Bagikeun ka Lapak Facebook

Saha ÉtaAhad, 29 Juli 2012 08:08

Rhoma Irama, Urang Tasik Nata Musik

Ku Maruta Bayu
SN
Rhoma Irama [Potret: Maruta Bayu]

 

NAHA ramana mere ngaran Oma Irama? Mani sari-sari geus terangeun, yén Oma Irama isuk jaganing géto bakal ngageunjleungkeun panggung seni ngaliwatan “irama” musikna. Puguh baé ngaran Irama téh aya sasakalana. Harita,  Radén Burdah Anggawirya,  ngarasa kataji tur simpati ka hiji grup Sandiwara Irama Baru, asal Jakarta, anu kungsi diondang pikeun ngahibur pasukanna di Tasikmalaya. Jadi, mémang sasakalana mah patalina téh jeung grup Sandiwara. Kira taun 1970-an dunya musik geunjleung ku manggungna Rhoma Irama (harita mah masih nelah Oma Irama). Harita, Rhoma Irama jeung Sonéta Group-na, bias ngahudangkeun musik dangdut anu waktu éta kahirupanana pikaketireun. Teu anéh kalayan loyog pisan, upama ahirna Rhoma Irama katelah jadi Raja Dangdut. Rumapaka laguna, musikna, gaya manggungna, mibanda ciri has sorangan, anu nepi ka kiwari tacan kungsi aya bandinganana. Puguh baé kasuksésan Rhoma Irama henteu leupas tina prosés panjang, kalawan kudu ngalaman pait-peuheurna dina raraga ngahontal cita-cita. Kumaha baé atuh lalampahanana.

*

NGARAN aslina mah Oma Irama. Malah basa munggaran ngalalampah di dunya musik ogé, namina téh katelah Oma Irama. Kakara, sabada ngalaksanakeun rukun Islam anu ka-5, Oma Irama jadi Rhoma Irama. Nami payunna ditambahan ku RH, anu maksudna singgetan tina Radén Haji. Naha bet Radén? Sabab Rhoma mémang lahir ti kulawarga ménak. Écésna tanggal 11 Désémber 1946, Rhoma gelar ka alam dunya di Tasikmalaya. Rhoma, minangka putra kadua ti opat welas sadulur (dalapan lalaki jeung genep istri). Ari  anu saindung sabapa mah, dalapan sadulur, anu saindung opat sadulur, jeung anu sabapa dua sadulur). Ramana taya lian Raden Burdah Anggawirya, hiji komandan pasukan gerilyawan Garuda Putih. Nya ku sabab aya di lingkungan kulawarga ménak mangsa harita, suasana kahirupan di imahna bias disebutkeun  féodal. Tingkat kahirupanana kaasup jalma beunghar, upama dibandingkeun jeung masarakat sabudeureunana di Tebet, jakarta.  Imahna agréng, kalawan boga  mobil Impala (mobil anu kaitung méwah dina jaman harita). Puguh baé Rhoma ogé sapopoéna sok make pakéan anu ginding tur mahal. Ramana katut ibuna, Tuti Juariah, nyarita ngagunakeun basa Walanda.  Sagala rupana kudu sing sarwa diatur, pangpangna ngeunaan tata-krama.  Rhoma sok disebut Adén (maksudna Radén), ku babu. Atuh Rhoma ogé kudu  saré beurang, tuang sasarengan sakulawarga. Atuh upama Rhoma nyieun kasalahan, saperti huhujanan atawa mabal sakola, tangtu bakal  aya hukumanana.

Basa  Rhoma masih sakola kelas 5 SD, kira tahun 1958, ramana mulih ka jati mulang ka asal. Nya ramana Rhoma téh ngantunkeun dalapan urang putra, di antarana  Bénny Muharam, Rhoma Irama, Handi, Ancé, Dédi, Éni, Hérry, jeung Yayang. Satuluyna ibu, Ibu Tuti Juariah  nikah deui sareng hiji perwira ABRI, Radén Soma Wijaya, anu masih kénéh aya hubungan karabat, kalayan sarua turunan ménak. Radén Soma Wijaya nyandak  dua putra ti istri saméméhna. Nya sabada nikah sareng Tuti Juariah, gaduh deui dua urang  putra. Sanajan Radén Soma Wijaya masih teureuh ménak, tapi suasana kulawarga henteu pati karasa feudal. Malah  bapa téréna Rhoma pisan anu ngarojong Rhoma pikeun ngamekarkeun bakat senina. Radén Soma Wijaya nungtutan, mangmésérkeun alat-alat musik akustik keur Rhoma Irama, saperti  gitar, bongo, jeung sajabana.

