Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaSalasa, 31 Juli 2012 16:23

Monyét jeung Merak

Ku Supriatna
SN
Monyét jeung Merak [Potret: Ayi Sacadipura]

 

"Keur naon sia Cekroh, ugal-ugil kitu?” ceuk merak bi­kang ka monyét jalu.

“Geuning sia Kuncung…ieu keur ngarabut tangkal céngék.” walon monyét.

“Naha dirabut atuh sia mah?” ceuk merak nu ngaran Kuncung téh bari kerung.

“Kabita atuda mani meuhpeuy kieu!” monyét ngajawab bari ugal-ugil teu bisaeun.

“Montong dirabut tangkalna atuh, petikan wé!”

“Wah leukleuk dipetikan mah!”

“Lebar, ih! Petikan wé!” .

“Leukleuk!”

“Lebar étah tangkalna, goréng patut!”

“Leukleuk, torék!” 

“Dasar bagong!” Merak keu­heu­leun pisan.

“Hébat nya, gagah-perkasa!” Monyét kalah siga nu bungah disebut bagong téh.

“Lain gagah-perkasa, jorok deuleu! Gawé susungkur, kolom­béran diuyupan!”   

“Jorok gé jago, bagong mah, Si Tu­mang gé kamari nepi ka ga­gaikan digadil!”

“Petikan, petikan! Terus huap-hu­ap­keun! Montong dirabut tang­kalna! Rék digubug ka mana atuh barina gé, mani jeung tang­kal-tangkalna!”

“Rék disingkurkeun di ditu tuh,di puncer caringin, ngarah jongjon ngahénggoyna” 

“Lebar kembangna, siah! Té­angeun isuk-pagéto!” Merak keu­keuh ngahuit.

“Wah ngurus teuing isuk-pagé­to! Ayeuna wé heula! Isuk pagéto mah kumaha isuk-pagéto wé. Ka lieur-lieur dipikiran ti ayeuna!” Monyét neugtreug.

“Dasar ajag sia mah!” Merak jéngkél.

“Kesit, nya! Kelenci linghas gé sa­gabrug-sagabrug ku ajag mah!” Monyét beukah irung, dipoyok siga ajag téh.

“Lain kesit... hawek! Asal seu­beuh sorangan!” ceuk merak.

“Na kudu miseubeuhan saha ari hirup?” Monyét malik-malik­keun.

“Pék teuing sia sorangan nepi ka bentét ogé, tapi sing inget ka batur atuh! Dirabut jeung tang­kalna mah meureun batur moal kabagéan!” ceuk Merak.

“Ngurus teuing kadut batur! Sa­kadutna-sakadutna wé!” Monyét merekedeweng.

“Dasar oray!” Merak moyok.

“Alus, awét ngora, nya! Bisa me­gar, kulitna limit waé, teu kenyod-kenyod!”

“Gedé kadut, kacemekan, sa­gala dilegleg! Dibélaan nepi ka nga­­bungkiang hésé usik-usik acan geuning! Lain awét ngora-awét ngora, siah!” ceuk Merak.

“Alus sagala dilegleg gé! Cok­leg, cokleg, tibatan ku batur man­tén!”

“Heueuh da sia mah mani ulah batur! Naon hakaneun aing jeung anak-incu jaga, ari céngék dira­but­an jeung tangkal-tangkalna mah ku bangsa sia!” ceuk Merak.

“Tuh geuning kanyahoan! Lan­taran sia gé butuh, sawan-geureuh waé ka batur téh, ancun!”

“Teu kudu ngancunan! Da aing gé moal mungkir, mémang butuh aing gé saanak-incu! Ngan bangsa aing mah ukur papacok saper­luna,tara diruksak jeung pawit-pawitna!”

“Geus lah, jempé, Kuncung! Yeuh hayang mah ku aing dibéré tilu siki, hé’ yeuh!”

“Teu hayang pépérét! Becus kénéh, barangsiar sorangan gé!” Ceuk Merak.

“Kilangkitu! Henjig atuh ba­rang­siar, becus mah! Lain kalah ngagonggorokan batur!” ceuk monyét bari hayoh wé dedere­geng hayang nyabut tangkal cé­ngék. Teu kadugaeun, da puguh héngkér manéhna mah.

“Eudeuk deuleu,  teu kudu diti­tah ku sia!”

“Nam-nam atuh, lain kalah ngecebrek, gandéng!”

