Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokRebo, 18 Juli 2012 22:59

Néang Kalangkang

Ku Dadan Sutisna
SN
Kalangkang [Potret: Net]

Rucang-riceng. Sorot panonpoé seseleké kana sela-sela bilik. Geus beurang geuning. Rét kana jam nu pinuh ku rambat, ngadaplok kana tihang. Jarum pondokna keur ngungked ka angka dalapan. Di luar, kapireng nu patinggorowok.

“Sok itung dombana, aya salapan, nya?”

“Ambuing, mani sagala dibawa geuning? Tuh ténjo, aya nu manggul télévisi sagedé panto!”

“Spring béd, deuleu. Uluh, mani sagedé lapang maénbal. Lalausa éta mah dipaké guley téh!”

“Panjang kénéh euy abringanana?”

“Panjaaaang … can puguh bérés dua jam ieu mah!”

“Gandéng siah, jurig! Nya teu nyaho di dieu aya nu gering?” nu panungtung mah, sidik sora bapa. “Éta deuih, pager aing kalah dieundeuk-eundeuk, kumaha mun runtuh? Nyingkah ka dituh!”

Kadéngé sora nu brag-brig-brug lumpat, dituturkeun sora nu hanjat ka imah, sora nu nincak palupuh. Hordéng aya nu nyingkabkeun.

“Geus hudang geuning, Jang?” bapa ngelol tina panto.

“Enggeus, Pa. Kakara beunta puguh,”

“Pasti kagareuwahkeun nya, ku nu séwot di luar. Keun da geus dibuburak ieuh,” bapa ngadeukeutan. Gék diuk tunjangeun. Gap leungeunna kana dampal suku. “Kumaha rada mending ayeuna mah? Suku mah paranas kénéh geuning?”

“Mending, Pa … Naha maké dibuburak, da teu ngaganggu ieuh!”

“Baringsang wé déwék mah. Barina gé keur nanahoan ngagul-ngagul ladang korupsi!”

“His, ari Bapa. Nyarios téh sok ka mana mendi!”

“Nya heueuh. Nyaho rusiahna lah, Si Kuwu Dirja mah. Lain rusiah kétang, da geus nyebar ka mamana. Tukang ngelebok duit amanah. Kamari wé geura, basa aya bantuan jalan téa. Piraku duit samilyar ngan ukur jadi jalan dua deupa? Teu kira-kira, pan. Éta deuih Si Kasebelan, mani agul pisan rék bébésanan…” bep ngadadak balem.

“Naha teu diteraskeun, Pa?”

“Ah, teu perlu!”

“Da moal nanaon, Pa. Béjakeun wé, yén poé ieu Jang Mursid kawin ka Nyi Isah. Tuluy seserahan, babawaanana réa pisan,”

“Teu diteruskeun sotéh, bisi silaing kasuat-suat. Bisi nambahan parna. Lebah dieu bédana silaing jeung déwék téh. Déwék mah dinyenyeri ku awéwé téh ngalugas bedog, silaing mah kalah ka gering!”

“Da uing mah gering téh lain ku awéwé, Pa. Tapi ku kasakit!”

“Lah, tong réa kulad-kelid. Da kolot mah surti. Sok ayeuna mah geura disalin, urang pariksa deui ka Puskesmas!”

Maksakeun cengkat. Awak karasa lalinu kénéh. Di luar, kadéngé sora nu hahariringan.

Boboko mah, geura nya Bapa, ayakan leutik. Siki cabé, ituh geura, bet diawurkeun. Bobogohan, alah ieung, da ti leuleutik. Geus gedé mah, euleuh-euleuh, dikabaturkeun!”

Gajleng téh, bapa satengah luncat ti pangkéng. Gebrug, ngajablogkeun panto. “Naon siah, kéhéd? Sok ngahariring sakali deui, diparieuskeun tah beuheung téh!”

Uing nangkarak deui bari neuteup lalangit. Bet asa tobros ka langit.

*

Geus lila teu dipaké. Motor kiriditan téh mani hésé hirup. Dua puluh kali nyelah, kakara siga rék ngadudud.

“Tong waka indit-inditan, bisi karugrag!” bapa turun tina gologod. Ceg kana pacul deukeut kandang hayam.

“Karunya ka Bu Nénéng. Sabulan meureun euweuh nu mantuan ukat-akut!”

