Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 19:53

Carpon Aki

Ku Dadan Sutisna

Carita Pondok Dadan Sutisna

Geus ampir dua bulan Aki gering. Ukur bisa ngajoprak di tengah imah, diriung-riung ku tatangga. Awakna begang, panon celong, rénghapanana bangun eungap naker. Gawéna haharurungan, geus rada hésé diajak nyarita gé. Kuring, incuna, mindeng nangénan panon Aki ngembeng. Kilang kitu, teu bisa ngabadé, naha éta téh cipanon kaduhung, atawa awahing teu kawawa nahan kasakit. Disebut kaduhung, aya pantesna, da nepi ka kiwari gé hirup Aki téh teu bisa walagri. Katambah pamajikanana-anu umurna ganjor 40 taun jeung Aki-bangun henteu béla. Nini téré meureun kuring mah pibasaeunana téh. Malah lantaran ngora kénéh, kuring mah geus henteu wasa nyebut nini, sok nyebut bibi baé. Basa Aki kawin ka Bi Eni, kitu ngaranna, kuring mah leutik kénéh. Berekah, nepi ka ayeuna Aki geus boga opat budak ti pamajikanana nu panganyarna téh. Budak laleutik kénéh, keur meujeuhna uruseun. Boa éta sababna, pangna Aki nepi ka gering, pédah ripuh teuing usaha. Bari jeung hasilna mah seuseut keur dahar gé. Kituna mah, aya pantesna, da umur Aki téh geus ngagayuh ka 70 taun. Geus cueut ka hareup, mun panonpoé mah téréh tunggang gunung. Kuduna mah Aki téh geus hirup senang ngahenang-ngahening. Ngan nya kitu, napsu Aki nu ngabalukarkeun hirupna teu manggih kasenangan. "Étah, kalah ngahuleng baé. Lain rék nelepon Emang?" Ema ngagebah. Kuring tangka ngarénjag. Bieu téh keur melong beungeut Aki. Nyidik-nyidik paromanna nu haropak. "Isuk deui atuh, Ma!" "Ih, puguh ngadadak. Aki geus nananyakeun baé. Hayang papanggih cenah." Asa beurat naker rék ngaringkang téh. Palupuh ngarekét basa kuring cengkat. Terus kaluar, ninggalkeun imah Aki nu mencil sisi kebon awi. Nepi ka jalan désa, ngadon ngajentul lebah tangkal caringin, ngadagoan ojég. Ari keur rusuh mah, da mani euweuh motor hiji-hiji acan. Sakitu suku geus singsireumeun. Tungtungna mah diuk nangkeup tuur bari neuteup tangkal caringin nu daunna ngiuhan jalan. Tangkal caringin nu ceuk urang lembur mah loba jurigan. Malah Aki gé mindeng cacarita, lebah dinya téh aya nu ngageugeuhna. Naha atuh, keur kitu téh bet kaimpleng beungeut Emang dina tangkal caringin. Dedeganana, sorana, persis pisan Aki. Sakuduna mah, Emang henteu panggih jeung Aki. Henteu panggih jeung bapa sorangan. Dalah indungna mah henteu satujueun Emang nepungan Aki, alatan hiji kaceuceub nu nepi ka ayeuna biheung geus lubar. Ngan Emang geus ngaréka carita sorangan. Lalampahanana néangan bapa, henteu kahalangan ku panyaram indung. Aya dongéng Ema anu napel keneh dina ingetan kuring. Dongéng ngeunaan Aki, Nini jeung Emang. Ceuk éta dongéng, baheula basa Nini kuring keur kakandungan, ku Aki kalah ditambélarkeun. Aki ingkah ka Bandung. Nini nu keur bureuyeung, diantep henteu diurus. Malah basa Ema lahir, Nini kalah dibahanan surat talak. Lir nyolok matak buncelik, Aki kalah kawin deui ka batur salembur. Diserahkeun deui. Kawin deui. Nyerahkeun deui. Kawin deui. Kitu jeung kitu pagawéanana, nepi ka kuring henteu bisa ngitung, sabaraha jumlah nini téré nu sabenerna. Ngan di antara pamajikan Aki, nini kuring nu pangkasiksana mah. Eukeur mah hirup sangsara, katurug-turug kudu ngurus budak sadua-dua. Nepi ka kiwari ogé, Nini mah henteu kungsi kawin deui. Sakuduna mah, Nini téh nyeri hate. Tapi naha atuh bet sabalikna. Hatena janglar pisan. Buktina basa Aki gering ogé anu pangheulana ngalongok téh nini kuring, lain nini tere. Lalakon Emang sejen deui. Tapi masih keneh dina lalampahan Aki enggoning ngumbar birahi. Dua puluh taun sabada nini kuring diserahkeun, aya lalaki nananyakeun ngaran Aki. Basa diparengkeun panggih, terus ngagabrug bari ngagukguk. Dua puluh taun ieuh henteu nyaho rupa