Bagikeun ka Lapak Facebook

Ti RedaksiSalasa, 31 Juli 2012 11:44

Pamianganana

Ku Sundanews

Urang lain hirup di jaman buhun, tapi dina alam nu sapopoéna pagilinggisik jeung téknologi. Ti mimiti neut hudang, nepi ka reup peureum, rupaning pakakas milu marengan réngkak paripolah. Kiwari urang geus bisa nyuaykeun anggang jeung wanci, asa pepencrong-pencrong tapi saéstuna pajauh, asa deukeut padahal boa di mana. Ti dinya muncul kabiasaan nu najan diembung-embung gé, kapaksa kudu miluan. Ti batan ka kantor pos, mending kénéh ngirim imél. Ti batan tunda talatah, gancang kénéh ku SMS.

Boa enya, sakumaha cék Manuel Castells, urang téh keur nangtung dina pakumbuhan nu disebut masarakat informasi; masarakat nu hirup-kumbuhna gumantung pisan kana informasi. Malah leuwih ti kitu, urang gé geus bagian ti dinya, lantaran sok milu nyebarkeun béja, atawa kalan-kalan jadi “wartawan tanpa surat kabar”. Teknologi geus jadi cukang nu ngalantarankeun masarakat mébér kana rohangan nu leuwih obyag, tina lokal jadi global, tina heureut jadi lega. Dina wewengkon kabudayaan, pajamanan siga kieu téh geus ngaruntagkeun téritorial budaya, upamana urang geus hésé milah-milah jalma ditilik tina dangdananana, atawa nyidik-nyidik tina dahareunana.

Mangsa Ki Sunda nyanghareupan alam global, ngalawanna kudu ku global deui. Mun dina perang téa mah, upama musuh bogaeun mariem, tangtu hésé ngalawanna mun urang haben ngacung-ngacung bambu runcing. Nu remen jadi pasualan pikeun Ki Sunda ayeuna téh, ongkoh hirup di alam global, tapi konsép, pamikiran, jeung kamampuh kana téknologi nagen kénéh di alam baheula. Antukna lebah diasongan pakakas téknologi téh reremenna mah kalah samar cabak.

Lebah dieu, lain hartina sakabéh urang Sunda kudu mahér kana téknologi. Nu penting mah kumaha bisa ngalawungkeun nu weruh (nu paham kana budaya), nu gaduh (nu gedé katineung), jeung nu mampuh (nu paham kana fénoména global katut kamajuan téknologi informasi).

Mun hiji mangsa aya nu nanya, “Abdi hoyong terang, aya sabaraha seratan dina Sipatahoenan nu ngamuat perkawis sajarah Sunda, teras nyuhunkeun kopianana.” Ku situasi siga ayeuna, najan téknologi geus sakieu majuna, can tangtu anggeus sabulan keur ngajawab éta pananya téh. Komo ninggang ka jelema saliwat mah, boa kalah ka malik nanya: “Naon ari Sipatahoenan téh?”

Tong waka tulisan nu kungsi dimuat dina média Sunda, bisi jauh teuing. Ayeuna mah ditanya kieu wé, naon waé média Sunda nu kungsi medal? Iraha medalna? Iraha eureunna? Sabaraha kali medalna? Can tangtu meunang jawaban nu nyugemakeun.

Éta téh ku lantaran, kahiji bisa urang héngkér dina dokuméntasi. Kadua, can aya tarékah pikeun ngolah data kalawan daria. Dokuméntasi jeung ngolah data sarua héséna, tapi sarua pentingna deuih. Baréto, guru basa Sunda di sakola kungsi nyarita: ”Hésé, Jang, hayang jadi sarjana basa Sunda mah. Kudu indit ka Walanda”. Ka dieunakeun, remen pisan  ngadéngé nu nyarita kitu téh. Diajar basa Sunda kudu ka Walanda cenah. Naha? Jigna mah kana soal dokuméntasi kénéh. Da upama di urang sagala nyampak mah, teu kudu jauh-jauh ka nagara batur.

Tangtuna gé henteu kabéh urang Sunda ngamomorékeun dokuméntasi. Aya sawatara urang jeung lembaga nu boga tarékah ngumpulkeun rupaning dokumén kasundaan. Nu katémbong bungkeuleukanana mah, nya ku ayana pabukon, boh pabukon pribadi boh lembaga. Di paguron luhur, tangtu deuih réa nu nalungtik ngeunaan Sunda, tur éta téh bakal ngabeungharan kana data kasundaan.

Rupa-rupa nu dikumpulkeunana téh. Ti mimiti buku, majalah, koran, foto, CD/DVD, jurnal ilmiah, skripsi, tésis, disertasi, jsté. Palebah lengkep henteuna mah, nya keun wé heula. Nu penting mah geus réa nu boga tarékah ka lebah dinya.

Tapi éta téh “data atah”. Dokumén nu can diolah. Angger wé dina waktuna aya nu butuheun informasi mah, kudu “dialungboyongkeun” ka ditu ka dieu. Kudu ngider ti pabukon ka pabukon. Komo apan pabukon paguron luhur mah henteu bisa diaksés ku sambarang jalma.

