Bagikeun ka Lapak Facebook

Saha ÉtaSalasa, 28 Agustus 2012 01:37

Tokoh Seni Cianjuran

Yus Wiradiredja: “Hirup-Hurip Kuring dina Adeg-adeg Haleuang”

Ku Maruta BayuNana Munajat
SN
Yus Wiradiredja, tokoh Seni Cianjuran [Potret: Apip]

SORANA halimpu tur matak gantung dangueun. Pikeun anu mikalandep tembang Sunda cianjuran, kawih, atawa pop Sunda, kawasna moal bireuk deui ka Yus Wiradiredja. Aya kurang-leuwih 200 judul lagu ciptaan Yus anu geus sumebar di masarakat. Beuki dieu, karyana mingkin kentel ku hawa réligius Islam. Komo deui sabada Yus ngadegkeun grup musik “Ath-Thawaf”.

Ngaranna jadi kembang carita dina palataran tembang Sunda. Ti umur salapan taun, Yus geus neuleuman tembang Sunda. Kalintang lumbrahna  basa taun 1984, Yus tandang tur jadi pinunjul dina Pasanggiri Tembang Sunda (PTS), anu  sacara kontinyu digelar ku Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS) nepi ka kiwari. Saha nu teu reueus jeung bagja bisa metik béntang seni tembang, komo jadi béntang tembang Damas.

Di dunya seni tembang, PTS anu gelar ku DAMAS dianggap lambang puncakna préstasi. Upama dina seni film mah minangka piala citrana. Sigana, tacan ngarasa sugema pikeun para juru tembang, mun ngaranana tacan kungsi kacatet dina lambaran jawara PTS DAMAS. “Pantes tur payus Yus bisa jadi béntangna tembang. Sabab galindeng tembangna mungguh dédéngeeun. Kitu deui haleuang kawihna éstu matak gantung déngéeun. Warna sorana mibanda wanda nu mandiri. Eur-eur, léotan jeung lebah nyacag engang nanceb, anteb parat kana mamaras rasa, da mawakeunana dibarung ku rasa nu pangjerona…” ceuk Agus Hilman, aktivis Korp Alumni Damas (Kadamas) nu nu remen dipercaya jadi panatacagara pasanggiri tembang Sunda.

Lengkepna mah ngaranana HRM. Yusuf Wiradiredja, S.Kar., M.Hum. Yus kungsi nyuprih pangarti di SMAN Cianjur (1981), Sarjana Muda ASTI Bandung, Jurusan Karawitan (1984), S-1 STSI Surakarta, jeung S-2  Magister Humaniora Universitas Gajah Mada. Yus ogé kungsi jadi duta seni ka Éropa jeung Arabia.

Ti saprak ngaranana ngélébét dina seni tembang, ngaran Yus Wiradiredja remen ngeusian  lambaran dunya seni tembang, Méh ampir saban aya kagiatan seni tembang, Yus teu weléh diaubkeun, boh salaku juru mamaos, boh salaku panitén. Prestasi Yus, lain baé dina seni tembang, da puguh préstasina dina kawih ogé kawilang hadé. Dunya seni kawih kungsi diramékeun ku lagu ciptaanana nu judulna ”Saha Eta”. Éta album dina taun 1985 kaitung payu di pasar kawih Sunda. Lian ti éta, kawih séjénna nu ogé meunang pangbagéa nu hadé ti masarakat, diantarana “Yeuh Bade Kasaha”, “Bongan Saha”, “Asa Tos Tepang” katut “Deudeuh jeung Geugeut”, lagu nu panungtung rumpakana ditulis ku Éddy D. Iskandar.

Dina seni pop, ieu Magister Humaniora Universitas Gajahmada téh kungsi cumarita tur jadi juara, basa Yus tandang dina pop singer sa kabupaten Cinajur dina taun 1978. Naon pangna Yus bisa ngalalakon dina kawih jeung tembang Sunda? Éta téh teu leupas tina kasangtukang kahirupanana. Yus kungsi jadi panata musik album rekaman “Lutung Kasarung” (1983), “Deudeuh Jeung Geugeut” (1984), “Patareman Dasentra” (1985), “Lahir” (1987), “Tari Racokek” (1990), “Dangiang Rajah” (1992), “Nurhidayahan” (2000), “Peperenian Ciawian Cigawiran”, “Gerbang Marhamah”, “Ulin Kobongan” (2000), “Pancering Hirup” (2003), Kolaburasi jeung Krakatau Band Dwiki Darmawan (2005), Festival Asia Afrika (2005), jsté.

“Hirup-hurip kuring dina adeg-adeg tembang…” kitu ceuk Yus, anu nganggap seni tembang minangka sumber inspirasi pikeun anjeunna ngagelar karya geusan wariskeuneun ka generasi nu bakal datang. Yus satékah-polah nyieun lagu anu jejerna mibanda ajén-inajén atawa niléy-niléy anu aya mangpaatna keur balaréa. “Sugan wé atuh aya sasieureun sabeunyeureun,” pokna Yus, anu jejer karya-karyana tara jauh ti sabudeureun kaagungan Alloh SWT, kamanusaan, jeung lingkungan pakumbuhan.