bapa. Manahoreng, basa Aki ngereles ka Bandung téh, ninggalkeun awewe bureuyeung anu henteu kungsi dikawin. Tapi henteu matak kaget teuing, urusan henteu tanggung jawab ka awewe mah, Aki téh beunang disebut pagaweanana. Lain ceuk batur, estuning kalapa bijil ti cunghak. Aki mindeng ngalalakon perkara eta hareupeun tatangga, atawa hareupeun saha bae, kaasup hareupeun kuring. "Geus sabaraha hiji awewe nu ku Aki diasaan?" "Ulah nyebut hiji, ratus kituh!" "Ari nu dikawin?" "Moal kurang ti 49 urang!" Tah, ti harita kuring mimiti sebel ka nu ngaranna Aki téh. Sok ngadadak murel lamun ngabandungan obrolan kitu. Cacak upama lain ka kolot mah, mani hayang ngesek-ngesekkeun. Hartina, salila hirup téh, Aki ukur ngeberung napsu. Kuring geus henteu bisa ngitung, sabaraha jumlahna budak-budak Aki. Turta kabeh ogé taya nu diurus bener-bener. Ilaharna, lamun jelema nu dinyenyeri, sok terus malik teu ngeunah. Paling copel teu hayangeun wawuh deui. Tapi ka Aki mah beda deui. Ukur hiji dua nu kitu téh. Nini kuring anu salila hirupna dinyenyeri ku Aki, bangun ngahaja hayang mopohokeun lalakon lawas. Buktina basa Aki gering, anu pangheulana ngalongok téh Nini. Pon kitu deui pamajikan Aki sejenna, anu papada geus diserahkeun, jul-jol bari barang kirim. Bapa kuring kawin ka Ema téh dina umur 16 taun. Kituna téh, lain hayang-hayang teuing boga pamajikan, bakating dijujurung ku kolot. Malah dina waktuna mah, kawinna bapa ka Ema téh, ukur hiji kanyaah pedah hirup Ema keur katalangsara. Ceuk cohagna mah, ngajait katunggara Ema. Jeung enyana, sanggeus kawin mah hirup Ema téh rada nyay-nyayan. Katambah Bapa meunang warisan anu kawilang lega. Nepi ka umur 60 taun, kalakuan Aki taya euih-euihna. Bari jeung cruk-crek kawin téh henteu kajurung ku pakeun. Aki téh henteu kaasup jelema beunghar, malah leuwih merenah disebut taya kaboga. Pagawean henteu puguh, dalah keur dahar soranganeun ogé bangun seuseut pisan. Anak-anakna, lain teu hayang nulungan. Ngan Aki siga nu teu hayang dipalire. Teuing pamajikan nu ka sabaraha hiji, basa Aki kawin ka Bi Eni urang Cihanjuang téh. Bi Eni, randa ngora anu dinyenyeri ku salakina. Ema, bapa, komo kuring mah, nyahona téh basa geus prukna bae. Da bororaah ngabejaan anak atuh, kawas nu ngahaja susulumputan. Ti Bi Eni, Aki boga deui budak opat. Rek henteu kawalahan kumaha atuh, da puguh umur geus ngolotan, tanaga geus ngurangan. Tungtungna Bi Eni milu kadungsang-dungsang. Gawena nyaung-nyaung, ongkoh ti baheula ogé Aki mah henteu kungsi boga imah. Nenjo kaayaan kitu mah, Ema karunyaeun. Aki disambat. Dipangnyieunkeun imah leutik sisi kebon awi. "Geus cicing di dieu, Bapa, tong ingkah balilahan deui. Moal susah dahar di dieu mah!" ceuk Ema. Di imah beunang mangnyieunkeun Ema, Aki ukur bisa ngajemprak. Minangka usahana téh, nungguan semah nu rek tatamba. Ceuk beja, Aki téh boga rupa-rupa elmu kadugalan. Kaasup pelet ka awewe meureun. Boh Ema boh kuring, henteu merean Aki usaha kawas kitu téh. Tapi da kitu kahayangna. Tur geus jadi sipatna, sok malik ngewa lamun digeunggeureuhkeun téh. Ladang jadi pananyaan, boro-boro bisa nyukupan pagabutuh. Keur dahar ogé seuseut. Sesana mah, nya namprak bae ka Ema. Ongkoh nu ngadon tatamba téh carang naker. Boa geus teu percayaeun, pedah kalakuan Aki kawas kitu. Katambah dina sual ngubaran, Aki téh make keneh cara baheula. Papalimpang pisan jeung pamadegan ketua DKM di lembur kuring. Unggal kasakit, teu weleh dipatalikeun jeung "nu ngageugeuhna". "Ojeg, Jang?" teu kanyahoan geus aya motor eureun hareupeun. Nepi ka teu kadenge sorana ogé, awahing anteng ngalamun. Wanci geus nyedek ka sore. Tonggeret mimiti reang disada. "Enya, Mang. Nepi ka dinya bae, ka telepon umum!" ceuk kuring bari cengkat. "Lila moal neleponna?" "Paling