Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanBiantaraKemis, 02 Agustus 2012 11:57

Ngajegkeun Budaya Sunda dina Alam Kasajagatan

Ku Ganjar Kurnia

Dina sapuluh taun katompérnakeun, urang nyakséni robahna jaman nu matak hookeun. Nu pangnatratna, katara tur karasa, nyaéta ngurunyungna fénoména média digital, nu jadi totondén ceuyahna pirang-pirang pakakas téknologi komunikasi. Kiwari, sigana urang hésé nyirian wates-watesna budaya, lantaran geus pagaliwota dina sistim komunikasi nu sakedét nétra. Rupaning sora jeung unak-anik béja, ngung-ngéng ti juru-juru dunya, masieupan hirup-kumbuh, milu ngarobah paripolah. Kaayaan siga ayeuna, tangtu tacan kasawang dina riungan Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I, 22-25 Désémber 2001 di Gedong Merdéka. Tina pirang-pirang matéri nu dipedar, sawangan ka hareup ngeunaan barobahna pajamanan, semet diukur tina kaayaan harita.

Rupaning parobahan jaman katut kaahénganana, tangtu lain lalajoaneun. Ayeuna urang geus kudu prak milu ancrub, milu icikibung, pikeun merenahna budaya Sunda jadi bagian tina budaya global nu keur nanjung. Budaya Sunda kudu bisa dipaluruh ngaliwatan rupaning pakakas téknologi, tuluy makalangan marengan lajuna jaman.

Geus réa contona, tur bisa dipaké eunteung ku urang Sunda, kumaha matihna média sosial dina ngarobah kabiasaan manusa. Budak kamari ieu modél Mark Zurkerberg, bisa ngariungkeun 750 juta manusa dina waktu nu teu nitih 6 tahun ku nyiptakeun Facebook. Urang Sunda nu milu jadi pangeusi nagara Facebook, tétéla bisa némbongkeun ketakna deuih.  Conto leutikna, dina waktu kurang ti 3 bulan, hiji grup dina Facebook bisa ngagerakkeun  1.000 urang Sunda pikeun unggal poé narulis dina basa Sunda.

Boa urang téh, mimindengna mah neuteup alam global ukur ti jauhna, disérangkeun ti anggangna, dilelebah tur dikira-kira, bari teu kungsi ancrub pikeun nyungsi kumaha jero-jeroanana. Mun alam global dicirian ku majuna téknologi komunikasi, atuh budaya Sunda gé kudu milu imah-imah di dinya, sangkan kasungsi ku unggal jalma di suklakna di siklukna. Éstu hartikeuneun pisan, kekecapan juru pantun kapungkur: “diteundeun di jalan gedé, bukaeun anu ngaliwat, anu weruh di semuna, anu terang di jaksana, anu rancagé di haté.”

“Jalan gedé” cék juru pantun, mun disurahan mah, boa média digital téa. Ari “nu ngaliwat” nyaéta jalma-jalma nu ngamangpaatkeun éta média. Dina ngalarapkeunana, teuteundeunan di jalan gedé téh teu bina ti nyebarkeun kontén budaya Sunda maké pakakas téknologi. Urang beunghar ku kakayaan kultural, tapi nepi ka danget ieu bacacar kénéh. Buku-buku nu ngaguar ngeunaan pangaweruh budaya, kitu deui rupaning hasil panalungtikan, tacan bisa kagundukkeun di tempat nu merenah, dina lapak nu bisa diaksés ku saha waé jeung di mana waé.

Lebah merenahkeun teuteundeunan mah, tétéla urang téh héngkér kénéh. Sistim dokuméntasi budaya Sunda, nu baris jadi cukang nepung-lawungkeun kaweruh budaya ti generasi ka generasi, kitu deui bahan keur nu rék nyungsi, nalungtik jeung mekarkeun budaya Sunda, horéng can kawangun kalayan weweg. Urang masih kénéh anteng dina dokuméntasi konvénsional. Padahal jaman geus robah.

Rupaning pasualan budaya baris diguar deui dina Konferensi Internasional Budaya Sunda II. Ieu téh minangka lajuning-laku tina konferénsi méméhna, nu digelar tanggal 22-25 Désémber 2001. Dina lolongkrang waktu 10 taun, tangtu réa hal anyar nu patali jeung ketak urang Sunda dina ngamekarkeun budayana. Kitu deui panalungtik ti luareun Sunda, réa nu némbongkeun kahaatna pikeun manjangkeun kaweruh ka lahan nu leuwih lega. Mugia ieu pasamoan, bisa nepungkeun lawungkeun rupaning pamikiran, nepi ka bisa muguhkeun konsép jeung ketak dina ngajegkeun budaya Sunda dina alam kasajagatan.***

Bandung, 19 Désémber 2011


Dicutat tina biantara pupuhu panitia dina acara Konferensi Internasional Budaya Sunda II, 19-22 Désémber 2011

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...