Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaPangajaran Basa SundaSenén, 27 Agustus 2012 05:53

Sakola Pikeun Puseur Kasenian

Ku Ganjar Kurnia
SN
Kasenian Sunda di SDN Galih Pawarti, Kab. Bandung [Potret: Azna]

 

BÉJANA Jawa Barat kungsi mibanda kurang-leuwih 300 jenis kasenian, kalayan kaayaan kiwari: 200-an geus taya dikieuna, 50-an dina kondisi sakarat ahir, 30-an sakarat awal, 10 dina kondisi "engap-engapan" jeung kira-kira 10 deui nu masih kénéh "hirup".

Naha ieu kaayaan téh perelu diceungceurikan? Teu langkung. Tapi lamun rék rada gagayaan, réa urang Sunda nu nyaritakeun (pangpangna lamun pajabat pidato), “Kasenian téh mangrupa kabeungharan budaya anu bisa jadi salah sahiji ciri tina hiji bangsa atawa suku bangsa". Sacara rétoris loba nu awong-awongan yén kasenian Sunda kudu dimumulé jeung dimekarkeun. Sangkan kaciri leuwih daria, nepi ka dijieun Perda Kabudayaan. Tapi sabada éta Perda dijieun, naha saterusna daria dina ngajalankeunana? Pék wé tengetan ku saréréa.

Idéalna, masarakat pisan nu mibanda tanggung jawab kana hirup jeung mekarna kasenian téh. Tapi, naha masarakat bisa diandelkeun? Bisa ogé. Pangpangna lamun éta kasenian raket patalina jeung kahirupan sapopoé masarakat.. Minangka conto, salila barudak di Sumedang jeung Subang masih kénéh disundatan, kuda rénggong jeung gotong singa masih tetep kapiara. Tapi "tatanggapan" séjénna anu taya patula-patali langsung jeung simbol sundatan, réa anu geus teu bisa manggung deui.

Upama sawangan masarakat umum kana kasenian téh rupa-rupa, sigana bisa disebut wajar. Tapi lamun anu nyieun aturanna, kaasup anu dibéré amanah langsung pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeunana henteu daria mah asa kaleuleuwihi. Kang Ajip Rosidi nyaéta tokoh utama anu henteu percaya ka pamaréntah pikeun urusan kadariaan méré dangiang kasenian. Sanajan di pamaréntahan aya nu titén kana kasenian, sasarina ku lantaran jalmina baé nu geus “sedep” ti mimitina kana kasenian. Perka ieu téh geus kabuktian, mangsa gegeden “sedep” kana tembang sunda Cianjuran contona, sakabéh réngréngan bawahanana milu “demam” mamaos. Tapi sanggeus éta gegedén léngsér, rupaning kasenian anu asalna haneuteun téh antukna "ngececes" deui.

Di Unpad ogé kitu kaayaanana. Aya anggapan yén lamun réktorna resep kasenian, mangka kasenian sunda di Unpad jadi haneuteun. Padahal ngagelar kasenian Sunda di Unpad mah natrat dina renstra. Saha baé réktorna kudu ngalaksanakeun éta amanat. Tapi lamun hiji mangsa réktorna taya katitén kana kasenian, boa-boa renstra tinggal renstra wé.

Lantaran sagala rupana mindeng gumantung ka individu, mangka léngkah anu perelu disorang téh kudu ngalobaan jalma-jalma nu dipiharep baris micinta kasenian. Lembaga anu pangloyogna nyaéta sakola.

 

Puseur Budaya

Ngamekarkeun kasenian di sakola téh patali jeung gagasan "Puseur Budaya". Geus sakitu lilana jadi bahan padungdengan, yén hirup jeung mekarna kasenian di Bali, henteu leupas tina kagiatan réligi anu digelar di "pura" banjar. Ku kituna, pura lain baé puseur réligi, tapi ogé jadi puseur kasenian. Di Jawa Tengah, karaton anu jadi "puseur budaya". Pikeun sélér Jawa, salila karaton masih aya, jenis-jenis kasenian anu patali jeung karaton bakal tetep kapiara jeung mekar.

Ari di Jawa Barat, lembaga mana anu jadi "puseur budaya"?. Hartina “puseur budaya” téh nyatana hiji tempat pikeun kamekaran kasenian, anu saterusna jadi "referensi" atawa acuan masarakat, anu antukna diturutan ku masarakat. Departemen Kasenian Unpad kungsi ngabuktikeun perkara éta. Sumebarna seni calung di masarakat nepi ka kiwari, mimitina mah henteu leupas tina naon rupa anu dilalanyahan ku para mahasiswa Unpad, hususnya mahasiswa Fakultas Pertanian. Calung mimitina dina wanda "renteng", anu saterusna ku para mahasiswa dimodifikasi jadi calung "tiir" atawa calung "jingjing" sarta dipaénkeun dimamana. Pon kitu deui seni "gondang", "kaulinan urang lembur", "degung", "upacara adat, jsté. Ku ayana aktifitas para mahasiswa, sakaligus aya dua produk anu dihasilkeun. Lantaran anu maénna "karasép" jeung "gareulis" sarta mahasiswa (anu harita mah dianggapna gaya), mangka cara-cara midangkeun kasenian Unpad ogé diturutan ku masarakat. Lamun ceuk basa gaulna  mah jadi "Trend Setter".

