Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingSenén, 20 Agustus 2012 01:19

Idul Fitri jeung Muhassabatun Nafs

Ku Rudi H. Tarmidji

 

IDUL Fitri nyatana poénan umat muslim balik deui kana kasucian, lir jabang bayi nu kakara lahir. Kecap Id kaunggel dina al-Qur'an surat Al-Maidah ayat 114: "Qoola Isa ibnu Maryamu, Allohuma robbana angjil 'alaina maa bidatam minas sama'i takul lana Id illaw walina. Nu hartosna: Pok Isa putra Maryam ngado'a : "Nun Gusti Pangéran abdi sadaya! Mugi Gusti masihan katedaan ti langit ka abdi sadaya supados (waktos éta) jadi lebaran (Id) kanggo abdi sadaya...."

Demi kecap 'Fitri' dina surat Ar-Ruum ayat ka 30, kaunggel : "Fa aqim wajhaka lilladziini haniifa, fitrotallohil latii fatoronnas 'alaiha." Hartosna: prak geura sanghareupkeun diri aranjeun kalawan lempeng kana agama dadamelan Alloh anu Anjeunna ngayugakeun manusa téh saluyu jeung agama.

Fitrah manusa ogé bisa disebut hanif (lempeng) sakumaha khitob ka Nabi Ibrahim a.s, nyaeta salalawasna nuduhkeun kana bebenaran nu mutlak mungguh Alloh SWT.

Upama kitu, kecap Id Fitri nu sok dihitobkeun ka kaum muslimin, nyaéta sumpingna pangampura Alloh pikeun umat nu mibanda hudan (pituduh) Alloh kalawan suci jeung lempeng nu teu aya babandinganana.

Kitu deui, duméh kaum mu'min nu sabulan ngalakonan saum Romadon kalawan imanan wah tisaban (iman sareng ihlas), sanés kanten numutkeun kasauran Rosulullah, "Gufiro lahu maa taqoddama min dan bih” (Alloh baris ngahampura dosa-dosana anu geus kaliwat)

Dawuhan Rosulullah SAW écés pisan nuduhkeun kasucian hambana, beresih deui tina dosa, éikeun kaum mu'minin nu saumna iman sareng ihlas. Ieu pisan nu disebut idul fitri, balik deui kana hamba nu beresih.

Ku margi kitu, kaum muslimin nu lulus saumna, rék teu ngarasa bagja kumaha, da puguh dirina tos beresih deui tina dosa. Kitu deui, salila taqarub ilalloh, salawasna miharep sumpingna malem lailatul qodr.

Dr Yusuf Al-Qardawi nyaurkeun, yén sumpingna lailatul qodr pikeun sadaya umat. “Falaelatal qodri laelatan 'aamatan, lijami' ma yutbaha, wayabtagi khoeruha wa ajroha” (Mangka peutingan al-Qadar nyaéta pikeun sadaya hamba nu tumut sarta miharep kahadean jeung ganjaranana). Allohu Akbar!

Sawangsulna, Rosulullah ngadawuh nu hartosna kieu: "Aya di antara umat kami nu saumna saukur nandangan lapar jeung hanaang," ieu pisan saum nu hapa téh, taya eusian; teu kapetik buahna, teu kaala hasilna; capé gawé teu kapaké. Nu sapertos kitu, teu luyu sareng hakékat Idul Fitri. Sabab, henteu dugi kana kasucian dirina.

Ku margi kitu, momen idul fitri ogé tiasa dijadikeun poénan introspeksi diri (muhassabatun nafsi) dina saum sareng amal ibadahna. Naha urang téh kalebet capé gawé teu kapaké? Atanapi kalebet nu iman sareng ihlas, kalayan kénging ngahontal fitri? Éta sadaya uihkeun deui ka papada urang.

 

Lebaran Ruhaniah jeung Lahiriah

Rupaning cara umat muslimin dina mapag lebaran atawa idul fitri, gumantung kana niat sareng kalulusan saumna. Di antarana kahiji, kaum mu'minin mapag lebaranana téh mentingkeun kabutuhan ruhaniah. Kitu nu nerap, sabab salila saumna kebek kaimanan tur kaihlasan. Sadaya amal kasoléhan sareng harta bandana teu kahalangan ku kokotor, margi jakat pitrah sareng zakat malna oge pinuh ku kaimaman sareng kaihlasan. Ku sabab kitu, dina nyambut Idul Fitrina pinuh ku kabagjaan nu datangna karana Alloh nu Maha Jembar Pangampura. Kitu deui, ku kaagungan Allah, lisanna sareng hatena teu weleh ngucapkeun Allohu Akbar kalawan haqqul yakin, sadaya puji kagungan Allah. Mahluk-mahluk, kayaning manusa sareng sanesna, teu aya hartosna. Sadayana aya dina kawasa Allah Swt.