“Arék! Ngan éta atuh tangkal céngék tong dirabut…tuh geuning, saremplak wéh dahanna! Ambu­ing, lapur atuh...moal aya jangeun isuk!” Merak wahwar-wéhwér.

Tapi monyét mah hayoh wé ugal-ugil, teu pisan miduli kanu garosingsat.

“Hayang dibintih sia téh ku aing, Cekroh? Dibocosan siah tah panon téh!”

“Heuydeuh…ngancam ti ditu­na mah, nyah?” Monyét kalah ngeyéhkeun.

“Nyaan sia téh hayang dibin­tih!” ceuk Merak bari kokoér.

“Wani kitu ka aing?”

“Pira kunyuk!”

“Sok wani mah! Sakali ngago­row­ok gé aing, ngurunyung geura Bah Mandahong, ludeung sia nyanghareupan Bah Manda­hong?”

“Bah Mandahong...?” Merak culang-cileung. Haténa hemar-hemirir. Wani sotéh ka Si Cekroh, ari kudu ngayonan rajana mah, ka­rar­eueung teuing.

“Sieun nyah, ku raja aing mah!” Monyét ngeyéh.

“Naha bakal béla kitu, Bah Man­dahong ka kunyuk regung pantar sia?”  

“Aing téh kameumeutna, deu­leu! Saha marukan nu sok nyiar­an jeung nganteuran tu­angeun­ana, pan nu kieu patut!” Monyét nepak dada.

“Dasar anjing!” Merak moyok.

“Naha maké anjing?” ceuk monyét bari haré-haré dipoyok anjing téh.

“Tukang lélétak! Tukang kupat-ké­pot! Tukang lundat-léndot!” Si Kun­cung ngésék-ngésékkeun.

“Kuma sia wé ah!” témbal monyét daék hanteu-hanteu.

“Da sia mah tara asup omong!” ceuk Si Kuncung ambek kape­gung.

“Moal matak seubeuh, omong mah. Mending gé ieu yeuh, tang­kal céngék…heup! heue­ueup…! Duh, na pageuh-pageuh teuing ieu téh! Meulit kana batu kitu akarna, Kuncung?”

“Nyao!” merak ngabalieur miceun beungeut.

“Bantuan sok!” ceuk monyét.

“Najis!”

“Sok-sok!”

“Sangeuk!”

“Sok-sok lah, da geulis!”

“Japilus!” Merak dus-dis.

“Hengén bantuan….ke dibu­ruh­an céngék sarawu!”

“Dasar peucang!” merak mo­yok.

“Pinter? Réa akal?” Monyét atoh.

“Pangoloan! Panipuan!”

“Kudu kitu hirup mah, teu kitu mah moal meunang gégéleun!”

“Lain gégéleun, caplukeun!”.

“Heu-euh lah! Sok-sok bantuan, engké dikawin!” monyét kalah ngo­­conan

“Rujit! Amit-amit! Teu sudi abrig-abrigan, ngimpi gé diangir-man­di aing mah!”

“Tong api-api lah Yayang! Na teu hayang dipangnyieunkeun sayang ku Aa!”

“Aa…?” Kecrot merak nyiduh, ti tukang-ti hareup.

“Beu, ambeu…mani kitu Si Geulis! Na teu palay dipang­damel­keun sayang?”

“Buaya!” Merak moyok.

“Mana kugu bogoh! Buhaya gagah kitu! Si Geulis engké jadi pramés­warina!” Monyét nyengir bari nguget-nguget tangkal céngék nu pasiksak, daunna murudul kaparol.

“Buru-buru lah bantuan, Kun­cung!” ceuk monyét deui.

“Teu sudi! Pék wé becus mah ku sorangan!” walon merak.

“Nyaéta, teu teu kaduga ku sorangan mah.”

“Keuyeup apu, tayoh ka regungna!” Merak moyok.

“Lain keuyeup apu, béak tana­ga atuda ti isuk-isuk ugil-ugilan!”

“Mun ngagugu mah ka aing, titadi gé geus kapupu deui cé­ngék­na. Lain kawas ayeuna, tang­kal­na ruksak, daunna muru­dul, kembangna marurag, cé­ngékna teu kaala!” Merak per­téng­tang-néngtéréwélang.

“Heueuh nya….” Monyét nga­jim­prék bakat ku capé. Tapi teu keudeu bari ngahuap-huap­keun céngék nu pabalatak dina taneuh.

