Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingSenén, 20 Agustus 2012 00:14

Ngama’naan Idul Fitri

Ku Asep Syamsul M. Romli
SN
Balik deui kana fitrah atawa kasucian [Potret: Maruta Bayu]

 

UNGGAL mapag Idul Fitri, mindeng pisan urang mireng para khatib atanapi nu caramah di mimbar ngadadarkeun  yén ma’na Idul Fihri téh "balik deui kana Fitrah", nyatana mulang kana fitrah urang mimiti (suci) lantaran dosa-dosa urang geus dipupus.

Dadaran sarupa kitu, yén Idul Fitri hartina “balik deui kana kasucian”, nurutkeun Al-Ustadz Abdul Hakim bin Amir Abdat mah BATIL, boh ditilik tina sisi lughoh (basa) atanapi syara’ (agama).  Sacara basa, lafadz “fithru/ifthaar" hartina buka (nyatana buka puasa upama dipatalikeun sareng puasa). Jadi, Idul Fithri hartina "hari raya berbuka puasa". Nyatana urang balik deui buka (henteu puasa deui) sanggeus sabulan campleng urang ngalakonan puasa.

Numutkeun syara', aya hadits anu ngécéskeun yén "Idul Fithri" nyatana "hari raya kembali berbuka puasa". Ti Abi Hurairah (anjeunna nyarios): Yén Nabi Saw ngadawuh, "shaum/puasa téh taya lian dina poé anjeun puasa jeung (Idul) Fithri téh nyatana dina poénan anjeun buka. …" (Hadits Shahih. Dikaluarkan ku Tirmidzi No. 693, Abu Dawud No. 2324, Ibnu Majah No. 1660, Ad-Daruquthni 2/163-164 jeung Baihaqy 4/252).

Dina salah sahiji lafadz Imam Daruquthni disebutkeun, “Puasa anjeun nyatana dina poénan anjeun (saréréa) puasa, jeung (Idul) Fithri anjeun nyatana dina poénan anjeun (saréréa) buka”.

Dina lafadz Imam Ibnu Majah: “(Idul) Fithri téh nyatana dina poénan anjeun buka jeung (Idul) Adlha dina poénan anjeun meuncit sasatoan".

Dina lafadz Imam Abu Dawud: " (Idul) Fithri anjeun téh nyatana dina poéanan anjeun (saréréa) buka, demi (Idul) Adlha nyatana dina poénan anjeun (saréréa) meuncit sasatoan".

Hadits di luhur jeung sawatara lafadzna écés nétélakeun yén Idul Fithri téh poénan urang balik deui buka puasa (henteu puasa deui, sabada salila sabulan campleng puasa). Ku ayana kitu, disunatkeun tuang langkung énjing, sateuacan urang mangkat ka tanah lapang pikeun ngadegkeun solat Id (Al-Masaa-il, karya Al-Ustadz Abdul Hakim bin Amir Abdat, Darul Qolam Jakarta, Cetakan III Thn 1423/2002M, almanhaj.or.id).

Mémang, aya sawatara pamanggih dina ngama’naan Idul Fitri, anu mangrupa “hari raya” umat Islam di satungkebing alam dunya. Upama ditilik tina sisi basana, Idul Fitri diwengku ku dua kecap nyatana “Id” jeung “Fithr”. Unggal kecap mibanda  ma’na séwang-séwangan.

Aya nu nétélakeun yén Id hartina “balik deui”. Tapi aya ogé nu narjamahkeun kecap Id minangka “hari raya” atawa poénan buka. Dua pamanggih ieu dumasar kana hadits ti Abu Hurairah ra, yén Rasulullah SAW ngadawuh, “Idul Fitri nyatana poénan dimana aranjeun buka, jeung Idul Adha nyatana poénan dimana aranjeun kurban” (HR. Ibnu Majah)

Aya anu narjamahkeun fitri ku “buka” lantaran dumasar kana kecap “ifthor” anu mémang sacara basa hartina buka sabada puasa. Kilang kitu aya ogé nu narjamahkeun fitri ku “fitrah” anu hartina suci jeung beresih. Dua pamadegan éta dumasar kana hadits Rasulullah SAW, “Henteu aya hiji budak dilahirkeun, lian ti manéhna dilahirkeun dina kaayaan fitrah (beresih/ suci). Kolotna pisan nu bakal ngajadikeun manéhna Yahudi, Nasrani atawa Majusi” (HR. Bukhari).

