Bagikeun ka Lapak Facebook

Beber LayarAhad, 09 Séptémber 2012 21:58

Karuhun Sunda Henteu Sumuhun Dawuh

Sumuhun Dawuh ka Dunungan

Ku Dhipa Galuh Purba
SN
Dhipa Galuh Purba [Potret: Maruta Bayu]

Urang Sunda sok nyebut “dunungan” ka atasanna. Présiden téh mangrupa dunungan di lembaga éksékutif. Tapi dina kanyataanna mah katingalina présiden téh ngarangkep jadi dununganana lembaga législatif katut yudikatif. Sabab, kapan Présidénna dunungan Ketua DPR di partéyna. Atuh puguh wé kalintang wajar lamun Ketua DPR salawasna sumuhun dawuh kana rupaning kawijakan présidén.

Dunungan kudu dikawulaan ku para kula. Dina Kamus Basa Sunda karya R.A. Danadibrata, aya dua harti kecap “kula” téh. Kahiji, nuduhkeun jalma nu babari diatur atawa diutuh-étah ku dunungan. Kadua, mangrupa kecap ganti jalma kahiji, satata jeung “kuring”, “aing”, “déwék”, jeung sajabana. Ngawulaan ka dunungan lain perkara anu salah. Tapi lamun salawasna sumuhun dawuh, écés pisan nuduhkeun perwatek goréng nu sok disebut tukang lélétak téa. Ari méntal sumuhun dawuh mah kapan kalintang subyéktif, bakal nurut kana rupaning nu dipikahayang ku dunungan, sanajan henteu luyu jeung kereteg ciptaning ati.

Karuhun Sunda henteu miboga méntal sumuhun dawuh. Hayu urang ngalanglang ka mangsa lawas, jaman  nanjungna karajaan Sunda Galuh. Harita, papayung agung Sunda Galuh téh daék henteu sumuhun dawuh ka karajaan séjén, kaasup ka karajaan Majapait nu keur meujeuhna dipikasérab. Sunda Galuh cadu pikeun taluk ka Majapait. Ku kituna, Gajah Mada, panglima perang Majapait, ngagunakeun cara licik pikeun nalukeun Sunda Galuh. Tapi, dina kaayaan ditingker ku rébuan pasukan perang Majapait di Bubat, Maha Raja Linggabuana cadu kudu serah bongkokan, pamohalan undur sasiku atawa ngejat satunjang béas, taya léahna pikeun ngahaturkeun upeti ka Hayam Wuruk. Komo deui upetina kembang karaton, Putri Citraresmi Dyah Pitaloka. Mending kénéh palagan bébéakan, kajeun tumpur puput umur batan kudu ngahaturkeun upeti ka Hayam Wuruk. Éta lalakon téh satemenna mangrupa pépéling pikeun urang Sunda, yén dina kaayaan siga kumaha ogé, jati diri komo ajén diri mah moal bisa dibeuli.

Ku kituna asa anéh lamun satuluyna urang Sunda kalintang mikalandep dunungan. Geura wé lenyepan rumpaka lagu Sunda, pangpangna tembang cianjuran, anu diantarana mindeng nyelapkeun kecap “dunungan”. Contona “… ka saha abdi nya ngabdi, mun dunungan rék ninggalkeun…” dina Papatet anu rumpakana diserat Ibu Iloh Safe’i; atawa “…pikasediheun dunungan ku harianeun…” dina Ngabungbang anu diserat ku Mang Engkos. Malah dina lagu nu populér saperti Es Lilin, masih kénéh nyelap kecap “dunungan”, siga dina bait “Itu saha dunungan nu nungtun munding/ digantélan geuning ku saputangan/ itu saha dunungan ku ginding teuing/ sing horeng mah aduh geuning jungjunan…”.