“Keun baé, da Bu Nénéng gé bakal ngarti. Ari gering, kudu dikumahakeun… Tuh nya, Si Ocim mah tara tarapti ari baranginjeum téh. Ieu doran pacul nepi ka ungger kieu. Deuleu étah, pacul aing jadi rompang. Na dipaké mencug naon ari Si Éta?” bapa tuluy séwot. Uing mah terus leumpang jumarigjeug ka lebah buruan. Haneut sigana mun moyan.

“Nya iraha Kang Ocim nginjeum pacul, Pa?” pok téh, bari rada ngised ngara tonggong kasorot pisan ku panonpoé.

“Unggal usik. Teuing boga tatangga téh mani euweuh nu sahulueun. Si Érté mah apan, nginjeum batu asahan nepi ka ayeuna les wé teu balik deui. Pantar Érté éta téh…”

Tonggong mimiti haneut. Ceg kana rokrak gigireun. Dikoér-koér kana taneuh kebul. Dipaké gagambaran. Rét ka hareupeun. Rét ka lebah panonpoé. Gebeg téh!

“Bapa!”

“Heuh…”

“Ari kalangkang uing ka mana?”

“Kalangkang nanahaon?” bapa tonggoy ngetrokan doran pacul.

“Kalangkang uing leungit!”

Bapa gentak nyampeurkeun. Jen ngajanteng gigireun. Dangdak-déngdék. Kerang-kerung.

“Jih, geuning enya, euy. Na ngiles ka mana kalangkang silaing?”

“Tuh pan, kalangkang bapa mah aya… tong bari éngklak-éngklakan atuh, Pa. Éra bisi aya nu ningalieun!”

“Ambéh sidik euy. Ayeuna kieu. Silaing nangtung, déwék rék cingogo di dinya!”

Jung nangtung. Bapa tuluy nagog, tonggongna méh antel kana tuur. Nangtung deui bari tuluy malik. Nyabak tarang uing.

“Ahéng. Béh ditueun ahéng. Cahaya panonpoé siga nu nembus awak silaing. Bieu tonggong déwék karasa panas, padahal kahalangan silaing. Cik ayeuna leumpang!”

Uing ngaléngkah lalaunan.

“Enya wé, teu katémbong ringkang kalangkang. Cik ajrug-ajrugan!”

“Atos, Pa. Da sidik apan, najan cicing gé euweuh!”

“Boa silang téh geus jadi jurig, Sujang?”

Uing nyéréngéh.

“Piraku aya jurig bisa moyan isuk-isuk. Ari kitu, katémbongna uing teu napak kana taneuh kitu?”

“Henteu,” bapa teu eureun kerang-kerung. “Mending reureuh deui ayeuna mah. Tong udar-ider. Déwék rék nepungan Mama Ilham. Sugan wé ari ku jelema linuhung mah, kasungsi marga lantaranana!”

*

Nepi ka adan isa, bapa can balik kénéh. Uing ngahérang handapeun lampu nu ngetét. Bet ngadadak inget ka ema. Aya sono aya keuheul. Sono ku lawas teu tepung. Keuheul ku siga teu nyaah ka anak. Ti saprak pipisahan jeung bapa, nepungan téh beunang kaitung. Teu nitih tilu taun sakali. Kitu gé sok bari susulumputan.

Ah, boa ema mah keur senang-senang di gedong sigrong. Geus boga budak deui kitu ema téh? Mani euweuh iber.

“Indung sia mah liwar. Nyaho aing balangsak téh, der lacur jeung bandar kai!” kitu nu sok diomongkeun ku bapa, mun keur nyaritakeun ema. Teu bisa ngabibisani, boa enya kanyenyerian kénéh. Buktina nepi ka ayeuna bapa teu hayangeun deui boga pamajikan. Sakitu dijurung-jurung.

Lebah kanyaah mah, bapa téh moal aya duanana. Enya gé siga nu borongongong heuras genggerong, tapi nu karasa mah, bapa téh nyaaheun pisan. Dina kaayaan heureut pakeun, kaduga kénéh nyakolakeun nepi ka SMA-SMA baé mah. Cenah uing téh kudu jucung, kudu junun. Ngan dalah dikumaha, ukur bisa nepi ka jadi kuli mundak di pasar.

