Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokSenén, 20 Agustus 2012 02:41

Surti

Ku Dadan Sutisna
SN
Ilustrasi [Potret: Zaenal Mutaqin]

 

Peuting kasapuluh bulan puasa.

Kuring sare di imah Surti. Disimbutan ku Surti sorangan. Memeh sare,  kaburu keneh ngenyot kuntung roko. Bari jandela kamar digeblangkeun. Bulan nu pias. Peuting nu reyem-reyem. Paeunteung-eunteung jeung beungeut Surti nu ngadangong hareupeun pisan.

Kuring apal, taya sasaha deui di ieu kamar teh. Iwal ti kuring jeung Surti.  Nu matak nyalse we, bari ngagelehe dina bantal. Dihaneutan ku awak Surti. Ngan basa melong ka lebak, nobros lalangse peuting ngaliwatan jandela kamar, bet jadi inget ka Kang Odang. Tadi beurang manehna ngabar-ngabar bedog. Ngaberik kuring ti lebak tepi ka tonggoh.

"Wartosna Si Odang ngadat, Kang!" ceuk Surti, siga anu surti ka nu keur dipikirkeun ku kuring.  

Memeh ngajawab, make jeung nyelang heula ngusapan buuk Surti nu semu pirang. Teuing geus sabaraha puluh lalaki anu kungsi ngusapan eta buuk teh.

"Ngajak ijen ti dituna mah. Ngan ku Akang teu dilawanan,"

"Moal enya ka adi sorangan ngajak gelut? Bulan puasa deuih!"

"Ih, henteu kitu ari nu geus kaancikan setan mah!"

"Moal enya anak ajengan kaancikan setan?"

"Setan mah teu pilih bulu, Sur!"

"Nya pedah naon, Kang?"

Lebah dieu kuring kapaksa kudu ngahuleng heula. Surti moal engeuh, lamun salila manehna babarengan jeung kuring teh ngadatangkeun pakewuh nu kacida rongkahna. Pakewuh anu pamohalan dicaritakeun ku kuring ka manehna.

"Geuningan kalah jempe?"

"Tutupkeun heula jandela!"

"Enya atuh, mani taya katiris!"

Hawar-hawar kadenge sora adan isa.

“Akang moal tarawehan?”

“Ah, rek di dieu bae. Ambeh berjamaah jeung Surti,”

Surti kalah malieus, mindahkeun paneuteupna kana lawang kamar.

*

Tadi beurang di imah Bapa.

Kuring nu geus saged rek indit digeroan ku Kang Odang.

"Rek kamana euy, wayah kieu mani geus gaya!" pokna, ngomongna angger sugal sakumaha sasari.

"Ka tonggoh heula, Kang?"

"Nepungan deui Si Surti?"

"Ku kira-kira mah kitu,"

"Diuk heula sakeudeung, euy!"

Najan rusuh oge, kapaksa nurut.

"Tapi ulah leuwih ti lima menit ngobrolna. Kuring  kudu gagancangan indit!"

"Na ari sia, kawas lain ka lanceuk bae. Mani ngatur waktu. Lain, geus ngobrol jeung Bapa acan?"

"Unggal poe oge ngobrol,"

"Montong ngacaprak bae. Dewek nyarita dines yeuh,"

"Enya, ngobrol perkara naon atuh?"

"Perkara kalakuan silaing nu minculak!"

"Aeh-aeh, na ti iraha kitu kuring minculak? Bapa oge henteu nyebutkeun kitu!"

"Naha ari reureujeungan jeung ungkluk lain minculak kitu?"

Ngadak-ngadak aya nu nyelek dina tikoro. Geus mindeng teuing Kang Odang nyebut ungkluk ka Surti teh.

"Bapa teh teu satujueun euy, lamun silaing babarengan wae jeung Si Surti. Loba keneh awewe mah, masing rek meunangkeun nu leuwih ti kitu oge, tangtu bisa. Ari Bapa nyarita naon tadi peuting?"