Kedua, para aktifis kasenian anu mahasiswa téa, tangtu baé mangrupa para kader, anu dina hiji mangsa bisa jadi pamingpin. Dimana waé maranéhna ngancik, atawa paling henteuna ogé di lingkungan kulawargana, dipiharep bisa ngamekarkeun kahirupan kasenian anu kungsi diteuleumanna. Perkara anu kadua ieu mémang bisa kabuktian.

Pungsi "puseur budaya"  bisa dijalankeun di sakola-sakola. Pungsi kahiji, nyaéta jadi "trend setter" tangtu rada bangga kahontalna. Tapi pungsi kadua, nyaéta minangka tempat pikeun prosés kaderisasi calon-calon anu mibanda katitén kana kasenian, tangtu bisa dilakukeun. Ku diwanohkeunna kasenian Sunda ti leuleutik, mangka aya harepan hiji mangsa bakal kapetik hasilna. Téori pengulangan jeung téori psikologi lingkungan bisa dijieun acuan kana ieu perkara.

Urang terang yén téori pengulangan geus dijieun rujukan utama ku para ahli periklanan. Hiji lagu anu  diulang-ulang, lain baé saukur apal cangkem, tapi bisa jadi nyangkaruk dina ingetan. Lamun barudak sakola unggal poé dijejelan ku lagu-lagu Sunda, diwanohkeun tuluy-tuluyan, jeung sacara motorik kungsi dilatih dina kasenian Sunda, sacara "affective" bakal aya tapakna. Sababaraha urang diantarana, bisa baé jadi pelaku, pencinta, penikmat sarta luyu jeung anu jadi harepan, upama hiji mangsa nyepeng "kakawasaan", maranéhna bisa mibanda kahayang pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun kasenian. Sakurang-kurangna, di imahna bakal nyetél lagu-tagu atawa kasenian Sunda, anu kadituna bisa mawa pangaruh ka kulawargana pikeun mikaresep kasenian Sunda.

Pangalaman Kang Ajip Rosidi nuduhkeun yén kanitén kana dunya sastra téh dimimitian ku mindengna maca buku-buku nu "aki". Upama Kang Ajip ogé titén kana kasenian, henteu leupas tina pangalaman keur jaman budak anu resep lalajo wayang kulit. Sawatara seniman moyan, umumna miang ti lingkunganna anu mémang dalit jeung kasenian.

Ku lantaran ayeuna mah lingkungan kasenian sunda téh ngaheureutan (baca: anu "tatanggapan"), mangka lembaga anu kalintang strategis bisa ngahirupkeun kasenian  téh ukur sakola.

 

Atikan, Panalungtikan, jeung Ngabdi ka Masarakat

Wanda tina ngahirupkeun kasenian di sakola, salahsahijina bisa tina kagiatan ekstra kurikuler, anu diintegrasikan jeung pangajaran basa Sunda. Dikaitkeunna jeung pangajan basa Sunda téh sangkan pangajaran basa Sunda leuwih dipikaresep. Ngajarkeun basa Sunda ku ngagunakeun média kasenian tangtu bakal leuwih narik ati. Husus pikeun pangajaran basa Sundana sorangan, aya tilu perkara penting anu kudu jadi diutamakeun.

Kahiji, basa Sunda diajarkeun minangka alat komunikasi, lain minangka élmu (pikeun élmu, pék wé diajar di S1 nepi ka S3); kadua, lantaran diajar basa Sunda kudu pikaresepeun jeung beuki lila mingkin pikaresepeun (lain beuki hésé); katilu, lantaran jadi alat komunikasi, matéri anu diajarkeun nyaéta basa Sunda anu kiwari masih kénéh hirup.

Sakumaha Tri Dharma Perguruan Tinggi, peran sakola lain baé saukur ngatik, tapi ogé nalungtik jeung ngayakeun pengabdian ka masarakat. Patalina jeung matéri anu diajarkeun/ dilatihkeun, sajaba ti sipatna umum, anu leuwih penting nyaéta jenis kasenian anu hirup di daérahna. Contona, upama di hiji daérah/ kampung aya seni pantun, mangka seni pantun anu kudu diaiarkeun/ dimekarkeun di éta sakola. Conto séjénna: Ciawian atawa Cigawiran di Pager Ageung, Ngekngek atawa tarawangsa di Rancakalong, Toléat jeung karinding di daérah Subang, Gembyung di daérah Kuningan/ Sumedang, Tanji di daérah Sumedang, Jipeng di Ciptagelar, jsté. (digunakeun istilah "di daérah", lantaran kanyatanana bisa jadi saban kacamatan atawa désa atawa kampung, mibanda kasenian anu maranti).