Rhoma Irama nyorang mangsa rumajana henteu di Tasikmalaya, sabab sabada sababaraha taun kulawargana netep di  Tasikmalaya, saterusna pindah deui ka Jakarta. Sabab mémang di Tasik mah  hubunganana jeung tugas dines ramana. Di Jakarta, kulawarga Rhoma Irama nganjrek di  Jalan Cicarawa, Bukit Duri. Tuluy  pindah ka Bukit Duri Tanjakan. Nya di dinya pisan Rhoma nyorang mangsa rumaja nepi ka ahirna taun 1971 pindah ka Tebet.

 

Rhoma jeung Kahirupan Rumaja

Rhoma Irama nyorang kahirupan di lingkungan gaul anu  kaitung ganggas. Teu anéh upama Rhoma mindeng ngalaman gelut jeung barudak séjénna. Jaman harita ogé,  barudak téh geus usum géng-géngan. Demi kelompok géng anu hiji, pasti bakal mumusuhan jeung kelompok géng séjénna.  Puguh baé, kajadian riributan téh, hésé disingkahanana. Kaasup di  Bukitduri, panganjrekan  Rhoma Irama, méh di unggal kampong, pasti aya pakumpulan géng. Demi di Bukitduri mah, aya kelompok géng anu kaitung sohor, nyatana BBC (Bukit Duri Boys Club). Nya di Kenari ogé aya Kenari Boys, Cobra Boys, jeung sajabana. Tapi ari réréana mah, barudak ngora ti Bukitduri Puteran jeung ti Manggarai, sok milu ngagabung  jeung Géng Cobra.

Puguh baé Rhoma kaasup kana anggota salahsahiji géng. Malah Rhoma geus mibanda komara anu lain lumayan, di antara babaturan saentraganana. Rhoma sok dijadikeun pingpinan, dina kumpulan géng. Nya tangtuna ogé, unggal aya riributan, pasti Rhoma bakal maju panghareupna.  Kungsi sakali mangsa, Rhoma babar karahayuan, lantaran dihurup ku limawelas urang, basa riributan di wewengkon Mégaria.

Lingkungan gaul Rhoma Irama, ngalantarankeun Rhoma kabawakeun jadi budak bandel.  Nya kusabab mindeng gelut téa, Rhoma kungsi teu naék kelas. Atuh puguh wirangna mah. Anu ahirna Rhoma sababaraha kali pipindahan sakola.  Basa kelas 3 SMP, Rhoma pindah ka Médan, milu  ka mamangna. Teu lila, pindah deui ka  SMP Negeri XV Jakarta. Tapi bangorna Rhoma, henteu ukur samet dinya. Nepi ka  sakola ka SMA, Rhoma beuki bangor. Basa sakola di SMA Negeri VIII Jakarta, Rhoma kungsi kabur ti kelas, ngaliwatan jandéla, lantaran  rék milu maén musik jeung babaturanana, anu geus ngadaragoan di luareun sakola. Jadi, sajabana ti resep kana musik téh, Rhoma ogé mindeng riributan, boh di luar sakola, atawa di jero sakolaan. Teu anéh, upama Rhoma mindeng pipindahan sakola ogé. Sajabana di SMA Negeri VIII Jakarta, Rhoma kungsi sakola  di SMA PSKD Jakarta, St Joseph di Solo, tug nepi ka ahirna namatkeunana di SMA 17 Agustus, Tebet, Jakarta.

Ku sabab nyorang kahirupan di lingkungan saperti kitu, nya antukna Rhoma Irama diajar silat, basa geus sakola di SMP. Mémang saméméhna ogé, Rhoma kungsi meunang gémbléngan silat ti ramana. Rhoma kungsi guguru silat Cingkrik, minangka kolaburasi silat Batawi jeung Cimandé, ka Pa Rohimin di Kebun Jeruk, Jakarta Barat. Satuluyna Rhoma ogé kungsi diajar silat Sigundel di Jalan talang. Pék geura ilikan upama Rhoma Irama maén film laga. Dina palebah adegan gelut, tangtu bakal katara upama Rhoma mémang ngawasa élmu béladiri, nyatana silat.

