Bagikeun ka Lapak Facebook

Saha ÉtaSalasa, 28 Agustus 2012 01:46

Dilélér “Danamon Award” Alatan Jasana Ngahijikeun Seni Budaya Sunda-Tionghoa

Soeria Disastra, Ngadumaniskeun Budaya Sunda jeung Tionghoa

Ku Maruta Bayu
SN
Soeria Disastra micinta budaya Sunda [Potret: dok. ABA Internasional]

SAWATARA waktu kaliwat, Soeria Disastra dilélér “Danamon Award” minangka tokoh nu dianggap gedé jasana dina ngahijikeun masarakat Sunda jeung Tionghoa ngaliwatan seni budaya. Sajabana ti Soeria, aya salapan tokoh séjénna nu sarua dilélér “Danamon Award”. Basa diwawancara dina acara Kick Andy di Metro TV, Soeria nétélakeun yén anjeunna mémang micinta kasenian, boh seni Tionghoa pon kitu deui seni Sunda. Seni budaya minangka media anu dianggap loyog pikeun nyebarkeun virus cinta diantara sasama manusa, anu antukna antara urang Tionghoa jeung urang Sunda bisa sabilulungan nyorang hirup sapopoé.

Diantarana seni sastra anu dipilihna ku Soeria pikeun jadi media keur ngaraketkeun tali mimitran antara urang Sunda jeung Tionghoa. Kitu anu dilakukeun ku Soeria Disastra, hiji putra Tionghoa nu kawilang aktip ngayakeun rupaning kagiatan nu patali jeung sastra, boh sastra Sunda, Indonésia, pon pilalagi sastra Tionghoa. Sapopoéna Soeria ngokolakeun Komunitas Pecinta Sastra (KPS), anu anggota urang Tionghoa. KPS ngaping urang Tionghoa pikeun mikawanoh kabudayaan Sunda ngaliwatan seni sastra. Contona, dina taun 2002 ngayakeun pasanggiri ngarang carpon mini basa Sunda, kalayan hasilna dibukukeun dina “Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta”. Saterusna rupaning kagiatan diskusi Kabudayaan Sunda jeung pagelaran nu ngadumaniskeun Sunda-Tionghoa ogé mindeng digelar kalayan daria.

Soeria Disastra lahir di Bandung, 28 Mei 1943. Mimitina mah ngaranna Bu Ru Liang. Ti leuleutik digedékeun di lingkungan kulawarga Tionghoa anu sasarina aya kesan éksklusif. Kilang kitu, Soeria mah henteu kabawakeun jadi éksklusif. Éksklusifitas  anu dirasakeun ku Soeria taya lian ku alatan kulawarga ngarasa gimir akibat hawa politik anu ngadiskriminasi. Hal ieu téh lain baé karasa ku kulawarga Soeria, da puguh karéréaan kulawarga Tionghoa mah ngarasa gimir, anu antukna henteu wani némbongkeun idéntitasna.

Inklusifitas dibuktikeun ku pergaulan Soeria mangsa keur budak. Soeria mah henteu asa-asa nyobat jeung warga pribumi téh. Malah ku raketna jeung warga pribumi, dina nyarita sapopoé ogé, Soeria leuwih mindeng ngagunakeun basa Indonésia jeung Sunda. Puguh baé ku ayana bisa nyarita basa Indonésia jeung Sunda,  Soeria resep maca buku-buku sastra Sunda atawa sastra Indonésia, kaasup ngalalajoanan kasenian asli tatar Sunda siga wayang goleé. Rasa cinta kana basa Sunda jeung basa Indonésia beuki ngawewegan.

Sabada ngaréngsékeun sakola di SMA (taun 1961), Soeria jadi guru sababaraha taun, saterusna alih profési jadi usahawan. Bari bisnis téh Soeria diajar di Akademi Bahasa Asing, kalayan nuntaskeun S-1 Jurusan Bahasa Inggris di Sekolah Tinggi Bahasa Asing, Yayasan Pariwisata Indonesia, Bandung (1987). Dina séla-séla kasibukanna,  Soeria ngungkapkeun peikiran jeung rupaning rasa nu nyangkaruk dina dadana kana wanda karya sastra. Prosa jeung puisina bisa dibaca di Harian Indonesia, sawatara majalah sastra dina basa Tionghoa, jeung sababaraha buku antologi prosa sarta puisi basa Tionghoa jeung Indonesia.

Iwal ti éta, Soeria ogé ngadorong warga Tionghoa pikeun aktif di Kelompok Pecinta Sastra (KPS)  Bandung. Ieu kelompok téh mangrupa salah sahiji bagian tina Perhimpunan Penulis Tionghoa-Indonesia (Yin Hua). Tujuanna taya lian ngahudang aprésiasi masarakat kana hasil karya sastra, boh di antara masarakat Tionghoa pon kitu deui antara masarakat Tionghoa jeung komunitas séjénna.

Soeria ogé ancrub tur icikibung dina widang kasenian séjénna, antarana ngadegkeun Paduan Suara Kota Kembang Bandung taun 1995. Anggotana kurang-leuwih 100 urang, anu diwengku ku alumni Sekolah Tionghoa Qiao Zhong (baca: Chiao Cong), tempat Soeria nyuprih pangarti. Éta sakola anu diadegkeun taun 1947 téh ditutup taun 1966, mangsa maceuhna gerakan anti-Tionghoa sabada G-30-S. Kiwari, Kelompok Paduan Suara Kota Kembang mindeng manggung dina sawatara acara tur diondang pikeun manggung dina rupaning acara kabudayaan Sunda. Pang kitu, lantaran Kelompok Paduan Suara Kota Kembang téh lain baé mahér nyanyi lagu Tionghoa jeung Indonésia, tapi kaitung percéka ngagalindengkeun lagi-lagu dina wanda kawih. Pangpangna mah kawih anu mindeng dilagukeun téh karya-karya Mang Koko.

