alloh Swt, Innaladziina aamanu wahaajaruu wa jaahaduu bi amwalihim wa angfusihim fi sabilillah. Nu boga harta, sok berjoang ku harta, lobakeun sodakoh, jadi muzaki nu jujur, bantu ku mariskin, leungitkeun nu masih baramaen dijalan-jalan. Nu teu boga harta, mangga ku jiwa raga, mikir nu positif, amalkeun élmu nu mangpaat. Insya Alloh, urang bakal bisa ngeusi kamerdekaan itu kalayan kenging rahmat sareng magfirah Alloh Swt. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...