Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 19:55

Kateterusan

Ku Dadan Sutisna

Carita Pondok Dadan Sutisna

KAWIN. Kecap nu ahéng pikeun kuring mah. Malah bet timbul pananya, naha manusa bet resep panganténan, terus rumah tangga, terus paraséa, terus pepegatan deui. Keur naon ngahiji mun rék pepegatan mah. Komo réa kacaritakeunana, cenah awéwé nu remen jadi korban rumah tangga téh. Disiksa, diatur paripolah hirupna, dicandung, terus diantep da geus bosen. Ih, bararaid teuing.

“Pasti keur mikiran rumah tangga!” aya nu nepak ti tukangeun, nepi ka kuring ngoréjat. Bedul téh, Si Yuda. Nyéréngéh némbongkeun huntu nu rongéh. Lucu baé Si Éta mah katémbongna téh. Gék diuk gigireun, mani méh rapet jeung awak kuring. Remote nu keur dicekelan direbut, channel-na dipindahkeun kana acara pangaresepna.

“Béh dituan diuk téh, mani nyedekkeun kitu. Kumaha mun aya nu ningalikeun!” kuring rada nyereng. Manéhna angger nyéréngéh bari ngised saeutik.

“Alah, najan ditangkeup gé moal ku nanaon. Da uing mah teu bogoh ka manéh!”

“Sarua. Tibalik meureun langit mun urang terus bobogohan mah. Manéh bakal terus jadi sobat kuring najan nepi ka paéh gé!”

“Beu, ari nyarios téh. Mani kokomoan kitu. Henteu digawé?”

“Batur gé poé Minggu mah cicing di imah!”

“Jalan-jalan sugan, ka mall, supermarket, bioskop.”

“Bété. Hayang cicing di imah!”

Manéhna mindahkeun deui channel. Berita kriminal. Pemerkosaan. Geus awéwé deui nu jadi korban téh.

“Nia keur paséa deui, nya? Jeung indung, nya?” manéhna neuteup. Panonna angger hérang, angger jujur.

“Enya. Keuheul atuda, unggal poé ninitah kawin. Mémangna kawin téh bisa dipaksa kitu? Henteu, lur. Kawin mah kudu dibarung ku jujur. Ari nu jujur téh geus hésé ditéanganana. Nu matak kuring mah mending moal kawin.”

“Beu, kumaha mun katuliskeun jurig!”

“Keun baé, da jurigna gé aya gigireun, keur nyekelan remote!” kuring nyikikik. Manéhna teu riuk-riuk, malah paromanna katémbong daria naker.

“Ku naon atuh bet embung kawin? Pan umur téh geus 30, lin? Indung manéh pasti hariwang nénjo anak jadi parkol.”

“Parkol? Naon éta téh, asa kakara ngadéngé.”

“Parawan kolot.”

“Pan manéh gé jabul, jajaka bulukan!” kuring jebi. Mun geus kitu, sok terus silih teuteup bari nyéréngéh. Yuda, jajaka nu geus welasan taun babarengan jeung kuring. Sobat dalit sasatna, ti jaman sakola kénéh.

“Jadi manéh téh keukeuh moal kawin?”

“Kacipta loba pikanyerieunana. Kumaha mun kuring meunangkeun lalaki barangasan, ambek saeutik terus ngagaplok. Ka awéwé ukur bisa ngakaya. Mun geus seubeuh terus dipiceun. Lah, sararieun kuring mah.”

“Da éta atuda, Nia mah mindeng teuing cacampuran jeung kaom feminis. Cik mikir téh réalistis saeutik mah. Tong nilik lalaki tina goréngna wungkul. Réa kénéh nu jujur jeung satia. Salah sahijina uing…”

“Meunyiii …” mun kongang mah hayang mengék irungna. Ah, naha atuh manéhna téh bet mawa baé suasana hégar.

“Indung manéh tangtu baringsang atuh, moal henteu garo singsat unggal poé, nénjo manéh henteu eungkeut-eungkeut begér, jajauheun boga karep laki-rabi. Naha Nia henteu nyaah ka indung?”

“Nyaah ka indung lain hartina kudu kawin. Ongkoh naon deuih anu dipiharep ti lalaki. Teu dipangusahakeun ku lalaki gé kuring mah geus boga gawé. Babaturan bayatak. Kacipta hirup téh sagala kasungkeret, teu meunang itu, teu meunang ieu. Kudu kitu, kudu kieu. Hirup mah mending nu wajar baé, bébas.”

“Sumuhun, da salira mah resep ngukut égois,”

“Ari geus kumaha deui. Biarkanlah hidup apa adanya.