Tina éta ma’na sacara harfiah, bisa dicindekkeun aya dua ma’na dina narjamahkeun Idul Fitri, nyatana:

1. Idul Fitri ditarjamahkeun ku balik deui kana fitrah atawa kasucian, sabab tos nyorang ibadah sabulan campleng di bulan Ramadhan jeung lantaran manéhna meunang ampunan tur maghfirah ti Allah SWT.

2. Idul Fitri ditarjamahkeun ku “hari raya berbuka” sabada sabulan campleng puasa, ngajalankeun ibadah puasa karna Allah SWT, dina poénan Idul Fitri manéhna buka jeung henteu puasa minangka ungkapan syukur ka Allah SWT.

Urang tiasa nyandak kacindekan, dua ma’na Idul Fitri di luhur téh leres sareng saluyu. Duanana saling ngalengkepan kalayan henteu papalimpang. Kacindekanana, Idul Fitri nyatana “hari raya” umat Islam mangsa balik deui kana fitrah, ku ayana kénging pangampunan Allah SWT, sakaligus minangka poé nu pinuh kabagjaan pikeun kaum muslimin, margi tos diparéntahkan kanggo tuang-leueut (buka).

Iwal ti éta, aya ogé anu ngama’naan Idul Fitri minangka “balik deui ka asal kajadian”. Sacara bahasa, fitrah hartina “bawana ti barang lahir”. Asal kajadian lain ngan mibanda ma’na “kaayaan suci beresih sakumaha anjeunna dibabarkeun ku indung”, nyaéta kayaumi waladtshu ummuhu, tapi ogé asal kajadianana ngandung ma’na “mawa poténsi pikeun jadi jalma iman jeung aya kamungkinan jadi jalma kafir”, sakumaha dawuhan Alloh SWT, “Allah ngailhamkeun ka jiwa (manusia) kafasékan jeung kataqwaan)” (QS. 91: 8).

 

**

 

ANU penting pikeun urang kiwari taya lian kumaha cara ngawangun sikep mayunan Idul Fitri. Yén Idul Fitri nyatana buka deui, tuang-leueut, urang tos tiasa yakin kana éta bebenaranana. Tapi, yén Idul Fitri minangka balik deui kana kasucian, urang mung sawates miharep. Éta harepan kudu diwewegan ku rupaning amalan, ogé henteu ngalakukeun dosa atawa kamaksiatan deui, sangkan éta kaayaan suci bisa kapiara sapanjang kumelendang di pawenangan.

Fénoména anu nyampak, Idul Fitri sasarina direah-reuah ku “Idul-Idul” séjén. Upama salila bulan Ramadhan urang bisa nyengker ngalakukeun kagoréngan, mangka sabada lebaran mah, “Idul maksiat” maceuh deui, laluasa deui nyorang dosa, ghibah, jsté.

Bukti terkuat bisa ditilik dina layar kaca (télévisi). Salila Ramadhan, tayangan-tayangan anu nyérémpét kana pornogrfai sareng pornoaksi ngiles, pikeun ngahormat bulan puasa. Kumaha sabada Ramadhon? Nya… kitu baé, balik deui ka asal;  “idul seronok”, “idul porno”, tangtos anu nongtonna ogé kacandakeun “idul ngeres” tur kacéprétan dosa “zinah panon”. Na’udzubillah!

Jalmi anu idul fitri kuduna enya-enya balik deui kana fitrah anu suci, mibanda jiwa taohid, iman-Islam, sarta siap nanjeurkeun sareng majoangkan syari’at Islam. Salami sasih Ramadhan, karaos tingtrimna kahirupan, Islami. Atuh mugia éta kaayaan téh ngajurung urang sangkan siap pikeun jihad fi sabilillah, sakamampuh urang, luyu sareng kapasitas séwang-séwangan, majuongkan nanjeurna syari’at Islam.

Hanjakalna urang kacida prihatin ku ayana kanyataan anu kantos kapaluruh dina taun-taun sateuacanna. Sabada puasa, seueur jalmi–boa kaasup urang, anu katerap deui kasakit goréng lampahna. Rupina “Idul Kibr”, balik deui jadi jalmi sombong, “Idul Hasad”, balik deui sok sirik, jst. Hayu urang istigfar kalayan nyalindung ka Allah tina kalakuan anu nirca.

Upama éta hal kajadian, urang baris mingkin mikasono, hoyong sakur bulan téh mending Ramadhan baé. Manahoréng latihan (training) ngadalikeun hawa nafsu salila bulan puasa, tacan cukup nganteurkeun urang jadi jalmi anu taqwa. Wallahu a’lam. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...