“Hawek atuda sia mah! Jele­ma wé badis!”  ceuk merak. Ka­keu­heulna geus teu kaampeuh, nénjo tangkal céngék jadi ruksak kitu.

“Naon?” Monyét ngagurubug siga nu kasundut buntut. Ceulina asa disebit.

“Jelema sia mah!” Merak mindo.

“Sakali deui siah ngomong kitu!” monyét napsu pisan disebut siga jelema téh.

“Jelema! Jelema! Jelema!” Merak ngahajakeun. Rumasa, tadi téh rada kalepasan nyebut jelema ka monyét, bakat ku teu kuat nahan kakeuheul. Tapi apa boléh buat da ciduh mah teu bisa dilétak deui. Tarung, tarung, rék diayonan wé, kagok borontok-kapalang belang, ceuk pikirna.

“Na kabina-bina teuing sia nga­hina téh! Nepi ka ngajelema-jelema ka aing!” Monyét cengkat bari cekrah-cekroh.

“Da heueuh sia mah boga kala­kuan téh siga jelema!” ceuk merak bari tatan-tatan, bisi mo­nyét narajang.

“Naha kumaha kitu aing téh?”

“Pikiran wé ku sia!”

“Lain nitah mikir ka batur! Sia kudu tanggungjawab kana omong­an sorangan!”

“Tuh da sia mah persis jelema, teu gableg pikiran! Ingkar tina kasatoan!”

“Terangkeun siah, goblog! Lebah naon aing saruana jeung jelema!”

“Hawek! Hayang seubeuh so­rangan! Teu puas ngala buahna, dirabut jeung tangkalna, teu ngitung pikahareupeun! Lain jele­ma, ari nu kitu laku?” ceuk Merak.

“Kaleuleuwihi siah, pira tang­kal sasiki nepi ka kolu mapandé­keun aing ka jelema! Mun kitu aing téh ngabukbak leuweung!”

“Mun diantep mah sia gé bakal kitu!” ceuk merak.

“Kitu kumaha?”

“Bakal beuki siga jelema! Leuweung dibukbak, situ diurug, gunung dikali nepi ka ngalom­bang!” ceuk merak.

“Sagélo-gélona aing, moal nepi ka kitu, deuleu!”

“Wah, tanawuruh! Da jelema gé baréto-baréto mah tara kitu! Ngan sanggeus dimimitian bari taya nu ngahukum, beuki lila beu­ki nirca! Bangsa sia gé kana kitu teu digeureuh-geureuh ti ayeu­na mah!” ceuk merak. Haté­na beuki gilig rék ngabélaan sara­kan tempat incu-buyutna jaga kume­lendang.

Lantaran kapépéd omongan, sebrut wéh monyét narajang. Maksudna rék ngerewes beu­heung merak.

Orokaya merak gé teu cicing­eun, gancang ngagiwar dina jurus merak ngibing. Plos...monyét nu­bruk angin! Solontod awakna mile­pas, geplak bujurna diképrét ku jangjang merak dina jurus ngi­rab jangjang. Atuh puguh wé awak monyét téh siga nu ditotogkeun, sirahna melesat rék notog batu gedé nu aya di dinya!

Untung monyét teu kasima, leungeunna ngarawél areuy nu ngam­bay lebah dinya, kek...guri­wel muntang kana areuy...kala­yang awakna ngalayang dina jurus ayun-ambing. Salamet, batu ngagi­lisir sajeungkal handapeun sukuna!

Monyét terus ayun-ayunan dina areuy, bulak-balik nyam­beran merak, leungeunna roron­jang. Tapi merak linghas pisan cungcat-cingcetna.

“Turun siah jelema, ari enya wani mah!” Merak cocorowokan, “Sor kadieu, montong gugura­yangan kitu, sirkeus-sirkeus lain sia téh!”

Clé monyét nincak deui ta­neuh. Péyékéh leumpang nga­deu­keut­an merak.

Gapruk merak ngabintih, mo­nyét nyéréwét, tarangna bared kagaris ku kuku merak Untung tadi monyét rada ngelok, mun henteu, aya bahan bocos panon­na katiruk. Merak ogé teu kalis, bulu dadana ngabrul kajenggut ku leungeun monyét.

Der deui galungan, silihteum­brag, silihcakar, musuh lawan pada kesit.

Haté duanana geus gilig pi­keun ajur-tutumpuran.