Dina conto rumpaka-rumpaka tadi, dunungan téh nempatan kalungguhan anu cukup linuhung. Aya rumpaka anu sakadar “ngageroan” dunungan, tapi aya ogé anu husus dihaturkeun kanggo dunungan. Sajabana ti éta, tapak lacak hormatna urang Sunda ka dunungan, bisa ditengetan dina sajak, carpon, novél, jeung drama Sunda. Contona dina novél nu munggaran medal di Indonésia “Baruang Ka Nu Ngarora” karya D.K. Ardiwinata (Balé Pustaka, 1914), kaciri pisan sikep hormat tur kasieun masarakat ka Aom Usman anu anak bupati, sanajan Aom Usman téh tokoh antagonis anu jelas-jelas ngaruntagkeun rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah. Malah pangarangna ogé henteu kumawani “ngabales” kalakuan Aom Usman. Justru anu ahirna katalangsara téh kalah Ujang Kusen, anu écés pisan pamajikanana direbut ku Aom Usman. Pamali atawa dipahingna ngalawan dunungan, diwewegan deui ku paribasa anu unina “ngijing sila béngkok sinembah”, anu hartina ngalawan dunungan, kalayan digolongkeun kana kalakuan nu goréng.

Minangka réspon kana hahalang dunungan dina dunya sastra, mimiti nguniang sabada sastrawan Godi Suwarna midangkeun carpon-carpon Sunda ékséntrik. Contona dina majalah Manglé No. 677 (taun 1979), Godi nulis carpon Uwak-Awik. Dina éta carpon, Godi nyaritakeun baruntakna wayang golek anu geus sakitu lilana dijajah ku dalang, anu satuluyna ngalantarankeun paséa rongkah antara wayang jeung dalang.

Demi réformasi dina rumpaka lagu Sunda, mimiti karasa sabada gumelarna kawih kréasi anyar karya-karya Mang Koko. Dina rumpaka kawih Mang Koko, kecap “dunungan” mimiti disingkahan. Komo deui sabada Mang Koko ngamusikalisasi sajak-sajak karya sastrawan Sunda sabangsa Wahyu Wibisana, RAF, Winarya Art, Dedy Windiagiri, jeung sajabana. Leuwih karasa deui sanggeus tingpucunghul lagu-lagu pop Sunda, siga karya Doel Sumbang. Geus leungit rasa kasieun nu kaleuleuwihi ku dunungan. Dina sawatara laguna, Doel sacara terang-terangan “ngagugat” dunungan anu dianggap henteu adil. Dina laguna, Doel henteu asa-asa nyarékan lak-lak dasar ka dokter, polisi, walikota, anu teu miroséa rahayat. Lamun perelu, ngagunakeun kecap “bebel siah!”.

Ku kituna, lamun urang Sunda hayang jadi Pamingpin, wayahna kudu ngarobah heula ngimpi. Naon impian urang Sunda? Hayu urang tengetan cutatan tina hiji carpon karya Dian Hendrayana, anu judulna “Pucuk-Pucuk Baluas” (Carpon Pinilih Manglé Bulan Novémber 2004): …Emh, engkang. Sing lungsur-langsar néang milik di Jakarta. Dibabarikeun néang rejeki nu halal. Dipiasih ku dunungan…”. Tah, éta diantarana impian urang Sunda téh: hayang dipikanyaah ku dunungan.

Impian éta pisan nu salahsahijina ngalantarankeun urang Sunda rada bangga jadi pamingpin. Komo lamun urang sapamadegan jeung pamanggih Eleanor D. Roosevel (1884-1962), anu nétélakeun yén masa depan mah milik jalma-jalma nu percaya kana kaéndahan ngimpina. Lamun impian éndahna dipikanyaah dunungan, tangtu baé bakal rada bangga jadi dunungan.

Nepi ka kiwari, masih kénéh réa urang Sunda anu miharep sangkan anakna, adina, atawa salakina dipikanyaah ku dunungan. Kaasup nu sok jarah ka makam karamat ogé, réa diantarana nu curhat ka kuncén téh ngedalkeun yén manéhna hayang dipikanyaah dunungan. Asa langka urang Sunda anu nyebutkeun:  sing jadi dunungan! Lamun impiannya sakadar dipikanyaah dunungan, tangtu bakal hésé jadi dunungan. Jadi, kudu dirobah: tina sing dipikanyaah ku dunungan jadi sing jadi dunungan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...