Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingRebo, 12 Séptémber 2012 00:09

Kaahéngan Reungit

Ku Anno D. Sanjari
SN
Raja Zulkarnaén takluk ku reungit [Potret: olvista.com]

Reungit minangka salahsahiji jenis serangga anu ngabahayakeun jiwa manusa tangtu perelu dipahaman kumaha cara hirupna. Geus réa nu jadi korban, akibat Demam Berdarah Dengeu (DBD). Ieu hal dilantarankeun ku epidemi virus nu sumebar kalayan téréh tur ditépakeun ku reungit.

Upama lingkung pakumbuhan henteu beresih alias kotor, contona runtah patulayah, saperti kaléng atawa urut wawadahan patulayah di kebon, bak runtah henteu dikuras jeung ditutup, mangka wabah DBD baris téréh nerekabna tur ngamangsa korban.

Nu nulis miharep, sangkan ieu buku bisa jadi satétés ciibun di satengahing tegalan ngolétrak, nu bisa nyumponan kahanaang murangkalih atikeun kana élmu anu mangpaat, amin.

Taya jalma anu henteu mikawanoh reungit. Reungit aya di mamana. Jalma mikawanoh reungit lain ku lantaran kaéndahanana. Ogé lain ku lantaran mangpaatna. Saréréa mikawanoh reungit lantaran kagangasanana.

Reungit mangrupa mahluk leutik. Urang langka nengetan jeung nalingakeunana. Urang kakara keuheul lamun reungit datang tur ngaganggu. Tujuanana ukur hiji, nyeuseup getih urang.

Umur reungit geus kawilang kolot. Ngaleuwihan umur manusa sapanjang peradaban. Béjana, reungit jadi jagal manusa nomor hiji. Nurutkeun catetan, satengahna manusa téh maot dilantarankeun ku reungit.

Dina jaman baheula, aya hiji raja. Ieu raja téh kaceluk kaawun-awun kakoncara kajanapria minangka sang penakluk. Anjeunna katelah Iskandar Zulkarnaén. Ngaranana diabadikeun dina Al-Qur-an. Urang Barat mah mikawanoh anjeunna salaku Iskandar nu Agung.

Raja Zulkarnaén minangka raja penakluk. Réa nagara anu serah bongkokan. Henteu aya hiji raja nu unggul upama aduhareupan jeung pasukanana. Ngaranana kakoncara di saalam dunya.

Dina hiji poé, aya reungit anu nyoco anjeunna. Éta reungit téh tina jenis reungit malaria. Kabeneran éta reungit mawa panyakit. Mangka éta panyakit téh népa kana awak Zulkarnaén. Akibatna, anjeunna katarajang panyakit malaria.

Raja Zulkarnaén bener-bener kasiksa. Awakna ngadégdég nahan kanyeri nepi ka anjeunna ngarasakeun yén ajal-pati geus deukeut. Anjeunna ngalahir ka jurit-juritna sangkan engké ngagotong layonna di luhureun karéta.

Jurit-juritna ngalaksanakeun amanatna. Henteu lila ti harita, Raja Zulkarnaén pupus. Layonna diperenahkeun di luhureun karéta. Juritna ngagorowok, tah ieu Zulkarnaén, Raja nu henteu kungsi bobor karahayuan, anu pupus dicoco reungit.

Reungit mémang mawa binih panyakit. Sahenteuna aya tilu reungit nu bahaya. Kahiji, reungit anu dingaranan Anopeles. Kadua, reungit anu dingaranan Aedhes Egepty. Katilu, reungit anu dingaranan Culeks.

Reungit Anopeles népakeun panyakit malaria. Panyakit malaria bisa nyababkeun ajal pati. Upama henteu buru-buru ditulungan, ieu panyakit kalintang bahaya. Réa korban jiwa akibat ieu panyakit malaria.

Reungit Aedes Egepty népakeun panyakit demam. Demam akibat ieu reungit disebutna Demam Berdarah. Trombosit getih bisa turun drastis ku ayana ieu reungit. Upama diantepkeun, mangka sakabéh pori-pori baris ngaluarkeun getih beureum.