 

Rhoma jeung Bakat Seni

TI leuleutik, Rhoma Irama geus raket pisan jeung kasenian. Conto leutikna baé, upama sakali mangsa Rhoma keur ceurik,  Ibu Tuti Juariah mah cukup ngahaleuangkeun lagu-lagu, pinasti ceurikna bakal eureun.  Asup ka kelas nol, Rhoma geus mikaresep  lagu. Komo barang asup  SD mah. Kakara kelas 2 SD ogé, Rhoma geus biasa nyanyi lagu-lagu Barat jeung India kalawan hade. Harita, Rhoma resep pisan kana ngalagu No Other Love, anu jadi lagu kameumeut ibuna. Rhoma ogé mikalandep pisan kana lagu Mera Bilye Buchariajaya, anu  dihaleuangkeun ku Lata Maagiskar. Malah Rhoma ogé resep ngadangukeun lagu-lagu Timur Tengah anu dinyanyikeun ku Ummu Kaltsum.

Puguh baé  di sakolana (SD), Rhoma minangka murid anu pangrajinna tur panggiakna upama dititah nyanyi hareupeun kelas.  Henteu éraan, da nyanyina ogé tarik, nepi ka bias kadéngé ka rohangan kelas séjén. Malah nurutkeun buku Apa Siapa Orang Sunda mah, kungsi aya kajadian murid-murid sakelas ngadadak kosong, lantaran  kabéhanana lalajo Rhoma Irama nyanyi di kelas séjén. Mémang murid-murid séjén ogé aya anu sok  nyanyi di hareupeun kelas. Tapi upama murid séjén mah nyanyi lagu-lagu kebangsaan, demi Rhoma Irama mah mindeng pisan nyanyi lagu-lagu India. Henteu gaplah deuih, ladang wantér nyanyi di kelas téh, sabab aya penyanyi senior anu kataji ku Rhoma, nyatana  Bing Slamet. Harita Bing Slamet nyaksian pentas Rhoma Irama dina hiji acara di sakolaan. Tug nepi ka sakali mangsa, basa Rhoma geus kelas  4 SD, Bing Slamet ngajakan Rhoma pikeun mentas dina hiji show di Gedong SBKA (Serikat Buruh Kereta Api), di Manggarai. Nya  sanggeus manggih pangalaman éta, Rhoma  beuki raket jeung musik. Rhoma diajar ngagitar nepi ka parigel ngamaénkeunana. Malah Ibu Tuti kungsi bendu, lantaran unggal Rhoma mulang ti sakola, anu pangheulana ditéangan téh pasti  gitar. Atuh upama Rhoma kaluar ti imah, tara tinggaleun mamawa  gitar.

           

Rhoma Ngalalana

Mangsa  Rhoma nyuprih pangarti di SMA, Rhoma kungsi kalunta-lunta  di Solo, tug nepi ka jadi tukang ngamén di Kota Solo. Di dinya, Rhoma nganjrek di panampungan tukang ngamén, anu ngaranana Mas Gito. Ari anu nyababkeun Rhoma kalunta-lunta di Solo téh,  sabenerna Rhoma boga niat pikeun  diajar agama ka Pasantrén Tebuireng, Jombang. Tapi kusabab henteu meuli karcis, nya ahirna Rhoma jeung Benny Muharam, katut tilu urang babaturanana (Daéng, Umar, jeung Haris), kapaksa  turun di Statsion Tugu, Jogja. Nya ti Jogja, maranéhna naék kareta deui ka Solo. Ari di Solo,  Rhoma nuluykeun sakolana di SMA St. Joseph. Demi waragad sakolana, lading tina ngamén jeung ngajual pakéan, babawaan  ti Jakarta. Hanjakal pisan, sakolana henteu lulus.  Satuluyna Rhoma mulang deui ka Jakarta, kalayan nuluykeun sakola ka SMA 17 Agustus, nepi ka ahirna mah lulus taun 1964. Malah Rhoma kungsi nuluykeun nungtut élmu ka  Fakultas Sosial Politik, Universitas 17 Agustus. Tapi ukur sataun, da waktuna beak dipaké neuleuman musik téa.

