Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaPedaran Basa SundaSaptu, 28 Juli 2012 08:09

Madungdengkeun Basa Sunda Lulugu

Ku Wahyu Wibisana
SN
Poster HBII 2009 [Potret: Poster Unesco]

Putusan pamaréntah Hindia Walanda tina perkara pindahna dayeuh Karesidénan Priangan ti Cianjur ka Bandung sabenerna kaluar taun 1856. Tapi, kakara bisa dilakasanakeun taun 1864. Éta ogé pédah di Cianjur aya musibah, nyaéta Gunung Gedé bitu. Kitu ceuk Ir. Haryoto Kunto (wawancara, 16 Désémber 1995).

Ti paro kadua abad ka-19 kota Bandung téh mimiti maju. Jigana, harita aya babasan “Bandung heurin ku tangtung” téh. Ari sababna, nya waktu éta pisan mimiti aya perkebunan anu digarap ku badan swasta: perkebunan téh (1862), gula (1870), kina (1877), jeung karét (1900). Sajaba ti éta, kota Bandung téh ditambahan patali margana ku jalan karéta api: Bogor-Bandung (1884), Bandung-Maos-Surabaya (1894) (Sejarah Jawa Barat, Suatu Tanggapan, 1974), jeung Cikampék-Bandung (1906) (Haryoto Kunto, 1995).

Ku lantaran Bandung téh jadi heurin ku tangtung, basa Sunda Bandung ogé beuki ngajembaran. Tina hal ieu diutarakeun ku Mangoen di Karia (Poesaka Soenda, No. 4-5-6, 1924): “demi ayeuna, sanggeus aya karéta api, dayeuh Bandung beuki ramé . . . . Ku jalaran kitu, parantos teu sak deui yén basa Sunda Bandung téh ayeuna mah seueur campuranana basa sanés . . .”

Mangoen di Karia harita nganggap beuki raména Bandung téh ngakibatkeun basa geus henteu beresih, lantaran loba urang luar anu ngadon bubuara di dinya. Ieu kecap “beresih” téh jigana ngahaja dipaké ku inyana, maksudna pikeun ngaitekun jeung aturan (reglement) pamréntah tina perkara basa Sunda anu kudu diajarkeun di sakola, kudu basa Sunda anu dianggap “beresih”, anu engké di handap bakal dibahas.

Tanggal 28 Séptémber 1892 kaluar Putusan Raja Walanda tina perkara kawijakan pamaréntah anu aya patalina jeung pendidikan. Éta putusan téh dimuat dina Staatsbald (Lambaran Nagara) Nomer 125, taun 1893, ayat 6 eusina perkara basa Sunda anu kudu digunakeun di sakola: “voor het onderwijs in de landstaal wordt govelgd de taal gebruikelijk op die plaatsen, war zij geacht wordt het zuiverst gesproken te worden en het meest ontwikkeld te zijn, als: het Soendaneesch, volgens die, gebruikeljk te Bandoeng, enz.” Pihartieunana kieu: “Basa pribumi nu kudu diajarkeun di sakola-sakola téh nyaéta basa-basa di tempat-tempat nu katimbang pangberesihna jeung pangpepekna, saperti: basa Sunda kudu nurutkeun basa Sunda Bandung, jst. (D.A. Ardiwinata, 1915).

Urang bisa nanya, naha waktu rék ngaluarkeun éta aturan, pamaréntah kungsi ménta timbangan heula ka para ahli basa Sunda? Padahal taun-taun éta téh geus aya paling saeutik dua ahli basa Sunda urang Walanda, nyaéta Karel Frederik Holle (dina taun 1891 medal bukuna nu  judulna Soendaneesch-Hollandsch Samenspraken anu disusun babarengan reujeung R. Rg. Karta Winata, Patih Sumedang, putra R.H. Muhammad Musa; matuhna di Garut) jeung Sierk Coolsma (dina taun 1891 keur meujeuhna sumanget nyusun buku tatabasa jeung kamus basa Sunda dina basa Walanda. Ari ka Daéng Kanduruan Ardiwinata (matuhna di Cianjur) mah tangtu moal, lantaran inyana can mencar pisan; dina taun 1886-1899 keur jadi calon guru di sakola Cibadak (Holle, 1891; Coolsma, 1904; Tini Kartini, 1979).

Ku lantaran kitu, urang bisa boga sangkaan yén éta aturan téh didadasaran ku tindakan pulitik anu luyu jeung putusan séjénna, nyaéta mindahkeun indung dayeuh Karesidénan Priangan ti Cianjur ka Bandung (Ari indung dayeuh Pasudan mah harita téh di Batawi kénéh, nurutkeun katerangan Haryoto Kunto, 1995).

Anu tétéla, kaluarna éta aturan téh satemenna ditujulkun kana widang pendidikan, tegesna pikeun sakola. Perlu aya aturan, lantaran jumlah jeung rupa sakola harita  dianggap geu loba, nyaéta sakola désa anu diadeg-adegkeun ti mimiti taun 1860 (Edi S. Ekadjati, 1986). Éta sakola téh pikeun urang pribumi, kulantaran kitu basa panganteurna ogé kudu basa pribumi, di Pasundan basa Sunda (anu katibang pangberesihna, nyaéta basa Sunda wewngkon Bandung téa).

Ku lantaran basa Sunda wewngkon Badung anu diajarkeun di sakola, tangtu baé éta basa wewngkon téh beuki nebar nepi ka antukna jadi basa lulugu. Soeriadirdja (dina prasaranna 1927) nadeskeun kieu: “Ari anu pinebarkeuneunana  basa lulugu téh urang sanggakeun baé ka para Juragan Guru, sareng para mitra anu micinta kana basana. . .”

Munasabah upama disebut yén basa sakola téh jadi bibitna basa lulugu.


Dicutat tina Ngamumulé Basa Sunda, Kiblat Buku Utama, 2011

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...