Lamun saban kacamatan di jawa Barat bisa ngamekarkeun hiji kasenian anu hirup/ kungsi hirup di daérahna, mangka lamun kiwari Jawa Barat mibanda kurang leuwih 500 kacamatan, sakurang-kurangna 500 jenis kasenian anu masih hirup (diantarana pikeun kasenian-kasenian anu geus taya dikieuna, mungkin baé bisa dihirupkeun deui).

Anapon pungsi panalungtikan, bisa dilakukeun ku ngayakeun inventarisasi, dokuméntasi jeung déskripsi, nepi ka penulisan. Hartina lain panalungtikan anu sipatna ilmiah ku ngayakeun rupaning analisa. Dina hal ieu mah  cukup ku  inventarisasi, dokuméntasi jeung pengarsipan.

Saban sakola ngayakeun inventarisasi rupaning jenis kasenian anu nyampak di lingkungan sakolana, anu saterusna ngadokuméntasikeun. Ayeuna mah alat paranti ngarékam vidéo ogé beuki murah. Dokuméntasi jeung déskripsi kalintang penting, kaasup lamun dina hiji mangsa éta kasenian geus teu bisa katulungan deui pikeun dimekarkeun. Harti tina ngamumulé kasenian, kaasup ogé "ngamusieumkeun". Sakola ogé boga museum leutik anu jadi ciri has daérahna, saperti museum alat-alat pertanian, alat-alat kasenian di éta wewengkon. Perkara nyitak buku jaman kiwari ogé geus kaitung gampil. Lamun perelu, hasil inventarisasi jeung dokumentasi saterusna bisa diédit tur dibukukeun.

Naon rupa nu dilakukeun ku ayana éta kagiatan "panalungtikan", henteu perelu nungguan waragad tina proyék pamaréntah. Pikeun maranéhna nu ngarasa mibanda panitén kana kasenian, bisa dijieun "kalangenan" alias proyék pribadi.

Sanggeus diinventarisir jeung didokumentasikeun, rupaning jenis kasenian has daérah séwang-séwangan bisa diajarkan ka murid-murid. Sakali deui, jenis kasenian anu diajarkeun di sakola téh nyaéta kasenian anu has di éta daérah, lain kasenian meunang ngimpor ti daérah séjén.

Kalau setiap sakola bisa melakukan ini, tentu akan merupakan suatu bentuk pengabdian masarakat yang dahsyat. Ratusan jenis kasenian tercatat, terdokumentasi, terbukukan jeung hidup. Dalam konteks pengabdian kepada masarakat, bukan murid saja yang diikutsertakan di dalam pengembangannya, tetapi masarakat umum di tempat yang sama.

 

Wisata jeung Ékonomi Kerakyatan

Ku hirupna rupaning jenis kasenian di saban daérah, antukna bakal jadi daya tarik wisata, anu antukna bisa jadi sumber ékonomi. Hartina Jawa Barat bakal mibanda puluhan daérah Tujuan Wisata Kasenian anyar. Prinsip dasar kamekaranna sarua jeung di Bali. Sakola pisan nu ngaganti peran pura banjar di Bali. Lantaran peran utama barudak téh sakola, jadwal pintonanna bisa diatur. Conto anu panggampilna mah  bisa ditengetan di Saung Angklung Ujo (SAU). Barudak anu midang di SAU, lain para profésional. Isuk-isuk sakola, buritna milu ngagabung pagelaran. Ku lantaran pungsi barudak mah sakola, mangka masarakat sabudeureun sakola anu geus dilatih, bisa ngamekarkeun kasenian. Perkara ieu ogé kaalaman di Bali. Para seniman Bali di Pura/ Banjar, umumna patani. Lamun euweuh wisatawan, maranéhna balik deui ka dunya aslina, macul! Perkara nu sarua, lumaku ogé di Unpad kiwari. Iraha baé rék aya tamu, Unpad siap nyieun 6 - 7 matéri kasenian.

Perkara tempat pagelaran ogé henteu perelu dipasualkeun. Bisa di buruan sakola atawa di balé désa, atawa di lapangan. Lamun kasenian geus mekar, pintonan bisa digelar babarengan jeung masarakat. Masarakat sabudeureunna ogé bisa kacipratan rejekina, contona ngajual kadaharan atawa karajinan has daérahna. Di lebah dieu pisan unsur ékonomi kerakyatan hirup jeung mekar.

Naon rupa nu didadarkeun téh bisa dimimitian ti ayeuna mula. Asal enya-enya boga niat hayang ngamumulé jeung ngamekarkeun kasenian Sunda, saha baé ogé bisa ngajalankeun. Prung, ah!***

 

*) Ditepikeun dina seminar “Etnopedagogik dan Pengembangan Budaya Sunda” di Gedong JICA, Kampus UPI, Jl. Dr. Setiabudi, Bandung, 23 Séptémber 2010.

 

 

Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA, Réktor Universitas Padjadjaran (UNPAD)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...