Leungeun kénca ngaragamang ka handapeun anggel. Ceg, kana potrét. Potrét nu geus risek balas digulanggapér. Teu pati kajeueung. Ngan kacipta wé, dina pipina aya wedak sahéab. Biwirna dipulas lipen setip saulas. Potrét asa hirup. Umat-imut. Rék disampeurkeun pisan, geleser Jang Mursid kana mobil hérang.

“Geus saré, Jang?”

Gebeg téh. Sora bapa. Gentak potrét dibebeskeun deui ka handapeun anggel.

“Acan,”

Bapa asup ka pangkéng.

“Hampura, euy. Déwék téh tuluy balangsiar. Heueuh, rék nyatu ti mana atuh mun teu balangsiar mah,” pokna, ambekanana ngahégak kénéh. “Tadi téh geus nyimpang ti Mama Ilham téa. Teu jauh tina sangkaan. Paingan asa curiga…”

“Curiga naon, Pa?”

“Heueuh, sihoréng silaing téh dipélét!”

“Dipélét kumaha ari Bapa?”

“Tah, awéwé centil téh geus mélét silaing. Nyao teuing saha nu dudukunna mah, teuing indungna teuing bapana. Yeuh, cai inum heula. Beunang ngajampéan Mama Ilham!”

Key téh, asa ngadadak hayang seuri.

“Har, bet cengar-cengir geuning?”

“Atuda asa teu kaharti. Ongkoh mélét, tapi kawin ka batur. Pan matak mélét gé ngarah daékeun meureun, lain hayoh diantepkeun? Barina gé keun baé, Pa, urusan éta mah teu kudu manjang. Uing mah balungbang timur ieuh.”

“Tah, lebah dieu beletna silaing téh. Puguh baé maksudna mah kaharti, ngarah silaing gering ngalanglayung. Ngarah maranéhna bisa mupuas. Silaing nyaho ka Si Darman, bapana si parawan centil?”

“Geus lain parawan boa ayeuna mah, hahaha!”

“Paduli teuing. Tah, Si Darman téh, keur ngorana kungsi ribut jeung déwék. Teu sangka neuteuli nepi ka ayeuna. Nu matak sukur déwék mah, silaing teu jadi ka Si Centil. Barina gé ti baheula déwék mah teu satuju, teu sudi bébésanan jeung jelema neuteuli kawas kitu.”

“Baruk kitu, Pa?” pok téh, bari ngaleguk cai nu diasongkeun ku bapa. Ngahargaan wé, beunang ngoprot késang apan éta cai téh.

“Kitu pisan. Tuh siah, rék nanyakeun urusan kalangkang mah nepi ka poho!” bapa semu hanjelu.

“Enya, kumaha kalangkang téh?”

“Nyaéta poho teu ditanyakeun. Tapi ké déwék rék panasaran kénéh!” bapa ngojéngkang kaluar. Ngurunyung deui bari nyorotkeun sénter. “Sok ayeuna diuk… Angger kénéh euy, cahaya sentér siga nu nobros awak silaing. Kéder aing mah!” bapa gogodeg.

Bapa tuluy nyorotkeun sentér kana leungeunna. “Tuh ténjo dina bilik, déwék mah boga kénéh kalangkang, pan?”

“Sakalian nyieun uuncalan, Pa!”

“Kawas bolon sia mah!”

*

Geus jagjag pisan. Geus bisa indit ka pasar. Ngéstokeun papagah bapa, magar téh ngarah teu kasuat-suat, indit ka pasar jalanna mending mabal. Kieu deui balikna. Biasana ka jalan désa, ayeuna dipaksa kudu mapay jalan satapak nu meulah kebon. Najan matak balangsak, mawa motor ka jalan ledok, digugu wé.

 Urusan kalangkang les wé kapopohokeun. Atuh batur, teu ieuh aya nu baranggeureuh. Barina gé, naon pentingna meureun nguruskeun kalangkang batur. Rék aya, rék euweuh, teu matak rugi ieuh.

Bu Nénéng asa beuki bageur. Motor kiriditan nu geus nunggak dua bulan, dipangmayarkeun. Atuh gawé jadi rada énténg deuih. Tadina tukang mundak, naék pangkat jadi purah ngaladangan nu balanja. Berekah baju téh teu bobolokot teuing.

Hiji poé, pasosoré, rék méngkol pisan ka jalan kebon, aya megatan jajalaneun. Nulak cangkéng. Reg wéh eureun.