ogé dua menit," "Ditungguan atuh balikna!" Clak kana motor. Kakara maju lalaunan, da puguh jalanna taringgul. Kebon awi geus kaliwatan. Jog anjog ka pasawahan. Karasa jauhna hayang nepi ka kota téh. Da puguh lembur kuring kaasup mencil, jauh ka ditu ka dieu. Keur kitu, kuring ujug-ujug ras ka Emang, jelema anu ayeuna rek ditelepon. Emang téh kaasup jelema jugala. Boga pausahaan badag di Bandung. Nu matak sakalieun nganjang ka lembur téh, teu weleh barangkirim. Emang siga nu nyaah naker ka Aki téh. Cacakan ku indungna dicaram panggih jeung Aki, pedah salila puluhan taun ditambelarkeun. Tapi Emang mah siga ngahaja hayang mopohokeun perkara eta. Ti heula basa Aki kungsi dirawat di rumah sakit, sakali nelepon ogé langsung ngagurudag. Aya kalakuan Aki anu nurun ka Emang. Anu matak murel. Abong ceuk paribasa, uyah mah tara tees ka luhur. Di Bandung, Emang tara lana boga pamajikan. Diitung jeung nu ayeuna téh, geus lima kali boga pamajikan. Lain alatan henteu manggih kacocogan, ngan ukur nganteur napsu. Anak-anakna, ti lima pamajikan, kabehna geus aya 13 urang. Ngan henteu ditambelarkeun. Lebah tanggung-jawab ngurus anak mah, Emang téh aya onjoyna ti Aki. "Palias Sujang, montong nurun ka maneh mah!" ceuk Ema. Enya, da kuring téh apan kokocoran keneh Aki. Naha bisa kitu, kalakuan Aki nurun ka kuring? "Moal sugan," ceuk Ema. "Tapi apan ka Emang mah mani nyeples pisan!" Sajeroning tumpak motor, kuring ngareka-reka carita, kumaha alusna ngomong ka Emang dina telepon. Naha bejakeun jeung "gorengna" atawa "alusna" wungkul. Da puguh Aki gering téh aya sababna. Lain kasakit-kasakit teuing. Boa bijilna kasakit téh tina pikiran nu baluweng. Kuring inget keneh, geus welasan urang nu datang neangan Aki, bari lain rek ngadon tatamba. Maranehna ngakukeun budak-budak Aki. Aya nu ukur hayang tepung, tapi lolobana mah menta tanggung jawab Aki. Tong boro Ema atawa kuring, dalah Aki sorangan henteu apaleun ka budak-budakna. Da puguh kitu tea, sok ditinggalkeun waktu keur reuneuh, bari tara kungsi diteang deui. Tina kituna, Aki mah ukur bati ngahulengna. Kawas nu cangcaya kana kanyataan. Nu matak, tadi basa kuring melong panon Aki, katembong aya nu ngembeng. Enya kitu eta téh cipanon kaduhung? Samemeh Aki gering, ketua DKM kungsi ngawangkong jeung kuring. "Kamari téh Emang kaanjangan Aki," pokna. "Ngobrol awewe?" "Lain. Ieu mah ukur laporan wungkul. Cenah, lamun hiji mangsa Aki ngulampreng ka masjid, solat jumaahaan atawa solat magrib berjamaah, tong disaha-saha. Aki téh rek sadar ayeuna mah. Rumasa salila hirup ngaberung napsu. Ari ceuk Emang téh, atoh nu aya, jajauheun make disaha-saha. Da ari masjid mah bumi Allah, saha bae bisa lebet asal boga niat ibadah. Ngan didagoan téh taya embol-embol. Henteu ngalanto ka buruan-buruanana acan Aki téh," "Ceuk pangakuanana mah sok solat di imah, Mang!" "Enya. Tapi ari jumahaan bisa di imah kitu?" kalah malik nanya. Ah, bebeja ka Emang mah gering biasa bae. Bisi Emang henteu ngeunaheun. Bisi kasindiran deuih. Atuh basa kuring asup ka telepon umum, geus gilig anu rek dibejakeun téh : Aki gering parna, hayang tepung jeung Emang. Tapi naha atuh, basa kuring rek ngangkat gagang telepon, ujug-ujug ngalangkang beungeut Aki. Teuing ku naon, bet ngadadak ceuceub leuwih ti misti. Leungeun ngadegdeg. Awak ngeleper. Bet rus-ras ka mangsa lawas. Lalakon anu narembongan unggal kuring inget kana lalakon Aki, kana lalakon Emang. Bet henteu wasa mencet nomer telepon. Kalah ngalangkang beungeut Rani, beungeut Idah, beungeut Tina, beungeut ... Boa hiji mangsa, budak-budak maranehna ogé menta tanggung jawab ka kuring. "Atos Jang neleponna? Naha lami-lami teuing?" Kuring ngagebeg.*** Saung Pangreureuhan' 1421 H

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...