"Ukur mapagahan, sing taliti neangan pijodoeun teh. Peun sakitu, teu kurang teu leuwih,"

"Enya, da Bapa mah moal togmol nyarita. Apal sorangan meureun, Bapa mah tara pati loba omong. Ngan sabalikna, silaing kudu bisa ngahartikeun ka eta omongan. Apan silaing teh geus dijodokeun deuih, ka anak Kiai Amas nu boga pasantren di Kaliaren,"

"Tapi, Kang ..."

"Cicing heula,  montong waka nempas. Bapa teh teh jelema nu boga pangaruh euy, kasebutna oge ajengan. Naha silaing rek tega ngaruksak komara kolot? Kumaha ceuk omong batur, kumaha lamun aya nu nyebutkeun Bapa ngelmu ajug? Sakali deui, Bapa mah moal luas nyarekan silaing. Tapi dewek lanceukna, minangka wawakil Bapa,"

"Jadi Akang teh rek nyarekan kuring?"

"Rek ngageuing dewek mah. Sangkan silaing ulah terus-terus jinah!"

"Astagfirulloh. Kuring teu rumasa jinah, Kang!" rada nyeuneu nyarita teh. Malah peureup geus dibuleud-buleud, hayang sabekbekeun nonjok Kang Odang.

"Sakur lalaki anu kungsi babarengan jeung Si Surti, pasti geus ngasaan awakna. Silaing anu geus mulan-mulen, moal enya henteu ..."

"Kuring teh boga keneh iman, Kang!"

"Kabeh urang lembur geus apaleun. Geus papada surti, lamun silaing indit ka tonggoh pasti rek mondok-moek di imah Si Surti. Naha silaing teu apal Si Surti keur kakandungan?"

"Pitenah eta mah, Kang!"

"Enya, matak dewek nyarek oge bisi jadi pitenah. Puguh-puguh silaing teh henteu,"

"Tapi da Surti mah lain ungkluk!"

"Ari awewe nu ngalayanan sakur lalaki lain ungkluk kitu?"

"Apan Akang oge baheula, kungsi lin babarengan jeung Surti teh ..."

"Montong nyabit-nyabit masalah eta, euy!" Kang Odang muncereng.

"Tapi bener pan, Akang kungsi ..."

"Ari sia, dipapagahan teh kalah malik-malikeun!"

"Da Akang mah ukur bisa mapagahan batur, ari ka diri sorangan ..."

"Rek ngalawan lanceuk sia teh?"

"Atuda Akang sorangan, pipilueun wae kana perkara kuring!"

"Ukur ngelingan aing mah, deuleu!"

Saterusna, kuring hoghag jeung Kang Odang. Untung Bapa kaburu datang ti tajug. Kang Odang terus ngabengbeos ka tukang. Kuring oge gagancangan indit. Ninggalkeun Bapa nu olohok bengong. Tonggoy leumpang ka tonggohkeun, rentang-rentang Kang Odang nuturkeun. Kadenge gogorowokan bari leungeunna nyekelan bedog. Dina ingetan kuring harita, Kang Odang teh tangtu rek nandasa. Nu matak buru-buru lumpat, ngajauhan manehna. Berekah henteu kungsi kasusul.

Asa henteu sah puasa teh poe bieu mah. Lantaran kuring duaan – adi jeung lanceuk – hoghag pasea. Hartina, boh kuring, boh Kang Odang, poe bieu mah saru teu bisa meper amarah.

Surti ngagoler keneh gigireun kuring. Hegak ambekanana. Kiceup panonna. Lir ngawirahma jeung seah angin luareun imah.

"Kang Omad," sorana haroshos, bari ngusap kesang nu renung dina tarangna. "Enjing mah bade dijilbab, nya!"

Kuring curinghak. Gentak cengkat. Diuk dina tungtung dipan. Panon melong ka Surti anu sarua milu cengkat.

"Teu percanten?"

"Leres ieu teh?"