“Dina seni téh aya kaéndahan, kahadéan, jeung bebeneran,” ceuk Yus deui. Ku ayana kitu, Yus tetep panceg pikeun midangkeun karya-karya, utamana rumpakana, anu mibanda pesen moral. Jadi, henteu sakadar ngumbar téma ngeunaan cinta asmara ku dadasar hawa birahi. Lebar kabina-bina, cinta anu sakitu agung tur mulya, saukur diwates-wangenan ku hal anu sipatna birahi. Kilang kitu, Yus henteu nampik yén asmara téh minangka pitrah manusa.

Ti leuleutik mémang ieu seniman teureuh Cianjur téh geus dalit jeung seni tembang.   Pikeun urang Cianjur, dina enggoning ngambah kahirupan, bakal ngarasa sugema mun dirina bisa: Ngaos, mamaos jeung maénpo. Ngaos hartina hatam tur bisa nyurahan eusining Al-Qur-an, mamaos hartina mampuh ngagalindengkeun tembang Sunda cianjuran. Demi maénpo nyatana ngawasa élmu kasantikaan tur tapis dina metakeun jurus usik, ulin atawa penca.

“Éta tilu tatapakan keur adeg-adeg kahirupan téh mangrupa cecekelan nu kudu dipibanda ku unggal warga nu ngaku teureuh Cinajur,” ceuk Yus. Sanggeusna malang malintang di dunya seni tembang, kiwari Yus dina sela-sela kasibukanna jadi Ketua Jurusan Karawitan STSI Bandung, keur hangkeut ngokalakeun “Ath-Thawaf”, salasahiji cabang anyar kawih Sunda nu hawana nyoko kana seni Islami. Ngagarap seni réligi, lain hartina Yus ngécagkeun seni tembang, tapi keur néangan musik alternatif nu mibanda warna mandiri. Sabab ceuk pikirna, tembang teu kudu dioprék, tapi kudu diropéa, sarta dijadikeun tatapakan keur garapan seni séjénna.

Nu jadi pangjurung laku seniman nu kungsi meunang panghargaan Musik Aword ti STIMB salaku “Vokalis terbaik”, ngagarap Ath-Thawaf nyaéta miang tina pangjurung jeroning jeroning haté. Éta ide némbongan waktu Yus munggah haji dina taun 2000 nu kaliwat. “Dina sajumlah rukun haji, kayaning jumroh, wukuf, sya’I jeung thawaf, nu pangngagasrukna kana haté nyaéta thawaf. Éta thawaf téh upama disurahan leuwih jero, kawilang leubeut ku ajaran hirup.” pokna.

Ritual thawaf, ceuk ieu dosen nu Karawitan nu kungsi jadi dosén tamu Universitas Leiden Belanda, euyeub ku pirang-pirang ajén-inajén spiritual. Thawaf mun disawang tina jihad kamanusaan mangrupa gambaran gumulungna sélér bangsa, taya cacah taya menak, teu hideung, teu bodas, nuju kana hiji titik, nyaéta muru nur Illahi. Thawaf mun disawang dina jihad éstptika tari kawilang éndah pisan. Uteyna jamaah nu ngurilingan ka’bah, mun dikaitkeun jeung komposisi tari, boh tina sisi desain lanté, boh komposisi koreografi dahsat pisan. Gumulungna jamaah tina ritual thawaf mun disurahan ku tapsir seni mangrupa hiji unity. Ari seni téh sifatna gumulung nu teu bisa dipasing-pasing. Kitu deui mun dikaitkeun jeung struktur, aya awal aya ahir, lir gambaran hirup manusa pinasti moal langgeng da aya ahirna.

Masih kénéh ceuk Yus, Prosési thawaf téh ngurilingan hiji titik, muter téh hiji prosés keur néangan titik pamiangan, atawa ngaguar mataholangna hiji karya, nyaéta ajén-inajén éstétika nu hakiki. Muter téh lir prosés kahirupan kasenian nu leubeut ku dinamika. Mun ditilik tina jihad proses kréatif, thawaf ngingetan insan seni sangkan bisa komtitif, nu kudu bisa ngungkulan lajuna iklim global. Mun teu rancingeuis, bakal kagaley ku bangsa deungeun. Teu béda jeung proses thawaf, teu ati-ati, teu rancingeus, teu panceg adeg-adegna pasti kaleyek ku jama’ah séjén.

Harita, ieu seniman kalahiran Cianjur, 5 April 1960 ngalaksanakeun jiarah ka tanah suci jeung ibuna, R. Mardiati suwargi. Dina sajeroning thawaf, Yus ngagandong ibuna dina kaayaan wales, kudu pasesedek. “Hirup téh bajuang, kudu nyalametkeun diri jeung kulawarga, béh dituna bangsa. Gusti, abdi téh umat Islam, abdi téh urang Sunda, salami ieu rumaos ipis pisan karumasaan. Naon atuh anu kedah disumbangkeun ka agama abdi jeung ka Ki Sunda? Kitu gerentes batin mangsa harita. Dina haté, geus buleud, samulangna ti tanah suci, éta kajadian rék diabadikeun ngaliwatan karya. Nya antukna ngadeg wé grup seni Ath-Thawaf. Ngadegkeun grup téh ti sagédéngeun néangan wanda anyar, ogé seja ibadah ngaliwatan média seni.” Kitu ceuk Yus. Jadi, anu jadi titik pamianganana nyaéta ajén religi nu mataholangna jati kasundaan.

