Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 19:55

Arca

Ku Dadan Sutisna

“KUDU diwarah boga salaki kitu mah!” cék Si Réni, sejeroning muru tempat parkir. “Réni mah, mun salaki balik gawé liwat magrib, panto tara dibuka. Mun teu kitu dibaeudan nepi ka isuk-isuk. Imas sih, teu bisa tegas.”

“Lain Rén, ari nu bieu jadi arca téh saha?”

“Har, ari sugan ngahuleng waé téh mikiran salaki?”

“Lain, mikiran arca. Kuatan nya, leuwih ti dua jam teu usik-usik. Urangna deuih, kawas nu milu owah, salila-lila nungguan... mayit!”

“Ngaranna gé téater modéren, hésé disurahanana ku jelema awam mah.”

“Naha atuh Réni bet ngajak lalajo nu kitu?”

“Cenah hayang réfrésing. Réni mah di dieu pangulinanan téh, panggung téater.”

Bari mukakeun panto mobil, ingetan mah aya kénéh di jero gedong kasenian. Tadi pabeubeurang Si Réni nyampeur, ngajak lalajo. Sugan téh rék nénjo pilem, ari hég bet los-los ka tempat ahéng. Panggung nu ublung-ablang, ukur dieusian ku pamaén hiji. Awéwé, ngora kénéh katénjona mah. Barang srog ka tengah panggung, terus baé ngahuleng teu usik teu malik. Dangdananana deuih nu ahéng téh. Ka luhur maké tiung bodas, beungeut dipulas warna-warni, ari ka handap sirikna teu calana jero wungkul téh lain bobohongan. Asa teu kaharti.

“Héy, téréh magrib ieu téh. Resep kénéh mah isuk urang lalajo deui!” cék Réni bari nyetater mobil. Kuring diuk gigireunana.

“Cik, cék Réni naon maksudna nu bieu dilalajoan téh?”

“Euleuh, geuning mikiran kénéh téater nu geulis téh. Yeuh, bikeun heula ka tukang parkir!” pokna bari ngasongkeun duit sarébu. Mobil ngegeleser ninggalkeun gedong kasenian. Brasna ka tengah kota. Keur meujeuhna macét, da puguh waktuna baralik gawé.

“Kumaha, Rén?”

“Naon téa?”

“Téater.”

“Cenah mah éta téh nyindiran awéwé ayeuna. Anu sok maraké tiung tapi angger séksi. Ongkoh dijilbab tapi tengah peuting pakaléng-kaléng kénéh jeung lalaki…”

“Kutan? Nya keun baé atuh ari jeung salakina mah.”

“Teuing atuh. Réni gé kakara lalajo nu kitu mah. Lalajo arca.”

“Kuatan nya, dua jam teu usik-usik,”

“Nu kuatan mah nu lalajona.”

“Enya, asa keur mengheningkan cipta.

Geus ngaliwatan opat lampu setopan. Girimis mimiti pras-pris maseuhan kaca mobil.

“Rék dahar heula?” Réni ngarérét.

“Dahar di imah wé. Apan Iim mah boga kasakit, dahareun téh geus diatur ku dokter. Bisi peuting teuing deuih…”

“Enya, lebah dieu teu adilna téh. Mun awéwé balik peuting mah matak jadi omong. Béda jeung lalaki, bisa sakarepna…”

“Tos, tos, teu kedah nyarioskeun nu kitu.”

“Iim téh tong daék dijajah. Kudu tegas. Urang gé boga hak pikeun nyarita. Ulah saendeng-endeng sumuhun-dawuh ka carogé.”

“Naha Réni bet nyarios kitu?”

“Im, urang sosobatan téh geus welasan taun. Piraku Réni cicing baé mun boga sobat rumah tanggana teu runtut-raut.”

Gak ada masalah. Iim baik-baik aja.”

“Alah, geuning tadi basa disampeur keur camberut. Cenah bété ku Kang Maman. Émang nu kitu lain masalah?”

Ukur ngalieus ka lebah kaca mobil. Paneuteup napel ka gedong jangkung di jauhna, siga rék ngajul langit.

“Bisa jadi pikeun batur mah geus lumbrah. Salaki balik peuting, kadangkala nepi ka subuh. Awéwéna pon kitu deui, réa kagiatan. Ka mall téa, fitness téa, senam téa. Tapi apan Iim mah tipeu awéwé nu konsérvatif. Resep cicing di imah, resep masak, resep ngurus kekembangan.”

“Apan pun lanceuk téh didamel? Jeung lain teu hayang kawas batur, indit-inditan unggal usik. Réni gé nyaho meureun yén Iim téh boga kasakit...”

“Émang hirup di dunya téh keur néangan duit wungkul kitu? Naha Iim henteu ngarasa dijieun arca?”