Dina widang panalungtikan, upamana, angger wé masarakat mah bureng, saenyana naon waé nu geus ditalungtik ku paguron luhur ngeunaan kasundaan téh. Tina sakitu puluh paguron luhur, tangtu di saban taunna téh réa nu nalungtik Sunda dina rupa-rupa widang. Ngan boro-boro biasa maca eusina, dalah daftaran judul panalungtikanana gé, duka ka mana milarianana. Teu réa deuih, hasil panalungtikan nu terus medal jadi buku nepi ka kabaca ku balaréa.

Di saban pabukon, dokumen diolah maké katalog, ngarah babari nyukcrukna, aya dokumén naon waé di éta pabukon téh. Ngolah dokumén di pabukon tangtu aya élmuna—matak aya jurusan perpustakaan ogé—boh katalog manual nu disimpen dina lomari katalog, boh katalog digital nu maké sistim komputerisasi. Henteu unggal pabukon deuih geus bérés katalogna, réa kénéh pabukon nu kudu ngungkaban heula unggal erak mun keur néangan buku téh.

Katalog pabukon pikeun mantuan pikeun néangan buku atawa dokumén séjénna dumasar kana judul, pangarang, jeung kritéria lianna. Tapi éta gé kawatesan kénéh, lantaran unggal pabukon boga sistim katalog séwang-séwangan. Nepi ka danget ieu di urang can aya nu ngeureuyeuh nyieun sistim nu bisa nyambungkeun data ti hiji pabukon ka pabukon séjénna.

Di nagara deungeun mah, téknologi ngolah data téh geus melesat ka mana boa. Jadi teu anéh, mun urusan dokuméntasi Sunda, boa kalah lengkep kénéh di batur batan di urang sorangan. Di pabukon Australian National University (ANU), upamana, sakur média basa Sunda dina unggal édisina, dijieun indeksna nepi ka jadi daftaran artikel. Urang mah apan, boro-boro daftar artikelna, dalah bungkeuleukanana gé euweuh. Tétéla babasan ”tukang panday tara boga bedog” téh geus narétélan nepi kana soal dokumentasi.

Ajip Rosidi—nu papada terang pangapikna dina soal dokuméntasi mah—geus ti béh ditu mula ngébréhkeun yén sistem ngolah data Sunda téa kacida pentingna. Najan masih kénéh dina wangun citak, Énsiklopedi Sunda minangka salah sahiji karya fénoménal Ajip Rosidi, bisa jadi rujukan awal keur maluruh informasi kasundaan. Hanjakalna ari dina wangun citak mah kasengker kénéh ku jumlah kaca, sistim update, jeung teu bisa diaksés ku unggal jalma—iwal nu kaduga meulina.

Téknologi bisa ngolah data jadi babari. Lain hal nu mustahil deuih, keur nyambungkeun sakur dokumen diunggal pabukon nepi ka jadi puseur informasi kasundaan. Komo apan, kiwari mah nu ngaranna téknologi gé geus maké sistim sémantik, nepi ka komputer bisa ngajawab sakur pananya dibarung ku analisis nu canggih.

Hanjakal di urang mah kasadar kana ngolah dokuméntasi digital kurang kénéh. Padahal éta téh bisa dipaké cukang keur nyieun timeline kasundaan, tur engkéna bisa dipaké ngukur kahéngkér urang dina rupa-rupa widang. Ieu mah lain ngan soal waragad, tapi soal kahayang konsép dina nyanghareupan alam global. Da geuning, urang Sunda bisa méakeun duit ratusan juta dina sapeuting keur hiji acara sérémonial, nu ukur saharitaeun. Mun éta duit dipaké waragad ngolah data, tangtu mangpaatna bisa tumurun nepi ka generasi ka hareup. Nyebarkeunana, nya ngaliwatan média anyar téa, nu waragadna leuwih irit tur aksésna bisa saalam dunya.

 

Ki Sunda kudu bisa napak dina média anyar mun hayang nangtung ajeg dina alam global. Téma Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I ngeunaan “pewarisan”, jeung téma KIBS II ngeunaan “revitalisasi”, di antarana bisa dilarapkeun ku merenahkeun budaya Sunda dina pakumbuhan budaya digital. Mun urang “ngawariskeun budaya” maké cara konvénsional wungkul, boa baris paharé-haré jeung pasipatan generasi kiwari nu geus tilem dina budaya digital.

Budaya digital bisa dititénan deuih tina kabiasaan masarakat nu hayang sarwa praktis. Barudak sakola, mun meunang tugas ti guruna ngeunaan basa Sunda, bakal milih Internét ti batan indit ka pabukon. Mun maranéhna salah nyokot data, nya teu kudu da nyalahkeun teuing, da boa urangna sorangan teu bisa nyadiakeun data nu akurat, nu baris jadi rujukan saha baé nu perlu informasi ngeunaan kasundaan.

Nya éta pisan nu kiwari keur ditaratas ku Sundanews.

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

ciburuan

Geningan kitu jujutanana teh. Mudah-mudahan wae atuh ku alpukah ieu sundanews teh sing tiasa janten cukanglantaran kanggo ngeuyeubkeun deui sumber-sumber catetan ngeunaan Kasundaan...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...