"Moal enya bohong atuh. Apan abdi teh ayeuna mah ..." ngomongna teu kebat. Kaburu ngagelehe manten kana taktak.

"Ti ngawitan wengi ieu, abdi teh hoyong babakti ka Akang. Hoyong diajar solat, hoyong diajar ngaji. Akang kersa mapagahanana?"

"Akang mah henteu tiasa ..."

"Moal enya putra ajengan ..."

"Gaduh mukena henteu?"

Manehna gideug.

"Enjing urang meser, nya!"

"Sakantenan sareng anggoan muslim, kanggo lebaran,"

"Ah, Surti mah. Ujug-ujug sagala hayang geuning. Tapi, mangga, lah!"

“Ulah nganggo lah atuh,”

“Enya, mangga.”

Surti beuki pageuh muntang kana beuheung.

*

Asa cikeneh wawanohan jeung Surti teh. Estuning sajorelat naker. Tacan jejeg opat bulan manehna aya di lembur. Samemehna - ceuk beja - Surti cicing di kota. Jadi pangeusi lokalisasi. Kuring teu bisa mastikeun bener henteuna eta beja. Nu eces, ceuk beja keneh, Surti balik ka lembur teh alatan tempatna aya nu ngaduruk.

Nu matak, aya pantesna lamun lembur ngadadak harengheng oge. Cenah Surti teh  purah ngagoda salaki batur. Loba lalaki nu ngahaja sina mondok-moek di imah titinggal kolotna.

Basa kuring mimiti hubungan jeung manehna, henteu loba tinimbangan. Teu ieuh kasengrem ku dadangdanana nu teu weleh seksi. Henteu kakagokan deuih, pedah manehna kungsi jadi pangeusi lokalisasi. Kuring ukur resep ka nu nyamuni satukangeun sorot panonna. Katenjona aya nu camaplang herang lir ngagenyasna cai empang.

"Maneh teh bujang keneh, Omad. Moal enya daek ka awewe nu geus guley jeung saban lalaki," ceuk Kang Odang, basa mimiti pisan kuring babarengan jeung Surti. Tapi henteu didenge.

Surti oge, kawasna, wawuh jeung kuring teh lain ukur rek ngagoda. Da buktina, manehna henteu nembongkeun sikep lengerna, sakumaha kalolobaanana awewe bangor. Di hareupeun kuring, Surti estuning awewe nu pageuh nyekel kahormatan.

Ngan peuting ieu, kuring daek sare sagebrug jeung manehna. Kapaksa jeung dipaksa ku kaayaan. Surti angger ngagoler. Kuring angger diuk dina tungtung dipan. Peuting beuki anteng disaput kasimpe.

Ngan kasimpe teh ujug-ujug dibaribinan ku sora nu inghak-inghakan. Enya, Surti anu nginghak teh. Surti ceurik.

“Ku naon nangis? Kaduhung?”

“Kedahna mah abdi anu naros kitu teh. Naha Akang henteu kaduhung?”

“Kaduhung ku naon. Henteu, henteu pisan-pisan,”

“Rumaos hirup abdi teh lamokot ku dosa, Kang. Abdi teu hoyong Akang ngiring tunggara alatan dosa-dosa abdi,”

“Akang teu gaduh emutan ka lebah dinya!”

“Ari urang ayeuna, kikieuan, henteu dosa,”

“Anging Manten-Na anu langkung uninga mah. Tapi leres pan Surti teh hayang diajar solat, hayang make jilbab,”

“Muhun. Engke atuh urang saur sasarengan!”

Tacan beres kawasna mah Surti nyarita teh. Di luar aya nu uluk salam. Kuring ngorejat. Surti ngorejat. Gentak baju dipake deui.

“Kabur?” Surti melong.

“Naha make kabur. Urang sanghareupan bae, sasaha oge!” ceuk kuring bari kaluar ti kamar, muru panto hareup. Bray lampu dicaangkeun heula. Panto hareu dibuka.