“Aéh, Mang Rustam geuning. Punten badé ngalangkung!”

“Lain punten-punten, siah. Disidik-sidik téh, silaing unggal poé ngaliwat waé ka dieu. Tuh ténjo, pepelakan aing kagaley motor. Sugan geus weureu, jalan sagedé-gedé kalah ngasruk ka kebon batur?”

Ukur bisa sarangah-séréngéh, da rumasa salah. “Mabal, Mang!”

“Mabal nanahaon, kalah matak lila cék déwék mah. Uyuhan wé. Geus jalan ditu. Mun isuk kapanggih ngaliwat deui ka dieu, dicacag tah ban motor téh!”

Teu bisa kukumaha. Kapaksa balik deui, léok méngkol ka jalan désa. Boa enya disupata ku Mang Rustam, da teu kungsi lila, kececes téh ban motor kempes. Bisi ruksak kana pélek, didorong wéh. Teu wudu matak cangkeul. Komo basa nyorang tanjakan mah. Matak luut-léét késang.

Basa rék lar pisan ka imah Nyi Isah, bet rada asa-asa. Sieun pasarandog. Mun motor hirup mah, bisa dikebut lebah dinya téh. Ari ayeuna, kieu kaayaanana. Piraku kudu ngadorong motor bari lumpat onaman. Kuriak disangka bangsat.

Di buruanana jempling. Ukur panonpoé pasosoré ngahibaran pakarangan. Reg. Gebeg. Kurang-kerung bari gigisik. Siga aya nu ngajentul deukeut tangkal buah, di buruan imah Nyi Isah. Ngaheruk bangun nu bingung. Ngabelegbeg hideung. Alah siah, éta téh kalangkang aing! Nyaho pisan kana rigigna.

Motor disarandékeun kana pager. Tuluy ngeteyep, nyérangkeun tina sela-sela kekembangan nu dipelak sisi jalan. Kalangkang ngajentul kénéh. Rada dideukeutan.

“Hus, hus! Saha silaing?” pok téh, satengah ngaharéwos. Kalangkang ngalieuk. Tuluy tonggoy deui siga tadi.

“Silaing téh déwék?”

Kalangkang ngalieuk deui. Tuluy ngajentul deui. Uing rarat-rérét ka handap. Katémbong aya batu sagedé peureup. Belewer dibalédogkeun. “Balik siah, montong ngéra-ngéra aing. Hayu milu!”

Kalangkang semu ngarénjag. Tapi ngajentul deui. Diténggor deui. Kitu jeung kitu wé.

Kulutrak, sada aya nu muka panto. Jang Mursid kaluar. Buukna leucir. Ngenyot udud. Katémbong ngarérét ka handapeun tangkal buah.

“Nyai, tingali, geus ngajentul deui di dinya!”

Kurunyung Nyi Isah. Maké daster kayas.

“Euleuh, enya baé geuning. Buburak atuh Akang, tong sina ngiuhan waé di dinya!”

“Enya. Cing nyokot sapu nyéré, urang babuk!”

“Aya naon, Jang?” katémbong Pa Darman ngelol ti lawang.

“Éta, Pa. Nu ngajejentul kamari geus aya deui!”

“Aéh-aéh, na mani teu euih-euih. Halik urang singkahkeun!” Pa Darman muru tangkal buah. Kalangkang siga nu reuwas. Térékél naék kana tangkal buah.

“Ééééh, kalah naék, siah. Turun! Mantog!” pokna bari belewer malédogkeun sendal.

Nu duaan nyampeurkeun bari milu tatanggahan.

Uing ngeteyep ngadeukeutan motor. Disurung lalaunan. Teu kendat hémeng jeung ahéng. Haté kumejot hayang nulungan nu ngabelegbeg. Tapi kaéra-éra.

Beuki kerung basa anjog ka imah. Di buruan ngagimbung réa jelema.

“Sujaaaang…” sada sora bapa. Ceurik atawa ngocéak kitu? Gentak ngadeukeutan nu ngajanteng lebah pager.

“Aya naon, Kang?”

Nu ditanya teu ngawalon. Haré-haré. Teuing teu kadéngéeun, teuing keur ngalamun. Kalah neuteup kana layung nu keur meujeuhna ngempur.***

Tanjungsari, 7 Pébruari 2012

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...