Merak ngabélaan hirup-hurip anak incu jaga, monyét ngabé­laan harga diri. Manéhna bisa ké­néh sabar disebur bagong, dise­but buhaya, disebut oray, disebut ajag, tapi ari disebut jelema mah teu suka tujuh-turunan. Haténa kasigeung dipapandékeun jeung mahluk nu pangaruksakna di alam dunya. Manéhna katut bang­­­sa­na geus ngalaman nyeri-peurih, pait-peuheur, jeung lara-ba­langsakna hirup, akibat pang­gawé manusa.   

Kangaranan nu tarung, rék kadéséh-rék ngadéséh, bocok mah moal henteu itu-ieu gé.  Nyakitu merak jeung monyét gé, padaragét, padabaréd, padabo­cok. Mun terus mah teu mustahil kajadian awor, duanana pada-pada tatu parna, malahan misan pisan.

Untung kaburu jol maung.

“Héy! Geus, geus! Misah, mi­sah! Pék, saha nu teu ngagugu, ku aing dikerekebna!” pokna ba­ri nyeureudeug ka tengah paka­langan. Gerem, gerem, ngabar­keun sima-maungna.

Puguh wé duanana gé sieun ku raja saréréa mah. Gancang ma­lundur.

“Naon pasalna ieu téh, nepi ka galungan kieu? Caritakeun ku saurang, ku sia Kuncung! Awas, kudu sajalantrahna! Mun diréka­ya­sa, dipaké cuci-mulut sia ku aing!”

Barabat ku merak dicarita­keun ti awal nepi ka ahir. Diték­ték taya nu kaliwat.

Maung unggut-unggutan, terus nanya ka monyét, “Bener sakur car­itaan Si Kuncung téh, Cekroh?”

“Leres!” ceuk monyét.

“Rumasa sia ngarabut tangkal céngék?”

“Da teu acan brét……!”

“Acan sotéh teu becus! Cacak becus mah geus bret, nya!” Maung nyengor.

“Rumaos.” Monyét nyengir.

“Montong cengar-cengir, da teu kasép sia téh! Ari sia Kuncung, naha atuh mana sadaék-daék teu­ing nyarékan téh, nepi ka téga ngajelema-jelema ka papada sato?”

“Sadaya-daya, kalepasan, ba­wa­ning ku keuheul,nun!” walon merak mamandapan.

“Geus, sakali ieu saria moal dihukum ku aing. Tapi kudu jangji moal sakali-kali deui karitu laku.” Ceuk maung bari mencrong seukeut kanu tas diadu, “Sia Cekroh, montong sok rubat-rabut kana tatangkalan, pan éta téh tempat hirup umat héwan! Sia Kuncung, cing diajar ulah goréng sungut teuing. Sakumaha keu­heulna gé ka batur téh ulah nepi ka ngajelema-jelema. Sabab sa­ha pisatoeunana nu teu nyeri hate disaruakeun jeung jelema, tukang ngaruksak alam-dunya,  ngarti sia?”

“Ngartos!” ceuk duanana mani rampak.

“Putus! Jig rék ka marana ayeuna?” ceuk maung.

“Abdi mah asa tos hoyong ngen­dog ieu téh, pami teu lepat mah ieu téh nu kadalapan.” Ceuk merak bari purat-pérot muru sayangna.  Saporocoteun, dibawa tarung atuda, uyuhan teu kabo­rojolan.

Di dinya kari duaan.

“Ari sia, Cekroh, rék ka mana ayeuna?” maung nanya ka monyét.

“Ah abdi mah bade neraskeun metikan céngék wé, lebar” ceuk monyét bari terus dodongkoan mulungan céngék nu balatak dina taneuh. Nu narapel kénéh dina tangkalna dipetikan, Sawaréh dikeupeul, sawaréh dikemil teu lada-ladaeun.

Ari maung terus depa di dinya. Beuteungna seubeuh ku anak uncal kumincir, beubeunangan cikénéh di tegal.—

-----------------------------------------------------

Panineungan ka Supriatna suargi, pangsiunan guru, sok nulis carpon, éséy, sajak jeung dangding. Sababaraha kali karyana dilélér hadiah sastra. Di bumina, wewengkon Jatinangor Sumedang, Supriatna ngadegkeun sanggar “Motékar” nu ngalatih barudak sakola diajar seni Sunda.
 Ieu carpon dimuat dina Majalah Cupumanik Vol V No. 9/April 2008. Ieu carpon jadi Pinunjul I dina Hadiah Sastra LBSS taun 2010.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...