Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingSenén, 20 Agustus 2012 00:15

Mulang ka Jiwa Tauhid

Ku Asep Syamsul M. Romli
SN
Silaturahmi jeung silih lubarkeun kasalahan [Potret: Maruta Bayu]

 

DINA unggal moméntum Idul Fitri, sabada urang (umat Islam) ngalakonan ibadah puasa sabulan campleng sasih Ramadhan, disebutkeun yén urang geus mulang deui kana fitrah, nyatana balik deui kana kaayaan beresih jeung suci tina céda jeung dosa, lir orok nu kakara gumelar, luyu sareng ma’na umum ‘Id al-Fitri—mulang kana fitrah.

 “Sing saha nu puasa Ramadhan lantaran iman jeung ihlas, mangka dihampura dosana anu baheula jeung anu ayeuna” (HR. Bukhari-Muslim).

Kasucian urang beuki mantep ku ayana “budaya” silaturahmi, halal bihalal, silih ngahampura sasama manusa dina poénan Idul Fitri minangka sarana pikeun ngumbah dosa  jeung sasama manusa.

Balik kana fitrah ogé mibanda ma’na “mulang kana jiwa tauhid”, sabab fitrah atawa watek dasar manusa ti barang lahir téh mibanda jiwa monoteisme atawa tauhid—ngaésakeun atawa ukur migusti Allah SWT.

Mémang, saméméh diciptakeun dina wujud sampurna, manusa anu diwengku ku rohani (jiwa, roh) jeung jasmani (badan, awak, raga), sakur roh manusa dikumpulkeun di hiji tempat ku Allah SWT—disebut “Alam Arwah”. Dina mangsa éta Allah SWT tumanya sakaligus "ngabaiat" maranéhna pikeun migusti Mantenna atanapi  ngaku yén Allah SWT téh Pangéran maranéhna. Ku ayana kitu maranéhna ogé—kaasup urang sadaya—dina mangsa harita geus sayagi "dibaiat" minangka "perjanjian" sareng Gusti Alloh.

Éta kisah diabadikan dina QS. Al-A'raf:172-173, anu nétélakeun yén unggal manusa asalna mu’min, iman ka Allah SWT mangrupa hiji-hijina Pangéran anu boga hak disembah (tauhid), atawa “Muslim” dina harti pasrah sumerah minangka 'abid (hamba) Allah SWT.

"Jeung (sing inget) basa Pangéran anjeun ngagelarkeun katurunan budak-budak Adam tina sulbi maranéhna jeung Allah nyokot kasaksian kana jiwa maranéhna (kalayan ngadawuh: ‘Apan Kaula téh Pangéran anjeun?’. Maranéhna ngajawab: Leres (Anjeun téh Pangéran kuring saréréa), kuring sakabéh nyaksi. (Kami ngalakukeun hal éta téh) sangkan anjeun dina poé kiamat henteu nyarita: Satemenna kuring sakabéh (badi Adam) nyatana jalma-jalma anu cileureun kana kaésaan Pangéran)” (Q.S. 7:172).

Écés pisan, éta ayat nuduhkeun ka urang, yén kapercayaan dasar manusa téh monoteisme atawa tauhid. Akidah tauhid téh fitrah manusa. Ngarujuk kana éta ayat bisa disebutkeun satemenna manusa geus mibanda tauhid saprak masih aya di alam arwah. Hal ieu ogé mibanda ma’na, Allah SWT nyiptakeun manusa sareng kodrat anu hanief, mihak kana bebeneran, sakumaha Islam ogé diciptakeun ku kodrat anu hanief atanapi luyu sareng fitrah manusa, anu antukna taya alesan keur manusia pikeun henteu ariman tur ngamalkeun ajaran Islam.

“Mangka sanghareupkeun beungeut anjeun sing lempeng kana agama anu hanief (Islam). Éta téh fitrah Allah anu geus nyiptakeun manusa dumasar kana éta fitrah. Moal aya parobahan kana fitrah Allah. Éta téh (Islam) agama anu lempeng, tapi kalolobaan manusa henteu apal” (Q.S. 30:30).