Hayang suksés téh, henteu babari, da puguh Rhoma téh ngalaman heula gagal. Saméméhna Rhoma ngagabung jeung band musik, ti mimiti band Gayhand (1963), terus pindah ka Orkés Chandra Leka, pimpinan Umar Alatas. Malah jeung ieu grup, Rhoma Irama manggih kasempetan pikeun rékaman (1969). Hanjakalna rékaman jeung Orkés Melayu Chandra Leka, henteu nganteurkeun kasuksésan Rhoma Irama. Satuluyna Rhoma Irama pindah ka Orkés Melayu Purnama, pingpinan Awab Abdullah. Pindah deui ka Orkés Pancaran Muda, pimpinan Zakaria, anu harita kungsi rékaman  dina lagu Di Dalam Bemo (duet jeung Titing Yani). Tapi nepi ka awal taun 1970-an, ngaran  Rhoma Irama masih  bias katutup  ku Muchsin Alatas. Rhoma ogé wawanohan jeung musik Pop katut rock. Harita Rhoma kungsi duét jeung Inneke Kusumawati. Satuluyna Rhoma ogé kolaborasi jeung band Galaxi, pingpinan Yopi R. Item.

Tug nepi ka  ahirna tanggal 13 Oktober 1973, Rhoma ngadegkeun grup sorangan, anu katelah Sonéta Group. Nya ti dinya pisan,  mimitina Rhoma ngajaul. Lagu-laguna bias ngakar. Puguh baé kasét-kasétna payu pisan.  Unggal ngaluarkeun albeum, pasti suksés, sabab lagu-laguna keuna kana mamaras masarakat mangsa harita. Minangka conto, kumaha meuweuhna lagu Joget (1975), Gitar Tua Oma Irama (1977), atawa Berkelana (1978).  Révolusi musik geus mimiti dilakukeun ku Rhoma Irama; ngadumaniskeun dangdut jeung Rock. Rhoma ngaracik musik dangdut nepi ka ngahasilkeun torobosan anyar, ti mimiti Notasi, rumpaka, aransemen, jeung sajabana. Rumpaka dakwah Islamiah mimiti diasongkeun, sanajan henteu sakentel grup-grup qasidah, anu  taun 1970-an mimiti renung, seperti Nasida Ria, pimpinan Mudrikah Zain atawa Qasidah Modern, pimpinan Rofiqoh Darto Wahab.

Dangdut mémang kacida layeutna jeung masarakat. Malah Rhoma Irama haying nanjeurkeun dangdut minangka lambang musik Indonésia. Rumpaka lagu-lagu Rhoma Irama, kacida raket jeung kahirupan sapopoé masarakat. Geura, ilikan judul-judul lagu   Mandul, Qur'an dan Koran, Bujangan, Gelandangan, Patah Hati, jeung sajabana. Ti kota nepi ka pasisian, moal aya nu bireuk deui ka Rhoma Irama. Rhoma Irama jeung Sonéta Group-na kungsi meunang pangajén  11 Golden Record tina kaset-kasetna. Rhoma geus ngahasilkeun ratusan karya, anu kawengku dina albeum-albeum Berkelana (1978), Rupiah (1978), Begadang (1978), Hak Asasi (1977), Gitar Tua Oma Irama (1977), Joget (1975), Ke Bina Ria (1974), jeung sajabana. Atuh dina widang film ogé, Rhoma kaitung suksés pisan, saperti  Oma Irama Penasaran (1976), Gitar Tua Oma Irama (1977), Darah Muda (1977), Rhoma Irama Berkelana I (1978), Rhoma Irama Berkelana II (1978), Begadang (1978), Raja Dangdut (1978), Cinta Segitiga (1979), Camelia (1979), Perjuangan dan Doa (1980), Melody Cinta Rhoma Irama (1980), Badai Di Awal Bahagia (1981), Pengabdian (1984), Kemilau Cinta di Langit Jingga (1985)

Menggapai Matahari I (1986), Menggapai Matahari II (1986), Nada-nada Rindu (1987), Bunga Desa (1988), Jaka Swara (1990), Nada dan Dakwah (1991), Takbir Biru (1993). Malah Rhoma Irama, anu kiwari nyepeng kalungguhan minangka pupuhu PAMMI (Persatuan Artis Musik Melayu Indonésia), anyar-anyar ieu kungsi ngagarap sinétron anu judulna Ibnu Sabil. Kawasna dunya film, mibanda kaistiméwaan pikeun Rhoma Irama. Pang kitu, apan patepungna jeung Rika Rahim ogé, basa keur mangsana neuleuman dunya film. Rika Rahim, anu kiwari jadi istri Rhoma Irama, saméméhna  jadi partner-na dina sababaraha judul film, saperti  Melodi Cinta, Badai di Awal Bahagia, Camellia, Cinta Segitiga, Melodi Cinta, Pengabdian, Pengorbanan, jeung Satria Bergitar.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...