Bray. Teu jauh tina sangkaan. Bapa kuring, Kang Odang, hiji awewe bayuhyuh, jeung sawatara urang lembur geus ngabedega di pakarangan. Sorot panon Bapa, katembong leuwih seukeut batan sasarina.

“Kaluar Omad!” ceuk bapa, semu nyentak. Enya kawasna mah, bapa teh keur ambek. Tangtu bakal dihaneutan ku Kang Odang. Ari awewe bayuhyuh tea asup ka jero. Teu kungsi lila geus kaluar deui bareng jeung Surti.

“Tah, kasaksian meureun ku Bapa oge, kumaha kalakuan Si Omad teh,” ceuk Kang Odang. “Ngerakeun pisan, Pa. Henteu ngahargaan ka Bapa eta teh ngaranna,”

“Cicing heula, Odang,” bapa ngagebes. “Omad, naha hidep teu apal, kumaha hukumna awewe jeung lalaki nu lain muhrim sare sagebrug?”

“Terang, abdi terang pisan, Pa ..” teu kebat nyarita teh, da ku bapa kaburu dipotong

“Naha atuh, kawas henteu meunang pangwarah bae. Ayeuna teh bulan puasa, Mad. Sing inget, bulan puasa. Piraku bulan nu sakieu sucina rek digeuleuhan ku kalakuan nirca,”

“Lamun di Arab mah, hukumanana teh dirajam, nya!” Kang Omad geus nembrong deui.

“Bapa ngarasa handeueul anu lain di kieuna. Satadina, Bapa teh geus percaya kana kapengkuhan Omad. Diantep soteh, da geus boga angkeuhan, hidep moal kabawa ku sakaba-kaba,”

“Tapi …”

“Meugeus, montong loba alesan, Omad. Silaing geus ngawiwirang kolot. Tah, bisi hayang apal mah, awewe nu ieu teh indungna Surti,”

Indung Surti? Kuring ngahuleng. Da ceuk Surti mah, manehna teh geus teu bogaeun indung. Jeung tina sikepna, awewe bayuhyuh anu dangdananana menor teh henteu kawas indung ka anak. Katambah sorot panon Surti siga ngabejaan, yen eta teh lain indungna.

“Geus ayeuna mah geura balik. Surti oge geus moal aya di dieu, lantaran rek dibawa ku indungna ka kota,”

“Sakedap, Pa …”

“Meugeus Omad. Geus peuting ieu teh. Batur mah keur tadarusan …” ceuk Kang Odang bari ngenyang leungeun kuring. Ari awewe bayuhyuh tea, terus indit bari ngagugusur Surti. Katembongna Surti mani merod, bari lieuk deui, lieuk deui ka kuring.

Nepi ka paturayna, boh kuring, boh Surti, henteu nyaritakeun kajadian nu sabenerna. Teuing ku naon, biwir asa dirapet, asa hese rek kedalna. Ongkoh dikagokeun bae ku Kang Odang deuih, teu kaur rek nyarita.

Padahal, aya perkara anu sabenerna mah peuting ieu teh kudu dibejakeun ku kuring ka bapa, ka Kang Odang, jeung ka sakabeh urang lembur. Beja anu netelakeun yen kuring jeung Surti teh geus ngarangkep, geus dibeungkeut ku akad nikah, sabada tadi pabuburit nepungan lebe.

Nepi ka datangna ka imah, tacan aya nu apaleun kana eta perkara. Jeung deui, kabeh oge kawas nu henteu hayang apaleun. Anehna, kuring oge henteu hayang ngabejakeunana. Lantaran hiji mangsa mah, tangtu bakal kanyahoan.

Ngan kacida ngagebegna, basa isukna kuring narima surat ti Surti. Eusina ngan dua jajar :

Kang Omad, ayeuna mah abdi teh geus aya deui dina cekelan Mamih. Dipaksa kudu usaha deui. Tapi hiji waktu mah abdi bakal nepungan Akang. Teuing iraha.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...