“Uing mah da arék kawin, tinggal nungguan waktuna baé.”

“Kumaha karep.”

“Salira leres-leres égois.”

“Keun baé.”

“Geus ah, lieur nguruskeun kawin mah.” manéhna neundeun remote dina méja. “Uing mah ka dieu sotéh rék nginjeum sepédah, hayang ulin ka gunung. Moal dipaké?”

“Baruk teu acan kapésér baé sepédah téh. Kasian déh lu!”

“Kawas abégé waé. Di mana diteundeunna?”

“Naon téa?”

Handphone!”

“Cenah tadi nginjeum sepédah?”

“Milu nga-SMS sakali mah. Nu uing béakeun batré.”

“Béak batré atawa béak pulsa?”

“Duanana.”

Sanggeus sababaraha lila ngoprék hapé kuring, manéhna ngaléos bari sarangah-séréngéh. Tangtu geus apaleun lebah mana kuring neundeun sepédah.

Kakara gé Yuda ngaléos, indung kuring ngurunyung ti kamar.

“Aya saha?”

“Yuda.”

“Mana? Sina dahar heula atuh!” indung kuring rarat-rérét. Teuing ku naon, da bangun nyaaheun pisan ka Yuda téh. Mun pareng ngobrol, da mani sok uplek naker. Ongkoh Yuda mah pinter ngabojég deuih.

“Geus bogaeun kabogoh Yuda téh?” indung kuring diuk gigireun.

“Sakaterang mah teu acan.”

“Ari Nia, iraha téa …”

“Nikah?”

“Enya, naon deui atuh.”

“Duh, teu acan kaimpleng, Mah.”

“Rék ngadagoan naon deui, umur geus leuwih ti manjing, gawé geus boga. Atuh rupa, saha nu nyebut Nia goréng. Ceuk Mamah mah ulah dilila-lila.”

“Atos mah, Nia bosen. Nikah deui, nikah deui.”

“Na budak téh, mani teu beunang pisan diatur!”

“Nia mah sieun tunggara siga Mamah. Nia mah alim naon anu karandapan ku Mamah kaalaman ku Nia. Sieun dinyenyeri, sieun digunasika!”

“Teu sadaya pameget kitu, geulis.”

“Kliseu, buktina mah geuning …” satengah teu sadar kuring ngajéngkat, asup ka kamar. Diuk dina kasur bari ngahuleng. Kawin. Naha éta kecap téh penting kitu keur kuring? Haben dipikiran, lebah mana untungna. Boga turunan? Éta sigana. Tapi naha turunan téh hiji-hijina tujuan kawin?

*

ISUK kénéh Yuda geus ngajentul di téras hareup. Tara-tara ti sasari.

“Geuning mani tanginas?” ceuk kuring, geus saged rék indit ka kantor.

“Nganteurkeun sepédah, bari aya picaritaeun deuih.”

“Lila moal?”

“Bisa lila, bisa henteu. Kumaha jawaban ti manéh.”

“Alah, aya-aya baé. Milu atuh ka kantor, terus ngobrolna di jalan.”

“Kana motor?”

“Kana naon deui, da kuring mah teu boga mobil.”

“Kumaha mun Nia idin heula poé ieu mah.”

“Har? Naha bet kudu idin, da henteu gering.”

“Diuk heula, lah.” manéhna nunjuk korsi. Bisi penting, kuring ngéléhan.

“Langsung baé,” pokna, “Uing rék nanya, ari Nia bener teu hayang ngajaran jadi pangantén?”

Katémbong teuteupna mani anteb. Geus kawin deui baé.

“Ku naon sih, ti kamari nanyakeun kawin?” pok téh rada kesel.

“Kieu, tadi peuting uing boga ideu. Uing yakin, manéh gé tangtu hayang ari ukur ngajaran mah, kumaha rasana rumah tangga. Kuring gé sarua. Tapi urang papada can meunang calon nu cocog. Kumaha mun… euh, sigana Nia baris ngajenghok. Kumaha mun urang diajar rumah tangga …”

“Diajar rumah tangga?”

“Enya. Manéh dikawin ku uing, hareupeun panghulu, tapi saenyana mah bobodoan. Lain kawin enyaan …”

“Ké, ké, lieur kuring mah ieu téh.”

“Teu kudu lieur. Ieu mah dina raraga nyobaan. Engké manéh jadi pamajikan uing, bobodoan. Mun kira-kira teu cocog, urang pepegatan. Terus jadi sobat deui sakumaha sasari.”

“Terus kuring kudu saré jeung manéh?” kuring melong.

