Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokAhad, 29 Juli 2012 16:44

Peuting Tingtrim di Bumi Mama Iking

Ku Kentring Manik Mayangsunda

 

UKUR sakolébatan. Teu kiat lami-lami paadu teuteup sareng Mama Iking mah. Sérab. Komara medal tina pameunteuna, lir mibanda cahya gilang-gumilang. Teu wani tanggah deui. Ngeluk tungkul baé, bari nyusutan juru panon nu beueus kénéh ku cimata.

“Sing sabar, geulis…” suanten Mama Iking meupeus simpéna peuting. Agem tur pinuh wiwaha. Asa reugreug. Hawa seger nyaliara kana satungkebing rasa. Calik di payuneun Mama Iking, henteu ngarasa ringrang, henteu ngarasa hariwang. Asa boga gunung pananggeuhan.

Ras deui ka Kang Darma. Kunaon atuh Kang Darma téh bet kabawa ku sakaba-kaba? Cangcaya kabina-bina mimitina mah. Asa ngimpi. Asa dina dongéng. Apan Kang Darma téh kasebatna ogé turunan ajengan tur jebolan hiji pasantrén kakoncara. Malah ku ayana perkara éta pisan, nu ngajurung tumuwuhna  rasa cinta ka Kang Darma téh. Lain ku kasépna. Lain ku beungharna. Tapi ku ahlakna. Écésna mah Kang Darma téh apan hiji tangtungan anu—harita mah—pageuh tur pengkuh nyepeng aqidah nu sapamadegan. Nikah ka Kang Darma, éstuning miharep karidoan Alloh SWT. Miharep salamet dunya miwah ahérat.

Kakara ogé sataun rumah tangga téh. Paralun, asa tacan kungsi pabéntar paham, komo deui papaséaan rongkah. Kanyaah tur kadeudeuh Kang Darma ka nu jadi pamajikan, henteu sakadar lalambé. Hanjakal pisan. Hanjakal. Dua bulan katukang, Kang Darma mimiti robah, saprak aub jeung hiji pakumpulan anu teu pati écés udaganana. Nu sidik mah, éta pakumpulan téh diluluguan ku hiji jalma anu ngaku ngaranana Kiai Nurna Tirta Wening.

 “Kang, naha teu acan solat Subuh?” kitu pananya téh, basa sakali mangsa Kang Darma katohiyan henteu ngalakonan ibadah solat Subuh.

 “Mah, saur saha akang henteu netepan?” Kang Darma kalah malik nanya.

“His, teu kénging kitu, Kang. Upami akang henteu solat mah mending ngangken baé. Sawios diqodo baé, ari kasiangan mah. Namung, dinten énjing ulah dugi ka kasiangan deui…” témbal téh, da yakin pisan yén Kang Darma henteu solat. Ti barang adzan Subuh ogé, kakara cengkat tina enggon basa waktu geus maju ka wanci haneut moyan. Iraha solatna? Teu katingali wudu-wudu acan.

 “Mah, sanaos akang henteu ungked-ungkedan nyiuman sajadah, tapi akang tetep netepan. Apan anu penting mah netepkeun, sanés solat…”

 “Naon maksad akang téh?” reuwas kareureuhnakeun ngadéngé jawaban Kang Darma sarupa kitu.

 “Sumuhun, anu penting mah netepkeun laku-lampah dina jalan anu leres. Apan ari solat mah ukur singketan tina ‘so’ sareng ‘lat’. Ari ‘so’ téh hartosna sombong. Ari ‘lat’ hartosna poho. Numawi akang mah moal solat, tapi badé netepkeun baé lampah nu leres dina kahirupan anu nyata,”

 “Akang! Istighfar, akang! Solat téh tihangna agama Islam. Kaunggel pisan apan dina rukun Islam ogé, yén solat téh minangka kawajiban pikeun sakumna umat Islam…”

 “Mah, akang ogé sami baé netepan. Namung henteu kedah acong-acongan siga mamah. Ari nu namina netepan mah, tiasa bari kumaha baé. Tiasa bari calik, bari neda, bari mondok, ah pokona mah…”

 “Kang, dupi akang téh diajar di mana?” buru-buru ditémpas, bisi katutuluyan.

