Bagikeun ka Lapak Facebook

Beber LayarSaptu, 21 Juli 2012 21:33

Mawakeun Bulan Puasa

Ku Dadan Sutisna

Méméh bulan puasa, geus ilaharna, sok papada ménta hampura. Kitu deui sabadana. Ti bihari nepi ka kiwari, éta tradisi téh terus dipiara. Ngan carana wé nu béda téh. Ayeuna mah ménta dihampura téh cukup ku ngirim SMS baé. Ari baréto mah, méméh usum hapé, ngahaeub ka bukan puasa téh balawiri nu ngajingjing rantang, nepungan baraya jeung tatangga, silih hampura sakalian barangkirim.

Trasidi barangkirim dina bulan puasa téh  bisa jadi ayeuna gé masih kénéh dipaké, di sawatara lembur mah. Di lembur kuring mah, mawakeun disebutna téh. Sapuluh taun ka tukang, nu ngajaringjing rantang saban bulan puasa teh masih kénéh balawiri. Ieu téh kawas geus jadi "kawajiban" saban bulan puasa. Henteu kauger ku status ékonomi deuih, rék nu boga, rek nu walurat, kudu baé ari ngirim dahareun mah. Malah upama sanggeus lebaran, henteu kungsi mawakeun, kawas aya nu kurang dina ngalakonan bulan puasa téh.

Mémang aya hadéna tradisi mawakeun téh. Da ari enas-enasna mah, apan silaturahmi téa, lain ukur barangbéré wungkul. Nepungan dulur nu geus lila henteu jonghok, néang baraya nu tara dianjangan dina bulan-bulan séjénna. Ari ukur ngalongok bari jeung léngoh mah, kawasna téh kurang apdol. Boa bakal ngarasa éra ari teu jingjing teu bawa mah. Ngan palebah ngayakeun dahareunana, béhna mah tari mikiran aya-euweuhna. Kumaha baé carana, nu penting barangkirim. Komo ka jelema nu dianggap deukeut mah, éra teuing ari panggih lamun teu mawakeun teh.

Mojang nu geus papacangan, biasa sok ngajingjing rantang ka calon salakina. Dina henteuna téh, apan ku kolot lalaki sok diterus diomongkeun. Leuheung mun ukur di lingkungan kulawarga, narajangkeun terus diambeng ka tatangga. Matak wirang kolot awéwé. Nu matak, sakur awéwé di lembur nu geus boga bébéné, dina bulan puasa mah "wajib" ngajingjing rantang. Ongkoh kolot awéwéna gé sok hariwangeun naker. Apan aya kajadian, nu papacangan nepi ka lekasanana alatan dina bulan puasa henteu ngajingjing rantang. Masalah nu teu pira saenyana mah.

Ngan nyakitu, kolot lalaki gé sok leuwih karoroncodan. Pan kawas nu geus jadi kawajiban deui baé, sakur nu barangkirim, balikna téh kudu dibahanan. Upama Nyi Mojang ngirim rantang, tah balikna téh sok kudu dikeupeulan duit. Upama henteu dikeupeulan, bagéan kolot awéwé (atawa Nyi Mojangna sorangan) nu kutukgendeng téh. Ninggang ka nu ijiran, ngeupeulan teh sok diluyukeun jeung kikiriman awéwé. Upama Nyi Mojang ngirim sangu jeung daging hayam, ngeupeulan gé sok sahargaeun kikirimanana.

Teu héran, ti heula mah saban bulan puasa téh balawiri ku nu ngajingjing rantang. Pabuis ka hilir ka girang. Nu nepungan kolot. Nu nepungan dulur. Nu nepungan bébéné. Ceuk sakaol, kungsi aya nu rék silih anjangan, ari hég kalah patepung di jalan, papada ngajingjing rantang. Bingung meureun duanana gé, kudu ngobrol di imah saha heula. Tungtungna, ngawangkong téh di jajalaneun bari sakalian nukeurkeun rantang.

Rantang teh masalah anu teu pira. Tapi bisa jadi matak ramé. Kungsi aya mitoha anu kalah ka baeud ka minantu  dina poe lebaran, pédah dina bulan puasa henteu dikirim rantang. Nu matak, najan kumaha gé, bélaan anjuk ngahutang keur minuhan eusi rantang téh.

Aya deui nu disebut "ngirim piring".  Ieu mah hubunganana teh jeung tatangga nu deukeut. Kabiasaan dina nyanghareupan lebaran téh, ngumpul-ngumpul dahareun. Ari lembur mah, nya dahareun hasil kaolahan lembur wé, saperti opak, ranginang, wajit, angléng, ulén, borondong, jeung sajabana. Najan ayeuna mah katambahan ku sabangsaning kuéh. Upama dina poé lebaran euweuh opak, sigana teh kurang apdol kénéh.

Dina tradisi ngirim piring, anu diwadahanana téh kaolahan jieunan anu ngirimna. Upama hiji imah nyieun opak jeung wajit, nya éta anu dikirimkeunanana gé. Lamun dipokkeun mah meureun, “bilih badé ngiring ngaraosan”. Puguh baé, saban burit téh piring gé milu balawiri.

Dina seuhseuhanana mah, tradisi ngirim rantang jeung ngirim piring téh ngaraketkeun silaturahmi. Apan bulan puasa mah bulan nu pinuh rahmat. Kahadéan téh bisa jadi manglipet-lipet ganjaranana. Najan dina prakprakanana mah, sakapeung tradisi mawakeun jeung ngirim piring téh sok matak kagugu.

Datang lebaran, mangsa suka-bungah nu taramat puasa. Peutingna, barudak ngaliud di tajug bari narokalan dulag. Nyoléndang sarung, dikopéah déngdék. Kolotna ngariung di jero tajug bari takbiran. Kolot awéwéna, ungkrah-angkrih nyiar dahareun. Bro ditunda dina nyiru, diriung di jero tajug. Beledag pepetasan ti jauhna. Lampah barudak bangor nu ngadon ngagandéngan.

Kolot mah biasana parat nepi ka isuk, tara saré. Ari barudak, gandéngna teh ukur nepi ka tengah peuting. Ka dituna mah ngajaloprak di tepas tajug kamerekaan ku dahareun.

Beres solat Id, bur-ber nepungan dulur-dulur. Sungsong salaman, silih lubarkeun dosa. Nu ceurik ngagukguk. Nu ukur reumbay cimata. Aya oge nu nyelang geus ka makam, ngadon nadran. Beledag, di makam teh barudak bangor nyeungeut pepetasan. Sakapeung sok disentak ku kolot anu keur husu ngadunga.

Ngariung tumpeng deuih, kabiasaan anu maneuh saban poé lebaran. Unggal imah papada nyieun tumpeng. Terus diriungkeun di hiji imah. Balik solat id, atawa balik ti makam, ngariung heula pikeun ngarecah tumpeng.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...