“Henteu kudu, apan kawin bobodoan. Saré mah misah wé, tapi saimah. Engké manéh bakal diajar kumaha riweuhna jadi pamajikan, nyadiakeun dahar, nyeuseuhan. Atuh uing gé rék diajar jadi salaki. Engké manéh baris meunang kacindekan, sabada dirarasakeun pait-amisna, naha mending kawin enyaan atawa entong.”

“Mun kawin enyaan, kudu jeung manéh?”

“Nya henteu atuh, sayang. Manéh bébas pikeun milih saha baé, nu kasép, nu gandang. Atuh kuring gé boga kasempetan pikeun milih. Da apan urang babaturan masih nepi ka paéh gé,”

“Enya, urang mah babaturan. Moal mungkin terus rumah tangga. Kuring geus nganggap manéh bagéan tina awak kuring. Tapi rencana manéh téh teu asup akal, tangtu matak riweuh. Geus lah, mending jadi babaturan baé, teu kudu ékspérimén kawas kitu!”

“Teu asup akal lain hartina teu beunang dicobaan. Uing mah saukur hayang ngayakinkeun, kumaha ari rasana rumah tangga téh. Mun Nia nyebut rumah-tangga réa rugina, teu nanaon ari geus ngalaman mah.”

“Tapi manéh téh babaturan, Yud. Leuwih éndah jadi sobat. Atuh engké téh meureun kuring dijajah ku manéh.”

“Urang sosobatan geus welasan taun. Sahanteuna urang geus papada apal kana pribadi séwang-séwangan.”

“Ana kitu mah, mun urang kawin téh ukur heuheureuyan?”

“Tah éta, heuheureuyan.”

“Teu bisa, Yud. Yu ah, bisi beurang teuing!”

Yuda ukur melong. Rada hemeng ku paripolah Ki Sobat poé ieu.

“Manéh teu nyaah ka indung?”

*

SAPOÉ éta mah teu bisa konséntrasi. Teuing ku naon, rarancang Yuda bet ngaganggu pikiran. Papanganténan, kitu meureun kasebutna. Aya kitu di alam dunya nu rumah tangga ukur nyobaan, teu serieus, teu boga niat enya-enya. Tapi apan hirup mah terus-terusan diajar, terus-terusan nyobaan.

Ah, Yuda, da ti baheula gé kuring mah teu kungsi boga haté ka anjeun, iwal ti nganggap sobat nu satia. Anjeun gé sigana mah kitu. Mun urang rumah tangga, asa teu kasawang, asa bakal hayang seuri. Manéh mah éndah kénéh jadi sobat. Ulah aya beungkeutan itu-ieu.

Dipikiran deui, ari saukur nyobaan mah meureun naon salahna. Naon rugina keur kuring. Saré moal bareng. Mun hayang pegat kari ngomong, terus diserahkeun, terus jadi sobat deui sakumaha sasari. Meureun Mamah gé milu bungah nénjo kuring rumah tangga mah. Mamah teu hayang apal jeung saha kuring kawin, bogoh atawa henteu, nu penting mah boga salaki. Mamah nu welasan taun dinyenyeri ku bapa, naha henteu baluas kitu? Henteu sieun kitu nénjo anak dinyenyeri. Tapi ari Yuda mah moal bisa nganyenyeri kuring, manéhna sobat nu éndah. Kuring apal kana watekna. Geus kacekel. Sasatna welasan taun babarengan.

Satengah teu sadar, basa kuring mencétan hapé, nga-SMS Yuda. “Hayu, urang cobaan, heuheureuyan, nya!”

*

UKUR padu salamet téh lain bobohongan. Mamah mani bangun gumbira naker, satuju deuih kuring nangtukeun pilihan ka Yuda. Kuring maké tiung bodas, Yuda dikopéah, ijab kobul, méré maskawin. Resmi wéh Yuda jadi salaki kuring, salaki bobohongan, da kitu komitmen saméméhna, mun geus tilu bulan rék pepegatan.

Saheulanan mah Yuda cicing di imah kuring. Saré misah, Yuda ngeusian kamar kosong di hareup. Tapi mimindengna mah saré dina sofa sabada sapeupeuting lalajo maénbal. Kuring diajar ngawulaan manéhna. Nyadiakeun kopi jeung sarapan isuk-isuk. Nyeuseuhan bajuna, ngistrika, balanja kaperluan dapur. Mimiti karasa riweuhna téh, cacakan bobohongan mah. Yuda katémbong leuwih getol. Isuk kénéh geus indit gawé. Balikna barangbawa dahareun karesep kuring. Terus dahar duaan. Terus misah saré. Kitu jeung kitu wé.