 “Ah, di mana baé, da nyiar élmu mah tiasa ka mana baé. Mamah teu kedah séwot. Apan saur Kangjeng Nabi ogé, béda pamadegan téh minangka rohmat… ”

 “Akang, béda pamadegan nu kumaha heula? Henteu sadaya nu namina bénten pamadegan téh mangrupa rohmat! Henteu, akang!” satékah polah mépélingan Kang Darma.

Haté Kang Darma lir anu geus dipoékkeun. Batan éling mah, anggur beuki maceuh neuleuman ajaran anu teu luyu jeung aqidah Islam. Sanajan ngakuna Islam, tapi enas-enasna bet méngpar tina Islam. Malah anu leuwih parna, Kang Darma népakeun ajaranana ka  sawatara tatangga. Pa Usman anu kabéngbat ku ageman Kang Darma téh. Malah Bu Nia ogé, istrina Pa Usman, bet saruana kapangaruhan ku Kang Darma. Lebar temenan Bu Nia, nepi ka tara nganggo deui jilbab. Padahal saméméhna mah Bu Nia téh jadi kacapangan balaréa. Majarkeun téh widadari nu turun ti kahyangan, upama aya nu banyol. Pangna kitu, eukeur mah Bu Nia téh geulis kawanti-wanti, katambah deui nyantri. Sadidintenna tara leupas tina jilbab. Ari ayeuna? Gustiii…! Bet asa lebar. Lebar temenan bet kabawa sasab ku Kang Darma. Aéh… ku Kiai Nurna kétang, da éta ulon-ulonna.

 “Keun, sing sabar, geulis. Teu kudu ngagugu napsu, ngumbar amarah. Salaki hidep téh keur kapoékan, nepi ka poho kana tetekon agama jeung darigama. Ulah dilawanan ku gulidagna amarah, tapi kudu disabaran tug nepi ka kausap sagara haténa pikeun babalik pikir…” pok deui, Mama Iking cumarios. Ngabuyarkeun sakur sawangan ngeunaan Kang Darma.

 “Mama, kasabaran ogé apan aya watesna…”

 “Saur saha kasabaran aya watesna, geulis? Kasabaran mah teu aya watesna dugi ka kumaha ogé, dugi ka iraha ogé,”

 “Tapi, Mama…”

 “Geus, teu kudu dituluykeun deui, geulis. Mama bisa ngabadé naon rupa anu rék dikedalkeun ku hidep. Mending ngadu’a baé ayeuna mah ka Gusti Alloh. Muga baé salaki hidep sing buru-buru dicaangkeun alam pikiranana…” Mama Iking némpas caritaan, najan angger suantenna leuleuy, leuleus jeujeur liat tali téa nu kieu téh kawasna mah.

Mémang kaleuleuwihi Kang Darma téh. Tadi, basa wanci  asar, Kang Darma méré béja yén peutingna rék kasumpingan KH. Nurna Tirta Wening katut sawatara santrina. Keun ari perkara kaanjangan mah, da moal matak ngabangkarkeun ékonomi rumah tangga. Pilakadar nyuguhan tamu. Ti baheula ogé, tamu sakitu abreg-abregan teu burung kacumponan keur suguhna mah. Tara ieuh ngarasula deuih.

 “Badé netepan berjamaah di dieu…” kitu cenah saur Kang Darma téh. Mimitina mah atoh, bari aya harepan susuganan Kang Darma mimiti babalik pikir. Tapi rasa bungah téh ngiles dina waktu sakédét nétra, basa Kang Darma ngadadarkeun prak-prakan anu dimaksud netepan berjamaah. Enyaan, geus sasab pisan. Piraku ngajak netepan berjamaah bari buligir? Ajaran nanahaon nu kitu?

 “His, mamah  teu kénging bendu. Sanaos teu nganggo acuk ogé, da bakal dipoékan ieuh. Tangtosna ogé moal tiasa ningali aurat…” pokna deui Kang Darma.