Kadar éta loba jalma anu kalah  jadi sasar, henteu iman, nampik, atawa ngéwa ka Islam (nurutkeun data ti sawatara sumber, umat Islam téh ukur sapaparapatna tina total populasi di ieu dunya), anu jadi marga lantaranna téh kayaning:

·         Maranéhna henteu boga kasempetan meunang panungtun rohani jeung atikan tauhid;

·         Informasi Islam henteu nepi kalawan bener ka maranéhna;

·         Maranéhna kahieuman ku pangaruh lingkungan anu goréng, utamana di lingkungan kulawarga.

Nabi Muhammad Saw nandeskeun, unggal manusa dibabarkeun dina kaayaan fitrah (suci, iman, mibanda tauhid). Sepuhna—atawa lingkunganna—anu tiasa ngajadikeun Yahudi, Nasrani, atawa Majusi (H.R. Bukhari, Muslim, Abu Daud, Tirmidzi).

 

Hirup = Ujian

Kahirupan di dunya ieu mangrupakeun ujian. Ujian anu dimaksud utamana pikeun nguji jiwa tauhid manusa. Naha manéhna pengkuh dina nyepeng ajén tauhid atawa henteu. Jalaran kitu, di dunya ieu manusa dibekelan ku jasmani. Demi jasmani ieu anu bisa méngparkeun manusa tina katauhidanana.

Jasmani ngarasakeun kana ayana pirang-pirang kabutuh anu pikeun dicumponan sangkan tetep bisa hirup. Nalika keur nyumponan kabutuh tadi, teu saeutik di antara manusa anu ngapilainkeun atawa ngamomorekeun katauhidanana. Diwuwuh ku nafsu anu ngagedur nalika dirina condong kana kadudukan jeung harta pakaya.

Pikeun ngahontal kadudukan jeung pakaya tadi, loba jalan anu bisa disorang ku saban manusa. Rupa-rupa jalan tadi éta ogé mangrupakeun cocoba ti Alloh SWT. Naha manéhna pengkuh ku jalan anu halal, sakumaha anu didawuhkeun ngaliwatan ajaran Islam, demi éta jalma pengkuh dina jiwa tauhidna.

Tauhid nungtun manusa pikeun salawasna nempatkeun Allah SWT minangka hiji-hijina Pangéran. Ukur ka Anjeunna ngabdi. Taat kana sagala hukum-Na. Ngajauhan sagala Larangan-Na, pon pilalagi ngajalankeun sagala paréntah-Na. Sabalikna tina tauhid nyatana syirik, nyakompétdaunkeun Allah SWT, ngayakinan Pangéran leuwih ti hiji, atawa boga pamadegan aya hiji kakuatan atawa komara anu satata jeung sareng Alloh. Dosa syirik moal meunang pangampura Alloh.

"Saéstuna Allah moal rék ngahampura lampah syirik, tapi Anjeunna ngahampura kana iwal ti éta...” (Q.S. 4: 48).

Jiwa tauhid baris ngalahirkeun amal pagawéan anu saukur karna Allah SWT (ihlas). Hartina, ukur nyiar keridoan-Na. Ku ayana kitu, hukum Allah salawasna jadi puseur dina laku lampah. Pikeun muslim, ieu perkara bisa kagambar dina bacaan do’a iftitah solat: "Satemenna solat kuring, ibadah kuring, hirup kuring, jeung maot kuring ukur demi Allah Maha Pencipta alam " (inna shalati wa nusuki wa mahyaya wa mamati lillahi rabbil 'alamin). Iwal ti éta,  natrat dina aosan Q.S. al-Fatihah: iyaka na'budu wa iyaka nasta'in, ukur ka Anjeun (Ya Allah) kuring nyembah jeung ukur ka Anjeun kuring muntang pitulung. Wallohu a'lam. (ASM. Romli/BD)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...