No problem. Iim enjoy dengan situasi ini.”

“Geus lah, tong ngabohongan diri sorangan.” pokna semu kesel. Mobil nyemprung da puguh mapay jalan sajalur, henteu macét teuing. Ah, sok inget baé kana pépéling Ema puguh gé, masalah kulawarga mah teu meunang dicaritakeun ka sambarang jelema. Tapi apan Réni mah sobat dalit, geus deukeut pisan, lain katégori sambarang jelema.

“Launan saeutik…”

“Ku naon kitu?”

“Téréh nepi.”

“Aéh, poho.”

Mobil ngalaunan, terus méngkol ka kénca, nepi ka regna eureun hareupeun imah.

“Tuh, pan, wayah kieu can balik,” cék Réni bari ngalieuk ka lebah garasi.

“Macét sigana mah,”

“Alah, di dinya mah mélaan waé ka salaki téh,”

“Nuhun, nya. Minggu hareup urang lalajo deui. Tapi tong lalajo… arca.”

“Dagoan sakeudeung,” Réni ngarongkong nyokot hiji barang tina jok tukang. “Ieu mah tanda sosobatan baé, da méré nu mahal mah teu bisa,” pokna bari ngasongkeun bungkusan, dipitaan.

“Naon ieu téh?”

“Buka wé. Wilujeng nya, wedding day nu katilu taun.”

“Euh… enya kitu?”

“Nuang vitamin geura, ngarah teu limpeuran. Yu, ah, bisi Si Yayang kaburu datang!”

“Emh, nuhun pisan atuh. Tapi ké heula tong waka maju, apan Iim can turun.”

“Aéh…” pokna bari ngadangongkeun pipi. Siga sasari upama rék papisah.

Jrut turun tina mobil. Dipagag ku Bi Acih nu mukakeun panto pakarangan. Mobil Réni ngabiur nepi ka lesna diteureuy péngkolan.

“Mulih ti mana, Néng?” cék Bi Acih bari manggut.

“Tas jalan-jalan, Bi. Kumaha di imah teu aya nanaon?”

“Teu aya. Mung punten wé dinten ieu mah nu masak téh Bibi, da bilih Enéng mulihna wengi.”

“Enya, keun. Cararapé deuih. Mani asa lalungsé. Kang Maman can mulih?” cékéng téh, nyacapkeun kapanasaran wé, da apan sidik mobilna gé euweuh di garasi.

“Parantos, mung angkat deui.”

Kuring kerung. “Rék ka mana cenah?”

“Duka. Tadi téh saurna badé nélépon heula ka Enéng.”

“Teu ngabantun hapé abdi mah, nélépon kana naon. Keun wé Bi, ku abdi urang télépon deui.” pok téh bari gura-giru asup ka imah. Bus ka kamar. Hapé ngagolér luhur méja rias. Aya misscall tilu, SMS dua. Ti Kang Maman.

“Néng…” Bi Acih keketrok kana panto kamar.

“Aya naon, Bi?”

“Tadi téh dokter nélépon…”

“Har, cenah teu aya nanaon?”

“Muhun, hilap. Saurna naha dinten ieu Enéng henteu cék-ap?”

“Asa mindeng-mindeng teuing ka dokter téh?”

“Muhun, apan ambéh énggal damang.”

“Enya, keun. Isuk mah rék ka dokter.” pok téh bari ngagolédag kana kasur, panon neuteup lalangit. Leungeun nyekelan kénéh hapé. Enya kitu omongan Réni téh, kuring keur boga masalah?

Masalah kliseu, dijawab ku sorangan. Ongkoh apan geus sadrah ieuh, rék narimakeun salaki kumaha ayana. Cenah éta siga nu tungkul teuing kana gawé, nepi ka arang cicing di imah, boa salaki batur gé leuwih ti kitu. Moal goréng sangka. Medenghel meueusan mah wajar wé meureun, mun pareng manéhna balik kalah ka gap kana komputer, terus ngadeluk nepi ka janari.

Tapi.. meg téh angen ngadadak seueul, basa maca SMS dina hapé.

Aya nu ulang taun. Tadina badé ngajak Iim, ngan Iim teu wawartos badé ka mana. Akang uihna rada wengi.

Rét kana kado ti Réni. Gancang muka lomari, néangan catetan poé jeung tanggal basa kuring kawin. Enya geuning akur, poé ieu pisan. Hartina boh kuring boh manéhna, papada poho yén ayeuna téh tepung taun kawinan nu katilu.

Bet teu ku hanteu ujug-ujug keuheul ka salaki. Gap kana hapé. Mencét nomer. Mailbox. Atuh beuki medenghel. Ti dinya mimiti kapikir benerna omongan Réni téh: sakali-kali mah kudu diwarah. Da éta wé, pikiran téh bet ka nu lain-lain. Hayoh nyipta-nyipta nu keur ulang taun téh babaturanana nu awéwé. Hég nu kungsi neundeun haté.