 “Ieuh, Akang, sanaos teu katingali aurat ku jalmi. Tapi Alloh mah Maha Ningali! Naha akang teu aya tinimbangan étika ka Gusti Alloh? Najan teu katingali aurat, tapi sacara étika, akang kacida henteu ngajénan ka Gusti Nu Maha Suci…” teu wasa neruskeun deui  caritaan. Pangna kitu, cimata geus maksa ngajebol dua juru panon. Ceurik ngagukguk hareupeun Kang Darma. Tapi Kang Darma kalah imut ngagelenyu bari ngojéngkang, ngaléos ka lebah lawang kamar.

 “Tuh, nya, kalah nginghak deui baé si geulis mah. Mending geura ka cai baé, abdas ka dituh! Urang solat tahajud…” cariosan Mama Iking ngagareuwahkeun deui sawangan. Teu karasa, cimata beuki murubut maseuhan pipi.

 “Mama…”

 “Geus, ulah mikiran baé perkara éta. Nu penting mah hidep geus nyokot jalan anu bener, teu kabawa ku sakaba-kaba,”

Jalan anu bener. Enya, najan ngejat ti imah, tapi yakin éta téh jalan nu hadé disorang, sakumaha kasauran Mama Iking. Batan kudu biluk ka salaki, anu geus méngpar jauh naker tina agama jeung darimaga.

Enya, mending kénéh ka cai. Wudu. Solat Tahajjud. Neda pituduh ka Alloh SWT. Jung nangtung bari nyusutan cimata. Barang rék ngaléngkah pisan, kadéngé aya nu keketrok kana panto bari uluk salam.

 “Assalammu’alaikum…!” kitu cenah. Gebeg, ngaranjug tur reuwas kareureuhnakeun.

 “Wa’alaikum salam…” ukur Mama Iking nu ngawaler téh.

Mama Iking ngojéngkang ka lebah panto. Teu asa-asa deui, kolotrék muka selot konci. blak panto dibuka. Bréh… Kang Darma ngajanteng dina lawang, bari ngeluk tungkul.

 “Kang…!” teu sadar, bet ngageroan Kang Darma. Padahal haté keur meujeuhna ceuceub.

 “Mah… hap… hapunten… emh…” teu kebat nyaritana, kaburu ditémpas ku Mama Iking.

 “Sok, ka jero,  kasép. Ulah kalah ngajanteng di lawang…” kituna téh bari angger soméah naker.

 “Nuhun, Mama…” saur Kang Darma bari nyolongkrong ngasongkeun dampal leungeun, ngajak sasalaman. Gap, ditampanan ku Mama Iking. Celepot, tangan Mama Iking dicium ku Kang Darma.

 “Sukur, hidep datang ka dieu, kasép. Tadina mah Mama rék nyusulan hidep ka ditu. Cenah di imah téh keur loba tamu?”

 “Su… su… sumuhun…”

 “Mana atuh Kiai Nurna téh? Lain ajak sakalian ka dieu. Mama hayang panggih…”

 “Nu… nu… numawi…”

 “Aya naon? Pok caritakeun, teu kudu asa-asa…”

 “Tos… tos… pupus…”

 “Astaghfirulloh…! Saha nu maot téh? Kiai Nurna maot?”

 “Le… le… leres, Mama…”

 “Kunaon? Cilaka atawa kumaha?”

Kang Darma ngahuleng sakedapan, siga nu bingung geusan nyiar pijawabeun.

 “Emh…”

 “Sok balaka, teu kudu asa-asa…”

 “Di… dipaténi, Mama. Sumuhun, dipaténi ku Pa Usman. Margi… margi…emh…” Kang Darma teu kebat deui nuluykeun caritaanana. Tapi tina paroman Kang Darma, kawasna Mama Iking geus bisa ngabadé kana rupaning kajadian. Pangpangna mah anu jadi marga lantaran pangna Pa Usman mergasa Kiai Nurna Tirta Wening.***

 

 

Citraloka, 20 Jumadilahir 1426 Hijriah      

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...