Sabalikna nu kadua, kiwari teu sakedik, dina mayunan lebaran teh aya anu dug hulu pet nyawa ngabelaan kanggo tuangeun sareng anggoeun bari teu ningal halal haramna. Ceuk paribasa, tunggul dirarud catang dirumpak, sok dapon kaperyogian tiasa kacumponan. Komo, sanajan lami keneh kana boboran, dina hatena mah teu kirang-kirang humandeuar bari rumahuh. Nu aya teh rupi-rupi kahariwang nu breh narembongan, seueur bangbaluhna sarta kabungahna teh gumantung kana lahiriah wungkul. Nu kitu pisan nu sebut lebaran lahiriah.

Kitu deui, saking sibukna lebaran ngalap lahiriah wungkul, harta banda nu jadi cukang lantaranana, bakal kapopohokeun. Padahal zakat malna tos nishob, tapi tetep lolong, basana cukup ku zakat fitrah we.

Ku margi kitu, kaum muslimin salawasna ngeusi lebaran teh masing sumerah. Ngaguruhna sora takbir, geter-geter nu kebek ku kabingah sareng karumaosan nyalangkrung nu aya dina hate sanubari, estuning kedah diuihkeun deui ka Alloh Swt. Allohu Akbar, wa lillahil hamdu.

Dina hiji tarikh, kacarioskeun Shaleh bin Abdullah, hamba nu soleh poenan lebaran mios ka musola. Saparantosna solat, Shaleh bin Abdullah ngempelkeun palaputra sareng kulawargana. Tos kitu, Shaleh bin Abdullah ngebeungkeutkeun karep ku rante beusi kana beuheungna, diawurkeun lebu kana mastakana jeung badanna, terus anjeunna nangis anu kabina-bina.

Atuh, saeusi bumi kaget. Istrina nyaketan, terus nyarios : "Ayeuna teh poenan lebaran, poenan pikeun ningalikeun kabungah, tapi naha anjeun bet sabalikna? "

Shaleh bin Abdullah ngajawab: "Kuring apal, tapi kuring rumaos hamba Alloh. Alloh parantos marentahkeun ka kuring sangkan ngalaksanakeun sagala parentah-Na. Sanajan kuring kalakonan kalayan to'at, tapi kuring teu apal, naha Allah parantos nampi atawan henteu kana amal ibadah kuring."

Teu lami, Shaleh bin Abdullah mios deui ka musola. Tapi anjeuna ayeuna mah calikna diluar. Salahsaurang nu liwat, naros ka Shaleh bin Abdullah. "Hey Shaleh, ku naon anjeun teu asup ka jero musola?"

"Kuring datang pikeun ngemis rahmat Alloh, jeung yakin di dieu pisan tempat nu pantes pikeun kuring."

Subhanalloh, kisah Shaleh bin Abdullah di luhur, masihan tafaul sangkan manusa handap asor upama disagigiren Alloh. Sanajan poenan idul fitri, poe suci, manusa balik deui beresih saperti babayi nu kakara lahir, tapi hamba sapertos Shaleh bin Abdullah, ngaraos isin, miheulakeun rasa karumaosan, isin amal ibadahna katempelan sipat takabur.

 

 

 

Halal Bihalal

Numutkeun Prof. Quraish Shihab, halal bihalal bisa dihartikeun ku tilu rupa. Kahiji, tina sisi basa, nyaeta ngaleupaskeun beungketan. Kadua, tina sisi hukum, nyaeta kecap 'halal bihalal' nuduhkeun ngahalalkeun pagawean nu asalna pagawean haram. Dina harti nu sejen, hoyong dihalalkeun, teu aya dendam papada urang. Katilu, tina jihat al-Qur'an, nyaeta hamba Allah supaya ngalakukeun pagawean nu halal oge thayib.

Kasauran Quraish Shihab diluhur, sagemlengna halal bihalal bakal ngadatangkeung kamaslahatan, tur ngaleungitkeun kamudorotan. Saur kaidah Fiqhiyah mah, dar'ul mafasid muqodamu 'ala jalbil masholih. Munasabah dina mimiti poenan lebaran, sabada solat 'Id, sadayana baris sasalaman baris silih hampura sareng sasama manusa. Idul Fitri baris pinuh ku hampura jeung karapihan, najan teu bukti kasimpay ku rapih. Sadayana kabagjaan teu bisa digambar ku kecap. Ngan anu karandapan sorangan, nu tiasa ngira-ngira rasana bagja.

Halal bihalal, estuning nyimpen sareng ngalap rohamt Alloh sangkan aya dina repeh rapih sapiri umpi, repeh rapih satatangga, repeh rapih sakumna umat Islam.

Allohu akbar kabiro wal hamdulillahi katsiro, wasubhanallohibukrotaw wa ashiila. La ilaha illalloh, wala na'budu. Mudah-mudahan urang sadayana, kalebet hamba nu lulus saumna kalawan kenging kani'matan pangampura Alloh sareng mugi Gusti maparinan ka urang sadaya, rohmat, inayah sareng magfiroh Alloh SWT. Amiin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...