Mamah mimiti curiga. Tapi kawasna téh teu wani pok. Ah, naha kuring perlu bébéja yén ieu mah rumah tangga bobodoan. Komitmen kuring duaan.

Lila-lila, bet sok timbul kakeuheul. Yuda tara tarapti ari teuteundeunan. Kamarna awut-awutan, kuntung roko di mana-mana. Sakapeung balikna tengah peuting, teuing tas ti mana.

“Ti mana, wayah kieu karék datang?”

“Ulin.”

“Ulin? Kuring geus nyadiakeun keur dahar, naha manéh teu karunya ka nu masak?”

“Nia, apan bobodoan. Hartina engké mun boga salaki enyaan, Nia baris tugenah mun salaki balik peuting. Ieu gé pelajaran keur kuring mun engké boga pamajikan nu enyaan.”

“Enya, bobodoan.” kuring nyobaan meper kakeuheul. Yuda, naha kuring téh masih kénéh nganggap anjeun sobat atawa …. Mun sobat, atuh meureun teu kudu ringrang najan anjeun teu balik tilu poé gé.

Manéhna mimiti nyobaan neuleuman haté kuring. Mimiti tatanya, naha aya masalah di tempat pagawéan, terus méré bongbolongan bari teu weléh direumbeuy heureuy. Kuring mimiti kataji ku sikepna nu sabar, ari kuring apan sakieu babarianana. Éta deuih, bet asa aya batur keueung, batur nyileuk, najan ari saré mah tara kungsi bareng. Manéhna enya-enya ngajaga jangji, kawin bobodoan téa. Boro-boro nyampeurkeun ka kamar, nyekelan leungeun gé sasatna teu wanieun. Sakeupeung, bet kumejot hayang nyusupkeun sirah dina dadana. Tapi, apan bobodoan.

Teu karuh-karuh bet timburuan, basa manéhna bébéja cenah tadi papanggih jeung urut kabogohna. Padahal naon perluna kuring timburu ka manéhna. Tapi naha bet seueul kana angen. Naha manéhna gé boga rarasaan nu sarua, basa kuring ngadongéng di kantor aya pagawé anyar nu kasép tur bubujangan kénéh. Ah, Yuda, naha urang bet ngalakonan hirup kawas kieu.

Bet teu karasa, ti bulan geus kaliwat. Peuting ieu kuring jeung manéhna nengetan kalénder nu dicakraan saban poé. Enya, geus jejeg tilu bulan. Dina perjangjian duaan, nyobaan kawin téh rék tilu bulan baé. Geus kitu pepegatan, nangtukeun pilihan séwang-séwangan, terus sosobatan deui sakumaha sasari.

“Enya kitu isuk, mani asa nyérélék geuning?”

“Kawin tanggal 20 Méi, ayeuna 20 Agustus. Enya, tilu bulan,” kuring nunjukan angka.

“Terus?”

“Komitmen urang ngan tilu bulan.”

“Enya, isuk urang ka KUA. Teu perlu bébéja ka Mamah,” sorana bet sari-sari ngahelas. Teuing ku naon, kuring gé bet patingsareblak.

“Tilu bulan urang diajar rumah tangga. Kasimpulanana?” kuring neuteup.

“Cindekkeun baé dina haté séwang-séwangan. Kuring mah tunduh, teu kuat.” manéhna rék ngaléos ka kamar hareup.

“Cicing heula, Yud. Ieu téh peuting pamungkas urang babarengan.”

“Peuting isuk gé aya kénéh.”

“Tapi statusna béda.”

“Enya, béda. Tapi apan bobodoan. Isuk kuring rék balik ka kontrakan. Rék hirup nyorangan deui. Tugas kuring geus bérés, ngayakinkeun ka anjeun kumaha rasana rumah tangga.”

“Yud, naha anjeun teu sedih?”

“Sedih?”

“Naha anjeun henteu ngarasa mun salila tilu bulan kuring ngawulaan anjeun kalawan haté nu ihlas?”

“Enya, karasa.” jawabna datar.

“Yud, kuring hayang saré dina dada anjeun!”

Manéhna bangun ngagebeg. Neuteup teuing ku seukeut.

“Bobodoan ieu téh, Nia.”

“Lain, enyaan. Kuring hayang enyaan.”

“Komitmen, Nia.”

“Komitmetn bisa kénéh dirobah, da urang nu nyieunna.”

“Kuring mah teu payus keur anjeun, Nia. Kuring sagala teu boga, kuring sobat anjeun.”

“Naha teu meunang mun sobat jadi salaki?”

Manéhna neuteup ku panon nu ngembeng.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...