Konsép garap Ath-Thawaf téh  hayang ngawujudkeun struktur seni islami nu nyunda. Atuh sacara vertikalna seja ibadah, sarta hayang méré kontribusi nepikeun niley-niley kasundaan jeung kaislaman. Sakurang-kurangna hayang méré wacana ka generasi ngora yén sagala rupa kahirupan kudu napak dina adeg-adeg budaya jeung agama. Mangsa kiwari, bangsa urang keur ngalaman keuna ku rupa-rupa musibat, boa akibat tina geus anggangna tina jatidiri kasundaan jeung geus lunturna ajén-inajén kaislaman.

Ari wandana, ceuk Yus, hayang ngawujudkeun musik Sunda nu populis, tapi kontemplatif. Kiwari Sunda geus leungiteun mataholang. Cara ngungkulanna kudu ngagunakeun pamarekan nu kawilang pas jeung kaayaan rumaja Sunda kiwari, salasahijina ku garapan nu gampang katarima, nyaeta seni populis. Mudah-mudahan ku musik populis gancang sumebarna. Naha teu patojaiyah jeung bésik garapan nu salila ieu diteuleuman ku Kang Iyus? “Simkuring sering kapeto jadi juru tembang. Ari seni tembang téh nyaéta seni kontemplatif. Mun garapan media da’wah keur kaum rumaja ngagunakeun padika seni tembang, prosésna bakal panjang. Ceuk implengan, nu kawilang loyog nyaéta seni populis kalawan mibanda niléy kontémplatif.” Témbalna.

Anu disebat seni populis téh nyaéta anu bisa ngawadahan sagala jenis musik tur luyu jeung kamekaran jaman. “Sanés teu hoyong nyiptakeun tembang wanda anyar, nanging asa langkung gedé tangtanganna mun ngagarap seni kolaburasi. Dina lebah dieu, tembang Sunda ku simkuring didamel sumber gawé kréatif nu diadumaniskeun jeung seni sanésna kalebet seni pop. Pasti aya patarosan, ti mana mimitina Yus ngagarap seni pop? ti aalit ogé simkuring tos dalit sareng band, vokal group, malah pernah jadi juara pop singer.

Sajabana ti jadi juara Pop Singer, Yus kungsi jadi juara ka1 Kawih Sunda tingkat SD sa Jawa Barat (1971), Juara ka 1 Pasanggiri Tembang Saodah Cup sa Jawa Barat (1974), Finalis lagu-lagu Bing Slamet sa Jawa Barat (1976), Juara ka 1 Pop Singer Sa Kabupaten Cianjur (1976-1978), Juara ka 2 Tembang Sunda Cianjuran sa DKI- Jabar, Juara ka 1 Pasanggiri tembang Sunda Damas sa Jabar jeung DKI (1984), Nominator 10 lagu terbaik lingkungan hidup, Pangharagaan Musik aword ti STIMB”Vokalis Pria Terbaik” (2005), jsté.

Kiwari Yus beuki daria ngokolakeun Ath-Thawaf, mangrupa kelompok musik  anu ngadumaniskeun seni tembang jeung kawih nu strukurna ngaadopsi struktur musik barat, tur mibanda susana arabia. Atuh pangbagéa ti masarakat ogé kaitung hadé. “Ti ngawitan ngadeg dugi ka kiwari tos sababaraha kali diondang ku pondok pasantrén. Alhamdulillah réspon ti para ulama pikabungaheun. Geuning seni  téh henteu pagedrug jeung niléy-niléy agama. Kitu deui album-album nu disodorkeun ku Ath-Thawaf kénging sambutan anu saé. Tos tilu album nu diproduksi téh nyaéta Jihad, Gerbang Marhamah jeung Pancering hirup.” Kitu ceuk Yus, anu hayang ngawujudkeun musik alternatif anyar keur masarakat Sunda nu nyaah kana kasundaan.

Ka hareupna, Yus mibanda rarancang yén anu jadi lahan garapan téh lain saukur musik, garapanna hayang leuwih jembar. Program garapanana rék ngadegkeun lembaga atikan, nyaéta pasantrén jeung madrasah nu berbasis budaya Sunda. Lian ti éta, rék ngadegkeun lembaga usaha, keur lahan usaha praktisi seni jeung santri, diantarana  production house. Salahsahiji karya anu keur ditataharkeun ku Yus jeung grup Ath-Thawaf asuhanana, nyaéta “Bandung Dayeuh Indung”. Maksudna, ceuk Yus, urang mana baé anu cicing di Bandung—komo urang Sunda pituin—hayu urang mikanyaah Bandung ibarat mikanyaah indung.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...