Kerewek deui ngajéwang hapé. Nélépon Réni.

“Baruk? Si Kasebelan euweuh di imah? Kudu diwarah, Im, hartina manéhna teu perhatian. Leuh, mun seug salaki Réni…” pokna ti beulah ditu, mun katénjo mah moal teu bari kekerot nyarita téh. “Gancang télépon, sina balik!”

“Teu aktip.”

“Tuh, pan. Cék Réni gé Iim mah kurang tegas.”

“Teu wantun atuh, Rén, itu téh salaki.”

“Alah, euweuh salaki euweuh naon...”

Please, Réni bisa ga bikin Iim tenang?

“Oké. Ayeuna Iim ibak heula, ku cai haneut. Tenangkeun émutan, teu kénging timburu, teu kénging goréng sangka. Bye!”

“Rén… Réni!”

*

GEUS jam sawelas peuting. Nu didagoan can datang kénéh. Bi Acih sigana mah geus saré, da biasana gé jam salapan ngaringkebna téh.

Nepi ka subuh, euweuh ngurunyung. Geus ulah dibéré mingé ana kieu mah. Ras ka nu dilalajoan kamari. Nyéh. Asa dibéré ilham.

Teuing wayah kumaha, teu hayang ngarérét kana jam. Ngan Bi Acih ngetrokan panto, cenah “Adén” geus datang. Enya baé, kadéngé sora mobil ngagerung.

Teu dipaliré. Jongjon wé neuteup lukisan kembang dina témbok. Leungeun dipaké nangkeup harigu. Diuk dina dipan, suku ngarumbay kana ubin. Kudu tahan wé ieu mah. Ulah nepi ka ébat. Awéwé nu kamari dilalajoan gé apan kuateun dua jam teu usik-usik. Teu lémék teu nyarék.

Kadéngé sora nu leumpang di patengahan, bari haharingan.

“Bi, ngadamel kopi, nya. Sigana poé ieu mah moal ngantor, teu ngareunah awak. Sakalian deuih naheur cai.” sorana rada tarik. Rekét, panto kamar disada lalaunan. Teu katémbong, da puguh diuk téh nukangan panto. Moal saha deui nu asup téh. Tangtu Kang Maman.

“Lain, Im, mani sesah geuning milari guci téh ari ngadadak mah. Komo deui wengi,” pokna. Teu nanya teu sing. “Aya gé nu marirah, modélna arawon, sigana éta mah buatan bangsa urang, sanés asli ti Cina. Pangpangna mah milari nu aya gambar naga.”

Sigana mah ngomong kitu téh bari cucul-cucul, da kadéngé sora seléting jeung nu muka panto lomari. Kuring mimiti kerung.

“Untung baé sareng réréncangan. Kaleresan anjeunna gaduh kenalan nu sok ngoléksi guci. Gancang baé ditepangan, najan asa-asa gé, da wanci tos nyedek ka janari. Kaleresan deuih nu gambar naga gé aya. Teras baé diririhan, naha da ampir-ampiran teu masihkeun. Mangga baé ari wantun sapuluh juta mah, pokna téh.”

Kahayang mah nanya, naha keur naon maké nénéangan guci? Ngan dipikir-pikir, kagok keur ékting, sakali-kalieun mah kudu diheureuyan.

“Magarkeun téh asli kénging nyandak ti Cina, sanés kénging ngagaleuh di dieu. Umurna tos tilu abad. Duka leres henteuna mah. Ngan sigana cocog sareng kahoyong Iim mah, étang-étang hadiah ti Akang duméh urang rumah tangga téh tos tilu taun. Sanés Iim téh hoyong guci Cina gambarna oray naga?”

Kadéngé manéhna ngaléngkah ngadeukeutan.

“Tos ibak?” karasa punduk aya nu noél.

“Hih, ari ditaros téh. Bendu nya, pédah Akang uing énjing-énjing? Naha moal ningal guci téa? Lucu geura.”

Hayang ngalieuk tapi teu kaduga.

“Im, ku naon?” manéhna ngageubig-geubig awak.

“Bi… Bi… ka dieu, ieu Iim ku naon?” sorana semu reuwas.

“Duka atuh Adén, da ti wengi gé teu kaluar ti kamar!”

“Im… ku naon atuh Iim téh?”

*

AYEUNA mah kuring téh enya-enya geus jadi arca. Cék dokter, kuring struk saawak-awak. Teu hémeng teu sing, da puguh ti keur budak gé geus réa nu karasa. Ti tangéhna kénéh deuih, dokter geus peupeujeuh yén kuring aya kamungkinan katarajang éta kasakit.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...