Reungit Culeks sabenerna reungit biasa. Aya sabagéan ieu reungit minangka nu nyebarkeun panyakit. Panyakit anu ditépakeunana nyaéta radang otak. Ieu panyakit ogé kalintang bahayana pikeun manusa.

Kumaha lalakonna reungit bisa mawa panyakit?

Naha sakur reungit téh mémang panyakitan?

Naha henteu sakabéh reungit nu nyoco ngalantarankeun hiji jalma katarajang panyakit?

Sabenerna, reungit téh henteu ngahaja nyebarkeun panyakit malaria, demam berdarah, atawa radang otak. Éta perkara tumiba dina mangsa reungit barang hakan.

Caritana kieu… Sabenerna reungit téh ngahakanan saripati sasayuran. Jadi, kadaharan anu pokona mah énérgi anu nyampak dina sasayuran. Tapi, reungit bikang mah boga kabiasaan séjén. Ieu reungit ngabutuhkeun protéin nu leuwih loba.

Upama reungit bikang rék endogan, éta reungit merelukeun protéin nu loba pikeun endogna. Éta protéin téh tina getih nu aya dina sasatoan. Demi sasatoan anu dimaksud nyaéta vertebrata.

Ku kituna éta reungit bikang néangan sasatoan vertebrata. Upama geus manggih, langsung narajang. Reungit bikang nojoskeun alat paranti nyedotna ngaliwatan pori-pori. Getih disedot kalayan henteu karasa beuteung reungit ngagedéan.

Di antara sasatoan vertebrata téh aya nu panyakitan. Getihna ngandung virus panyakit. Éta virus téh sabagéan pindah kana sungut reungit. Satuluyna, éta reungit pinanggih jeung manusa. Reungit nyoco tur nyedot getih tina awak manusa.

Teu kahaja, kelay reungit aya virusan. Éta virus téh langsung pindah kana getih manusa. Di dinya éta virus sumebar tur mekar ngalobaan. Akibatna, manusa langsung gering.

Virus anu aya dina awak manusa bisa népa upama aya reungit séjén anu nyoco. Tadina mah éta reungit téh henteu mawa virus. Saterusna éta reungit nyebarkeun virus ti manusa ka manusa séjén.

Reungit umurna mémang henteu panjang. Tapi, jumlah reungit kawilang réa. Endog-endogna ogé jumlahna ngarébu. Upama pakumbuhan henteu dipiara, reungit bisa kawilang ngabahayakeun.

Reungit anakan ku cara endogan. Reungit nyorang pamekaran metamorfosis. Reungit baris nempatkeun endog-endogna dina cai. Cai anu dipilih nyaéta cai nu nguyumbang.

Reungit baris endogan dina sababaraha poé. Endogna baris ngajadi larva reungit. Wandana buleud panjang tur aya buluan. Éta endog baris ngarambang dina cai nguyumbang.

Lilana larva bakal lekasan dina waktu sababaraha minggu. Larva baris robah jadi pupa. Pupa sarua jeung kepompong dina kukupu. Pupa atawa kepompong ogé ngancik dina cai.

Pupa ahirna nétés ngajadi reungit. Ieu reungit mimitina mah kaayaanana leuleus. Dina waktu sababaraha poé, éta reungit baris robah jadi reungit déwasa. Éta reungit hiber tug nepi ka amprok jeung pasanganna.

Reungit bisa mekar dina cai nu nguyumbang. Urang perelu iatna tur waspada upama manggih cai nu nguyumbang. Cai nu nguyumbang kudu diberesihan atawa dialirkeun. Cai anu ngamalir henteu dipikaresep ku reungit.

Reungit Aedes Egepty mawa virus demam berdarah, jeung mikaresep cai nu beresih. Éta reungit sok endogan dina cai beresih nu nguyumbang. Ku kituna, urang perelu ngajalankeun gerakan tilu N, nyaéta Nguras, Nutup, jeung Ngaruang.

Bak mandi kudu dikuras saminggu sakali. Tempat cai kudu ditutup sing rapet. Kaléng urut atawa wawadahan urut séjénna, hadéna mah diruang. Upama ieu léngkah dilakukeun, sumebarna reungit tangtu bisa dikadalikeun.

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...