Mungkas taun 1990, mimiti karasa héabna réformasi politik Indonesia tur leuwih muka deui hubungan antara urang Indonésia jeung Tionghoa, anu tangtuna baé ngalantarankeun léngkah Soeria dina kasenian leuwih lega. Soeria bababarengan jeung para budayawan Bandung, mimiti wani ngagelar rupaning pintonan anu ngadumaniskeun kasenian Sunda jeung Tionghoa. Pangpangna saprak Soeria wawanohan jeung Erwan Juhara, Ketua Umum Yayasan Jendéla Seni Bandung, hiji wadah pembinaan jeung pengembangan virus seni budaya bangsa. Sababaraha kagiatan digelar babarengan jeung Jendéla Seni.

Aktivitas séjénna, contona dina 17 Agustus 2001, Soeria ngadumaniskeun musik tradisional Tionghoa jeung Sunda dina hiji pagelaran. Ieu kagiatan dirojong ku sababaraha pengusaha jeung budayawan. Nurutkeun Soeria, tina sababaraha kasempetan, katingali yén warga Tionghoa mibanda kahayang pikeun ngahiji jeung warga pribumi. "Lantaran lahir jeung digedékeun dideu, warga Tionghoa ngarasa bagéan tina urang Sunda, tur minangka warga Indonésia," kitu ceuk Soeria.

Soeria ogé kungsi mokalan pagelaran Sunda-Tionghoa anu jejerna “Indonésa Bersama, Indonésia Bergema” dina ngabagéakeun 62 taun Indonésia Merdéka.  Diantarana aya pintonan maca sajak, lagu, tari, jeung rupaning kamonésan seni séjénna anu digelar di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Barangsiang No. 1, Bandung.  Tangtuna ogé, ieu acara nu jejerna “Ïndonésia Bersama, Indonésia Bergema” Éta acara lumangsung ku ayana rampak gawé antara Komunitas Sastra Tionghoa-Indonésia (KSTI), Happy Vocal Grup, Paduan Suara Kota Kembang, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, jeung Yayasan Jendéla Seni Bandung. Aubna urang Tionghoa jeung Sunda dina hiji panggung kasenian, dipiharep sangkan bisa leuwih ngaraketkeun tali babarayaan, kitu ceuk Érwan Juhara, ketua umum Yayasan Jendéla Seni Bandung.

Soeria meunang pangrojong ti pengusaha Karmaka Suryaudaya dina sababaraha kagiatanna. Diantarana basa ngagelar silaturahmi budayawan Sunda jeung masarakat Tionghoa. Éta kagiatan ngajurung Soeria ngadegkeun Lembaga Kebudayaan Mekar Parahyangan dina ahir Juli 2002. Salah sahiji kagiatan LKMK téh nya kungsi ngayakeun lomba nulis Carpon Mini Sunda anu diiluan ku puluhan pangarang Sunda, sarta hasilna dibukukeun dina "Ti Pulpen tepi ka Pajaratan Cinta".

Henteu ngan samet dinya, da saterusna Soeria ngayakeun rupaning kagiatan tur ngungkabkeun pikiran dina wanda tulisan anu ngajurung pikeun ngahijina warga Tionghoa - Indonesia. Tulisan Soeria aya anu dina wanda prosa pon kitu deui puisi, anu sabagéanna geus dibukukeun dina "Senja di Nusantara, Antologi Prosa dan Puisi" taun 2004. Soeria ogé narjamahkeun sababaraha judul puisi Tiongkok anu dibukukeun dina "Tirai Bambu" (2006), narjamahkeun kumpulan 65 puisi Tiongkok modern “Salju dan Nyanyian Bunga Mei” karya Mao Ze Dong (1893-1976).

Buku Antologi Puisi Tionghoa “Tirai Bambu” diluncurkeun di kampus Akademi Bahasa Asing (ABA) Internasional, Jl. Situ Aksan 33, Bandung. Éta buku anu ngamuat ratusan puisi karya para penyair Tionghoa téh ditarjamahkeun langsung kana basa Indonésia ku Soeria. Mémang saméméhna ogé, geus aya sababaraha judul buku tarjamahan puisi Tionghoa karya nu séjénna, tapi bisaa anu narjamahkeun téh sok ngaliwatan basa Inggris heula, saterusna kakara kana basa Indonésia. Ari Soeria mah langsung kana basa Indonésia, lantaran Soeria nyangkem basa Tionghoa, basa Indonésia, katut basa Sunda. Minangka pupuhu Kelompok Pecinta Sastra (KPS) Bandung, tangtu Soeria Disastra geus boga bekel pangalaman dina narjamahkeun puisi.

Nepi ka kiwari,  Soeria taya reureuhna neuleuman dunya sastra pikeun dipaké media ngahijikeun warga Tionghoa - Indonesia. Siga nu ditulis ku Soeria dina Senja di Nusantara: "Sampai di sini kita telah mencapai suatu kesadaran, betapa pentingnya sastra bagi manusia, bagi bangsa, khususnya bagi usaha meningkatkan kualitas manusia dan bangsa Indonesia untuk mencapai toleransi, keterbukaan, kesadaran akan pluralisme, kecerdasan dan kebijaksanaan." Ngaliwatan sastra, Soeria bisa némbongkeun yén  ayana béda antara Tionghoa jeung Indonesia henteu ngalantarankeun kudu paanggangna hubungan sapopoé. Malah, Soeria bisa ngadumaniskeun antara dua kabudayaan nu béda.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...